A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 17

Bilangan 31:1-54
1. PANGERAN ngandika ka Musa,
2. ”Bales bangsa Midian, lantaran tina kalakuanana ka Israil. Sanggeus perang beres, maneh ku Kami bakal dipundut.”
3. Seug Musa marentah ka urang Israil, ”Geura darangdan, perangan urang Midian, ngabales kalakuanana ka PANGERAN.
4. Tiap kaom kudu nginditkeun sarebu prajurit.”
5. Dua welas rebu prajurit geus sadia perang, ti saban kaom sarebu prajurit.
6. Ku Musa terus diinditkeun, dipingpin ku Pinehas putra Imam Elasar anu nyikep pakakas suci jeung tarompet-tarompet pikeun mere tangara.
7. Der Midian ditarajang sakumaha timbalan PANGERAN, lalakina kabeh dipaehan,
8. kaasup lima urang raja Midian: Ewi, Rekem, Sur, Hur, jeung Reba. Anak lalaki Balhum bin Beor oge dipaehan.
9. Awewe-awewe jeung barudak diboyong, ingon-ingon sapi, domba jeung sagala harta bandana ku urang Israil dijarah,
10. kota-kota jeung kampung-kampungna dihuru.
11. Barang-barang jarahan, para boyongan jeung ingon-ingonna dibawa balik,
12. sanggakeuneun ka Musa, Elasar jeung sakumna bangsa Israil anu keur masanggrahan di hiji tanah lempar di Moab peuntaseun Walungan Yordan deukeut kota Yeriho.
13. Musa, Elasar, jeung para kapala lianna kaluar ti pasanggrahan mapag balad anu mulang.
14. Tapi perwira-perwirana, para pamingpin pasukan jeung para pamingpin prajurit ku Musa diseuseul,
15. saurna, ”Ku naon eta awewe-awewe teh diharirupan?
16. Kapan maranehna anu geus nyasabkeun urang di Peor teh ku tarekahna Balhum, nepi ka bangsa urang murtad ti PANGERAN, balukarna umat PANGERAN cilaka ku balahi.
17. Ku sabab kitu, barudak lalaki jeung awewe-awewe anu geus disorang ku lalaki paehan kabeh!
18. Barudak awewe jeung parawan-parawanna hirupan ajang maraneh.
19. Ayeuna sakur anu tas maehan atawa tas antel kana mayit, saheulaanan kudu tetep di luar pasanggrahan, tujuh poe lilana. Mun geus tilu poe jeung dina katujuh poena kudu susuci. Awewe-awewe boyongan oge kudu disucikeun heula.
20. Jaba ti susuci awak, papakean jeung barang-barang tina kulit, tina bulu embe atawa tina kai kudu disucikeun.”
21. Ti dinya Elasar sasauran ka para prajurit, ”Kieu pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka Bapa Musa:
22. Sakabeh barang anu tahan ku seuneu kayaning emas, perak, parunggu, beusi, timah bodas jeung timah hideung, kudu disucikeun, nya eta dideangkeun kana seuneu. Sagala barang kudu disucikeun ku cai upacara paranti nyucikeun.
23. ***
24. Dina poe katujuhna kudu nyareuseuh pakean. Geus kitu kakara maraneh saletra deui sarta meunang arasup ka pasanggrahan.”
25. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
26. ”Barang-barang jarahan, kaasup oge para boyongan jeung sasatoanana, itung ku maneh jeung Elasar jeung para kapala lianna.
27. Tuluy bagi dua, sagalana sing sarua. Nu sabagian bikeun ka para prajurit, sabagian deui bikeun ka jalma rea.
28. Anu para prajurit kudu dicuke haturkeuneun ka PANGERAN, tina tiap lima ratus jelema boyongan cokot saurang. Kitu keneh halna ngeunaan sapi, kalde, domba, jeung embe.
29. Serenkeun ka Imam Elasar keur pangbakti husus ka PANGERAN.
30. Cuke tina bagian jalma rea, tiap lima puluh jalma boyongan cokot saurang. Kitu keneh halna ngeunaan sapi, kalde, domba jeung embe. Serenkeun ka urang Lewi anu digarawe di Kemah PANGERAN.”
31. Sagala timbalan PANGERAN ku Musa jeung Elasar dijalankeun.
32. Ieu daptar jarahan para prajurit, kajaba ti anu jadi bagianana sorangan: 675.000 domba jeung embe, 72.000 sapi, 61.000 kalde, 32.000 parawan.
33. ***
34. ***
35. ***
36. Sanggeus dibagi dua bagian, bagian para prajurit nya eta 337.500 domba jeung embe, dicokot 675 pikeun haturkeuneun ka PANGERAN; 36.000 sapi anu prajurit dicokot 72 keur pangbakti husus ka PANGERAN; 30.500 kalde anu prajurit dicokot 61 keur pangbakti husus ka PANGERAN, jeung 16.000 parawan anu prajurit dicokot 32 urang keur pangbakti husus ka PANGERAN.
37. ***
38. ***
39. ***
40. ***
41. Eta pangbakti husus ku Musa diserenkeun ka Imam Elasar supaya disanggakeun ka PANGERAN sakumaha timbalan Mantenna.
42. Bagian jalma rea oge lobana sarua jeung bagian para prajurit: 337.500 domba jeung embe, 36.000 sapi, 30.500 kalde, jeung 16.000 parawan.
43. ***
44. ***
45. ***
46. ***
47. Tina tiap 50 urang jalma boyongan ku Musa dicandak saurang, kitu keneh halna ngeunaan sasatoan, sarta sakumaha timbalan PANGERAN ku anjeunna diserenkeun ka urang Lewi anu digarawe di Kemah PANGERAN.
48. Geus kitu para perwira anu mingpin para prajurit ngadareuheus ka Musa,
49. nyanggakeun laporan, ”Bapa, para prajurit cangkingan abdi sadaya parantos dietang, berekah hiji ge teu aya nu kasambut.
50. Ku margi kitu ieu abdi-abdi masing-masing nyanggakeun perhiasan-perhiasan tina emas, rupi kilat bahu, pinggel, lelepen, anting sareng kangkalung. Seja kasanggakeun ka pangersa PANGERAN, tawis tumarima rehing Mantenna parantos nangtayungan nyawa abdi-abdi, dugi ka sadayana wilujeng teu sawios-wios.”
51. Eta emas anu geus jadi perhiasan-perhiasan ku Musa jeung Elasar ditampi.
52. Tuluy dibilang, beuratna meh 200 kilogram.
53. Ari nu lain perwira mah beubeunanganana teh ngan keur masing-masing dirina bae.
54. Barang-barang anu disanggakeun ku para perwira ku Musa jeung Elasar dicandak ka Kemah Suci, supaya PANGERAN kersa ngaraksa ka urang Israil.

Bilangan 32:1-42
1. Kaom Rubin jeung kaom Gad boga ingon-ingon kacida lobana. Barang narenjo tanah Yaser jeung tanah Gilad kacida alusna pikeun ingon-ingon,
2. tuluy ngadareuheus ka Musa, Elasar jeung para kapala lianna, sarta arunjukan,
3. ”Nun, ieu wewengkon parantos kacepeng ku urang Israil berkah pitulung PANGERAN. Tanah-tanah Atarot, Dibon, Yaser, Nimra, Hesbon, Elale, Sibma, Nebo sareng Beon, kalintang saena kangge ingon-ingon. Ku margi abdi-abdi gaduh ingon-ingon sakitu seueurna,
4. ***
5. manawi karujukan ieu wewengkon bade disuhunkeun jadi tanah milik. Sareng abdi-abdi mugi ulah dipiwarang nyicingan wewengkon peuntaseun Walungan Yordan.”
6. Ku Musa diwaler, ”Baruk harayang cicing di dieu, arek tarega ka papada urang Israil nu maraju perang?
7. Warani nya maraneh ngaleuleutik hate urang Israil sina ulah mareuntasan Walungan Yordan ka tanah anu geus diajangkeun ku PANGERAN?
8. Nya kitu kalakuan kolot-kolot maraneh oge basa ku kami diutus ti Kades Barnea nalengteng kaayaan eta tanah.
9. Sanggeus daratang ka Lebak Eskol tanah teh ku maranehna diilik-ilik. Tapi ari geus marulang bet ngaleuleutik hate jalma rea, nyaram asup ka eta tanah anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN.
10. Temahna PANGERAN wera nepi ka nimbalan kieu:
11. ’Kami sumpah, ku sabab maranehna henteu junun satuhuna ka Kami, mana sakur anu budal ti Mesir, anu umurna dua puluh taun atawa leuwih, saurang ge moal aya anu asup ka tanah anu ku Kami geus dijangjikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’
12. Keunana ka sarerea, ka unggal jelema, kajaba Kaleb bin Yepune urang Kenas jeung Yosua bin Nun. Ieu mah duaan junun satuhu ka PANGERAN.
13. Ku sabab PANGERAN wera, urang Israil disina kukulibekan di tanah gurun opat puluh taun, nepi ka jelema-jelema anu geus ngajengkelkeun manah-Na paraeh kabeh.
14. Ayeuna bet maraneh, jalma-jalma doraka jaman kiwari, nurutan kagorengan kolot-kolot, rek nyieun deui bebendu PANGERAN ka urang Israil.
15. Lamun maraneh, urang Rubin jeung urang Gad, rek teu narurut ka Mantenna nepi ka sakumna bangsa Israil ku Mantenna ditilarkeun deui di tanah gurun nepi ka balahi, maraneh anu kudu tanggung jawab.”
16. Eta jelema-jelema ngised marekna ka Musa, arunjukan deui, ”Asal diwidian ngadamel karapyak bae heula kanggo ingon-ingon sareng ngabenteng kampung-kampung kanggo barudak.
17. Saparantos kitu, seja pisan ngiring sareng sasami urang Israil majeng perang, seja tarung pangpayunna dugi ka eta tanah kajabel sareng kacicingan ku dulur-dulur. Sabot abdi-abdi perang, barudak kedah matuh heula di tempat anu parantos dibenteng, supados aman tina gangguan urang dieu.
18. Samemeh dulur-dulur sabangsa Israil tiasa ngarebut eta tanah anu parantos ditangtoskeun pikeun aranjeunna, abdi-abdi moal waka marulang.
19. Abdi sadaya moal ngiring ngagaduh-gaduh tanah peuntaseun Walungan Yordan, da parantos garaduh di dieu di wetaneunana.”
20. Waler Musa, ”Upama bener kitu, tembongkeun ayeuna di payuneun PANGERAN yen maraneh sadia maju perang.
21. Kabeh prajurit maraneh sina mareuntasan Walungan Yordan. Dibawah aturan PANGERAN pek ka ditu gempur musuh urang nepi ka musuh taluk ka Mantenna,
22. nepi ka tanah milikna karebut. Upama geus kitu hutang jangji maraneh ka PANGERAN jeung ka papada urang Israil lunas, kakara maraneh meunang mulang. Ti dinya ieu tanah wetaneun Walungan Yordan bakal disahkeun jadi tanah milik maraneh.
23. Sabalikna lamun maraneh jalir jangji, bapa ngingetan yen eta teh dosa ka PANGERAN. Ulah nyieun kasalahan, sabab lamun nepi ka dosa tan wande maraneh meunang siksa!
24. Ayeuna heug bisi rek ngadegkeun pakampungan jeung nyarieun karapyak mah. Tapi jangji kudu ditedunan!”
25. Jawab urang Gad jeung urang Rubin, ”Seja diestokeun.
26. Pun bojo, barudak, sareng ingon-ingon sina di darieu di Gilad.
27. Abdi-abdi sadaya majeng jurit dibawah PANGERAN, seja perang meuntasan Walungan Yordan ngestokeun pilahir Bapa.”
28. Geus kitu Musa ngalahir ka Elasar, ka Yosua, jeung ka para kapala lianna,
29. ”Upama enya urang Gad jeung urang Rubin mareuntasan Walungan Yordan maju perang dibawah PANGERAN, sarta upama maraneh bisa ngarebut eta tanah karana dibantu ku maranehna, bikeun tanah Gilad ka maranehna jadi tanah milikna.
30. Tapi upama maranehna henteu marilu meuntas, henteu milu maju perang mantuan maraneh, engke bere tanah milik di Kanaan bae sakumaha halna maraneh.”
31. Ceuk urang Gad jeung urang Rubin, ”Bapa, abdi sadaya sumeja tumut kana timbalan PANGERAN.
32. Dibawah Mantenna abdi-abdi sumeja mareuntas muru perang ka tanah Kanaan. Teu aya sanes mung supados tiasa mageuhan tanah anu ieu, wetaneun Walungan Yordan.”
33. Ti dinya kaom Gad, kaom Rubin, jeung kaom Menase anu saparona, ku Musa diajangan sakuliah wewengkon karajaan Raja Sihon urang Emor jeung wewengkon karajaan Raja Og urang Basan, ngawengku desa-desa jeung kampung-kampung sakurilingna.
34. Kaom Gad ngomean deui kuta-kuta kota Dibon, Atarot, Arur,
35. Atrot Sopan, Yaser, Yogbeha,
36. Bet Nimra, jeung Bet Haran.
37. Urang Rubin ngomean kota-kota Hesbon, Elale, Kiryataim,
38. Nebo, Baal Meon (ieu ngaran meunang ngarobah), jeung Sibma. Kabeh ngaran-ngaran kota sanggeus anggeus diadegkeun deui diganti.
39. Kaom Mahir bin Menase ngarurug tanah Gilad nepi ka bisa kaandih. Urang Emor anu maratuh di dinya disingkirkeun.
40. Nya tuluy kaom Mahir ku Musa dipaparin tanah Gilad, seug maratuh di dinya.
41. Yair, putra Menase keneh, ngarebut sababaraha desa, terus dingaranan ”Desa-desa Yair”.
42. Nobah ngarurug jeung ngarebut Kenat jeung desa-desana seug eta tempat-tempat dingaranan Nobah, ngalap ngaranna sorangan.

Mazmur 35:1-8
1. Jabur Daud. Nun PANGERAN, abdi panglawankeun nu ngaralawan, pangmerangankeun anu merangan.
2. Anggo kepeng sareng baju beusi, pikeun nyalametkeun abdi.
3. Lempagkeun tumbak, ayunkeun kampak, megatan nu ngarudag, pintonkeun yen Gusti bakal nulungan!
4. Nu harayangeun maehan abdi teh elehkeun, hinakeun. Nu ngaralawan ka abdi teh undurkeun, bingungkeun.
5. Sing kawas huut katiup angin, upama engke dibeberik ku malaikat PANGERAN,
6. sing talag-tolog, sing solog santog, upama engke dicacar ku malaikat PANGERAN!
7. Teu puguh-puguh maranehna naheunan kaula, jeung nyarieun lombang jero keur ngaringkus kaula.
8. Tapi memeh maranehna engeuh, muga sing carilaka, sing beunang ku tataheunana sorangan, ragrag terus binasa.

Amsal 12:1-1
1. Jalma nu boga pangarti mah dibejaan salahna teh atoh. Ngan nu gejul nu embung dibebener mah.

Markus 14:55-72
55. Imam-imam kapala jeung sakumna Mahkamah sakedah polah neangan bukti-bukti anu bisa dipake ngaragragkeun hukum pati ka Anjeunna, tapi sarupa ge teu manggih.
56. Loba nu marere bukti palsu mah, tapi katerangan nu itu jeung katerangan nu ieu teu aya anu saluyu.
57. Maju deui anu sejen-sejen mere bukti-bukti palsu perkara Yesus, kieu bohongna,
58. ”Ieu jelema kungsi kadenge nyebut kieu: ’Ieu Bait Allah beunang nyieun jelema ku Kami rek diruag. Sanggeus tilu poe Kami rek ngadegkeun anu sejen anu lain buatan manusa.’ ”
59. Tapi katerangan maranehna ge itu jeung ieu taya nu saluyu.
60. Geus kitu Imam Agung ngadeg hareupeun sarerea tuluy mariksa ka Yesus, ”Kumaha eta panuding-panuding teh ku Maneh moal dijawab?”
61. Yesus teu ngawaler sakecap-kecap acan. Imam Agung mariksa deui, ”Enya Maneh teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah Mahasuci?”
62. Yesus ngawaler, ”Leres! Sarta ku aranjeun bakal kataringali Putra Manusa calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa, tuluy sumping ti langit di jero mega!”
63. Imam Agung nyosoeh anggoanana sarta ngalahir, ”Teu perlu deui urang make saksi!
64. Geus kadarangu sorangan kumaha ngahina-Na ka Allah! Kumaha putusan aranjeun?” Maranehna kabeh mutuskeun yen Yesus salah sarta manjing dihukum pati.
65. Jelema-jelema mimiti aya anu nyariduhan ka Yesus. Maranehna meungpeunan soca Yesus terus neunggeul bari ngaromong kieu, ”Coba teguh, saha anu neunggeul ka Maneh?” Pangawal-pangawal oge milu nampiling ka Anjeunna.
66. Sabot Petrus aya keneh di buruan, aya hiji awewe babuna Imam Agung ngaliwat ka dinya.
67. Barang nenjoeun ka Petrus anu keur siduru, pok ngomong, ”Maneh ge lain sok babarengan jeung Yesus urang Nasaret?”
68. Petrus mungkir. ”Ah, duka! Ngomong teh teu puguh, teu kaharti!” tembalna bari ngaleos ka lawang buruan. [Hayam kadenge kongkorongok.]
69. Eta babu nenjo deui ka Petrus tuluy ngomong ka nu araya di dinya, ”Ieu jelema teh baturna Yesus!”
70. Petrus ngangles deui. Teu lila nu lian-lianna oge naruding ka Petrus, pokna, ”Maneh moal bisa mungkir, maneh salah saurang batur-Na, da maneh oge ti Galilea!”
71. Tembal Petrus, ”Wani sumpah, kuring ngomong saenyana! Masing dihukum kuring ku Allah lamun henteu saenyana. Enyaan teu wawuh ka jelema anu disebut ku aranjeun teh!”
72. Sapada harita keneh hayam kongkorongok deui kadua kalina. Ras Petrus ingeteun kana lahiran Yesus, ”Memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami.” Segruk bae Petrus ceurik.