A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 13

Bilangan 23:1-30
1. Balhum misaur ka Balak, ”Pangdamelkeun altar tujuh sareng sayagikeun sapi jalu tujuh, domba jalu tujuh.”
2. Ku Balak ditedunan. Balak jeung Balhum tuluy ngurbankeun eta sapi jeung domba dina altar, saaltarna hiji sapi hiji domba.
3. Geus kitu saur Balhum ka Balak, ”Ieu kurban-kurban jagi heula, kaula bade ningal sumping moalna PANGERAN ka kaula. Naon-naon anu ku Mantenna diwahyukeun ka kaula engke diwartoskeun.” Ti dinya Balhum angkat nyalira ka hiji puncak pasir.
4. Allah sumping ka dinya, seug Balhum unjukan, ”Sim abdi parantos ngadegkeun kurban dina tujuh altar, saaltarna hiji sapi hiji domba.”
5. Balhum ku PANGERAN diuningaan kudu sasauran kumaha, tuluy dipiwarang ka Balak deui ngadongkapkeun timbalana-Na.
6. Balhum nepangan deui Balak, kasampak keur ngajaga keneh kurban beuleuman jeung para kapala Moab.
7. Ti dinya Balhum ngucapkeun wejanganana: ”Kaula dihiras ku Balak, raja Moab. Diala ti Siria ti pagunungan di wetan. Carekna, ’Ka dieu, jadi panyambung lemek kaula. Pangnyapakeun urang Israil.’
8. Kumaha kaula rek bisa nyapa ka umat anu ku Allah henteu disapa? Kumaha kaula rek bisa ngalaknat ka umat anu ku Allah henteu dilaknat?
9. Atra kaula nya ningal ti puncak cadas. Sidik nya nilik ti luhur pasir. Hiji bangsa nu mandiri, anu sadar yen bangsana pangdiberkahanana.
10. Turunan Israil tinanding keusik lobana. Moal kabilang ku loba-lobana. Mugia pati kaula asup pati umat Allah, hayang ajal jeung bagjana cara jalma nu ibadah.”
11. Ari saur Balak, ”Kumaha saderek teh? Kapan diangkir teh supaya nyapa ka musuh kaula, anggur ngaberkahan?”
12. Waler Balhum, ”Kitu anu katampi ku kaula ti PANGERAN.”
13. Saur Balak ka Balhum, ”Upami kitu urang ngalih, supaya urang Israil anu katingali mung saeutik.”
14. Ti dinya Balhum diajak ka Sopim, hiji tanah lempar di puncak Gunung Pisga. Tuluy ngadegkeun deui tujuh altar sarta tuluy ngurban, saaltarna hiji sapi jalu hiji domba jalu.
15. Saur Balhum ka Balak, ”Jagi ieu kurban beuleuman, kaula bade ka ditu ngadeuheus ka Allah.”
16. Allah sumping ka Balhum maparin uninga pisaureun, tuluy miwarang nepangan deui Balak ngadongkapkeun sabda-Na.
17. Balhum mulih deui, Balak kasampak keur ngajaga kurbanna jeung para kapala Moab. Balak mariksakeun dawuhan Allah.
18. Seug Balhum ngedalkeun wejanganana: ”Mangga Balak bin Sipor dangukeun ieu ucapan.
19. Allah tara ngabohong cara jelema, tara gumingsir kawas manusa. Mun jangji pasti ngajadi, mun nyabda pasti laksana.
20. Kaula seja ngucapkeun berkah. Ku sabab Allah nu miwarangna, kaula henteu kaduga nolakna.
21. Geus kapeleng ku kaula kumaha Israil jagana. Bangsa nu moal sangsara nu moal nyorang balangsak. Diaaping ku PANGERAN Allahna, anu ku maranehna diaku jadi Rajana.
22. Allah ngaluarkeun eta bangsa ti Mesir. Tur bumela jeung rosa lir banteng leuweung.
23. Bangsa Israil moal beunang diheureuyan. Moal katepi ku sihir. Moal kasusul ku tenung. Kieu hal Israil ceuk jalma-jalma kiwari: ’Kanyahokeun, sakitu ahengna damel PANGERAN!’
24. Bangsa Israil lir singa rosa tanaga. Tacan eureun mun tacan nyasaak jeung neureuy, mun tacan nginum getih korbanna.”
25. Ari saur Balak ka Balhum, ”Ari teu kersa mah nyapa ka urang Israil, atuh ulah-ulah ngaberkahan!”
26. Waler Balhum, ”Sanggem kaula ge kaula mah darma nepikeun pangandika PANGERAN. Sanes kitu tadi teh?”
27. Saur Balak ka Balhum, ”Sae urang ngalih deui atuh, manawi di tempat sanes mah Allah ngawidian saderek nyapa eta bangsa.”
28. Balhum ku Balak dicandak ka puncak Gunung Peor anu negla ka lebah gurun keusik.
29. Saur Balhum ka Balak, ”Ngadegkeun deui tujuh altar, sayagikeun sapi jalu sareng domba jalu tujuh-tujuh.”
30. Ku Balak ditedunan, tuluy dikurbankeun kana altar, saaltarna hiji sapi hiji domba.

Bilangan 24:1-25
1. Tapi Balhum di dinya keneh ge geus uningaeun kana pangersa PANGERAN, yen anjeunna kudu ngucapkeun berkah pikeun urang Israil. Jadi henteu angkat milari ilapat cara ti heula. Seug malik mayun ka lebah gurun keusik.
2. Breh katingalieun pasanggrahan Israil sakaomna-sakaomna. Kalawan kersaning Roh Allah,
3. pok anjeunna ngedalkeun wejanganana: ”Ieu wejangan ti Balhum bin Beor. Ucapan jalma anu terus tingal,
4. nu bisa ngarungu Allah ngandika. Kieu titingalan kaula, titingalan gaib ti Allah Nu Maha Kawasa.
5. Asri rasmi jajaran kemah Israil.
6. Lir jajaran tangkal korma, lir taman sisi walungan, lir tangkal garu nu dipelak ku PANGERAN, lir tangkal kiputri sisi cai.
7. Bakal cukup meunang hujan, pepelakanana moal kakurangan cai. Rajana bakal leuwih agung batan Agag, karajaanana lega tepi ka jauhna.
8. Allah ngaluarkeun eta bangsa ti Mesir, tur bumela jeung rosa lir banteng leuweung. Kabeh musuh maranehna dilegleg, balung-balungna dipingges-pinggeskeun, gondewa-gondewana diririkes.
9. Eta bangsa lir singa rosa tanaga, mun keur hees mo aya nu wani ngahudangkeun. Anu ngaberkahan Israil bakal diberkahan deui, anu nyapa Israil tangtu disapa deui.”
10. Balak ngeupeulkeun peureupna bakat ku ambek, sarta kieu saurna ka Balhum, ”Andika diala teh supaya nyapa musuh kaula. Ari heug ti batan nyapa kalah ka ngaberkahan nepi ka tilu kali.
11. Geus, geura balik! Kami tadi geus jangji mere upah. Tapi upahna ku PANGERAN dicaram dibikeun ka maneh.”
12. Balhum ngawaler, ”Ongkoh ceuk kami ge ka utusan andika,
13. najan andika nepi ka mere emas-perak sakaraton, kami moal mungpang kana pangandika PANGERAN, moal ngagugu karep sorangan. Nu baris diucapkeun teh ngan pangandika PANGERAN wungkul.”
14. Balhum ngalahir deui, ”Ayeuna kami rek balik, mulang ka bangsa sorangan. Tapi memeh balik rek ngabejaan bakal dikumahakeun engke bangsa andika ku bangsa Israil.”
15. Pok anjeunna ngucapkeun wejangan: ”Ieu wejangan ti Balhum bin Beor. Ucapan jelema nu awas tingal,
16. nu bisa ngarungu Allah ngandika, nu meunang wahyu ti Nu Maha Agung. Kieu tetenjoan kami, tetenjoan gaib ti Allah Nu Maha Kawasa.
17. Mangsa jaga ku kami katoong, kami nenjo bangsa Israil. Ti eta bangsa mucunghul hiji raja, sumorot lir bentang, lir bentang pindah, bijil ti Israil, bakal ngagitik kapala-kapala Moab, ngarubuh-rubuhkeun urang Set,
18. ngelehkeun musuh-musuhna di Edom, tanahna diandih milik. Ari Israil terus unggul terus nanjung.
19. Maranehna ku bangsa Israil bakal dileyek. Anu harirup keneh beak disapu.”
20. Dina paningal gaibna, Balhum ningali urang Amalek. Pok deui ngedalkeun wejanganana: ”Ti antara kabeh, Amalek pangkuatna. Tapi ahirna eta ge bakal euweuh salalawasna.”
21. Dina paningal gaibna Balhum ningali urang Keni, pok ngedalkeun deui wejanganana: ”Tempat maneh nya keker nya weweg, reugreug lir sayang diluhur gunung karang.
22. Parandene he Keni, maneh geus tangtu rugrug, digempur ku urang Asur sarta diboyong.”
23. Balhum ngedalkeun deui ieu wejangan: ”Bangsa naon itu ngabengbreng di tebeh kaler?
24. Aya aleutan kapal ti Siprus, nu bakal nalukkeun Asur jeung Eber. Tapi sabalikna, eta ge bakal carem salalanggengna.”
25. Sanggeus kitu Balhum tuluy mulih. Balak oge tuluy balik.

Mazmur 33:18-22
18. PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna, ka nu ngaharep kana satia asih-Na.
19. Maranehna tangtu diraksa tina baya pati, diraksa jeung dihirupan mangsa kalaparan.
20. Urang kudu ngaharep ka PANGERAN; Mantenna teh panyalindungan jeung panulung urang.
21. Urang bungah ku karana Mantenna, sarta percaya kana jenengana-Na nu suci.
22. Nun PANGERAN, sarengan abdi sadaya ku satia asih Gusti, margi mung ka Gusti abdi-abdi nya muntang.

Amsal 11:27-27
27. Maksud maneh lamun hade tangtu pada ngahargaan. Sabalikna neangan pisusaheun mah tangtu meunang kasusahan.

Markus 13:1-20
1. Waktu Yesus ngantunkeun Bait Allah, salah saurang murid-Na unjukan, ”Tingali Pa Guru, ieu adegan-adegan sakieu agrengna, batu-batuna oge sarae pisan!”
2. Waler-Na, ”Geus katenjo sakumaha galedena adeganana? Engke mah batu-batuna ge moal aya hiji-hiji acan anu angger dina tempatna ayeuna, kabeh bakal dialung-alungkeun.”
3. Yesus angkat ka Gunung Jetun, terus calik di tempat anu nyanghareup ka Bait Allah. Petrus, Yakobus, Yohanes, jeung Andreas, opatan bae, nyalampeurkeun.
4. ”Mugi ditetelakeun anu tadi disaurkeun teh iraha bade pijadieunana, sareng upami parantos waktosna naon cicirenna?” maranehna nanya.
5. Waler-Na, ”Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.
6. Sabab engke bakal loba anu datang make ngaran Kami, nyebut maneh, ’Kami teh Anjeunna tea!’ tuluy ngabobodo jalma rea.
7. Maraneh, di nu deukeut-deukeut bakal ngadenge gederna anu keur tarung, ti nu jarauh bakal ngadenge beja-beja perang. Tapi teu kudu hariwang. Sanajan geus pasti engke teh kitu, tapi eta mah lain kiamat.
8. Nagara-nagara silih perangan, karajaan-karajaan silih tarajang. Lini jeung bala kalaparan di mana-mana. Eta kajadian-kajadian kabeh kakara mimiti, ibarat mimiti nyalingitna kanyeri nu rek ngajuru.
9. Maraneh pribadi kudu taki-taki. Maraneh bakal ditangkep, bakal disered ka pangadilan, bakal disiksa di imah-imah ibadah, bakal dijagragkeun ka hareupeun nu karawasa jeung raja-raja dumeh jadi panganut Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun nyiarkeun Injil Kasalametan ka maranehna.
10. Sabab memeh datang poe panungtung, eta wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.
11. Lamun maraneh ditangkep jeung dibawa ka pangadilan, ulah bingung kudu ngomong naon. Maraneh baris dibere piomongeun dina waktuna, sarta anu kudu diucapkeun. Sabab ucapan-ucapan anu baris dikedalkeun ku maraneh lain omongan maraneh sorangan, tapi omongan anu asal ti Roh Suci.
12. Dulur bakal nyerenkeun dulur sina dipaehan, bapa ka anak nya kitu keneh. Anak bakal ngalawan ka kolot, nyerenkeun kolotna sina dipaehan.
13. Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami. Tapi nu tabah nepi ka ahir tan wande disalametkeun.”
14. ”Maraneh bakal nenjo ’Si Pikasieuneun’ ngabedega di tempat anu saenyana lain eukeurna.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartieunana!) ”Harita, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.
15. Nu keur aya di luhur imah ulah nyokot nanaon heula ka jero imah.
16. Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.
17. Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna!
18. Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana ulah ninggang dina usum ngijih!
19. Sabab kasangsaraan anu bakal karandapan dina mangsa eta teh leuwih ti jaman ka tukang-tukang ti barang Allah ngajadikeun alam dunya nepi ka jaman ayeuna, tur engkena moal aya deui kasangsaraan anu kawas kitu.
20. Sukur eta mangsa teh ku Allah bakal disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya anu rahayu. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.