A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 6

Keluaran 23:1-33
1. ”Ulah ngaliarkeun beja teu puguh. Ulah daek biluk ka nu salah, nyimbutan kasalahanana.
2. Ulah tuturut ka jalma rea anu marigawe kasalahan, atawa lamun maranehna nyerongkeun urusan jeung kaadilan.
3. Nguruskeun perkara jelema anu malarat ulah beurat sabeulah.
4. Upama maraneh pareng nenjo sapi atawa kalde musuh leupas ka mana-mana pangnewakkeun, anteurkeun ka nu bogana.
5. Upama kalde musuh maneh tea ngudupruk ku momotanana, bantuan ngahudangkeun, ulah api lain.
6. Upama aya jalma malarat datang ka pangadilan ngunjukkeun urusanana, uruskeun sakumaha mistina, ulah nyimpang tina kaadilan.
7. Ulah nyieun panuding palsu nepi ka anu teu salah meunang hukum pati. Kalakuan kitu kacida jahatna, ku Kami pasti disapa.
8. Ulah beunang ku pangruruba, sabab pangruruba teh sok ngalolongkeun rasa bebeneran, ngaruntuhkeun hak nu tanpa dosa.
9. Ulah neungteuinganan ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir, nyaho kumaha rasana jalma ngumbara.”
10. ”Lahan dipelakanana genep taun genep taun, hasilna kumpulkeun.
11. Dina katujuh taunna lahan kudu diperekeun sarta tutuwuhanana ulah diala, nu kitu mah keur bagian anu mariskin, ari sesa ngalaan anu mariskin keur bagian sato leuweung. Pon kitu keneh kebon anggur jeung kebon jetun.
12. Barang gawe kudu genep poe genep poe bae, supaya badega-badega jeung anu karuli di maneh nyareunghap heula. Malah sasatoan oge kudu direureuhkeun.
13. Gumatikeun ieu timbalan Kami, PANGERAN. Jeung maraneh ulah neneda ka allah-allah sejen, ulah nyambat-nyambat acan ngaranna.”
14. ”Tilu kali dina sataun maraneh kudu ngayakeun pesta pikeun ngamulyakeun ka Kami.
15. Kahiji dina bulan Abib, nya eta bulan maraneh ninggalkeun Mesir, kudu ngayakeun Pesta Roti Teu Make Ragi sakumaha anu ku Kami diandikakeun tea, lilana tujuh poe. Sapanjang pesta maraneh teu meunang dalahar roti anu make ragi. Maraneh ngabakti ka Kami teh teu meunang lengoh.
16. Pesta kadua nya eta Pesta Panen, dilampahkeunana waktu mitembeyan panen. Pesta katilu nya eta Pesta Saung, dilampahkeunana dina usum ngala buah anggur jeung bubuahan lianna.
17. Dina eta pesta anu tilu rupa, sakabeh lalaki kudu ngadareuheus jeung ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kitu bae unggal-unggal taun.
18. Lamun maraneh ngurbankeun sato ka Kami, rotina teu meunang nu make ragi. Jeung sato-sato nu dikurbankeun ka Kami sapanjang pesta, gajihna teu meunang nyesa nepi ka isuk.
19. Unggal-unggal taun, hasil lahan maraneh anu diala pangheulana kudu dibaktikeun ka gedong panglinggihan PANGERAN Allah maraneh. Ngulub daging anak domba atawa anak embe teu meunang ku cisusu indungna.”
20. ”Kami rek miwarang hiji malaikat heulaeun maraneh, sina ngaraksa di jalan nepi ka datang ka tempat beunang Kami nyadiakeun.
21. Sing hade-hade, naon parentahna turut, ulah baha, sabab eta piwarangan Kami. Lamun dilawan moal aya hampurana.
22. Sabalikna lamun maraneh nurut kana parentahna sarta ngalakonan sagala timbalan Kami, ieu Kami anu bakal merangan musuh-musuh maraneh.
23. Malaikat Kami bakal aya di hareup heulaeun maraneh mawa asup ka tanahna urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Kanaan, urang Hiwi, jeung urang Yebus. Eta bangsa-bangsa ku Kami bakal dibasmi.
24. Pacuan maraneh nyembah atawa ngabakti ka allah-allah maranehna, jeung ulah nurutan tata ibadahna. Aallahan-aallahanana basmi, pilar-pilar batu karamatna gempur.
25. Upama maraneh ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh, tanwande diberkahan, dicukup dahareun dicukup cai, jeung lamun katerap ku kasakit, Kami nu bakal ngaleungitkeun panyakitna.
26. Di tanah tempat maraneh moal aya awewe kaluron, moal aya anu gabug, jeung maraneh bakal dipanjangkeun umur.
27. Bangsa-bangsa lawan maraneh rek disina ngompod sarieuneun ka Kami. Bangsa anu merangan ka maraneh rek disina guyur tagiwur, musuh-musuh sina kalabur.
28. Musuh-musuh maraneh ku Kami rek disina garugup. Urang Hiwi, urang Kanaan jeung urang Het, ana ku maraneh geus dijorag ku Kami rek dijongklok-jongklokkeun sina nyaringkah.
29. Tapi disingkahkeunana moal disakalikeun di jero sataun, sabab lamun kitu tanahna bakal suwung jeung diareusian ku sato-sato galak, tangtu matak susah ka maraneh.
30. Diusiranana rek ditungtut saeutik-saeutik, nepi ka maraneh cukup waktu pikeun ngarebut tanahna.
31. Wawatesan tanah maraneh nya eta ti semet Teluk Akaba kebat ka Walungan Eprat, jeung ti semet basisir Laut Tengah nepi ka gurun. Upama ku maraneh geus dijorag, pribumina ku Kami rek disina kadeseh ku maraneh datang ka kalalabur.
32. Maraneh ulah nyieun perjangjian naon-naon ka maranehna, sumawonna ka allah-allah sesembahanana.
33. Ulah dibere cicing di nagara maraneh, supaya ulah jadi lantaran maraneh migawe dosa ka Kami. Lamun maraneh ngabakti ka allah-allah sesembahanana, geus tangtu maraneh kajiret terus carilaka.”

Keluaran 24:1-18
1. PANGERAN ngandika ka Musa, ”Maneh kudu ka puncak ngadeuheus ka Kami, maneh, Harun, Nadab, Abihu, jeung tujuh puluh kokolot Israil. Ti kajauhan keneh kudu geus sarujud ka Kami.
2. Anu meunang datang deukeut ka Kami ngan maneh sorangan, nu sejen teu meunang kitu deui jalma loba teu meunang arunggah.”
3. Eta timbalan jeung sakabeh aturan ti PANGERAN teh ku Musa dicarioskeun ka jalma rea. Maranehna ngajawab, ”Sagala timbalan PANGERAN seja diestokeun.”
4. Ti dinya timbalan-timbalan PANGERAN teh ku Musa diseratkeun. Isukna, isuk-isuk pisan Musa ngadegkeun hiji altar di suku eta gunung, jeung nangtungkeun batu dua welas siki, masing-masing ngalambangkeun tiap kaom Israil anu dua welas.
5. Geus kitu anjeunna miwarang barudak bujang nyanggakeun kurban anu dibeuleum haturan PANGERAN, jeung mareuncit sapi sababaraha siki keur kurban panarima.
6. Getih sato-sato kurban ku Musa dicandak saparona, diwadahan, anu saparona deui dikana-altarkeun.
7. Sanggeus kitu anjeunna nyandak kitab perjangjian anu eusina timbalan-timbalan PANGERAN tea, tuluy diaoskeun ka jalma rea. Pok maranehna miunjuk, ”Kuring seja tumut ka PANGERAN, sagala timbalana-Na seja diestokeun.”
8. Geus kitu Musa nyandak getih dina bokor tea, tuluy dikepret-kepret ka jalma rea, bari saurna, ”Ieu getih ngukuhkeun perjangjian anu dipidamel ku PANGERAN ka maraneh hal sakabeh pangandika-Na anu bieu dibaca.”
9. Ti dinya Musa, Harun, Nadab, Abihu, jeung tujuh puluh urang kokolot Israil naranjak ka gunung,
10. sarta aranjeunna naringal Allah Israil. Sampean Mantenna kawas ngadampal ka nu jiga lante tina batu nilem warna biru langit, herang ngagenclang.
11. Eta para kapala Israil teh ku Allah henteu dikieu-kieu, sarta sanggeus naringal Allah aranjeunna dalahar leueut bareng.
12. PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Hiap ka Kami, ka puncak. Sabot maneh di dieu ku Kami rek diserenan dua papan batu anu ditulisan ku pikukuh-pikukuh, anu kudu ditarurut ku urang Israil, beunang Kami nuliskeun.”
13. Seug Musa sasadiaan jeung Yosua anu ngabantu ka anjeunna, tuluy unggah ka eta gunung anu suci.
14. Saur Musa ka para pamingpin, ”Antosan di pasanggrahan nepi ka kaula jeung Yosua dongkap deui. Harun sareng Hur oge ngantosan di dieu bae, upama aya anu boga urusan sina datang ka aranjeunna.”
15. Musa unggah ka Gunung Sinai, gunungna tuluy diliputan ku mega.
16. Gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN nyinaran eta gunung. Tembongna ka urang Israil eta cahaya teh kawas seuneu hurung di puncak gunung. Eta gunung kaliputan ku mega genep poe lilana. Dina katujuh poena PANGERAN ngagentraan ka Musa, nyaur ti jero mega.
17. ***
18. Musa nanjak ka puncak eta gunung nembus mega, sarta terus aya di dinya opat puluh poe opat puluh peuting.

Mazmur 19:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
2. Ku bengras langit ngebrehkeun kamulyaan Allah! Ku cekas eta teh nembongkeun karya Mantenna!
3. Poe nu ieu nepikeun hal eta ka poe isuk, peuting nu ayeuna nyaritakeun hal eta ka peuting nu engke.
4. Taya ucap taya kecap nu dipake, taya sora nu kadenge;
5. tapi amanahna parat ka saampar jagat, aweuhanana kadenge tepi ka tungtung bumi. Allah ngimahan panonpoe di langit,
6. nu medal isuk-isuk lir panganten lalaki lugay ti kamar, pertentang jeg pahlawan seja miang.

Amsal 6:30-31
30. Maling dahareun onaman pedah ku bawaning lapar, moal dihina-hina teuing;
31. najan kitu ari kacerek mah kudu mere ganti, malah nepi ka kudu tujuh kalieun, kapaksa nguculkeun pangaboga.

Matius 23:23-39
23. Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.
24. Aranjeun pamingpin anu lalolong! Laleur dina inumeun disaring, ari onta diteureuy buleud!
25. Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Cangkir jeung piring luarna diberesihan, ari jerona kotor pinuh ku daki paksa-pirusa jeung ku beubeunangan tina kasarakahan.
26. Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.
27. Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.
28. Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”
29. ”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ngalus-ngalus makam para nabi, ngahias tugu-tugu katineung ka jelema-jelema anu keur hirupna harade lampah,
30. sarta aranjeun ngakukeun, yen mun hirup sajaman jeung karuhun moal nyieun kalakuan cara maranehna, jeung moal maehan nabi-nabi.
31. Tah geuning ngaraku sorangan yen aranjeun teh turunan tukang maehan nabi-nabi!
32. Tuluykeun atuh ku aranjeun sing anggeus kajahatan anu dimimitian ku karuhun teh!
33. Aranjeun teh saenyana mah jarahat, turunan jelema jararahat! Rek bisa ngejat kumaha engke tina siksa naraka?
34. Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, yen Kaula rek ngutus nabi-nabi, jalma-jalma bijaksana jeung guru-guru; engke ku aranjeun aya anu diparaehan, aya anu disalibkeun, sawareh deui disiksa di imah-imah ibadah, jeung aya anu diberik ka unggal kota.
35. Upama engke aranjeun nanggung hukuman tina sakabeh perkara maehan jalma-jalma nu teu baroga salah, mimiti ti perkara maehan Habil nu teu salah naon-naon, nepi ka perkara maehan Jakaria anak Berekya antara Bait Allah jeung altar.
36. Sing percaya: Hukuman tina eta sakabeh perkara maehan teh tangtu ninggang ka jelema-jelema jaman ayeuna!”
37. ”Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh, ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!
38. Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh, engke bakal kosong pada naringgalkeun.
39. Jeung ti semet ieu, Kami ngabejaan, maneh moal nenjo-nenjo deui Kami, nepi ka maneh ngucap kieu, ʼMugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.ʼ ”