A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 28

Imamat 25:1-55
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa di Gunung Sinai,
2. supaya anjeunna ngembarkeun ieu pikukuh ka urang Israil. Sanggeus maraneh aya di tanah anu bakal dibikeun ku PANGERAN, unggal-unggal nincak tujuh taun eta tanah teu meunang dipelakan, pikeun ngamulyakeun PANGERAN.
3. Jadi digarapna kudu genep taun genep taun, melak gandum melak anggur jeung mangkasna jeung ngala hasilna.
4. Dina taun katujuhna tanah teh kudu direureuhkeun sama sakali, sarta taun eta kudu disanggakeun ka PANGERAN, lahan-lahan teu meunang dipelakan, pelak anggur teu meunang dipangkas.
5. Gandum anu jadi sorangan jeung pelak anggur anu henteu dipangkas teu meunang diala. Dina taun eta tanah teh kudu reureuh enya-enya.
6. Tapi sanajan sataun teu dipelakan oge mo burung mere hasil dahareun keur maraneh, keur jelema-jelema anu dibeuli, keur nu buburuh, keur urang asing nu narumpang,
7. keur pipiaraan kitu deui keur sato-sato jarah. Hasilna meunang diala keur dahareun.
8. Tiap taun katujuh ku maraneh kudu diitung nepi ka tujuh kali, jadi opat puluh salapan taun.
9. Geus kitu dina tanggal sapuluh bulan katujuh, nya eta dina Poe Pangampura Dosa, kudu aya jelema ngideran sakuliah tanah bari niup tarompet.
10. Taun anu kalima puluh ku maraneh kudu dipeting pikeun ngumumkeun kabebasan ka sakumna pangeusi tanah. Dina sataun eta lamun aya tanah milik anu geus dijual, kudu pulang ka nu boga asalna atawa ka anak incuna. Jelema-jelema anu dibeuli kudu sina marulang ka kulawargana sorangan.
11. Sabab taun anu kalima puluh teh jadi taun mulangkeun. Lahan-lahan teu meunang dipelakan, gandum nu jadi sorangan jeung anggur anu henteu dipangkas teu meunang diala.
12. Campleng sataun eta jadi taun suci. Keur dahareun maraneh dina taun eta ngan anu asal tina tutuwuhan anu jaradi sorangan.
13. Dina taun eta kabeh tanah milik anu geus dijual kudu pulang ka anu boga asalna.
14. Jadi lamun maraneh jual meuli lahan antara batur sabangsa ulah curang.
15. Pihargaeunana kudu diijir tina sabaraha kali eta lahan mere hasil di jero saanu taun nepi ka Taun Mulangkeun anu bakal datang.
16. Beuki loba taunna harga lahanna beuki luhur, beuki saeutik taunna harga lahanna beuki handap, sabab anu dijualna teh nya eta jumlah pihasileun eta lahan.
17. Jadi ulah ngalicikan batur sabangsa, masing sarieun ku PANGERAN, Allah maraneh.
18. Lampahkeun sagala pikukuh jeung sagala timbalan PANGERAN, supaya maraneh di eta tanah hirup reujeung lulus mulus.
19. Tanahna tangtu loba hasilna pikeun dahareun, sagala aya tur maraneh di ditu teh bakal mulus rahayu.
20. Meureun aya anu hayang nanya, ti mana meunang dahareun sapanjang tanah keur teu dipelakan jeung teu kaala hasilna.
21. Ulah salempang! Kalawan berkah PANGERAN hasil lahan dina taun kagenep bakal lipet ganda, cukup keur dahareun dua tauneun.
22. Malah hasil panen taun kagenep teh picukupeun keneh keur dahareun taun kadalapan, bari nunggu hasil pepelakan taun eta.
23. Mun maraneh ngajual lahan ulah dijual lepas, da eta lahan teh lain anu maraneh tapi kagungan PANGERAN. Maraneh mah sakadar katitipan jeung ngan diwidian ngagarap wungkul.
24. Jadi lamun ngajual lahan kudu dijentrekeun yen anu bogana aya hak meuli deui.
25. Lamun aya urang Israil nepi ka jadi miskin kapaksa ngajual lahan, lamun henteu bisaeun nebus kudu dipangnebuskeun ku barayana anu pangdeukeutna.
26. Lamun teu bogaeun baraya nu mangnebuskeun, engke lamun geus aya milikna nepi ka bisa sorangan nebus lahanna,
27. gedena duit panebus ka nu meulina, ngan pikeun taun-taun anu enggeus kajalanan bae, nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang. Can beak waktu gadean ge tanahna bisa kapimilik deui.
28. Tapi upama teu kuateun bae nebus, lahanna cekel heula ku nu meuli nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang, geus kitu kudu dipulangkeun.
29. Jelema anu ngajual imah di jero kota anu make kuta, meunang nebus deui imahna sanggeus sataun ti semet ngajualna.
30. Upama dina taun eta henteu katebus, imahna jadi hak milik anu meulina turun tumurun. Jadi dina Taun Mulangkeun eta imah teh teu dipulangkeun.
31. Imah-imah di desa-desa anu teu make kuta, eta mah kudu disaruakeun jeung lahan, kudu dibeuli deui ku nu bogana sarta lamun geus nepi ka Taun Mulangkeun bisa kapimilik deui.
32. Pikeun di kota-kota anu geus dimilikkeun ka kaom Lewi, kaom Lewi mah meunang nebus hak milikna iraha bae.
33. Lamun di kota-kota saperti kitu aya urang Lewi ngajual imah tapi teu bisaeun bae nebus, dina Taun Mulangkeun mah kudu dipulangkeun bae, sabab sakabeh imah nu aya di kota-kota kaom Lewi mah kabeh jadi hak milikna anu tetep di antara bangsa Israil.
34. Tapi tanah-tanah sampalan sakurilingeun kota-kota kaom Lewi mah teu meunang dijual, sabab geus jadi hak milikna salalawasna.
35. Lamun aya sasama urang Israil jadi miskin nepi ka teu bisaeun ngabayuan hirupna, ku maraneh bantu cara ngabantu urang asing atawa nu ngadon, supaya manehna bisa neruskeun hirupna di maraneh.
36. Ulah ngarah naon-naon ti manehna, sing sieun ku Allah keun eta batur teh hirup deukeut maraneh.
37. Lamun nginjeumkeun duit ka manehna ulah make renten. Kitu deui lamun manehna meuli dahareun ti maraneh ulah diarah bati.
38. Kitu timbalan PANGERAN, Allah maraneh anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir supaya maratuh di tanah Kanaan, sarta anu geus kersaeun jadi Allah maraneh.
39. Lamun aya dulur sabangsa ngajual maneh ka maraneh bawaning ku malarat, ulah digawekeun kawas ka jelema beulian.
40. Bawa cicing di maraneh sina babantu nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang.
41. Dina taun eta manehna jeung anak-anakna sina baralik ka kulawargana jeung ka tanah hak milik karuhunna.
42. Urang Israil teh kabeh kawula-kawula PANGERAN anu ngaluarkeun maranehna ti Mesir ulah aya anu dijual dijieun jelema beulian.
43. Urang Israil anu ngajual dirina ka maraneh ulah dibengisan, sing sarieun ku Allah maraneh.
44. Lamun maraneh butuh badega, meuli ti bangsa sejen bae anu caricing di sakurilingeun maraneh.
45. Anak urang asing di tanah maraneh meunang dibeuli. Barudakna anu dijurukeunana di tanah maraneh meunang dijieun hak milik,
46. meunang diwariskeun ka anak incu sina ngabadega saumur hirup. Ka dulur sabangsa mah omat ulah ngabengisan.
47. Upamakeun aya urang asing anu hirupna di maraneh jadi beunghar, seug aya sasama urang Israil jadi malarat sarta ngajual maneh ka eta urang asing atawa ka salah saurang barayana.
48. Sanggeus dibeuli, eta sasama urang Israil teh boga keneh hak pikeun ditebus. Salah saurang dulurna
49. atawa pamanna, alona, atawa baraya deukeutna nu sejen, meunang nebus manehna, atawa jelemana sorangan nebus maneh sangkan bebas, ari sanggupeun mah.
50. Manehna jeung anu meulina kudu balitungan, geus sabaraha taun manehna ngagadekeun maneh ka nu meulina nepi ka Taun Mulangkeun. Harga pameuli dirina kudu ditangtukeun nurutkeun reana taun. Hargana kudu disaruakeun jeung upah anu buburuh.
51. Sesa taun anu tacan kajalanan kudu dibalitungkeun sarta ku manehna kudu dibayar.
52. ***
53. Gedena duit anu kudu dibayarkeun deui kudu nurutkeun patokan upah kuli taunan. Salila eta, dununganana teu meunang ngabengisan.
54. Upama teu bisa ku jalan kitu, manehna jeung barudakna dibebaskeunana teh kudu nunggu Taun Mulangkeun heula.
55. Urang Israil teu meunang dijieun jelema beulian saumur hirup, sabab kabeh geus jadi kawula-kawula PANGERAN anu ngaluarkeun maranehna ti Mesir, anu jadi PANGERAN Allah maraneh.

Mazmur 28:6-9
6. Sagala puji sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna kersa ngadangu panyambat panuhun kaula.
7. PANGERAN anu ngabela jeung ngaraksa kaula, ka Mantenna kaula percaya. Mantenna nyukakeun kaula ku pitulung-Na, kaula pupujian, muji Mantenna.
8. PANGERAN ngabela umat-Na, ngabela jeung ngaraksa raja kenging-Na milih.
9. Jait umat Gusti, nun PANGERAN, sareng umat kagungan teh berkahan. Sing sapertos pangangon, kersa ngajagi ka maranehna salalamina.

Amsal 10:19-21
19. Beuki loba omong beuki loba masiat. Jalma lantip budi mah resep keneh balem.
20. Pitutur jelema bener saibarat perak tulen. Ari jalma jahat mah pipikiranana taya hargana.
21. Pitutur jelema bener matak untung jalma rea. Sabalikna jalma gejul mah paeh ku kagejulanana.

Markus 6:30-56
30. Utusan-utusan Yesus geus marulang, geus kumpul deui jeung Anjeunna, nyaritakeun hasil lampah jeung pangajaranana ka jalma rea.
31. Tapi teu bisa jongjon, sabab jelema-jelema nu daratang nu arindit kacida lobana, nepi ka Yesus jeung murid-murid-Na teu kaburu tuang-tuang acan. Ku sabab eta saur Yesus ka murid-murid, ”Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.”
32. Tuluy naraek kana parahu rek ka tempat anu sepi.
33. Tapi loba anu narenjoeun tur warawuheun saha-sahana. Jelema-jelema ti kota-kota di eta daerah tuluy nyarusul lalumpatan jalan darat, daratangna ka tempat anu dijugjug ku Yesus jeung murid-murid ti hareula.
34. Barang Yesus lungsur tina parahu, jelema-jelema geus loba. Anjeunna kacida hawatoseunana, asa ningali domba teu aya anu ngangonna. Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.
35. Sanggeus burit murid-murid arunjukan, ”Pa, parantos burit, sareng ieu tempat teh mencil.
36. Jalmi-jalmi piwarang mios sina maleser tedaeunana ka desa-desa anu caraket.”
37. Waler-Na, ”Ku maraneh bae suguhan saaya-aya.” Ceuk murid-murid, ”Jadi abdi-abdi kedah mios meser tedaeun pangaos dua ratus uang perak keur nyuguhanana?”
38. Yesus mariksa, ”Roti anu maraneh aya sabaraha, coba ilikan.” Sanggeus diilikan, jawabna, ”Lima, sareng lauk dua siki.”
39. Anjeunna miwarang ka murid-murid supaya jelema-jelema teh digumpluk-gumpluk sina dariuk dina jukut hejo.
40. Gek jelema-jelema dariuk gugumplukan, sagumplukna aya nu saratusan, aya nu lima puluhan.
41. Yesus nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah ka langit muji sukur ka Allah. Geus kitu rotina disemplekan, dipasihkeun ka murid-murid sina dibagikeun ka nu rea. Laukna ge dibagikeun.
42. Unggal jelema dalaharna seubeuh.
43. Roti jeung lauk teh malah aya sesana, dikumpulkeun ku murid-murid meunang dua welas karanjang pinuh.
44. Anu disuguh dahar teh kabehna aya lima rebu urang lalaki.
45. Harita keneh Yesus miwarang murid-murid kana parahu, sina ti heula meuntas talaga ka Betsaida, ari nu rea dipiwarang budal.
46. Anjeunna oge amitan tuluy unggah ka hiji pasir rek neneda.
47. Nyalira bae di dinya nepi ka peuting, ari murid-murid geus aya di tengah talaga.
48. Kauninga ku Anjeunna murid-murid keur susah payah ngawelah lantaran parahuna mapag angin. Ku sabab eta antara pukul tilu subuh jeung pukul genep isuk Anjeunna nyusul, angkat napak kancang dina cai. Angkat-Na semu rek terus ngalangkungan,
49. tapi murid-murid narenjoeun ka Anjeunna nu keur angkat dina cai sarta nyangka Anjeunna teh jurig, nepi ka ting garoak.
50. Maranehna kacida sarieuneunana barang narenjoeun ka Anjeunna teh. Yesus gancang ngagentraan, saur-Na, ”Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!”
51. Anjeunna terus naek kana parahu, jep angin jempe. Murid-murid-Na beuki tambah hareraneun,
52. lantaran kaheran maranehna ku hal roti lima siki bisa dipake nyuguh dahar lima rebu urang tea oge can leungit. Eta kabeh teu katepi ka pangartina.
53. Meuntasna terus kebat sarta geus narepi ka tanah Genesaret, parahuna dicangcang.
54. Barang tarurun tina parahu, urang dinya ujug-ujug wawuheun bae ka Yesus.
55. Maranehna terus lalumpatan ka jero kampung ngabejaan anu sejen. Sanggeus nyarahoeun yen aya Anjeunna, tuluy kalaluar marawa anu garering dina samak.
56. Saterusna ka mana bae sumping-Na, ka desa, ka kota, ka lembur, jelema-jelema merul marawa anu garering ka alun-alun, bari nunuhun ka Anjeunna supaya anu garering teh diidinan nyabak kana tungtung jubah-Na bae wungkul. Sakur anu nyabak kabeh calageur tina kasakitna.