A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 26

Imamat 21:1-24
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa, supaya anjeunna micatur ka imam-imam putra Harun, kieu, ”Pacuan imam milu kana upacara nguburkeun mayit barayana.
2. Kajaba lamun nu paeh teh indungna, bapana, anakna nu lalaki, anakna nu awewe, dulur lalaki,
3. atawa dulur anu parawan keneh anu saimah jeung manehna.
4. Ulah ngotoran maneh ku hal paehna baraya ti pamajikan.
5. Imam teu meunang ngabotakan sirah sapotong, teu meunang ngerik sisi janggot, teu meunang nurihan maneh dumeh keur tunggara.
6. Diri kudu suci, ulah nyumahkeun pajenengan Kami. Imam teh purah nyanggakeun kurban kadaharan ka Kami, jadi kudu suci.
7. Imam teu meunang mihukum awewe urut dayang atawa ka anu geus lain parawan, atawa ka popotongan batur, sabab dirina suci.
8. Jalma-jalma kudu nyaraho yen imam teh suci, anu dibakukeun purah nyanggakeun kurban kadaharan pikeun Kami. Kami teh PANGERAN. Kami teh suci, anu geus nyucikeun umat Kami.
9. Upama anak imam jadi dayang, eta teh nyumahkeun kalungguhan bapana, hukumanana kudu paeh diduruk.
10. Imam teh sirahna geus dikucuran minyak suci, jeung geus diistrenan, sah make pakean imam. Jadi buuk kudu luis ulah diantep teu disisiran, jeung teu meunang nyosoeh pakean ari keur tunggara.
11. Dirina geus dibaktikeun ka Kami, teu meunang ngarereged maneh; ulah ninggalkeun Kemah Suci Kami tuluy asup ka imah anu keur kapapatenan, sanajan upamana anu maot teh bapa atawa indung sorangan, sabab kitu teh nyumahkeun kana Kemah Kami anu suci.
12. ***
13. Rarabina kudu ka parawan,
14. teu meunang ka randa atawa ka popotongan batur atawa ka urut dayang. Anu meunang dipirabi ku imam ngan parawan ti kalanganana sorangan.
15. Lamun teu kitu, engkena anak-anakna anu kuduna disucikeun teh jadi henteu suci. Kapan imam teh geus ngahaja ku Kami dipilih, ku PANGERAN, dijieun Imam Agung.”
16. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
17. supaya anjeunna micatur ka Harun kieu, ”Turunan maneh anu awakna aya cacadna, pacuan ngasongkeun kurban kadaharan ka Kami. Pikukuh ieu pikeun sapapanjangna.
18. Pacuan jelema cacad awak nyieun kurban, nya eta: anu lolong, anu cingked, anu beungeutna aya cedaan, atawa bengo,
19. nu keked, nu deog,
20. anu pupundakan, anu pecekrek, nu belekan, nu boga kasakit kulit, jeung nu dikabiri.
21. Pacuan, turunan Harun anu boga cacad awak kumaha bae ngahaturkeun kurban kadaharan pikeun Kami.
22. Ari kadaharanana mah meunang milu ngadahar tina hancengan Kami, boh tina kurban kadaharan anu suci boh tina kurban kadaharan anu pangsucina.
23. Ngan ku sabab awakna aya cacadna, pacuan deukeut-deukeut kana reregan suci atawa deukeut-deukeut kana altar, sabab eta teh barang-barang suci, ulah nepi ka reged lantaran dideukeutan ku manehna, sabab eta barang-barang geus disucikeun ku Kami, PANGERAN.”
24. Kitu ungelna pangandika PANGERAN anu ku Musa diuningakeun ka Harun jeung ka bangsa Israil.

Imamat 22:1-33
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2. sangkan anjeunna nyaurkeun ka Harun sapala putra kieu, ”Maraneh sing ati-ati ngajaga kasucian jenengan Kami. Jadi lamun keur ngahaturkeun kurban-kurban pangbakti ti urang Israil kudu nurutkeun anggah-ungguh anu baku. Kami teh PANGERAN.
3. Lamun maraneh keur dina kaayaan najis heug deukeut-deukeut kana kurban suci pangbakti ti urang Israil, saumur-umur teu meunang deui ngalalayanan altar. Pikukuh ieu pikeun sapapanjangna. Kami teh PANGERAN.
4. Turunan Harun anu boga kasakit lepra atawa bengang, teu meunang aya anu milu ngadahar kurban-kurban suci sapanjang kaayaanana tacan pulih beresih deui. Unggal imam bakal najis kaayaanana lamun tas antel kana bangke, atawa tas kaluar cikama,
5. atawa tas antel kana sato anu najis, atawa ka jelema anu keur najis.
6. Imam anu kanajisan, sanajan meunang ngadahar kurban suci oge lamun can tepi ka burit jeung can mandi beberesih mah kaayaanana tetep najis.
7. Bisana beresih deui sanggeus surup panonpoe. Geus kitu kakara meunang ngadahar kurban-kurban suci anu memang dahareunana.
8. Imam teu meunang ngadahar daging sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato galak, matak najis kana dirina. Kami teh PANGERAN.
9. Kabeh imam kudu gumati kana pikukuh-pikukuh ti Kami. Salah lamun teu kitu, sarta tangtu bakal tiwas lantaran henteu iman kana pikukuh-pikukuh suci. Kami teh PANGERAN, anu geus nyucikeun maranehna.
10. Anu wenang milu ngadahar kurban-kurban suci ngan anak jeung pamajikanana bae. Nu lian mah kajeun saimah atawa jelema upahanana, teu diidinan.
11. Tapi gandek-gandek beulianana atawa anu dijurukeunana di imahna, meunang ngadahar sesa urut imam.
12. Anak imam nu awewe, anu salakina lain imam, teu meunang ngadahar kurban-kurban suci.
13. Tapi upama geus jadi randa atawa geus ditalak tur saimah deui sarta jadi tanggunganana, meunang ngadahar tina alas imam, ti bapana. Jadi anu meunang milu ngadahar teh ngan saanak pamajikanana bae.
14. Jelema anu lain kulawarga imam, lamun teu kahaja ngadahar kurban suci, ka imam kudu ngaganti saharga anu didahar ditambah saperlimana tina pihargaeunana.
15. Imam kudu ngajaga kasucianana kurban pikeun Kami,
16. teu meunang ngajeunkeun eta didahar ku nu lain hakna. Jelema kitu teh salah jeung kudu dihukum. Kami teh PANGERAN, anu nyucikeun sagala kurban.”
17. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
18. supaya anjeunna nyaurkeun ka Harun sapala putra jeung ka bangsa Israil, pikukuh ieu: Lamun urang Israil atawa nu sejen rek ngabaktikeun kurban beuleuman, boh keur mayar kaul boh ku karana suka rela, satona teu meunang cacad naon-naon,
19. sarta kudu anu jalu jeung mulus supaya ditampi.
20. Nu cacad mah ku PANGERAN moal ditampi.
21. Lamun rek ngabaktikeun kurban panarima ka PANGERAN, boh keur mayar kaul boh ku karana suka sorangan, anu bakal ditampi teh anu teu aya cacadna.
22. Ka PANGERAN teu meunang ngabaktikeun sato pecak, pengkor, buntung, gering, kurap atawa budug. Sato kitu mah ulah dikana altarkeun, ulah dijieun kurban kadaharan.
23. Lamun ngurban ku karana suka sorangan, sato kore atawa anggahotana kurang sampurna oge meunang. Tapi keur mayar kaul mah sato kitu teh moal ditampi.
24. Sato anu kanjutna pejet atawa kakeureut atawa eumeur atawa rangsak, ulah dibaktikeun ka PANGERAN. Hal sarupa kitu ulah dijalankeun di sakuliah tanah maraneh.
25. Ulah mere sato anu asal ti urang asing pikeun jadi kurban kadaharan. Nu kitu mah dianggap cacad bae, moal ditampi.
26. Anak sapi atawa anak domba atawa anak embe anu anyar dijurukeun, samemeh umurna tujuh poe mah acan meunang dicokot ti indungna. Lamun geus umur sakitu meunang dijieun kurban kadaharan sarta bakal ditampi.
27. ***
28. Indung sapi atawa indung domba atawa indung embe lamun rek dikurbankeun jeung anakna, dikurbankeunana ulah dibarengkeun sapoe reujeung.
29. Nyanggakeun kurban panarima ka PANGERAN kudu nurutkeun pikukuhna, sangkan panarima maraneh katampi.
30. Dagingna kudu beak didahar sapoe eta teu meunang nyesa nepi ka poe isukna.
31. PANGERAN ngandika, ”Turutkeun timbalan-timbalan Kami; Kami teh PANGERAN.
32. Ulah ngotoran jenengan Kami nu suci. Sakumna urang Israil kudu ngaku yen Kami teh Maha Suci. Kami teh PANGERAN, sarta maraneh ku Kami geus dijadikeun suci.
33. Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir sangkan Kami jadi Allah maraneh. Kami teh PANGERAN.”

Mazmur 27:11-14
11. Saurkeun, nun PANGERAN, kahoyong Gusti abdi kedah kumaha, tungtun abdi nyorang jalan anu pisalameteun, margi abdi teh seueur musuh.
12. Abdi ulah diselehkeun ka musuh, anu nyerang ku jalan ngagogoreng sareng ku ancaman-ancaman.
13. Kaula yakin yen bakal aya keneh umur, bakal ngarasakeun kaasih PANGERAN dina hirup ayeuna.
14. Sing percaya ka PANGERAN, masing teger, masing pangger, sing percaya ka PANGERAN!

Amsal 10:13-16
13. Jalma nu luhur pangarti, omonganana ngareusi. Jalma gejul mah geus sapantesna mun kahukum.
14. Jalma pinter sanggup ngudag sagala pangarti. Sabalikna anu gejul mah saucap-ucapna teh dareukeut ka pibahlaeun.
15. Kakayaan ngabenteng jalma baleunghar. Kamiskinan mah ngabinasa nu mariskin.
16. Kahadean teh ganjaranana hirup jamuga. Ari dosa mah kalah ka nungtun kana dosa deui.

Markus 5:21-43
21. Yesus mulih deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tuluy tumplek ka Anjeunna di sisi talaga.
22. Sabot kitu, datang pangurus imah ibadah di dinya, ngaranna Yairus, terus sujud ka Yesus,
23. tuluy ngalengis ka Anjeunna, pokna, ”Pun anak awewe udur, mugi ku Bapa ditumpangan panangan, tangtos cageur sareng tiasa hirup teras.”
24. Yesus angkat ti dinya jeung manehna. Sapanjang jalan jelema-jelema anu marilu laleumpangna mani padeukeut-deukeut jeung Anjeunna.
25. Aya hiji awewe boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun teu cageur-cageur,
26. tabib-tabib taya nu sanggup. Duitna geus beak dipake tatamba, tapi kasakitna teu cageur-cageur, malah tambah parna.
27. Sanggeus meunang beja hal Yesus, manehna tuluy milu seselendep jeung nu rea ka pungkureun Anjeunna.
28. Ceuk pikiranana, ”Asal bisa nyabak jubah-Na bae tangtu aing cageur.”
29. Tuluy manehna nyabak kana jubah Yesus. Harita keneh ngagetihna tuluy eureun, sarta karasaeun ku manehna yen panyakitna anu sakitu nyusahkeunana teh cageur.
30. Bareng jeung eta ku Yesus karaoseun aya tanaga anu mencar ti salira-Na. Anjeunna luak-lieuk sarta mariksa, ”Saha anu nyabak ka Kami?”
31. Ceuk murid-murid, ”Naha nganggo mariksakeun anu nyabak, pan kauninga jalmi sakieu nyedekna ka Bapa?”
32. Tapi Anjeunna terus bae luak-lieuk milarian anu nyabak-Na.
33. Ari awewe tea sanggeus nyaho anu kajadian ka dirina, nyampeurkeun terus sujud ka Anjeunna bari ngadegdeg sieuneun, sarta unjukan sabalakana.
34. Saur Yesus, ”Anaking, ku sabab Nyai percaya, Nyai jadi cageur. Heug sing salamet. Panyakit anu nyusahkeun ka Nyai geus cageur pisan.”
35. Sabot Yesus sasauran kitu aya jurungan ti imah Yairus, ngabejaan ka manehna, ”Tuang putra teh parantos teu aya, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.”
36. Yesus teu malire kana ucapan maranehna, sarta ngalahir ka Yairus saur-Na, ”Ulah jadi pikir, percaya bae.”
37. Jalma rea ku Anjeunna dilarang terus marilu salian ti Petrus, Yakobus jeung Yohanes.
38. Sanggeus narepi ka imah Yairus, Yesus ningali kaayaan kacida ributna, sarta ngadangu aya anu ceurik jejeritan jeung anu midangdam.
39. Yesus lebet tuluy ngalahir, ”Ku naon raribut? Ku naon careurik? Budak teh lain maot, keur sare!”
40. Jelema-jelema anggur nyeungseurikeun ka Anjeunna, tapi ku Anjeunna dipiwarang kalaluar kabeh. Anjeunna lebet ka kamar nyandak indung bapana eta budak jeung murid anu tiluan.
41. Budak teh leungeunna dicepeng tuluy dilahiran, ”Talita, kumi!” hartina, ”Nyai, Kami nitah: hudang!”
42. Budak teh ngulisik cengkat terus turun leuleumpangan. (Umurna geus dua belas taun.) Jelema-jelema mani barengong.
43. Tapi Yesus ngalarang keras maranehna nyaritakeun eta kajadian ka nu sejen. ”Budak teh bere dahar!” saur-Na.