A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 25

Imamat 19:1-37
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2. pikeun sakumna urang Israil, ”Kudu beresih lampah. Sabab Kami PANGERAN Allah maraneh, suci.
3. Masing hormat ka indung bapa. Masing satia kana Sabat Kami. Ieu Kami PANGERAN Allah maraneh.
4. Ulah ngalieus ti Kami tuluy muja ka brahala-brahala. Ulah nyieun arca-arca aallahan tuluy disembah. Ieu Kami PANGERAN Allah maraneh.
5. Lamun meuncit sato keur kurban panarima kudu nurutkeun pikukuh ti Kami, supaya ku Kami ditarima.
6. Dagingna kudu didahar dina poe dipeuncitna, meunang nyesa nepi ka poe isukna. Lamun pagetona nyesa keneh kudu diduruk sabab geus henteu beresih, geus najis.
7. Upama didahar bae, kurbanna ku Kami moal ditarima.
8. Sing saha anu ngadaharna kudu nanggung kasalahanana sabab geus nganistakeun barang suci kagungan Kami. Balukarna moal diaku deui umat Kami.
9. Lamun dibuat, gandum anu di sisi-sisi kotakan ulah diala, jeung ulah ngimeutan anu geus kaliwat.
10. Kitu deui ari mupu anggur, anu can kaala lantaran kaliwat mah ulah diimeutan, nu murag ulah dipulung, keun bae antepkeun pikeun anu mariskin jeung nu lain pribumi. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
11. Ulah maling, ulah nipu, ulah cidra.
12. Ulah jangji nyebut jenengan Kami ari baris jalir mah, sabab nganistakeun jenengan Kami. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
13. Ulah miboga atawa ngarampas barang batur. Ulah nunda kulian jelema anu buburuh, ulah dipeutingkeun nepi ka isukna.
14. Ulah nyumpahan ka jelema torek, ulah ngajailan anu lolong neundeun tatajongeun dina jajalaneunana. Sing sieun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh.
15. Mun mutus perkara sah kudu jujur, kudu nurutkeun kumaha perkara nu sabenerna, ulah dumeh watir ka nu miskin atawa serab ku nu beunghar,
16. ulah bari ngagogoreng ngupat batur. Jeung lamun aya jelema kaancam hirupna teh belaan, terangkeun halna nu saenyana kumaha, malak mandar panyaksi maneh jadi pitulung. Kami teh PANGERAN.
17. Lamun keur pasalingsingan jeung batur ulah panas, mending ngelehan, ulah nepi ka matak jadi dosa ku hal manehna.
18. Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN.
19. Sing narurut ka timbalan-timbalan Kami. Ulah ngabasterkeun sato ingu. Ulah melak dua rupa binih disakebonkeun. Ulah make papakean tina dua rupa lawon.
20. Lamun aya lalaki ngalanggar kahormatan jariahna anu geus pait rek dijual ka lalaki sejen keur piselireunana ngan can dibayar, lalaki dununganana jeung jariahna henteu manjing hukum paeh, hukum rangket bae, sabab awewena jadi jariahna keneh.
21. Dununganana kudu mawa hiji domba jalu ka lawang Kemah Tepangan Kami pikeun kurban kasalahan.
22. Dombana ku imam kudu dijieun sarat pikeun ngaberesihkeun dirina, nyirnakeun dosana, tangtu ku Allah dihampura.
23. Di mana maraneh geus arasup ka tanah Kanaan, lamun melak bubuahan naon bae, di jero tilu taun mimiti mah buahna kudu diharamkeun, pacuan didahar sapanjang eta mah.
24. Dina taun kaopatna bubuahanana kudu disanggakeun kabeh ka Kami, kurbankeun, tanda panarima maraneh ka Kami, PANGERAN.
25. Bubuahan taun kalimana kop jang maraneh. Saupama hal ieu ditekanan, tatangkalan maraneh bakal leuwih laleubeut baruahanana. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
26. Pacuan ngadahar daging anu aya keneh getihna. Pacuan nyieun sihir.
27. Buuk teu meunang dipolka, sisi janggot teu meunang dikerik.
28. Teu meunang ngukir awak, dicocogan. Ari keur kapapatenan teu meunang nurihan maneh. Kami teh PANGERAN.
29. Ulah nganistakeun anak awewe sina jaradi dayang imah pamujaan. Upama maraneh kitu maraneh teh malik nyembah ka allah-allah sejen, sarta tanah teh tangtu pinuh ku nu raruksak ahlak.
30. Sing gumati kana Sabat Kami, sing ngajenan tempat paranti ngabakti ka Kami. Kami teh PANGERAN.
31. Ulah marenta nasehat ka tukang tatanya ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh. Upama maraneh kitu maraneh teh najis. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
32. Masing hormat, ngajenan ka jelema-jelema anu geus karolot. Masing sarieun ku Kami. Kami teh PANGERAN.
33. Ulah sok sakama-kama ka batur teu sabangsa anu ngumbara di maraneh.
34. Aku maranehna kawas ka sasama urang Israil, pikanyaah cara ka awak sorangan. Sing aringet maraneh ge kungsi narumpang hirup di tanah batur di Mesir. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
35. Ulah malsu eloan, timbangan, takeran, dipake ngalicikan batur.
36. Taraju kudu bener, timbangan kudu bener, eloan kudu bener. Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir.
37. Sing narurut kana sagala pikukuh jeung timbalan Kami. Kami teh PANGERAN.”

Imamat 20:1-27
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2. pikeun urang Israil, ”Anu mikeun salah saurang anakna pikeun sarat ngabakti ka si Molek aallahan tea, boh ti kalangan maraneh boh ti nu sejen anu narumpang di maraneh, ku sakabeh jelema kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh.
3. Anu nyerenkeun salah saurang anakna ka si Molek pikeun maksud nyumahkeun kasucian Kemah jeung kasucian jenengan Kami, ku Kami tangtu dilawan sarta moal diaku deui umat.
4. Upama anu boga kalakuan kitu ku jamaah diantep teu dipaehan,
5. bakal dilawan ku Kami pribadi, boh manehna saanak pamajikanana, boh nu marilu teu satia ka Kami ngabarakti ka si Molek, ku Kami moal diaku deui umat.
6. Jelema anu menta pituduh ka tukang nyarumah bakal dilawan ku Kami, jeung moal diaku deui umat.
7. Masing marulus kalakuan, sabab Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
8. Masing narurut kana pikukuh-pikukuh Kami, sabab maraneh geus dipilih ku Kami, PANGERAN.”
9. Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, ”Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.
10. Sing saha anu ngaranyed ka pamajikan batur sasama Israil kudu dipaehan jeung awewena.
11. Sing saha anu ngajinahan salah sahiji pamajikan bapana, teu ngendahkeun ka nu jadi bapa, kudu dipaehan jeung awewena. Kudu paraeh ku salahna sorangan.
12. Sing saha anu jinah jeung minantu awewe kudu dipaehan jeung awewena, sabab kanircaanana manjing hukum paeh. Kudu paeh ku salahna sorangan.
13. Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.
14. Sing saha nu kawin nya ka anakna nya ka indungna, kudu diduruk tiluanana nepi ka paeh ku karana eta kalakuanana; hal anu saperti kitu pacuan aya di maraneh.
15. Lalaki anu ngajima sato kudu dipaehan jeung satona.
16. Awewe anu sapatemon jeung sato kudu dipaehan jeung satona, sabab manjing hukum paeh.
17. Anu kawin jeung dulur saindung sabapa atawa jeung kapidulur, duanana kudu diearkeun ka balarea tuluy usir kaluar ti jamaah. Lalakina ku sabab geus nyorang orat dulur sorangan, kudu nanggung susah payahna.
18. Lalaki anu sapatemon jeung awewe nu keur haid kudu diusir jeung awewena ti jero jamaah, sabab nyumahkeun pikukuh hal kaberesihan diri.
19. Alo sapatemon jeung bibi duanana kudu nanggung balukar kanircaanana.
20. Anu ngajinahan salah sahiji pamajikan pamanna, ngahina ka nu jadi paman, duanana kudu nanggung balukarna moal baroga anak.
21. Lalaki anu kawin ka dulur saindung sabapa moal boga anak. Lalakina geus migawe kanistaan sarta teu ngajenan ka nu jadi dulur.”
22. PANGERAN nimbalan deui, ”Tarurut pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami, supaya maraneh ulah nepi ka ditolak ku tanah Kanaan anu ayeuna keur diteang kalawan panuyun Kami.
23. Pacuan nyangkok adat kabiasaan urang ditu. Eta bangsa-bangsa anu nyarembah ka brahala teh ku Kami rek diusir ti ditu, sangkan maraneh bisa arasup. Maranehna geus nyumahkeun ka Kami ku sagala kadorakaanana.
24. Kami geus jangji, eta tanah anu mukti jeung lendo taneuhna teh rek dibikeun ka maraneh. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh anu geus ngahaja milih maraneh dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen.
25. Ku sabab kitu maraneh kudu enya-enya ngabedakeun sasatoan jeung bangsa manuk anu halal jeung nu haram. Naon bae anu kudu diharamkeun ku Kami geus diterangkeun. Lamun didalahar maraneh bakal najis.
26. Maraneh kudu mulus kalakuan, kudu tetep jadi umat Kami bae nyalira, sabab Kami teh PANGERAN, sarta Kami teh suci. Maraneh ku Kami geus dipeting, dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen, sangkan jadi umat Kami bae.
27. Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh.”

Mazmur 27:4-10
4. Kaula geus menta hiji hal ka PANGERAN, ngan sarupa kahayang teh, nya eta hirup saumur-umur di gedong PANGERAN hayang ngarasakeun kasaean Mantenna, sarta bisa nanyakeun pituduh-Na.
5. Dina waktu keur pakewuh, tangtu ku Mantenna diauban, sangkan tetep aman di jero Bait-Na, sarta diangkat ka gunung karang anu luhur.
6. Kaula jadi bisa ngelehkeun musuh anu ngepung. Bari surak, kaula arek ngurban di Bait-Na, sarta rek nyanyi, muji PANGERAN.
7. Dangukeun panyambat abdi, nun PANGERAN! Sing hawatos, mugi kersa ngawaler!
8. Upami saur Gusti, ”Hiap ngabakti ka Kami,” wangsul abdi tangtos, ”Mangga, nun PANGERAN.”
9. Gusti ulah nyumput ti abdi! Gusti ulah ngabenduan, abdi ulah dugi ka ditolak. Gusti parantos nulung ka abdi, mugi ulah ngantunkeun, ulah nundung, nun Allah, jurusalamet abdi.
10. Najan upami ku indung bapa ditundung, ku PANGERAN mah tangtu dipulasara.

Amsal 10:10-12
10. Jalma anu sumput salindung ngadatangkeun kasusah. Jalma nu wani mere panggeuing mah ngusahakeun karapihan.
11. Pitutur jelema hade teh jadi sumberna hirup. Ucapan jelema jahat mah ngandung niat nu telenges.
12. Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.

Markus 5:1-20
1. Yesus jeung murid-murid-Na geus narepi ka peuntaseun Talaga Galilea beulah ditu, di wewengkon Gerasa.
2. Barang Anjeunna lungsur tina parahu, papanggih jeung hiji jelema anu datangna ti pakuburan di dinya. Eta jelema diraksuk ku roh-roh jahat,
3. cicingna di kuburan-kuburan. Eta jelema geus teu bisa ditalian sanajan ku rante.
4. Geus sababaraha kali suku jeung leungeunna ditalian, tapi rantena dipegatkeun deui, dipegatkeun deui, beusi bangkol sukuna dibubukkeun. Taya nu bisa nalukkeun ku bedas-bedasna.
5. Beurang peuting ngaprak di kuburan-kuburan jeung di pasir-pasir, ceuceuleuweungan bari nurihan maneh ku batu seukeut.
6. Sanggeus nenjoeun ka Yesus ti nu rada anggang, tuluy lumpat nyampeurkeun, brek bae deku di payuneuna-Na,
7. tuluy ngagorowok, ”Yesus, Putra Allah Nu Maha Agung! Aya pikersaeun naon ka kuring? Demi Allah, kuring ulah disiksa!” (
8. Nu matak sasambat kitu sabab ku Yesus ditimbalan kieu, ”Eh, roh jahat, kaluar maneh ti eta jelema!”)
9. Ku Yesus dipariksa, ”Maneh saha ngaran?” Jawabna, ”Ngaran kuring ’Legiun’ sabab kacida lobana!”
10. Manehna terus nunuhun supaya ku Yesus ulah diusir ti eta daerah.
11. Teu jauh ti dinya aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir.
12. Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus, ”Kuring idinan nyurup ka itu babi-babi.”
13. Sanggeus diidinan, eta roh-roh jahat teh kalaluar tuluy nyarurup ka eta babi-babi. Babi-babina anu kabehna aya dua rebu tuluy laluncatan ka talaga tina hiji gawir, kabeh titeuleum.
14. Anu ngajaragana tingbalecir ka kota jeung desa-desa sakurilingna, nyebarkeun beja. Tuluy jalma-jalma kalaluar rek narenjo eta kajadian.
15. Barang daratang, jelema anu tas kasurupan teh aya, keur diuk jeung geus make pakean, ingetanana geus waras. Maranehna kacida sarieuneunana ku Yesus.
16. Anu nyaraksian sorangan nu kajadian ka eta jelema jeung ka babi-babi tea tuluy nyaritakeun deui ka nu sejen.
17. Geus kitu urang dinya nunuhun ka Yesus supaya Anjeunna buru-buru ngantunkeun daerah maranehna.
18. Waktu Yesus naek deui kana parahu, jelema anu tas kasurupan teh hayangeun milu. ”Mugi abdi dicandak,” carekna.
19. Tapi ku Anjeunna teu diidinan, saur-Na, ”Mending balik. Caritakeun ka kulawarga pitulung Pangeran anu geus mikaheman ka maneh.”
20. Manehna nurut, tuluy indit ngider ka sakuliah wilayah Sapuluh Kota, nyaritakeun pitulung Yesus ka dirina. Urang dinya kacida hareraneunana.