A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 24

Imamat 17:1-16
1. PANGERAN nimbalan ka Musa,
2. nepikeun ieu pikukuh anu kudu dilakonan ku Harun jeung putra-putrana jeung ku bangsa Israil.
3. Urang Israil anu meuncit sapi atawa domba atawa embe kurbankeuneun ka PANGERAN di mana bae, lain di hareupeun lawang Kemah Tepangan, eta ngarempak Hukum. Peta kitu kaasup maehan, ngocorkeun getih, teu meunang diaku deui umat Allah.
4. ***
5. Maksud ieu pikukuh sangkan urang Israil anu biasana meuncit pikurbaneun di luar, ayeuna mah satona kudu disanggakeun heula ka PANGERAN. Jadi ayeuna mah sato kurban teh kudu dibawa ka imam di lawang Kemah Tepangan, dipeuncit di dinya keur kurban panarima ka PANGERAN.
6. Getihna ku imam kudu dikepret-kepret kana sakuriling altar nu di lawang Kemah Tepangan, sarta gajihna dibeuleum, sangkan seungitna kaangseu ku PANGERAN.
7. Urang Israil teu meunang peupeuncitan deui di tegalan pikeun kurban ka jurig-jurig, sabab peta kitu teh hartina teu satia ka PANGERAN. Ieu pikukuh ku urang Israil kudu digumatikeun sapapanjangna.
8. Lamun urang Israil atawa urang asing anu numpang di urang Israil rek nyieun kurban beuleuman, atawa kurban naon bae haturan PANGERAN, ngahaturkeunana kudu di hareupeun lawang Kemah PANGERAN.
9. Lamun ngahaturkeunana di tempat sejen, teu meunang diaku deui umat Allah.
10. Urang Israil atawa urang luar nu maratuh di Israil, lamun ngadahar daging anu getihna aya keneh bakal diancam ku PANGERAN tur moal diaku deui jadi umat Mantenna.
11. Sabab hirupna sakabeh mahluk aya dina getihna. Nu matak saur PANGERAN getih teh kudu dikucurkeun kana altar, pikeun ngaleungitkeun dosa Israil sajamaah. Anu ngaleungitkeun dosa teh nya eta getih, nyawa tea.
12. Eta sababna nu matak PANGERAN nimbalan ka urang Israil yen boh maranehna boh urang luarna, teu meunang ngadahar daging anu aya keneh getihna.
13. Urang Israil atawa urang luar anu ngarancik di Israil, lamun moro sato atawa manuk anu halal, getihna kudu dikucurkeun tuluy rimbunan ku taneuh.
14. Nyawa tiap mahluk aya dina getihna. Eta sababna PANGERAN ngalarang urang Israil ngadahar daging anu getihan keneh. Sing saha nu kitu moal diaku deui umat Mantenna.
15. Unggal jelema, urang Israil atawa lain, lamun ngadahar daging sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato galak, kudu nyeuseuh pakean terus mandi. Dirina bisa beresih deui lamun geus burit.
16. Lamun teu kitu bakal narima balukarna.

Imamat 18:1-30
1. PANGERAN ngandika ka Musa
2. pikeun urang Israil. Pangandika-Na, ”Maraneh ulah nurutan urang Mesir urut maraneh bareto ngumbara.
3. Jeung ulah nurutan urang Kanaan anu ayeuna ku Kami dituju rek mawa maraneh ka ditu.
4. Tarurut aturan jeung hukum Kami, lampahkeun timbalan Kami, PANGERAN Allah maraneh.
5. Estokeun pituduh ti Kami, lakonan sangkan salamet. Kami teh PANGERAN.”
6. Ti dinya PANGERAN nurunkeun ieu pikukuh: Maraneh teu meunang sapatemon jeung awewe baraya sorangan.
7. Teu meunang sapatemon jeung indung, ngahina ka bapa jeung ka indung sorangan.
8. Teu meunang ngahina ka bapa, sapatemon jeung salah saurang pamajikanana.
9. Teu meunang sapatemon jeung dulur awewe atawa dulur tere awewe, boh jeung nu saimah boh jeung nu misah imah.
10. Teu meunang sapatemon jeung incu awewe, hina diri.
11. Teu meunang sapatemon jeung kapiadi awewe, da eta teh sasat adi teges.
12. Teu meunang sapatemon jeung bibi ti bapa atawa bibi ti indung.
13. ***
14. Teu meunang sapatemon jeung pamajikan paman da eta teh bibi maneh keneh.
15. Teu meunang sapatemon jeung minantu awewe,
16. teu meunang sapatemon jeung pamajikan adi atawa pamajikan lanceuk.
17. Teu meunang sapatemon jeung anak atawa incu ti awewe anu kungsi sapatemon jeung maraneh, sabab eta teh sasat anak atawa incu sorangan, lampah kitu rucah.
18. Ulah nyandung ka adi atawa lanceuk pamajikan satungtung pamajikan maneh hirup keneh.
19. Teu meunang sapatemon jeung awewe anu keur haid sabab awewena keur reged.
20. Teu meunang sapatemon jeung pamajikan batur, eta lampah najis.
21. Anak maraneh ulah dibikeun dijieun sarat muja ka aallahan anu ngaranna si Molek, kalakuan kitu ngahinakeun pajenengan Allah PANGERAN.
22. Teu meunang jima jeung papada lalaki, eta kalakuan pikacuaeun Allah.
23. Teu meunang ngajima sasatoan. Awewe teu meunang sapatemon jeung sato, kalakuan anu nya nista nya rujit.
24. Pacuan ngarurujit diri ku kalakuan anu karitu. Anu sok ngarurujit diri kitu teh urang kapir, anu maratuhna di Kanaan saheulaeun maraneh, anu ku PANGERAN keur disingkirkeun supaya maraneh bisa arasup ka ditu.
25. Kalakuan maranehna kitu bakal ngalantarankeun eta tanah reged, sarta eta tanah ku PANGERAN tangtu disiksa datang ka ngutahkeun jalma-jalma pangeusina.
26. Kalakuan maranehna kacida rarujitna nepi ka tanahna oge jadi rujit. Maraneh mah ulah kitu. Maraneh kabeh urang Israil kitu deui nu lain urang Israil nu di darieu, kudu tunduk kana pikukuh jeung timbalan PANGERAN,
27. ***
28. sangkan ulah diutahkeun ku eta tanah cara urang ditu anu maratuhna ti heulaeun maraneh.
29. Nu matak sing saha anu boga kalakuan rujit saperti kitu moal diaku deui umat Allah.
30. PANGERAN ngandika deui, ”Tekanan ieu pikukuh-pikukuh ti Kami. Ulah boga kalakuan cara jelema-jelema anu baheula maratuh di ditu samemeh maraneh. Ulah ngarereged maneh ku kalakuan-kalakuan anu karitu. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.”

Mazmur 27:1-3
1. Jabur Daud. PANGERAN teh cahaya jeung kasalametan kaula, kaula teu sieun ku saha-saha. PANGERAN ngaraksa tina sagala bahla, kaula taya karisi.
2. Lamun nu jarahat narajang ka kaula, rek maehan, tangtu tisusut terus ngajungkel.
3. Najan dikepung ku sakumna balad kaula moal rentag; najan musuh nyerang narajang, kaula tagen ngandel ka Allah.

Amsal 10:9-9
9. Jalma jujur bakal lulus mulus. Nu teu jujur mah pasti kabitur.

Markus 4:21-41
21. Saur-Na deui, ”Naha aya anu nyeungeut lampu terus dituruban ku gentong atawa diteundeun di kolong? Naha lain kudu diteundeun dina ajugna?
22. Naon bae anu nyumput bakal nembrak, naon bae anu katutup bakal nonggerak.
23. Darengekeun sing bener mun enya baroga ceuli!”
24. Saur-Na deui, ”Pek tengetkeun sing bener anu kadarenge teh! Kalakuan maraneh ka batur, ku Allah bakal dibalikkeun ka maraneh leuwih ti kitu.
25. Anu enggeus beubeunangan bakal ditambahan, sabalikna anu henteu beubeunangan mah anu geus aya ge keur saeutik teh bakal di cokot pisan.”
26. Yesus sasauran deui, ”Karajaan Allah teh ibarat ieu misil. Aya jelema nyebarkeun binih dina lahanna.
27. Ari peuting manehna hees, ari beurang manehna hudang. Sabot kitu jeung kitu, binihna jaradi jeung ngagedean. Teu nyahoeun manehna mah peta jadina teh kumaha.
28. Pepelakanana ku taneuh disina jadi nepi ka buahanana, sina mentik, sina ngagedean, sina ranggeuyan, sina buahan.
29. Sanggeus gandumna asak meujeuhna diala, patani nyokot arit, gandumna diala.”
30. ”Ibarat naon deui Karajaan Allah teh?” Yesus mariksa. ”Kudu ku misil naon nerangkeunana?
31. Ibarat misil ieu. Aya jelema nyokot siki sasawi, tuluy dipelakkeun dina taneuh. Siki sasawi di saalam dunya siki anu panglembutna.
32. Sanggeus jadi, tangkalna teh panggedena ti sakabeh pepelakan, daunna gomplok dahanna galede, manuk-manuk daratang nyarayang dina aubanana.”
33. Kitu carana Yesus nyarioskeun amanat ti Allah ka jalma rea teh, ku rupa-rupa misil kawas bieu, sateka-teka diluyukeun jeung pangarti maranehna.
34. Nyarioskeunana tara teu ku misil. Tapi ari geus tinggal jeung murid-Na bae mah sagala rupa ge ku Anjeunna diterangkeun sageblasna.
35. Sanggeus burit, poe eta keneh, Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Urang meuntas talaga, urang ka beulah ditu.”
36. Bari sasauran kitu teh Anjeunna miheulaan calik kana parahu. Murid-murid oge naraek kana parahu, jalma rea ditinggalkeun, tuluy mareuntas. Di eta talaga aya deui parahu-parahu sejen.
37. Dak-dumadak aya angin ribut nebak, parahu meh tibalik ku ombak nepi ka pinuh kaasupan cai.
38. Ari Yesus keur kulem di beulah tukang, mastaka-Na dibantalan. Ku murid-murid digugahkeun, pokna, ”Pa Guru! Keun bae urang cilaka?”
39. Yesus gugah, tuluy marentah ka angin, ”Eureun!” Marentah deui ka ombak, ”Leler!” Jep angin jempe sarta talaga jadi kacida lelerna.
40. Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Ku naon sarieun! Teu palercaya ka Kami?”
41. Tapi maranehna jadi kacida sarieuneunana ku Anjeunna, seug patanya-tanya, ”Saha ieu jelema teh? Angin jeung ombak nepi ka narurut kitu!”