A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 23

Imamat 15:1-33
1. PANGERAN ngandikakeun ieu papakon ka Musa jeung Harun,
2. pikeun urang Israil. Lalaki anu boga kasakit bengang, bengangna teh najis,
3. boh nanahna ngaley boh meteng.
4. Enggon anu dikedengan ku nu bengang, najis.
5. Anu antel kana urut ngedengna,
6. atawa diuk dina urut diukna, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
7. Anu antel ka jelema anu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah terus nepi ka burit.
8. Jelema anu beresih mun kaciduhan ku nu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
9. Sela atawa naon bae anu didiukan ku nu bengang, najis.
10. Anu antel kana naon bae anu tas kadiukan ku nu bengang najis nepi ka burit. Anu mawa barang urut diuk anu bengang, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
11. Lamun anu bengang nyabak batur henteu ngumbah leungeun heula, nu dicabakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
12. Parabot tina taneuh anu kacabak ku nu bengang kudu terus dipeupeuskeun, upama parabot tina kayu kudu dikumbah.
13. Upama nu bengang tea cageur, ti saentas cageurna kudu nunggu tujuh poe. Tuluy kudu nyeuseuh pakeanana jeung mandi di cinyusu, geus kitu jadi beresih.
14. Dina poe kadalapanna kudu mawa dua manuk japati atawa tikukur ka lawang Kemah Tepangan PANGERAN, serenkeun ka imam.
15. Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa hiji keur kurban beuleuman. Jadi eta jelema ku imam dipangurbankeun pikeun ngesahkeun kaberesihanana.
16. Lalaki tas kaluar cikama kudu mandi ngaguyur awakna, tapi najisna mah nepi ka burit.
17. Barang-barang tina lawon atawa kulit anu kacakclakan cikama kudu dikumbah, najisna nepi ka burit.
18. Lalaki jeung awewe anu tas sapatemon kudu mandi sarta najisna nepi ka burit.
19. Awewe anu tas haid sajero tujuh poe tetep kotor. Anu antel ka eta awewe kabawa kotor nepi ka burit.
20. Naon bae anu didiukan atawa dikedengan ku awewe keur haid kabawa kotor.
21. Anu antel kana enggon hees atawa kana naon bae anu kadiukan ku awewe anu haid, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
22. ***
23. ***
24. Lalaki anu sapatemon jeung awewe keur haid, katepaan kotor tujuh poe lilana. Enggon heesna oge kabawa kotor.
25. Awewe anu ngagetih lain mangsa, atawa ngagetih liwat ti waktu haidna, salila ngagetihna can eureun kaayaanana sarua jeung haid, najis.
26. Enggon heesna, kitu deui sagala rupa anu didiukan ku manehna salila dina kaayaan kitu, najis.
27. Anu antel kana awakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.
28. Sanggeus ngagetihna eureun, eta awewe kudu nunggu tujuh poe deui, geus kitu kakara dirina beresih deui.
29. Dina kadalapan poena kudu ka imam di lawang Kemah Tepangan PANGERAN, mawa dua manuk japati atawa tikukur.
30. Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa, hiji keur kurban beuleuman. Ku jalan kitu imam teh ngajalankeun upacara nyucikeun eta awewe.
31. Timbalan PANGERAN ka Musa, urang Israil kudu kacida dipeupeujeuhanana perkara kateuberesihanana, ulah nepi ka jadi matak nganajiskeun ka Kemah Tepangan anu aya di tengah-tengah pasanggrahanana, bisi maranehna paraeh.
32. Kitu papakon pikeun lalaki anu boga kasakit bengang atawa kaluar cikama,
33. pikeun awewe sapanjang keur haid, pikeun lalaki anu nyorang awewe nu keur haid.

Imamat 16:1-34
1. Sanggeus putra Harun anu duaan tea tiwas lantaran ngahaturkeun seuneu anu henteu suci, PANGERAN nimbalan deui ka Musa.
2. Kieu timbalana-Na, ”Bejakeun ka Harun lanceuk maneh, yen ari asup ka jeroeun lalangse rek ka Kamar Pangsucina, kudu dina waktu nu geus tangtu. Sabab dina waktu-waktu eta bae Kami aya di dinya, dina mega luhureun tutup Peti Perjangjian. Lamun hal ieu ku manehna dirempak tangtu tiwas.
3. Manehna kakara meunang asup ka Kamar Pangsucina lamun geus ngurbankeun hiji anak sapi jalu keur kurban pamupus dosa jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman.”
4. Geus kitu PANGERAN maparinkeun papakonna. Samemeh lebet ka Kamar Pangsucina, Harun kudu siram heula, terus dangdos ku anggoan imam, nya eta jubah kaci, lancingan pondok, beulitan, jeung dastar.
5. Ari jamaah Israil kudu nyerenkeun dua embe jalu ka Harun keur kurban pamupus dosa, jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman.
6. Harun ku anjeun kudu ngahaturkeun kurban sapi jalu keur mupus dosa salirana saputra garwa.
7. Geus kitu dua embe jalu tea ku anjeunna kudu dijogokeun di lawang Kemah PANGERAN,
8. tuluy kudu dilotrekeun ku dua batu elot. Elot nu hiji unina ”Haturan PANGERAN”, nu hiji deui unina ”Pikeun Asasel”.
9. Embe anu keuna ku elot haturan PANGERAN ku Harun kudu dipeuncit pikeun kurban pamupus dosa.
10. Embe anu keuna ku elot pikeun Asasel kudu disanggakeun hirup-hirup ka PANGERAN, engkena kudu dibuburak ka gurun keusik pikeun Asasel keur mupus dosa jamaah.
11. Sapi jalu ku Harun kudu dipeuncit keur kurban pamupus dosa, panebus dosa salirana saputra garwa.
12. Sanggeus kitu anjeunna kudu nyandak parukuyan dieusi ruhak tina altar, jeung seuseungitan dua keupeul, bawa asup ka Tempat Pangsucina.
13. Sanggeus aya di pangdeuheusan ka PANGERAN, eta seuseungitan asupkeun kana parukuyan, haseup kukusna sina ngaliputan turub Peti Perjangjian, nepi ka eta Peti teu katingali ku anjeunna, sabab lamun katingali tanwande anjeunna tiwas.
14. Getih sapi tea kudu dicandak saeutik, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti tujuh kali.
15. Geus kitu kudu meuncit embe pikeun kurban mupus dosa tea pikeun nebus dosa jamaah. Getihna bawa ka Kamar Pangsucina, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti sakumaha halna getih sapi tea.
16. Ku jalan kitu anjeunna ngadamel upacara nyucikeun Kamar Pangsucina tina rereged jeung sagala dosa urang Israil. Nu matak kudu kitu teh lantaran eta Kemah Tepangan aya di tengah pasanggrahan, tempat rereged.
17. Salila Harun keur aya di jero Tempat Pangsucina ngajalankeun upacara nyucikeun nepi ka kaluarna deui, di jero Kemah teu meunang pisan aya jelema sejen. Sarengsena ngajalankeun upacara keur salirana saputra garwa jeung keur sajamaah,
18. kudu terus kaluar ka tempat altar kurban beuleuman; eta oge kudu disucikeun, tatandukanana sakurilingna olesan getih sapi jeung getih embe tea.
19. Altarna kudu dikepretan getih ku curuk tujuh kali. Ku jalan kitu eta altar teh disucikeun tina dosa urang Israil.
20. Sanggeus beres upacara nyucikeun Tempat Pangsucina, babagian Kemah Tepangan jeung altar, embe pikeun Asasel, nu hirup keneh tea, ku Harun kudu disanggakeun ka PANGERAN.
21. Anjeunna kudu numpangkeun panangan duanana kana sirah eta embe bari ngikrarkeun sagala kadorakaan, sagala dosa, jeung sagala kabasangkalan urang Israil, diteumbleuhkeun kana sirah eta embe. Ti dinya eta embe kudu dibuburak ka tengah gurun keusik ku hiji jelema anu geus ditangtukeun.
22. Jadi sagala dosa urang Israil teh dibawa ku eta embe ka salah sahiji tempat anu taya jelemana.
23. Geus kitu Harun kudu lebet deui ka jero Kemah, tuluy cucul-cucul anggoan imam anu dianggo basa memeh lebet ka Tempat Pangsucina. Anggoan teh disimpen di jero Kemah.
24. Ti dinya anjeunna kudu siram di tempat suci, tuluy gentos anggoan ku anggoan ku anjeun. Sanggeus kitu kudu kaluar pikeun nyanggakeun kurban beuleuman pikeun ngaleungitkeun dosa salirana jeung dosa jamaah.
25. Gajih sato kurban dosa tea kudu dibeuleum dina altar.
26. Jelema anu ngabuburak embe pikeun Asasel tea, memeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.
27. Sapi jeung embe anu geus dipeuncit pikeun kurban dosa, anu getihna dibawa asup ka Tempat Pangsucina pikeun ngaleungitkeun dosa tea, kudu dibawa ka luareun pasanggrahan terus duruk. Kulitna, dagingna, jeroanana, kabeh kudu diduruk.
28. Jelema anu ngadurukna samemeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.
29. Ieu aturan-aturan anu kudu digumatikeun salilana. Dina poe nu kasapuluh bulan katujuh, urang Israil kitu deui urang asing anu cicing di maranehna kudu paruasa sarta teu meunang barang gawe naon-naon.
30. Dina poe eta kudu nyieun upacara nyucikeun urang Israil tina sagala dosana supaya dirina beresih nurutkeun agama.
31. Poe eta kudu jadi poe anu kacida sucina, kudu dipake pikeun puasa jeung teu meunang pisan barang gawe. Ieu aturan kudu digumatikeun salilana.
32. Imam Agung, anu geus diistrenan jeung geus disucikeun pikeun ngaganti bapana, kudu ngalampahkeun eta upacara nyucikeun. Kudu make pakean imam,
33. tuluy kudu ngalampahkeun upacara nyucikeun Kamar Pangsucina, nyucikeun bagian-bagian sejen Kemah PANGERAN, nyucikeun imam-imam, jeung nyucikeun sakumna urang Israil.
34. Ieu aturan-aturan kudu digumatikeun salilana. Upacara kieu kudu dilampahkeunana sataun sakali, pikeun nyucikeun sakumna urang Israil tina sakabeh dosana. Eta timbalan PANGERAN ku Musa dijalankeun.

Mazmur 26:6-12
6. Pikeun nawiskeun teu lepat, abdi kukumbah leungeun teras ngabakti ngurilingan altar Gusti, nun PANGERAN.
7. Abdi nyanggakeun pupujian pangucap sukur, sareng nyanggemkeun padamelan Gusti nu araheng.
8. Nun PANGERAN, abdi nyaah ka gedong Gusti, panglinggihan Gusti anu pinuh ku kamulyaan.
9. Abdi ulah dipaehan bareng sareng nu daroraka, ulah disanasibkeun sareng tukang-tukang maehan,
10. anu lampahna ngan jahat bae, anu daraek bae nampa panyogok.
11. Dupi hirup abdi mah jujur, Gusti sing hawatos, abdi luputkeun.
12. Kaula muji sukur ka PANGERAN di jero kumpulan umat-Na, rehna kaula geus aman tina sagala bahaya.

Amsal 10:8-8
8. Jalma binangkit, daek narima pituah. Nu gejul omonganana mah baris tijuralit.

Markus 4:1-20
1. Yesus mimiti ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Jelema ngagimbung ka Anjeunna kacida lobana, nepi ka Anjeunna ngalih calikna kana parahu anu keur ngambang dina cai. Jalma-jalma narangtung di basisir sisi cai.
2. Yesus tuluy ngawulang ka maranehna rupa-rupa hal ku misil-misil. Saur-Na ka maranehna,
3. ”Barandungan! Aya hiji jelema indit tebar.
4. Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak.
5. Aya anu ragragan kana tanah anu karikilan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna ipis;
6. tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih anu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing, lantaran akarna henteu jero.
7. Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, binih teh kaheumpikan, teu bisa buahan.
8. Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun jeung nu saratus kalieun.”
9. Saur-Na deui, ”Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!”
10. Sanggeus Anjeunna nyalira bae, anu tadi ngadarengekeun teh aya anu daratang ka Anjeunna, dibaturan ku dua welas murid-Na, naranyakeun harti eta misil.
11. Ari waler-Na, ”Maraneh mah geus dibere nyaho rasiahna Karajaan Allah. Ari nu sejen luareun eta ngan dibere ngadenge misilna bae,
12. jadi maranehna mah, ’Narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngalartieun. Sabab lamun narenjoeun jeung ngalartieun tangtu tarobat ka Allah, sarta ku Mantenna tangtu dihampura.’ ”
13. Saur-Na deui, ”Kutan maraneh teu ngarti kana eta misil? Kumaha rek ngarti kana misil sejenna?
14. Nu tebar teh hartina nu ngawawarkeun amanat sabda Allah.
15. Binih anu katebarkeun ka jalan, hartina eta amanat didengekeunana ngan saliwat, harita kadenge harita keneh dipupus ku Iblis.
16. Anu katebarkeun kana taneuh anu karikilan, hartina eta amanat gancang ditarima reujeung suka,
17. tapi gancang leungit deui sabab nyerepna teu sakumaha. Barang disusahkeun ku batur dumeh percaya kana eta amanat tuluy bae murtad.
18. Anu katebarkeun kana rungkun cucuk, hartina eta amanat ditarima,
19. tapi kadeseh ku kasalempangan hirup, ku hayang beunghar, jeung ku rupa-rupa kahayang napsu, teu nepi ka bijil hasilna.
20. Anu meneran kana taneuh anu hade, hartina eta amanat ditarima enya-enya, hasilna kapetik, buahna kaala, aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu saratus kalieun.”