A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Februari 20

Imamat 11:1-47
1. PANGERAN ngandika ka Musa jeung Harun, ngandikakeun aturan-aturan
2. pikeun urang Israil. Sasatoan anu aya di darat anu meunang ku maraneh didahar,
3. nya eta anu kukuna beulah jeung ngagayem.
4. Tapi onta, marmot jeung kelenci mah najis teu meunang didahar, sabab enya ge ngagayem tapi kukuna henteu beulah.
5. ***
6. ***
7. Babi oge haram, teu meunang didahar, sabab enya ge kukuna beulah tapi henteu ngagayem.
8. Pacuan ngadahar sato anu najis, antel kana bangkena ge ulah.
9. Lauk anu sisitan jeung cecepetan meunang didahar.
10. Anu teu meunang didahar nya eta sarupaning sato cai anu henteu sisitan jeung teu cecepetan;
11. nu kitu kudu dinajiskeun, ulah bon didahar, dicabak bangkena ge teu meunang.
12. Jadi naon bae sarupaning sato cai anu henteu sisitan henteu cecepetan teu meunang didahar.
13. Manuk anu henteu meunang didahar nya eta rajawali, bueuk, heulang, dadali, alap-alap, kaak, gagak, manuk onta, camar, bango, belokok, julang, kapimis, koreak, atawa kalong.
14. ***
15. ***
16. ***
17. ***
18. ***
19. ***
20. Sato hama anu jarangjangan eta najis,
21. kajaba anu sok ngarajlok.
22. Maraneh meunang ngadahar simeut, jangkrik, jonggrang.
23. Sato lalembut sejenna anu jarangjangan kitu deui anu ngarayap kudu dinajiskeun.
24. Sing saha anu nyabak bangke sato anu kukuan, awakna jadi najis nepi ka surup panonpoe, kajaba lamun kukuna beulah sarta ngagayem, kitu deui sasatoan suku opat anu cekeran. Anu mawa bangke sato najis kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna tetep najis nepi ka burit.
25. ***
26. ***
27. ***
28. ***
29. Ganggarangan, beurit cantung, beurit leutik jeung cakcak, kudu dinajiskeun.
30. ***
31. Anu nyabak nu kitu atawa kana bangkena, bakal kanajisan nepi ka burit,
32. naon bae anu karagragan ku bangkena jadi najis. Paparabotan paranti naon bae, tina kai, tina lawon, tina kulit atawa tina goni, lamun karagragan ku bangke sato najis jadi najis. Kudu buru-buru dikelabkeun kana cai, tapi kaayaanana mah tetep najis nepi ka burit.
33. Lamun bangkena ragrag kana wawadahan tina taneuh, saeusi eta wadah jadi najis, wadahna kudu terus dipeupeuskeun.
34. Sabab sanajan dahareun anu halal ge ari caina tina eta pariuk mah jadi najis, kitu deui cai inum tina eta wadah anu najis.
35. Naon bae anu karagragan ku nu kitu kudu dipeupeuskeun; anglo atawa hawu oge kudu dipeupeuskeun.
36. Tapi cinyusu atawa sumur mah caina tetep beresih, sanajan anu sejenna mah mun kakeunaan ku bangke nu kitu teh jadi najis.
37. Sisikian anu geus rek dipelakkeun karagragan ku bangke nu kitu, kaayaanana tetep beresih.
38. Tapi lamun karagraganana keur waktu eta siki bibit dikeueum, jadi najis.
39. Anu nyabak bangke sato sanajan sato halal, jadi najis nepi ka burit.
40. Saha-saha anu ngahakan bangkena kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna mah tetep najis nepi ka burit. Anu mawa bangkena, eta oge kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna mah tetep najis nepi ka burit.
41. Sato-sato taneuh anu lalembut teu meunang didahar,
42. boh anu leumpangna ngagulusur ku beuteung, boh anu leumpangna ku suku opat atawa sukuna loba.
43. Pacuan ulah nganajiskeun maneh ngadahar anu karitu.
44. Karana Kami PANGERAN Allah maraneh teh suci. Jadi maraneh oge kudu nyucikeun diri.
45. Kami teh PANGERAN anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir, nepi ka jadi Allah maraneh. Kami teh suci, jadi maraneh oge kudu suci.
46. Ieu kabeh jadi aturan anu ngeunaan sasatoan, manuk, sato cai, jeung sato taneuh.
47. Maraneh kudu taliti ngabedakeun mana anu najis mana anu henteu najis, mana anu meunang didahar mana anu henteu.

Imamat 12:1-8
1. PANGERAN ngandikakeun ieu papakon ka Musa,
2. pikeun urang Israil. Awewe anu tas ngajuru sarta anakna lalaki, dina sajero tujuh poe kaayaanana jadi kotor, sarua jeung keur waktu dirina kotoran.
3. Upama orokna geus dalapan poe kudu disunatan.
4. Ti semet poe eta awewe anu tas ngajuru teh tilu puluh tilu poe deui kakara bakal pulih beresih tina getihna tas ngajuru. Sajeroning kitu pacuan nyabak barang naon bae anu suci, pacuan asup ka Kemah Suci, nepi ka jangkep mangsana beberesih diri.
5. Lamun orokna awewe, dina sajero opat welas poe kaayaanana jadi najis cara waktu keur kotoran. Ti sanggeus eta, genep puluh genep poe deui kakara bakal pulih beresih tina getihna urut ngajuru.
6. Upama waktu beberesih diri geus jangkep kalakonan, boh tas ngajurukeun lalaki, boh tas ngajurukeun awewe, kudu ngadeuheus ka imam di lawang Kemah Tepangan, mawa anak domba hiji umur sataun pikeun dijieun kurban beuleuman, jeung manuk tikukur atawa japati sahiji pikeun kurban dosa.
7. Ku imam kudu dipangurbankeun ka PANGERAN, dipangnyieunkeun upacara pikeun ngaleungitkeun kanajisanana, geus kitu kakara kaayaanana bisa pulih beresih deui. Kitu petana papakon pikeun awewe nu tas ngajuru.
8. Saupama henteu kuateun nyanggakeun anak domba, bisa diganti ku japati atawa manuk tikukur dua siki, hiji keur kurban beuleuman, hiji keur kurban dosa, sarta ku imam kudu dipangnyieunkeun upacara pikeun ngaleungitkeun kanajisanana, tangtu kaayaanana bakal pulih beresih deui.

Mazmur 25:8-15
8. Sabab PANGERAN teh saestu tur jembar manah, kersa nuduhan jalan ka anu garaduh dosa.
9. Nu rarendah hate ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.
10. Kalayan satia jeung asih Mantenna nuyun ka nu nyarekel perjangjian jeung timbalana-Na.
11. Mugi emut kana jangji, nun PANGERAN, hapunten dosa-dosa abdi anu sakitu seueurna.
12. Sing saha anu ajrih ka PANGERAN, ku Mantenna baris dibere nyaho jalan sorangeunana.
13. Maranehna salawasna bakal bagja hirupna, anak incuna bakal ngabogaan tanah pusaka.
14. PANGERAN misobat ka anu nurut ka Mantenna, perjangjiana-Na ka maranehna bakal diteguhkeun.
15. Kaula tetep melong ka PANGERAN, menta pitulung-Na seug ku Mantenna diluputkeun tina bahaya.

Amsal 10:1-3
1. Ieu pituah-pituah Suleman: Anak pinter bapa nu bungah. Anak gejul indung nu nalangsa.
2. Harta banda beunang teu jujur, moal aya berekahna. Ari jujur mah matak rahayu.
3. Jalma bener ku PANGERAN moal diantep kalaparan. Jalma jahat mah angen-angenna ku PANGERAN dipegat sina teu laju.

Markus 2:1-28
1. Sanggeus sababaraha poe di dinya Yesus mulih ka Kapernaum. Beja yen Anjeunna mulih nerekab.
2. Jelema-jelema daratang kacida lobana, nepi ka taya tempat deui, nepi ka lawang panto oge heurin ku jelema. Sabot Anjeunna keur nyarioskeun amanat ti Allah,
3. aya jelema opatan ngagotong anu lumpuh rek dideuheuskeun.
4. Tapi teu barisaeun asup ku heurin-heurinna. Ku sabab kitu maranehna jalan ti luhur, nyieun liang lempengan Yesus calik, nu lumpuh teh diulur tina eta liang jeung samakna.
5. Ningali kapercayaan maranehna sakitu mantepna, Yesus ngalahir ka eta nu lumpuh, saur-Na, ”Anaking, dosa-dosa hidep geus dihampura.”
6. Aya sawatara guru agama anu marilu kumpul di dinya. Maranehna mimiti ngaromong dina hatena,
7. ”Lancang temen ieu jelema ngomong kitu! Ngahina ka Allah! Ngan Allah anu wenang ngahampura dosa mah!”
8. Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon karitu pikiran aranjeun?
9. Mana nu leuwih babari ngomongkeunana ka ieu nu lumpuh, ’Dosa-dosa hidep dihampura,’ atawa, ’Geura hudang, angkat samak hidep tuluy leumpang’?
10. Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.”
11. Geus kitu ngalahir ka eta nu lumpuh, ”Geura hudang, angkat samakna, jung geura balik!”
12. Nu lumpuh teh cengkat, samakna diangkat, tuluy gura-giru indit ti dinya. Anu nyaraksian mani barengong, tuluy ngamulyakeun ka Allah. ”Saumur ge kakara nenjo kajadian kawas kieu mah!” ceuk maranehna.
13. Yesus angkat ka sisi Talaga Galilea. Jelema-jelema merul daratang ka Anjeunna, tuluy diwulang.
14. Tas ngawulang angkat deui, beh ningali aya tukang mulung pajeg ngaran Lewi, anak Alpeus, keur diuk di kantorna. Ku Yesus tuluy disaur, ”Milu ka Kami!” Lewi cengkat tuluy milu.
15. Sabot Yesus keur tuang di imah Lewi, burubul tukang-tukang mulung pajeg lianna daratang jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng, marilu dahar sameja jeung Anjeunna jeung murid-murid. Sabab loba anu bariluk ka Anjeunna.
16. Sawatara guru agama Yahudi golongan Parisi, narenjo Yesus tuang jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dianggap goreng teh naranya ka murid-murid, ”Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema karitu?”
17. Kadangueun ku Yesus, Anjeunna ngawaler, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun. Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema anu diaranggap hina.”
18. Dina hiji waktu murid-murid Yohanes jeung urang Parisi paruasa. Aya jelema anu naranya ka Yesus, ”Naha murid-murid Bapa mah henteu paruasa, henteu sapertos para panganut Yohanes sareng para panganut urang Parisi?”
19. Waler-Na, ”Ari tamu dina hajat kawin naha henteu dalahar? Sapanjang panganten lalaki aya keneh jeung maranehna, tangtu maranehna dalahar.
20. Tapi bakal datang waktuna panganten lalaki dicokot ti maranehna. Geus kitu kakara maranehna paruasa.
21. Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon anyar, sabab lamun lawon anyarna murengked, nu heubeul kabenyeng, soehna beuki gede.
22. Jeung moal aya anu ngeusikeun anggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul, sabab kantong kulitna tangtu bedah, kantong jeung anggurna henteu kaarah. Anggur anu anyar kantong kulitna ge tangtu kudu nu anyar.”
23. Dina hiji poe Sabat Yesus angkat ngalangkung kebon gandum. Murid-murid anu ngiring ka Anjeunna maripit gandum.
24. Ari ceuk urang Parisi ka Anjeunna, ”Tingali itu murid-murid Anjeun ngarempak Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat!”
25. Waler Yesus, ”Na aranjeun tacan maca, kumaha Daud waktu butuh dahareun? Anjeunna jeung pangiringna lapar,
26. tuluy anjeunna asup ka jero gedong Allah, terus ngadahar roti pangbakti ka Allah. Eta kajadianana keur jaman Abyatar jadi Imam Agung. Nurutkeun Hukum Agama urang mah anu wenang ngadahar roti kitu teh ngan para imam. Tapi Daud geuning ngadahar, malah pangiringna oge dibere.”
27. Saur Yesus deui, ”Poe Sabat diayakeun teh pikeun manusa, lain manusa diayakeun pikeun poe Sabat.
28. Ku sabab kitu Putra Manusa teh jadi Gustina poe Sabat ongkoh.”