A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Desember 6

Hosea 3:1-5
1. PANGERAN ngandika ka kaula, ”Maneh kudu indit deui, sarta tembongkeun kacintaan ka hiji awewe nu keur jinah jeung kabogohna. Eta awewe pikanyaah ku maneh, saperti Kami tetep mikanyaah ka urang Israil sanajan maranehna geus malik ka allah-allah sejen jeung sok ngabaktikeun kismis ka brahala-brahala.”
2. Tuluy eta awewe ku kaula dibeuli. Hargana lima belas uang perak, ditambah ku saratus lima puluh kilo gandum.
3. Ku kaula eta awewe diomongan yen kudu ngadagoan kaula dina waktu anu lila, sarta ulah lacur atawa jinah deui. Salila eta sim kuring oge baris ngadagoan.
4. Nya kawas kitu kaayaan bangsa Israil; lila pisan maranehna kudu hirup tanpa raja atawa pamingpin, tanpa kurban atawa tugu-tugu karamat, tanpa arca-arca atawa brahala paragi ngaramal.
5. Tapi bakal datang mangsa, urang Israil tarobat deui ka PANGERAN Allahna, sarta baris satia ka rajana ti turunan Daud. Harita maranehanana bakal sarieun ku PANGERAN, sarta baris nampa berkah-berkah Mantenna.

Hosea 4:1-19
1. PANGERAN kagungan tudingkeuneun ka jalma-jalma di ieu tanah. Regepkeun ku maneh, Israil! Kieu pangandika-Na, ”Di ieu nagri geus euweuh anu satia, euweuh nu boga kanyaah. Kami ku ieu bangsa geus henteu diaku Allah.
2. Maranehna gampang jangji, tapi gampang cidra. Ngabarohong, maraehan, maraling, jararinah. Kajahatan nerekab, jeung rajapati pasusul-susul.
3. Ku sabab kitu ieu tanah bakal garing. Sagala rupa anu jadi di dinya bakal paraeh. Sasatoan, manuk, malah lauk-lauk, bakal pararaeh kabeh.”
4. Timbalan PANGERAN, ”Maraneh imam-imam, ulah aya anu nyalahkeun ka rahayat atawa ngaweweleh maranehna. Anu rek disalahkeun ku Kami teh maraneh.
5. Beurang peuting maraneh nyieun kasalahan, kitu keneh nabi-nabi taya mendingna ti maraneh. Kami baris ngabasmi Israil, indung maraneh.
6. Maraneh imam-imam, geus teu ngaraku ka Kami, geus nolak Kami, miceun pangajaran Kami, ngajadikeun umat Kami cilaka lantaran maranehna ge jadi teu ngaraku ka Kami. Ku sabab kitu maraneh ge ku Kami rek ditolak, sarta anak-anak maraneh moal diaku yen jadi imam-imam Kami.
7. Maraneh beuki loba nu jaradi imam, beuki loba dosa ka Kami. Ku sabab kitu kaayaan maraneh ku Kami rek dijieun tibalik tina mulya jadi hina.
8. Maraneh jadi baleunghar ku karana dosa umat Kami. Ku kituna kahayang maraneh mah umat Kami teh sing tambah-tambah dosana.
9. Maraneh bakal nandangan hukuman sakumaha anu keuna ka rahayat. Rek dihukum satimpal jeung kajahatan maraneh.
10. Maraneh bakal ngakan bagian maraneh tina kurban, tapi angger bakal lapar keneh. Maraneh bakal ngabakti ka dewa-dewa kasuburan, harayang boga anak, tapi tetep maraneh moal baroga anak, lantaran geus miceun Kami, maruja ka allah-allah sejen.”
11. Timbalan PANGERAN, ”Anggur anyar, anggur kawak, geus ngaleungitkeun akal waras umat Kami!
12. Maranehna marenta pituduh ka kayu sateukteuk! Ngumaha ka iteuk menta pituduh! Geus naringgalkeun ka Kami, masrahkeun diri ka para dewa, saperti awewe anu jadi palacuran.
13. Maranehanana nyarieun kurban di tempat-tempat karamat di puncak-puncak gunung. Mareuleum menyan di puncak-puncak pasir, handapeun tangkal anu gede ngarangkadak, pedah iuhna pikagenaheun. Balukarna, anak-anak maraneh anu awewe jaradi palacuran, minantu-minantu awewe jararinah.
14. Tapi maranehna ku Kami moal dihukum, lantaran maraneh sorangan sok arindit ka awewe-awewe lacur nu digarawe di kuil-kuil, tuluy bareng jeung maranehna nyieun kurban ka brahala. Aya paribasa, ’Bangsa anu tuna akal sehat pasti tumpur.’
15. Muga-muga urang Yuda mah ulah kabawa salah nepi ka ingkar kawas maraneh, urang Israil! Maranehna mah sing ulah nepi ka milu ngabakti di Gilgal atawa di Bet Awen, atawa sumpah di dinya demi Allah nu jumeneng.
16. Urang Israil mah sarua mantangulna jeung bigal. Atuh pimanaeun maranehna ku Kami bisa diangon di sampalan cara domba?
17. Urang Israil geus kawujuk ku brahala-brahala. Kajeun, antep sakarepna.
18. Sanggeus marabok anggur, tuluy genah-genah ngalacur, leuwih resep nyieun lampah hina ti batan lampah pikahormateun.
19. Maranehanana bakal leungit lir kabawa ku angin, sarta bakal meunang era tina lampahna ngurban ka brahala-brahala.

Mazmur 138:7-8
7. Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet.
8. Gusti tangtos kersa ngabuktoskeun sadaya jangji. Nun PANGERAN, asih Gusti teh langgeng. Sugri padamelan anu parantos diawitan, mugi disampurnakeun.

Amsal 29:18-18
18. Bangsa anu lesot tina pingpinan Allah, tangtu ngaco tanpa aturan. Bagja jalma anu nyekel papagon Allah.

1 Yohanes 4:1-21
1. Dulur-dulur! Ulah percaya ka sambarang jelema anu majarkeun meunang Roh ti Allah. Coba heula enya lainna roh dina dirina teh Roh ti Allah, sabab ayeuna loba nabi palsu, riab ka mana-mana.
2. Nganyahokeunana kieu: Lamun ngaenyakeun yen Yesus Kristus sumping-Na ngajirim manusa, enya meunang Roh ti Allah.
3. Lamun ngalainkeun, roh dina dirina teh lain Roh ti Allah, tapi roh ti musuh Kristus anu memang bakal datang sakumaha anu geus kadarenge bareto ku aranjeun. Ayeuna eta musuh teh geus aya di ieu dunya.
4. Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.
5. Ku sabab eta nabi-nabi palsu teh asal ti dunya, anu diomongkeunana oge urusan kadunyaan, tangtu bae ku urang dunya ditarurut.
6. Ari urang mah ti Allah. Sing saha anu terang ka Allah, tangtu daekeun sakayakinan jeung urang. Anu arembungeun mah lain cangkingan Allah. Kitu ngabedakeunana antara Roh kayaktian jeung roh anu nyasabkeun.
7. Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah.
8. Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.
9. Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.
10. Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.
11. Ku sabab Allah sakitu mikaasihna ka urang, atuh urang oge kudu silih pikaasih.
12. Sanajan can aya jelema anu geus nenjo Allah, tapi lamun urang silih pikanyaah, Allah teh aya di urang, satunggal jeung urang sarta mikaasih-Na teh datang ka tutugna.
13. Ku sabab urang geus diterapan Roh-Na, yakin yen hirup urang aya dina kasatunggalan jeung Mantenna, kitu keneh Mantenna satunggal jeung urang.
14. Bapa sabatur-batur papada rasul, anu geus nenjo sorangan anu jumeneng Putra teh diutus ku Rama-Na pikeun jadi Jurusalamet saalam dunya, ngawartakeun hal eta ka nu sejen.
15. Jelema anu ngaku yen Yesus teh Putra Allah, hirupna satunggal jeung Allah, nya kitu keneh Allah manunggal dina hirupna.
16. Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna.
17. Sipat asih anu aya di diri urang bakal jadi sampurna, nepi ka urang engke teger ngadeuheus dina Poe Hukuman. Jeung tangtu urang mah teger, lantaran hirup urang di ieu dunya geus nulad ka Kristus.
18. Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman.
19. Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.
20. Lamun aya anu majar nyaah ka Allah tapi ngewa ka dulurna, eta teh bohong. Sabab lamun ka dulur anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.
21. Sing saha anu nyaah ka Allah, kudu nyaah ka dulur. Kitu amanat ti Kristus.