A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Desember 30

Zakharia 13:1-9
1. ”Lamun geus cunduk waktuna,” timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”bakal aya cinyusu ngaburial, anu bakal nyucikeun turunan Daud jeung urang Yerusalem tina dosa-dosana, jeung tina nyembahna ka brahala.
2. Harita, ngaran brahala-brahala teh ku Kami bakal dipupus ti jero nagri, moal aya nu nginget-nginget deui. Sing saha anu ngaku-ngaku nabi bakal diusir, sarta Kami bakal ngaleungitkeun kahayang jalma kana ngabakti ka brahala.
3. Upama aya anu keukeuh ngawejang, indung bapana sorangan bakal ngomong ka manehna, nyebutkeun yen manehna kudu dipaehan, lantaran anu majar ngucapkeun sabda PANGERAN teh saenyana mah bohong. Lamun keukeuh sok ngawejang keneh, ku indung bapana bakal ditubles nepi ka paeh.
4. Mun eta waktu geus cunduk, moal aya nabi anu agul-agul majar meunang tetenjoan, moal aya anu nyeta-nyeta nabi atawa make pakean nabi pikeun nipu jalma-jalma.
5. Malah carekna teh, ʼKuring lain nabi. Kuring mah tukang tani, saumur-umur digawe teh di kebon.ʼ
6. Upama aya nu nanya, ʼAri eta tatu-tatu dina dada ku naon?ʼ bakal ngajawab, ʼIeu mah raheut waktu keur di imah babaturan.ʼ ”
7. Kieu timbalan PANGERAN, ”He, pedang, geura tandang. Tarajang itu pangangon anu digawe pikeun Kami! Paehan, dombana pabalencarkeun. Kami arek narajang ka umat Kami sorangan!
8. Dua per tilu pangeusi nagri bakal paraeh.
9. Anu sapertilu deui anu harirup keneh, ku Kami baris diuji, sarta rek diberesihan saperti perak dibesot ku seuneu. Arek diuji cara nguji emas. Geus kitu maranehna bakal sasambat ka Kami, tangtu ku Kami oge didangu. Rek diomongkeun ka maranehna yen maranehna teh umat Kami, sarta maranehna ge bakal ngaraku yen Kami teh Allah maranehna.”

Zakharia 14:1-21
1. Poena PANGERAN bakal ngahakiman geus deukeut. Sarta Yerusalem bakal aya nu ngajarah, barang-barang jarahanana dibagi-bagi hareupeun panon aranjeun.
2. Bangsa-bangsa ku PANGERAN bakal dikumpulkeun, sina merangan Yerusalem. Eta nagri bakal kajabel, imah-imah diranjah, awewe- awewe diperkosa. Rahayat saparo diakut ka pangbuangan, saparona deui diantep di eta kota.
3. Geus kitu PANGERAN bakal maju merangan bangsa-bangsa tea, saperti jaman-jaman nu geus kaliwat.
4. Harita Mantenna bakal ngadeg di Gunung Jetun, wetaneun Yerusalem. Eta gunung bakal beulah dua ti wetan ka kulon, dipisahkeun ku hiji jungkrang lega. Nu sabeulah ngeser ka kaler, nu sabeulah deui ngeser ka kidul.
5. Maraneh bakal ngaluputkeun diri nyorang eta jungkrang anu meulah eta gunung, supaya salamet. Maraneh bakal lalumpatan cara karuhun maraneh, basa katarajang lini keur jaman Yuda dirajaan ku Usia. Sanggeus kitu PANGERAN, Allah kaula, tangtu sumping, nyandak sakabeh malaikat.
6. Upama eta mangsa geus datang, hawa tiris atawa kimpel moal aya deui.
7. Poek oge moal aya. Bakal caang sapapanjangna, peuting oge caang kawas ti beurang. Iraha eta bakal kasorangna, ngan PANGERAN anu uninga.
8. Upama eta mangsa geus datang, bakal aya cai seger anu ngocor ti Yerusalem. Sawareh ngocorna ka Laut Paeh, sawareh ka Laut Tengah. Ngocorna sapanjang taun, boh dina usum hujan, boh dina usum katiga.
9. Geus kitu PANGERAN jadi raja saalam dunya, disembah ku saban jalma, diaku Allah ku sarerea, kabeh jalma kenal ka Mantenna dina jenengan anu sarua.
10. Saantero nagri, ti kaler mimiti ti semet Geba, nepi ka Rimon di beulah kidul, bakal jadi tanah padataran. Tapi Yerusalem bakal mumbul luhur, leuwih luhur ti tanah-tanah sabudeureunana. Ari legana Yerusalem mimiti ti semet Gapura Binyamin, kebat nepi ka Gapura Pojok urut gapura nu ti heula, jeung ti semet Munara Hananel kebat ka tempat pameresan anggur milik karaton.
11. Jalma-jalma pangeusina bakal hirup rahayu, moal kaancam deui ku kabinasaan.
12. Bangsa-bangsa anu merangan ka Yerusalem, ku PANGERAN bakal diterapan kasakit anu pohara, hirup-hirup keneh dagingna geus baruruk, siki mata jeung letahna ge sina baruruk.
13. Dina waktu eta pikiran maranehna ku PANGERAN bakal disina kusut jeung ngarasa sieun, nepi ka unggal jalma bakal nyerek jeung narajang ka baturna anu deukeut.
14. Urang Yuda bakal tarung ngabelaan Yerusalem, bakal meunang harta rampasan ti bangsa-bangsa sakurilingna, emas, perak, jeung papakean kacida lobana.
15. Sato-sato oge, kuda, bigal, onta, jeung kalde di pakemahan musuh, kabeh bakal keuna ku hiji kasakit anu hebat.
16. Geus kitu, eta bangsa-bangsa anu narajang ka Yerusalem teh, sesana anu harirup keneh, saban taun bakal daratang ka Yerusalem, arek ngabarakti ka nu jadi Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa, jeung rek milu mestakeun Pesta Saung Daun.
17. Mun aya bangsa anu teu indit, embung ngabakti ka Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa, di tanahna moal aya hujan.
18. Urang Mesir upama embung milu mestakeun Pesta Saung Daun, bakal ditarajang ku kasakit anu ku PANGERAN disina narajang ka tiap bangsa anu nolak indit ngabakti.
19. Kitu hukuman anu bakal keuna, boh ka urang Mesir, boh ka bangsa-bangsa lianna, lamun maranehna arembungeun mestakeun Pesta Saung Daun.
20. Dina waktu eta, sagala rupa barang, nepi ka genta-genta dina rarangken kuda bakal diukir ku kecap ”Dihaturkeun ka PANGERAN”. Sakabeh kawali di jero Bait Allah bakal disaruakeun sucina jeung mangkok-mangkok nu di hareupeun altar.
21. Ku sabab kitu, unggal kawali di Yerusalem jeung di sakuliah Yuda bakal dipisah-pisahkeun, pikeun digunakeun dina waktu dina ngabakti ka PANGERAN Nu Maha Kawasa. Jalma-jalma anu ngabaktikeun kurban bakal marake kawalina ngulub daging kurban. Lamun eta waktu geus cunduk, di Bait PANGERAN Nu Maha Kawasa moal aya deui anu daragang.

Mazmur 149:5-9
5. Umat Allah mangka gumbira lantaran geus jaya, mangka gerah sarta nyaranyi sapeuting jeput.
6. Sina surak masing tarik maruji ka Allah, bari nyarekel pedang seukeut,
7. geusan ngelehkeun bangsa-bangsa, geusan ngahukum jalma-jalma;
8. geusan ngabarogod raja-rajana ku rante, geusan ngabarogod para pamingpinna ku rante beusi,
9. geusan ngahukum bangsa-bangsa sakumaha parentah Allah. Ieu teh kaunggulan umat Allah. Puji PANGERAN!

Amsal 31:1-9
1. Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna,
2. ”Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh?
3. Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh.
4. Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak.
5. Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat.
6. Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara,
7. sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna.
8. Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya.
9. Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.”

Wahyu 20:1-15
1. Geus kitu kaula nenjo hiji malaikat turun ti sawarga, mawa konci guha kereman (abys) jeung ngajingjing rante semu beurat pisan.
2. Tuluy newak naga, si oray kahot, anu saenyana mah Iblis atawa Setan, terus dirante lilana pikeun sarebu taun.
3. Tuluy digebluskeun ka jero guha kereman, lawang guhana terus dikonci jeung disegel. Sarebu taun pililaeunana manehna moal bisaeun deui ngagoda ka manusa. Lamun eta jaman geus beak, eta naga bakal dileupaskeun heula sakeudeung.
4. Geus kitu kaula nenjo aya tahta-tahta, anu nyaralikanana dibarere kawasa mutus hukum. Salian ti eta nenjo aya nyawa-nyawa jelema anu maraotna diteukteuk beuheung lantaran nyebarkeun kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus jeung nguarkeun sabda amanat Allah, teu nyarembah ka sato tea jeung kana arcana, jeung henteu marake tanda eta sato boh dina tarang boh dina leungeun. Maranehna geus harirup deui sarta jaradi raja jeung Kristus, sarebu taun pililaeunana.
5. Harirupna deui teh dina mangsa nu disebut mangsa hudang nu kahiji. (Salian ti maranehna mah nu paraeh teh tacan waka diharirupkeun deui, giliranana lamun geus beak anu sarebu taun.)
6. Bagja tur kacida diberkahanana sakur anu hirup deui dina mangsa hudang nu kahiji. Paeh nu kadua pikeun maranehna mah geus moal aya pangaruhna. Maranehna bakal jaradi imamna Allah jeung imamna Kristus, sarta bakal marentah bareng jeung Anjeunna dina eta jaman sarebu taun.
7. Sanggeus jaman nu sarebu taun beak, Iblis bakal dileupaskeun ti jero tahanan,
8. seug ngagoda ka bangsa-bangsa sakuliah dunya, nya eta Gog jeung Magog. Maranehna ku Iblis dibawa kana perang, bilanganana teu kira-kira lobana mani kawas keusik di basisir laut,
9. disebar di saalam dunya, ngepung pakemahan umat Allah jeung kota anu ku Allah didama-dama. Tapi maranehna beak dilebur ku seuneu ti langit.
10. Ari geus kitu Iblis nu nipu maranehanana digebruskeun ka lautan seuneu jeung walirang. Di dinya geus nyampak sato tea jeung nabi palsuna, digebruskeunana ti heula. Maranehna bareng disiksa di dinya beurang peuting, kitu bae salalanggengna.
11. Geus kitu kaula nenjo hiji tahta gede warna bodas sarta aya nu nyalikan. Bumi jeung langit leungit ngejat ti payuneuna-Na, teu tembong deui.
12. Kaula nenjo oge jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, narangtung hareupeun eta tahta. Kitab-kitab dibaruka, jeung aya deui hiji kitab sejen meunang muka, nya eta kitab catetan nu harirup. Eta jelema-jelema diputus hukumanana, luyu jeung kalakuanana masing-masing sakumaha anu dicatet dina kitab-kitab tea.
13. Laut nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Maot jeung alam maot nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Kabeh diputus hukumanana satimpal jeung kalakuanana.
14. Geus kitu Maot jeung alam maot digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu teh nya eta paeh kadua.)
15. Jelema-jelema anu ngaranna henteu aya dina kitab anu harirup, digebrus-gebruskeun ka eta lautan seuneu.