A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Desember 26

Zakharia 1:1-21
1. Dina bulan kadalapan taun kadua pamarentahan Darius raja Persia, PANGERAN maparin ieu amanat ka Nabi Jakaria bin Berekya putu Ido.
2. PANGERAN Nu Maha Kawasa ngembankeun timbalan ka Jakaria keur ka umat-Na. Kieu timbalana-Na, ”Baheula Kami teh geus kacida jengkelna ka karuhun-karuhun maraneh.
3. Ayeuna ka maraneh Kami menta, hiap baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.
4. Ulah cara karuhun maraneh. Maranehna geus dibere amanat Kami ku nabi-nabi, dielingan ulah nyieun dosa, ulah daroraka bae sapapanjangna. Tapi teu narurut, Kami henteu dipalire.
5. Karuhun-karuhun maraneh, kitu deui nabi-nabi, geus teu araya.
6. Geus cukup Kami mere papakon-papakon jeung pepeling ka karuhun-karuhun maraneh ku jalan abdi-abdi Kami, nabi-nabi tea, tapi parura-pura bae, heug bae nandangan balukarna. Geus kitu kakara tarobat jeung rarumasa yen Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus sapantesna ngahukum ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana, sarta luyu jeung putusan Kami.”
7. Dina taun kadua pamarentahan Raja Darius, dina tanggal dua puluh opat bulan kasabelas (Bulan Sebat), PANGERAN maparin ieu amanat suci ka sim kuring dina hiji titingalian ti peuting.
8. Sim kuring ningal aya hiji malaikat PANGERAN, tunggang kuda beureum. Reg liren antara tangkal-tangkal kupa di hiji lengkob. Di pungkureunana aya deui kuda sababaraha hiji, buluna aya nu beureum, nu belang, nu bodas.
9. Pok sim kuring naros, ”Eta kuda teh naon pihartoseunana, Juragan?” Anjeunna ngawaler, ”Engke ku Kami ditembongkeun.
10. Eta kuda teh ku PANGERAN dipiwarang nalengteng jagat.”
11. Seug kuda teh ngaromong ka malaikat, ”Sakuliah dunya parantos dilanglang. Kapendak parantos teu garaduh harepan, ngararuyung.”
12. Eta malaikat misaur, ”Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, parantos tujuh puluh taun Gusti bendu ka Yerusalem sareng ka kota-kota di nagri Yuda. Bade dugi ka iraha Gusti tetep bendu teu kersa ngahapunten ka maranehna?”
13. PANGERAN ngawaler ka eta malaikat ku pilahir anu matak lejar.
14. Eta malaikat ka kaula miwarang, yen eta sabda PANGERAN kudu diembarkeun. Kieu eta sabda teh, ”Kami liwat saking nya nyaah ka Yerusalem teh, kota Kami anu suci. Kami prihatin.
15. Tapi Kami pohara jengkelna ka bangsa-bangsa anu keur garenah-genah ngararasakeun aman. Umat Kami, anu ku Kami mah geus henteu dibenduan deui, ku maranehanana anggur beuki diteungteuinganan.
16. Ku sabab eta Kami perlu ka Yerusalem deui, arek nembongkeun kanyaah ka eta kota. Bait Kami rek diadegkeun deui, sarta kota Yerusalem rek dipulihkeun.”
17. Eta malaikat miwarang deui supaya kaula ngembarkeun kieu, ”Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, kota-kota Mantenna baris makmur deui, sarta Yerusalem bakal ditulungan sakali deui jeung bakal diangken yen jadi kota kagungana-Na.”
18. Aya deui titingalan kaula, nya eta opat tanduk sapi.
19. Sim kuring nanyakeun ka malaikat anu geus sasauran ka kaula tea, ”Naon hartosna eta tanduk?” Waleranana, ”Eta teh kakawasaan di dunya, anu ngawurkeun urang Yuda, urang Israil, jeung urang Yerusalem nepi ka pabalencar.”
20. Geus kitu sim kuring ku PANGERAN dipaparin ningal opat tukang beusi nyarekel palu.
21. Kaula nanyakeun, ”Eta bade naon?” Mantenna ngawaler, ”Arek ngoyagkeun jeung ngagulingkeun bangsa-bangsa, anu geus ngaburak-barik Yuda jeung ngaburencaykeun jalma-jalmana.”

Zakharia 2:1-13
1. Aya deui titingalan kaula, nya eta hiji lalaki nu mawa tali ukuran.
2. Ku kaula ditanya, ”Rek ka mana?” Jawabna, ”Arek ngukur Yerusalem, hayang nyaho panjangna jeung rubakna.”
3. Malaikat anu tadi cacarios ka sim kuring tea nyampeurkeun, tuluy aya nu mapag, malaikat hiji deui.
4. Anjeunna sasauran ka dinya, saurna, ”Geuwat udag itu budak ngora nu mawa tali ukuran. Bejakeun yen pangeusi Yerusalem, jelema jeung ingon-ingonna bakal kacida lobana, nepi ka moal bisa lamun dikutaan sakurilingna, lantaran gede teuing.
5. PANGERAN ku manten anu bakal jadi kutana teh, Mantenna geus jangji baris jadi kuta seuneu anu ngaraksa ka dinya, sarta Mantenna baris nanjeurkeun kamulyaana-Na di dinya.”
6. PANGERAN ngandika ka umat-Na, ”Maraneh ku Kami geus dipabalencarkeun ka saban madhab. Ayeuna, maraneh para buangan kudu kalabur ti Babul, marulang ka Yerusalem.
7. ***
8. Sing saha anu narajang ka maraneh, narajang buah hate Kami.” Ku hal eta, PANGERAN Nu Maha Kawasa miwarang kaula ngemban ieu sabda pikeun bangsa-bangsa anu geus ngarampogan umat-Na:
9. ”PANGERAN ku manten nu bakal ngalawan maraneh, sarta maraneh bakal dirampog ku jalma-jalma urut badega-badega maraneh. Lamun hal eta geus kajadian, maraneh kakara bakal nyaraho yen PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ngutus kami.”
10. PANGERAN ngandika, ”Urang Yerusalem geura ngarawih, sing gumbira, Kami tereh datang, rek reureujeungan jeung maraneh!”
11. Dina mangsa eta, loba bangsa-bangsa nu daratang ka PANGERAN jaradi umat-Na. Mantenna bakal sasarengan jeung aranjeun, sarta aranjeun bakal nyaraho yen anu ngutus kaula ka aranjeun teh PANGERAN.
12. Sakali deui Yuda baris jadi milik utama kagungan PANGERAN di tanah-Na nu suci, sarta Yerusalem bakal jadi kota anu pang dipikanyaahna ku Mantenna.
13. Sing repeh kabeh di payuneun PANGERAN, karana Mantenna tereh sumping ti panglinggihana-Na anu suci.

Zakharia 3:1-10
1. PANGERAN maparin deui titingalan ka sim kuring. Mantenna nembongkeun Imam Agung Yosua keur ngadeg di payuneun malaikat PANGERAN. Di gedengeunana aya Setan, anu maksudna rek ngadakwakeun anjeunna.
2. Malaikat PANGERAN ngalahir ka eta Setan, lahiranana, ”Sing disapa maneh, Setan, ku PANGERAN! PANGERAN, anu mikaasih ka Yerusalem mangka nyapa ka maneh. Ieu jalma lir upama kayu sapotong beunang ngadudut tina durukan.”
3. Yosua aya ngadeg di dinya, anggoanana dekil.
4. Malaikat tea nimbalan ka para pangbantuna di sawarga, ”Cuculan pakean kotorna ieu jelema.” Geus kitu anjeunna ngalahir ka Yosua, ”Dosa maneh ku Kami geus dipiceun. Maneh baris disalinan ku pakean anu anyar.”
5. Seug malaikat teh miwarang para pangbantuna nerapkeun sorban anu beresih kana mastaka Yosua. Ku maranehna dilampahkeun, sarta sanggeus kitu maranehna nganggokeun pakean anyar ka Yosua, diawaskeun ku malaikat PANGERAN.
6. Geus kitu anjeunna ngalahir ka Yosua, lahiranana,
7. ”Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, upama maneh nurut kana hukum-hukum Kami, sarta ngalakonan kawajiban anu diembankeun, maneh bisa terus ngurus Bait Allah katut pakaranganana; paneda-paneda maneh tangtu ku Kami didenge, cara kana paneda malaikat-malaikat anu araya di payuneun Kami.
8. Ku sabab kitu dengekeun Yosua, maneh teh Imam Agung; sarta maraneh, imam-imam bawahanana, darengekeun, maraneh teh lambang jaman senang nu bakal datang. Kami baris ngutus abdi Kami anu disebut ʼSirungʼ!
9. Ayeuna Kami rek nempatkeun ieu batu anu ngan hiji-hijina di hareupeun Yosua, batu juru tujuh. Eta ku Kami rek diukir, ditulisan hiji prasasti. Geus kitu Kami baris mupus dosa ieu nagri di jero sapoe.
10. Upama mangsa eta geus cunduk, saban jalma ti kalangan maneh bakal ngondang tatangga-tatangga, diajak milu ngarasakeun kaayaan anu runtut rukun tur aman, dikurilingan ku kebon-kebon anggur jeung tangkal-tangkal kondang.”

Mazmur 147:12-20
12. Puji PANGERAN, he Yerusalem! Puji Allah maneh, he Sion!
13. Sabab Mantenna geus nohagakeun panto gapura maneh, ngaberkahan rahayat maneh.
14. Mantenna ngajadikeun daerah maneh aman jeung kerta, sarta nyukup ka maneh ku gandum anu pangalusna.
15. Mantenna maparin parentah ka bumi, sarta naon bae sapangandikana gancang ngajadi.
16. Mantenna ngamparkeun salju lir simbut, nyebarkeun halimun anu kawas lebu.
17. Mantenna nurunkeun hujan es lir batu karikil, taya nu kuat nangankeun tirisna!
18. Sarta ku parentah-Na keneh eta es teh leyur, Mantenna niup angin, cor cai ngalocor.
19. Mantenna maparin amanat ka umat-Na, maparinkeun parentah jeung hukum-Na ka Israil.
20. Bangsa-bangsa sejen taya anu dipaparinan saperti kitu, maranehna mah teu nyarahoeun kana hukum-hukum Mantenna. Puji PANGERAN!

Amsal 30:21-23
21. Aya opat rupa hal anu ku dunya oge henteu bisa ditarima, nya eta:
22. Lamun badega jadi raja, lamun nu gejul loba hakaneunana,
23. lamun awewe pikaijideun meunang salaki, jeung lamun babu ngalindih dunungan awewe.

Wahyu 16:1-21
1. Ti Bait Allah aya gentra handaruan nimbalan ka malaikat nu tujuh, ”Geura indit, tamplokkeun eusi pinggan bebendu Allah ka bumi!”
2. Malaikat nu kahiji namplokkeun pingganna ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake tanda sato jeung nyarembah kana arcana teh awakna pinuh ku bisul jahat anu kacida nyerina.
3. Malaikat kadua namplokkeun pingganna ka laut. Seug cai laut barobah jadi kawas getih jalma paeh. Mahluk-mahluk laut paraeh.
4. Malaikat nu katilu namplokkeun pingganna ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai, bruy caina jadi getih.
5. Malaikat nu ngajaga cai nyoara, ”Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari!
6. Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!”
7. Tina altar oge aya soara, ”Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!”
8. Malaikat nu kaopat namplokkeun pingganna ka panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa, ngarerab manusa.
9. Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah.
10. Malaikat nu kalima namplokkeun pingganna kana tahta sato tea. Reup wilayah kakawasaanana jadi poek, sarta jelema-jelema katarajang kanyeri luar biasa, tingpereket nepi ka huntuna nyareblok kana letahna.
11. Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna.
12. Malaikat nu kagenep namplokkeun pingganna ka Walungan Eprat, walungan gede tea. Set caina saat ngoletrak, keur pijalaneun raja-raja ti tatar wetan.
13. Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu.
14. Eta teh roh-roh jahat anu nyieun kaahengan-kaahengan, tuluy ngulayab ka dunya ngadatangan raja-raja, rek dibawa sakait perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa.
15. ”Regepkeun! Kami datang mo kasangka-sangka ibarat datangna bangsat. Salamet nu nyaring ngajaga pakeanana, moal taranjang leumpangna di tengah umum sarta moal nandangan kaera!”
16. Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.
17. Malaikat katujuh namplokkeun pingganna ka awang-awang. Tina tahta di Bait Allah aya gentra handaruan ungelna, ”Geus tinekanan!”
18. Tuluy aya kilat tingbaranyay, guludug tingjalegur, jeung lini kacida gedena. Ti barang manusa dijadikeun can aya lini anu sakitu hebatna. Panghebat-hebatna lini!
19. Kota nu gede tea nepi ka beulah tilu. Kota-kota sakabeh nagara di sadunya burak-barik. Allah emut ka Babul raya, seug eta nagara teh diinuman ku anggur tina lumur Mantenna, anggur bebendu-Na anu ngentab-ngentab.
20. Pulo-pulo, gunung-gunung, kabeh musna.
21. Breg hujan es batu anu pohara baradagna nepi ka beuratna masing-masing lima puluh kilogram, ngaburubut ninggangan manusa. Seug maranehna nyarumpahan ka Allah dumeh dibahlakeun ku hujan es anu sakitu hebatna.