A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Desember 24

Zefanya 1:1-18
1. Ieu pesen Allah ka Nabi Sepanya, putra Raja Hiskia anak Amarya anak Gedalya anak Kusi. Dipaparinkeunana keur jaman Yosia anak Amon jadi raja Yuda.
2. PANGERAN ngandika, ”Sakeudeung deui Kami rek ngabasmi sagala rupa nu aya di bumi,
3. jelema, sato, manuk, lauk. Kami rek numpes anu jarahat. Arek ngabasmi manusa, hamo nyesakeun nu hirup. Kitu pangandika Kami, PANGERAN.
4. Kami rek ngahukum urang Yerusalem jeung urang Yuda. Rek ngabasmi sesa adat ibadah ka Baal anu aya keneh di dinya, sangkan ulah aya deui anu inget ka imam-imam brahala anu ngaladenan Baal.
5. Kami rek ngabasmi sakur nu sok naraek ka loteng ngadon nyarembah ka panonpoe, ka bulan jeung ka bentang-bentang. Jeung rek ngabasmi jelema-jelema anu ngabakti ka Kami sarta geus ikrar arek satia, tapi osok sumpah nyebut ngaran Dewa Milkom.
6. Kami rek ngabasmi jelema-jelema anu naringgalkeun sarta teu aranut deui ka Kami, jeung tara daratang menta tungtunan Kami.”
7. Poena PANGERAN muka pangadilan tereh datang. Ku sabab eta masing rarepeh di payuneuna-Na. PANGERAN geus sadia meuncitan umat-Na saperti sato kurban, sarta geus ngondang musuh-musuh Yuda sina ngaranjah.
8. Timbalan PANGERAN, ”Dina poean meuncitan, Kami rek ngahukum para gegeden, anak- anak raja, jeung sakabeh anu make adat bangsa lian.
9. Kami rek ngahukum ka nu ngabarakti make tata cara umat brahala, jeung ka nu sok maling jeung maehan, anu ngabeungharkeun dununganana ku barang-barang gedoran.”
10. ”Dina poe eta,” timbalan PANGERAN, ”maneh bakal ngadenge nu tingjarerit di Gapura Lauk di Yerusalem. Ti pakampungan anyar bakal kadenge ku maneh sora anu sasambat, jeung ti pasir-pasir sora runtuh ngagulugur.
11. Maraneh, anu maratuh di kota handap, lamun geus ngadenge eta sora kudu careurik, midangdam, sabab padagang-padagang kabeh geus paraeh!
12. Waktu eta Kami arek mawa obor, rek ngagaradah Yerusalem. Kami rek ngahukum jelema-jelema anu ngarasa sugema jeung megah ku dirina, jeung boga pamikir: PANGERAN moal midamel kitu, moal midamel kieu.
13. Harta bandana bakal dirampas, imah-imahna bakal diburak-barik. Pamohalan maranehna bakal bisa nyaricingan imah sorangan, atawa ngarinum anggur pelakna sorangan.”
14. Poe agung PANGERAN geus deukeut, deukeut naker, bakal gancang datang. Poe anu pohara pait getirna, nepikeun ka prajurit anu pangwanianana oge ngagerung pegat harepan.
15. Eta poe pinuh ku hawa amarah, poe sangsara, poe tunggara, poe ngalebur, poe ngaruksak, poe poek, poe cilaka, poe mendung, poe kasaput ku mega,
16. poe anu saheng ku sora tarompet perang, ku haok perang serdadu-serdadu anu ngagempur kota-kota benteng jeung munara-munara anu laluhur.
17. PANGERAN ngadawuh, ”Kami rek ngadatangkeun kacilakaan-kacilakaan gede ka umat manusa, nepi ka maranehna ting rarampa kawas nu lolong. Maranehanana geus dosa ka Kami. Ayeuna getihna rek dikocorkeun saperti cai, sarta bangke-bangkena sina baruruk dina taneuh.”
18. Sanajan barogaeun perak jeung emas ge, dina poean PANGERAN ngumbar bendu mah emas perakna moal bisa nyalametkeun maranehna. Sakuliah jagat baris kahuru ku seuneu wera-Na. Sagala anu kumelip di bumi, umurna ku Mantenna baris dicabut ngadadak.

Zefanya 2:1-15
1. Eh, bangsa anu teu boga kaera! Geura areling,
2. memeh layu kawas kembang, memeh katiban ku seuneu bendu PANGERAN, memeh Mantenna ngumbar wera-Na.
3. Nu rarendah hate di ieu nagri sarta narurut kana timbalan PANGERAN, geura baralik ka Mantenna. Naon nu bener lampahkeun. Laipkeun diri di payuneun PANGERAN, malakmandar bisa luput tina hukuman dina poean PANGERAN nembongkeun wera-Na.
4. Di Gasa saurang ge moal nyesa. Askelon bakal kosong taya jalmaan. Urang Asdod di jero satengah poe bakal kausir. Urang Ekron diusir ti kotana.
5. Cilaka maraneh, urang Pelisti, bangsa nu nyicingan sapanjang basisir. PANGERAN geus ngaragragkeun hukuman ka maraneh; maraneh bakal ditumpes moal aya nu disesakeun.
6. Nagri maraneh di sisi laut bakal jadi tegal ngablak, jadi tempat saung-saung pangangon jeung kandang-kandang domba.
7. Tanah maneh bakal diandih ku urang Yuda anu saralamet. Maranehna bakal ngarangon ingon-ingonna di dinya, ari hareesna di imah-imah urut urang Askelon. Hirupna disarengan ku PANGERAN Allahna.
8. Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”Kami ngadenge urang Moab jeung urang Amon moyok jeung ngahina ka umat Kami, bari nyombong magar sanggup ngarebut nagrina.
9. Kami, Allahna urang Israil anu jumeneng, sumpah, Moab jeung Amon pasti dibasmi, saperti Sadumu jeung Gomora. Nagri-nagrina bakal jadi tempat sumur-sumur uyah, jadi ruruntuhan salalanggengna, pinuh ku jukut hama. Umat Kami anu saralamet bakal ngaranjah ka maranehna sarta ngarebut tanahna.”
10. Kitu petana hukuman pikeun Moab jeung Amon, lantaran angkuhna jeung adigungna, jeung ku sabab geus ngahina ka umat PANGERAN Nu Maha Kawasa.
11. Maranehna ku PANGERAN bakal disina kasieunan. PANGERAN bakal mupus harkat dewa-dewa di bumi sina taya hartina, nepi ka unggal bangsa di nagrina masing-masing ngabarakti ka Mantenna.
12. Urang Sudan oge bakal ditibanan hukum pati ku Mantenna.
13. PANGERAN bakal nganggo kawasa-Na ngabasmi Asur. Kota Ninewe bakal dijadikeun ruruntuk kosong, jadi tempat nu euweuh caina.
14. Di dinya sato-sato lindeuk ngabubuhan darepa jeung rupa-rupa sato lianna. Bueuk-bueuk bakal nyarayang di dinya, disarada dina ruruntuk jandela-jandela, gagak-gagak bakal disarada dina urut bangbarung-bangbarung panto. Kayu kiputri wawangunanana bakal beak dicaroplokkan.
15. Kitu pijadieunana eta kota anu gumede ku kakuatanana jeung ngujubkeun dirina baris aman. Pangrasa jalma-jalmana mah kotana teh panggedena di sadunya. Pisakumahaeun sepi jemplingna engke eta tempat teh, jadi pangauban sato-sato leuweung. Sakur anu ngaliwat ka dinya bakal murungkut hatena pinuh kasieun.

Zefanya 3:1-19
1. Cilaka Yerusalem, kota bejad kalakuan, tukang ngalawan, tukang ngagencet rahayatna sorangan.
2. Embung tunduk ka PANGERAN, embung diatur. Ka PANGERAN teu percaya, teu ngarasa butuh ku pitulung-Na.
3. Para gegedenna kawas maung nu guar-gaur; hakim-hakimna kawas ajag lapar, tara nyesakeun tulang sapotong-potong acan keur isukan, awahing ku rakus.
4. Nabi-nabina teu baroga rasa tanggung jawab, turug-turug carurang. Imam-imamna malah nganajiskeun sagala nu disucikeun, jeung sok mutar-muter hukum Allah keur kauntunganana sorangan.
5. Sanajan kitu, PANGERAN mah linggih di dinya, midamel anu bener, tara midamel anu salah. Saban isuk tara towong nerapkeun kaadilan ka umat-Na. Tapi jalma-jalma anu teu balener di dinya tonggoy bae migawe kajahatan, jeung teu era-eraeun.
6. PANGERAN ngandika, ”Kami geus nyapukeun sakabeh bangsa, kota-kotana diburak-barik, kuta-kuta jeung munara-munarana geus diruntuh-runtuhkeun, kota-kotana geus karosong, lulurung-lulurungna geus saruwung, jelemana taya nu nyesa.”
7. Panyana Kami ari geus dikitukeun mah eta umat Kami rek daraek ngajenan jeung narima aturan-aturan ti Kami, sarta moal mopohokeun pangwarah-pangwarah Kami. Sihoreng can naon-naon geus baralik deui kana kabiasaanana, jarahat cara ka tukang-tukang.
8. ”Tapi awas,” dawuhan PANGERAN. ”Dagoan poena Kami ngadakwa bangsa-bangsa. Kami geus mutuskeun bakal ngumpulkeun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan, sina ngarasa hebatna amarah Kami. Bumi sakuliahna pasti binasa ku seuneu amarah Kami.”
9. Saupama geus kitu, bangsa-bangsa ku Kami baris dirobah, nenedana moal deui ka allah-allah sejen, tapi ka Kami bae sorangan. Kabeh bakal aranut ka Kami.
10. Umat Kami anu pabalencar, dalah ti Sudan nu jauh, bakal daratang marawa pangbakti ka Kami.
11. Dina waktu eta maraneh, umat Kami, geus teu perlu ngarasa era pedah maneh geus ngalawan ka Kami. Sabab jelema-jelema anu garumede jeung aradigung ku Kami rek disingkirkeun, sarta maneh di gunung Kami nu suci moal deui-deui ngalawan ka Kami.
12. Nu ku Kami rek disesakeun ngan jelema-jelema anu miskin tur laip, anu mikabutuh pitulung Kami.
13. Urang Israil anu nyesa keneh moal hasud ka batur, moal cidra ka nu lian, moal macikeuh ka saha-saha. Hirupna baris marukti tur aman, moal sieun ku saha-saha.
14. Eh Israil, geura nyanyi, geura surak! Eh Yerusalem, geura gumbira sapinuhna hate!
15. Hukuman maneh ku PANGERAN geus dieureunkeun, musuh-musuh maneh geus disingkahkeun. PANGERAN, Raja Israil, aya di maneh, maneh taya sabab pikeun ngarasa sieun.
16. Bakal datang mangsana maranehna ngaromong ka Yerusalem, ”Maneh, kota Sion, teu kudu sieun, teu kudu ngeplek leungeun.
17. Maneh disarengan ku PANGERAN, Allah maneh, maneh tangtu unggul ku pangawasa Mantenna. PANGERAN bakal mikaresep ka maneh, mikaasih, jeung maparin hirup anu anyar. Ku hal maneh PANGERAN nepi ka ngahariring awahing ku suka galih,
18. sakumaha urang suka bungah dina pesta.” PANGERAN ngandika, ”Balahi ku Kami geus dieuweuhkeun ti maneh, kahinaan maneh geus disingkirkeun.
19. Mangsana geus tereh! Kami rek ngahukum nu ngagencet ka maraneh, nyalametkeun nu parincang, mulangkeun para boyongan. Kahinaanana rek diganti ku kahormatan, sina diparuji ku saalam dunya.

Mazmur 147:1-6
1. Puji PANGERAN! Sabab muji ka Allah teh hade, muji ka Mantenna teh estu bener tur matak resep.
2. PANGERAN ngadegkeun deui Yerusalem, mulangkeun urang ti pangbuangan.
3. Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.
4. Bentang-bentang ku Mantenna dipasti jumlahna, sarta masing-masing dipaparinan ngaran.
5. Gusti urang teh hebat jeung agung kabijaksanaana-Na teu aya wates-wangenna.
6. Kaom lemah ku Mantenna dicengkatkeun, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna diidek dina taneuh.

Amsal 30:18-19
18. Aya opat rupa hal anu ku kami sama sakali henteu kaharti, nya eta:
19. Jalan heulang di awang-awang, jalan oray dina batu karang, jalan kapal di lautan, jeung awewe reujeung lalaki anu eukeur mikacinta.

Wahyu 14:1-20
1. Ti dinya katingal Anak Domba tea aya di Gunung Sion, jeung 144.000 jelema anu tarangna make tulisan jenengan Anjeunna jeung jenengan Rama-Na.
2. Kadenge sora ti langit ngaguruh sada guruhna curug jeung gulugurna guludug, kawas sora kacapi loba dilagukeun.
3. Jelema-jelema anu 144.000 teh nyalanghareup kana tahta, ka mahluk nu opat, jeung ka para sesepuh, nganyanyikeun hiji lagu anyar anu ngan maranehna bae anu bisa. Ti sakumna manusa, ngan maranehna anu geus disalametkeun teh,
4. anu keur di dunyana ngajaga kamurnian diri tara ka awewe, suci ibarat parawan. Ka mana-mana maranehna ngingiring bae ka Anak Domba. Ti sakumna manusa, maranehna mah geus disalametkeun, diheulakeun disembahkeunana ka Allah jeung ka eta Anak Domba.
5. Maranehna tara pisan ngabohong, taya pisan kuciwana.
6. Tuluy kaula ningal hiji malaikat hiber luhur di angkasa, mawa warta hal Injil Kasalametan nu langgeng, embarkeuneun ka nu di bumi, ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara.
7. Eta malaikat cumeluk, ”Sing gimir ku Allah! Puji kaagungana-Na! Geus cunduk waktuna Mantenna nerapkeun hukuman ka manusa. Geura sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sumber-sumber cai!”
8. Malaikat nu kahiji disusul ku nu kadua, anu cumeluk, ”Geus rugrug! Babul nu gede teh geus rugrug! Babul geus ngamabokan sakumna manusa ku anggurna, anggur napsu-napsu kotorna!”
9. Malaikat nu katilu nyusul, cumeluk, ”Sing saha anu nyembah ka si sato jeung ka arcana sarta tarang jeung leungeunna marake tanda eta sato,
10. bakal diinuman ku anggur ti Allah, anggur bebendu-Na anu ku Mantenna geus dieurihkeun sataker tanaga kana lumur bebendu-Na! Bakal disiksa ku seuneu jeung walirang, disaksian ku malaikat-malaikat suci jeung ku Anak Domba.
11. Haseup seuneu panyiksana ngebul mumbul salalanggengna. Nu nyarembah ka si sato jeung ka arcana, anu tarang jeung leungeunna marake tanda ngaran eta sato, tangtu disiksa beurang peuting teu eureun-eureun.”
12. Umat Allah, anu narurut kana timbalan-timbalan Allah jeung satia ka Yesus, ku ieu perkara diingetan kudu tabah.
13. Geus kitu kaula ngadenge aya nu nyoara di sawarga, ungelna, ”Tulis kieu: Bagja jelema-jelema, anu ti semet waktu ieu paehna keur ngawula ka Gusti!” Diwaler ku Roh Allah, ”Saestuna! Maranehna bakal eureun tina gawe beurat, sabab hasil panglayananana salilana bakal ngareujeungan ka maranehna.”
14. Ti dinya katenjo aya mega bodas, dicalikan ku nu jiga manusa, mastaka-Na nganggo makuta emas, panangana-Na nyepeng arit seukeut.
15. Aya hiji malaikat deui kaluar ti Bait Allah, nyoara tarik ka nu keur calik dina mega, ”Babadkeun arit Gusti kana pibuateun, bumi parantos asak, meujeuhna dipibuatan!”
16. Seug nu calik dina mega teh ngayun arit-Na ka bumi, bumi dipibuatan.
17. Aya deui malaikat anu kaluar ti Bait Allah di sawarga, eta oge nyekel arit seukeut.
18. Aya deui malaikat purah ngajaga seuneu kaluar tina altar, nyoara tarik pisan ka malaikat nu nyekel arit seukeut tea pokna, ”Geura pake arit andika, pake ngeureutan ranggeuyan anggur tina tangkalna di bumi, sabab geus arasak!”
19. Seug arit teh diayunkeun ka bumi, ngeureutan ranggeuyan anggur tina tangkalna tuluy dialung-alungkeun kana bak pameresan anggur bebendu Allah.
20. Anggur teh diperesna di luar kota. Anu kaluar tina bak pameresan teh getih, mani ngocor kawas walungan, panjangna tilu ratus kilometer, jerona meh dua meter.