A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Desember 10

Hosea 11:1-11
1. PANGERAN ngandika, ”Kami nyaah ka Israil ti bubudakna, ku Kami disaur sina kaluar ti Mesir, diaku anak.
2. Tapi beuki sering disaur, beuki ngajauhan Kami, umat Kami anggur marere kurban ka Baal, ngarukus ka arca-arca dewa.
3. Padahal Kami anu ngajar Israil leumpang. Umat Kami ku Kami dititimang, Kami nu ngarawatanana, tapi ku maranehna teu diaku.
4. Maranehna ku Kami sok ditatangkeup, bakat ku deudeuh jeung asih. Ku Kami dijungjung diteueul-teueulkeun kana pipi. Kami dongko ngahuapan maranehna.
5. Maranehna teh arembungeun balik ka Kami, ku sabab kitu rek disina baralik deui ka Mesir, jeung sina diparentah ku bangsa Asur.
6. Kota-kotana sina kasapu ku perang, gapura-gapura kotana sina rarubuh. Eta perang bakal ngagempur umat Kami lantaran lampah maranehna sakarep-karep.
7. Maranehna murugul naringgalkeun Kami. Maranehna bakal careurik lantaran diterapan nandang pasangan, tapi moal aya saurang ge nu bakal ngalaan pasanganana.
8. Kumaha rek tega Kami ka maneh, Israil? Kumaha rek tega Kami ninggalkeun ka maneh? Na tega Kami numpes ka maneh cara ka Adma atawa migawe ka maneh cara ka Seboim? Hate Kami moal mikeun! Kaasih Kami ka maneh kacida gedena.
9. Sakumaha Kami amarahna ge ka maneh, moal ngahukum. Kami moal deui-deui numpes ka Israil, karana Kami teh Allah, lain manusa. Ieu Kami Anu Maha Suci, seja reureujeungan jeung maraneh. Kami moal nemonan maraneh bari amarah.
10. Umat Kami bakal naluturkeun ka Kami, saupama Kami geus ngagaur ka musuh-musuhna saperti singa. Maranehna bakal gagancangan muru Kami ti kulon.
11. Ti Mesir maranehna bakal daratang, garancang tinanding manuk. Nu ti Asur garancangna tinanding japati. Kami rek mawa maranehna ka imah-imahna deui. Kami, PANGERAN, geus ngandika.”

Hosea 12:1-14
1. Ti bray beurang nepi ka reup peuting, anu dilampahkeun ku urang Israil taya pisan paedahna tur ngaruksak. Lampah hianat jeung kakejeman maranehna beuki nyebar. Maranehna ngayakeun perjangjian jeung Asur, sarta ngayakeun hubungan dagang jeung Mesir.”
2. PANGERAN kagungan tudingkeuneun ka urang Yuda, sarta ka Israil baris ngahukum ku karana kalakuan jalma-jalmana. Kalakuan maranehna ku Mantenna tangtu dibales.
3. Yakub, karuhun maranehna, ngajejekan saderek kembarna waktu aranjeunna di jero kandungan ibuna keneh. Sanggeus dewasa, Yakub malah tarung jeung Allah,
4. ngagelutan malaikat tur meunang gelutna. Ari geus kitu tuluy nangis jeung mundut diberkahan. Ti dinya Allah ngalayad sarta ngandika ka Yakub karuhun urang, di Betel.
5. Allah nu disebut bieu, nya eta PANGERAN Allah Nu Maha Kawasa. PANGERAN teh jenengana-Na, supaya ku karana eta jenengan Mantenna disembah.
6. Ku sabab kitu, eh turunan Yakub, sing percaya ka Allah maraneh, geura baralik deui ka Mantenna. Sing saratia saenya-enyana, sarta sing sabar ngadago nu baris dijalankeun ku Mantenna.
7. PANGERAN ngandika, ”Urang Israil sarua curangna jeung urang Kanaan, resep ngabobodo langgananana, ngagunakeun timbangan palsu.
8. Ceuk maranehna, ’Urang geus beunghar. Urang pinter cari untung. Moal aya anu bisa nuduh yen urang beunghar teh meunang curang.’
9. Tapi Kami PANGERAN, Allah maraneh, anu nungtun maraneh budal ti Mesir, rek malikkeun deui maraneh caricing di kemah-kemah, cara barang mimiti didatangan ku Kami di gurun keusik.
10. Kami geus ngandika jeung mere tetenjoan-tetenjoan ka nabi-nabi, sarta ku jalan eta nabi-nabi Kami mere pepeling-pepeling ka umat Kami.
11. Tapi keukeuh anu disarembah ku maranehna di Gilad teh brahala-brahala. Eta anu nyarembah ka brahala-brahala teh tan wande paraeh. Altar-altar di Gilgal paragi maranehna ngurban-ngurbankeun sapi, bakal jadi tumpukan-tumpukan batu di tegal-tegal.”
12. Baheula, Yakub karuhun urang, kabur ka Mesopotamia, sarta di ditu, pikeun meunangkeun pigeureuhaeun nepi ka ngawula ka hiji jelema, mangmiarakeun domba-dombana.
13. PANGERAN geus ngutus hiji nabi, dipiwarang ngajait sarta ngurus umat-Na anu keur dikaniaya ku Mesir.
14. Tapi kalakuan urang Israil pohara matak benduna ka PANGERAN. Maranehna pantes sina paraeh lantaran kalakuanana jarahat. Ku PANGERAN tangtu dihukum, lantaran kalakuanana matak ngarendahkeun Mantenna.

Mazmur 139:17-24
17. Mamanahan Gusti keur abdi kacida muskilna, nun Allah, kacida seueurna!
18. Upami eta kedah dietang, seueurna sami sareng keusik. Barang lilir, tetep we abdi teh di Gusti keneh.
19. Nun Allah, kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu jarahat teh ku Gusti dipaehan! Kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu barengis teh undur ti abdi!
20. Maranehna ngagogoreng ka Gusti, ngaromongkeun jahat jenengan Gusti.
21. Kacida abdi ijidna ka jalma-jalma anu ijid ka Gusti! Kacida teu resepna abdi ka jalma-jalma nu ngalawan ka Gusti!
22. Geuleuhna nataku ka nu karitu teh maranehna teh musuh, dianggapna ku abdi.
23. Pariksa diri abdi, rahrah pipikiran abdi, nun Allah, uji, bolekerkeun eusi hate abdi.
24. Kotektak bilih di dinya aya kajahatanana teras tungtun abdi ka jalan nu langgeng.

Amsal 29:22-22
22. Jalma anu barangasan, sering nimbulkeun pacekcokan jeung kaributan.

Yudas 1:1-25
1. Kahatur dumateng dulur-dulur, anu parantos disaur ku Allah, anu diauban ku kaasih Allah nu jumeneng Rama, anu diraksa ku Yesus Kristus. Surat sim kuring, Yudas dulurna Yakobus, rasulna Yesus Kristus.
2. Mugia aranjeun mareunang rahmat rahayu jeung nugraha ti Allah.
3. Dulur-dulur! Barang aya pikiran hayang nyuratan ka aranjeun perkara kasalametan anu geus jadi milik urang sarerea, karasa pisan perluna nyuratan teh, sabab kudu buru-buru ngahatean supaya aranjeun parengkuh kana kayakinan iman paparin ti Allah ka sakabeh umat-Na, sakali keur salalawasna.
4. Urang teh geus kaasupan sawatara jelema anu teu percaya ka Allah, anu muter balik wawaran hal sih kurnia Allah urang, ngarah maranehna laluasa ngalampahkeun kagorenganana. Eta teh henteu ngaraku ka Yesus Kristus anu jadi Panguasa tunggal, Gusti urang. Hukuman pikeun jelema-jelema karitu ti baheula keneh geus disebut-sebut dina Kitab Suci.
5. Allah geus ngajait urang Israil ti Mesir, tapi saterusna umat-Na anu henteu palercaya kana pangandika-Na mah ku Mantenna dibasmi. Aranjeun geus tarerang hal eta tapi ku sim kuring ayeuna diingetan deui.
6. Sarta sing aringet oge, malaikat-malaikat anu parundung ti tempatna lantaran teu sarugema ku pangkatna, ku Allah diberok di tempat anu poek mongkleng di handap, dibarogod ku rante langgeng, ngadago hukumanana engke dina poe nu hebat.
7. Nya kitu deui halna urang Sadumu jeung Gomora jeung kota-kota anu dareukeut ka dinya. Eta oge cara malaikat-malaikat anu jarahat tea, jeung baroga kabiasaan sambung sahwat henteu wajar sarta kacida aebna. Maranehna manjing siksa seuneu langgeng, conto goreng pikeun ngelingan manusa.
8. Anu nyarulusup ka urang tea oge jalma-jalma kawas kitu, katut jeung pangimpian-pangimpianana. Awakna diparake kana hal-hal anu najis. Maranehna ngarerendah kakawasaan Allah, jeung ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.
9. Padahal Mikail ku anjeun, kapala malaikat, tara kitu. Waktu anjeunna padu jeung Iblis parebut hak kana layon Musa, teu wantuneun nganggo kecap-kecap anu sipatna ngahina, ukur nyaurkeun kieu, ”Sing dibendon anjeun ku Allah!”
10. Ari jelema-jelema anu kasebut bieu, geus wani ngayehkeun kana hal-hal anu tacan katepi ku pangartina, kakara ceuk nalurina anu henteu jeung pikiran, kawas sato bae. Tangtu dirina keneh anu bakal katempuhan.
11. Pasti cilaka eta jelema-jelema teh! Lampahna nuturkeun jalan anu disorang ku Kain. Ari kana piduiteun sok nepi ka make cara anu dijalankeun ku Balhum. Sipatna ngalawan ngala ka Korah anu ngabaha tea. Maranehna oge tangtu carilaka cara Korah.
12. Dina dahar ngariung jeung sajamaah ngadon marabok pikageuleuheun, lir kokotor anu namblog dina dahareun. Teu baroga kaera, sararakah dapon ngareunah sorangan. Kalakuanana ibarat mega ditiup angin tapi teu nurunkeun hujan; ibarat tangkal nu tara buahan kajeun keur usum, cara tangkal anu geus rungkad jeung akar-akarna, kawas tangkal paeh.
13. Pametana cara ombak laut, sarawak-suruwuk tuluy ngabudah, teu baroga kaera, lir bentang idor salah jalan, anu ditempatkeunana ku Allah di nu salawasna poek ngajumbleng.
14. Hal jelema-jelema anu kawas kieu baheula geus diwejangkeun ku Hanok, turunan Adam anu katujuh, kieu, ”Pangeran baris sumping diiring ku mangrebu-rebu malaikat anu saruci,
15. kersa-Na mariksa perkara sakabeh jelema, baris ngahukum ka sakur anu kalakuanana doraka, anu omong-omonganana nyarogok ngalawan ka Mantenna!”
16. Ka nu sejen gawena ngan kukulutus jeung nyalah-nyalahkeun; hirup ngumbar napsu nu doraka, maruji maneh, tapi ka anu aya piuntungeunana mah mani ngugung-ngugung.
17. Tapi dulur-dulur sing aringet kana kasauran rasul-rasulna Gusti urang Yesus Kristus, bareto.
18. Geuning saur aranjeunna kieu, ”Mun geus deukeut kana ahir jaman, bakal aya anu daratang maroyokan ka aranjeun, jalma-jalma purah ngumbar napsu anu doraka.”
19. Eta jelema-jelema teh bakal ngayakeun pabengkahan, hirupna diranjah ku hawa napsuna, henteu diancikan ku Roh Suci.
20. Tapi sing tagen, dulur-dulur! Masing ajeg ngadeg dina kayakinan iman, sabab iman eta teh iman anu pangsuci-sucina. Kudu neneda ka Allah bari muntang kana kakawasaan Roh Suci.
21. Sing hirup nyalindung kana asihing Allah, sapanjang aranjeun ngaharepkeun nugraha Gusti urang Yesus Kristus, anu baris nyandak urang kana hirup anu sayakti jeung langgeng.
22. Jeung kudu karunya ka batur anu keur bingbang hirupna.
23. Kenyang jalma-jalma tina jero seuneu sina saralamet. Ka nu sejenna kudu nembongkeun rasa karunya campur kasieun, tapi kudu geuleuh kana ”papakeanana” anu lamokot ku hawa napsuna anu pikagirukeun.
24. Ka Mantenna, anu kawasa ngaraksa ka aranjeun sangkan hirup aranjeun henteu labuh, anu kawasa nyandak aranjeun ka payuneun kamulyaana-Na dina kaayaan bagja jeung tanpa cela,
25. ka Mantenna, Allah nu jadi Jurusalamet urang ku karana Yesus Kristus Gusti urang, kasanggakeun kamulyaan, kaagungan, kadigjayaan jeung kakawasaan, ti baheula-baheula, nepi ka ayeuna, nepi ka engke, salalanggengna! Amin.