A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 7

Yehezkiel 5:1-17
1. PANGERAN nimbalan, ”Eh anak manusa, cokot pedang anu seukeut. Cukur janggot jeung buuk maneh ku eta nepi ka beak. Buukna timbang dina taraju, tuluy jieun tilu gunduk.
2. Nu sagunduk duruk di jero kota anu geus henteu dikepung deui. Sagunduk deui cacag ku eta pedang sakurilingna. Anu sapertilu deui awurkeun sina kabawa ku angin sarta baris diberik ku pedang Kami.
3. Sesakeun buuk teh, tungkus dina kelin baju.
4. Tuluy cokot saeutik ti dinya, purulukkeun kana seuneu nepi ka beak. Seuneuna bakal mancawura ka sakumna bangsa Israil.”
5. PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Awaskeun, Yerusalem teh ku Kami dipernahkeunana di puseur dunya, dikuriling ku nagri-nagri.
6. Tapi Yerusalem ngalawan kana parentah-parentah Kami, leuwih jahat ti batan bangsa-bangsa sejen, leuwih bahula ti batan nagri-nagri sakurilingna. Parentah-parentah Kami ditolak, papakon-papakon ti Kami teu dilakonan.
7. Ku sabab eta eh Yerusalem, dengekeun ieu sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Ku lantaran maneh teu nurut kana papakon-papakon ti Kami, henteu ngalakonan parentah-parentah Kami, maneh leuwih-leuwih nya ngajengkelkeun alah batan ti bangsa-bangsa anu sakuriling maneh. Maneh kalah ka muja kana adat kabiasaan bangsa-bangsa batur.
8. Ku sabab kitu Kami, PANGERAN Nu Maha Agung ngucapkeun kieu: Kami ngamusuh ka maneh. Maneh bakal disiksa tur kasaksian ku bangsa-bangsa sejen.
9. Ku Kami moal teu disiksa, lantaran maneh geus nyieun kalakuan pikangewaeun Kami, eh Yerusalem! Acan kungsi Kami nyiksa nepi ka kitu, tur ka hareupna moal deui-deui nyiksa nepi ka kitu.
10. Ku banget-bangetna eta siksaan, di Yerusalem teh indung jeung bapa nepi ka tega ngahakan anak, anak oge nepi ka ngahakan indung bapa. Nepi ka kitu bangetna siksaan ti Kami. Ari sakarina anu harirup keneh, ku Kami arek diawurkeun ka mana mendi.
11. Demi Kami teh Allah anu jumeneng — kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung — ku lantaran maneh nganajiskeun Bait Kami ku sagala kajahatan jeung ku rupa-rupa kalakuan anu pikaijideun, tanpa ampun maneh ku Kami baris diancurkeun.
12. Sapertilu jalma-jalma maneh bakal paraeh ku panyakit jeung ku kalaparan di jero kota; sapertiluna deui bakal dibabadan ku pedang di luareun kota, sapertiluna deui rek dibacacarkeun ka sagala jurusan sarta diudag ku pedang.
13. Maneh bakal ngarasa hebatna Kami ngamuk ngabudalkeun amarah nepi ka hate Kami puas. Lamun geus kitu, tangtu maraneh yakin yen Kami, PANGERAN ngandika kieu teh lantaran geus teu kuat ku kateusatiaan maneh.
14. Tiap jalma ti bangsa-bangsa sakurilingeun maneh, ana ngaliwat ka maneh bakal maroyok jeung ngajarauhan.
15. Waktu maneh keur diamuk ku amarah Kami sarta dihukum, sakabeh bangsa di sakurilingeun maneh bakal katarajang sieun, saterusna bakal moyok jeung mikaijid ka maneh.
16. Bekel maneh ku Kami bakal dikoredaskeun, nepi ka maneh langlayeuseun. Bakal karasa ku maneh kumaha nyerina kalaparan, saibarat katiir ku jamparing seukeut, matak tiwas.
17. Anak-anak maneh bakal paraeh kalaparan jeung ku sato galak. Kami bakal ngadatangkeun panyakit-panyakit, katelengesan, jeung perang, pikeun maehan maneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”

Yehezkiel 6:1-14
1. PANGERAN nimbalan ka kaula,
2. ”Eh anak manusa, teuteup pagunungan Israil, sarta ucapkeun ieu amanat Kami.
3. Bejakeun ka eta pagunungan Israil, dengekeun kituh sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, anu baris diucapkeun ka gunung-gunung, pasir-pasir, jungkrang-jungkrang, jeung lebak-lebakna. Kieu: Kami rek ngadatangkeun hiji pedang, geusan nyacar tempat-tempat anu ku urang dinya diparake muja ka brahala-brahala.
4. Altar-altarna bakal dirugrug-rugrugkeun, parukuyan-parukuyanana bakal diremuk-remukkeun. Jelemana bakal ditumpes, paraeh hareupeun brahala-brahalana.
5. Bangke-bangke urang Israil bakal patulayah, tulang-talengna bakal pabalatak di saputereun altar-altarna.
6. Nagri-nagri Israil bakal ditumpurkeun, altar-altar jeung brahala-brahalana bakal diajur-ajurkeun, parukuyan-parukuyanana bakal diraremukkeun, sagala rupa jijieunan maranehna bakal dimusnakeun.
7. Jalma-jalma di ditu di dieu bakal diparaehan, nepi ka sesana anu harirup keneh eling, yen Kami teh PANGERAN.
8. Sawareh ku Kami arek dihaja luput ti anu mareuncit, arek disebar ka bangsa-bangsa sejen,
9. sina hirup di pangbuangan. Sina areling di dinya, sina ngarasa, yen nu matak Kami nepi ka ngahukum jeung ngaragragkeun martabatna teh lantaran hatena henteu satia ka Kami, geus narukangan Kami, leuwih resep muja ka brahala ti batan ngabakti ka Kami. Maranehna bakal geuleuh ka dirina sorangan, dumeh geus nyieun kajahatan jeung kalakuan anu ngaragragkeun martabatna.
10. Sina karasaeun ku maranehna yen Kami teh PANGERAN, sarta peringetan-peringetan Kami lain ancaman kosong.”
11. PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, ”Ulang-ulang leungeun maneh, suku tenjrag-tenjragkeun! Tuluy gegerungan, nandakeun kaduhung ku sagala kajahatan jeung kalakuan Israil anu pikaijideun. Maranehna bakal paraeh ku perang, ku kalaparan, jeung ku panyakit.
12. Nu jarauh bakal garering jeung paraeh; nu dareukeut bakal paraeh ku perang, sesana bakal paraeh lantaran kalaparan. Maraneh bakal ngarasakeun hebatna amarah Kami.
13. Bangke-bangke bakal patulayah pacampur jeung brahala-brahala jeung altar-altarna, bacacar di puncak pasir luhur, di unggal puncak gunung, di unggal handapeun tangkal anu gomplok, di unggal handapeun tangkal anu gede, cindekna di unggal tempat paranti maranehna ngaduruk kurban ka brahala-brahala. Maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.
14. Saestuna, panangan Kami bakal nyolongkrong ngabasmi nagri maranehna, rek dijieun suwung, mimiti ti gurun keusik beulah kidul, nepi ka Ribla beulah kaler; unggal tempat padumukan urang Israil ku Kami hamo aya anu dikarikeun. Geus kitu unggal jalma bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN.”

Mazmur 119:169-176
169. Mugi panyambat abdi dongkap ka Gusti, nun PANGERAN, abdi nyuhunkeun pangarti, sakumaha jangji Gusti.
170. Dangukeun paneda abdi, salametkeun abdi, sakumaha jangji Gusti.
171. Salamina abdi bade muji ka Gusti, lantaran parantos diwulang perkawis hukum-hukum Gusti.
172. Abdi seja nganyanyikeun hukum Gusti, margi parentah-parentah Gusti teh adil.
173. Gusti salamina tangtos kersa nulungan abdi, margi abdi ngestokeun parentah Gusti.
174. Abdi kumejot hayang salamet ku pitulung Gusti, nun PANGERAN, tur ngaraos bagja hirup dina hukum Gusti.
175. Pasihan abdi hirup, supados muji ka Gusti mugi aturan-aturan Gusti teh sing nulung ka abdi.
176. Abdi sapertos domba sasab apruk-aprukan, mugi abdi Gusti teh pilarian, ku margi tara ingkar tina hukum-hukum Gusti.

Amsal 28:14-14
14. Kudu sieun ku PANGERAN sapapanjangna, sangkan bagja, da ari wangkelang mah tangtu cilaka.

Ibrani 3:1-19
1. Dulur-dulur sasama Kristen! Aranjeun ge geus disalaur ku Allah. Puseurkeun hate ka Yesus, anu ku Allah diutus jadi Imam Agung agama anutan urang.
2. Yesus satia ka Allah, anu ngangkat Anjeunna nyepeng eta padamelan, saperti Musa anu satia nohonan papancen di gedong Allah.
3. Tapi Yesus leuwih agung ti batan Musa, ibaratna nu nyieun imah leuwih diajenan ti batan imah jieunna.
4. Imah tangtu aya anu nyieunna, ari saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.
5. Musa satia ngawula di gedong Allah, bari ngutarakeun hal-hal anu diandikakeun ku Allah ngeunaan jaman nu bakal datang.
6. Tapi kasatiaan Kristus mah kasatiaan nu jadi Putra, anu kagungan rasa tanggung jawab perkara gedong Allah. Ari nu disebut gedong Allah nya eta urang, lamun urangna tetep junun kana hal anu dijieun pangharepan.
7. Jadi, sakumaha nu diandikakeun Roh Suci, nya eta, ”Lamun maraneh poe ieu ngadarenge gentra Allah,
8. ulah basangkal cara karuhun maraneh, ngalawan ka Allah, waktu maranehna ngadoja ka Mantenna di gurun keusik.
9. Maranehanana ka Kami ngadoja, nyoba, timbalan Allah, padahal maranehna geus narenjo anu ku Kami dipigawe salila opat puluh taun.
10. Ku sabab kitu Kami jadi ambek, nepi ka nimbalan kieu, ʼIeu jelema-jelema teh daroraka sapapanjangna, arembungeun bae ngagugu parentah-parentah Kami.ʼ
11. Awahing ku ambek Kami sumpah, ʼMaranehanana moal jadi diasupkeun ka tanah anu ku Kami dijangjikeun, ku Kami moal dibere reureuh!ʼ ”
12. Dulur-dulur sakapercayaan! Sing ati-ati, ulah aya anu boga hate jahat jeung teu percayaan kawas kitu nepi ka nukangan Allah anu jumeneng.
13. Sabalikna, supaya ulah nepi ka aya anu kabengbat ku dosa nepi ka jadi jelema jahat, kudu silih tulungan unggal-unggal poe, salila hirup di jaman anu dina Kitab Suci disebut ”Poe ieu”.
14. Sabab urang teh kabeh geus jadi kanca-kanca Kristus, asal pengkuh nepi ka ahir nyekel kayakinan anu geus jadi cecekelan ti awalna.
15. Sing aringet, kumaha ceuk Kitab Suci tea, ”Lamun maraneh poe ieu ngadarenge gentra Allah, ulah basangkal cara karuhun maraneh, ngalawan ka Allah.”
16. Jelema-jelema anu mana anu ngadarenge gentra Allah tapi ngaralawan teh? Nya eta jelema-jelema anu ku Musa dibawa budal ti Mesir tea, kabeh.
17. Ka saha Allah bendu nepi ka opat puluh taun teh? Ka jelema-jelema anu daroraka tea, nepi ka maranehanana tinggolepak maraot di gurun keusik.
18. Timbalan Allah anu ungelna, ”Maranehna moal dibikeun arasup ka tanah keur tempat reureuhna, sanajan ku Kami geus dijangjikeun” — ka saha ditujulkeunana? Ka jelema-jelema anu ngaralawan tea.
19. Jadi eces, pang maranehna teu kungsi arasup ka eta tanah teh lantaran teu palercayaeun.