A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 29

Daniel 1:1-21
1. Dina katilu taunna Yoyakim ngarajaan nagri Yuda, kota Yerusalem ditempuh jeung dikepung ku Raja Nebukadnesar ti Babul.
2. Pangeran ngidinan eta raja ngelehkeun Raja Yoyakim jeung ngajabel sabagian rajabrana Bait Allah. Mulihna nyandak tawanan, ngabujeng ka kuil dewa-dewana di Babul. Ari harta rampasan disimpen di enggon dunyabrana di eta kuil.
3. Sang Raja nimbalan ka Aspenas, kapala rumah tangga karaton, sangkan meting sawatara bangsa Israil anu katawan, nu ngarora, turunan raja atawa turunan ningrat.
4. Nu dipilih kudu nu karasep, seukeut uteuk, cukup didikan, calakan, tur mulus walagri, sangkan bisa diangkat jadi abdi karaton. Ku Aspenas kudu diajar maca jeung nulis dina basa Babul.
5. Timbalan raja deui, daharna, nginumna, unggal poe kudu sarua jeung katuangan urang karaton. Sanggeus tilu taun kudu dideuheuskeun ka raja.
6. Di antara nu kapilih aya: Daniel, Hananya, Misael, jeung Asaria, kabeh asal ti kaom Yuda.
7. Ku kapala rumah tangga karaton jenenganana teh dilandi jadi: Beltesasar, Sadrah, Mesah, jeung Abednego.
8. Tapi Daniel geus nekadkeun moal seja ngarurujit diri ngarempak cegahan agama ku kadaharan jeung inuman ti karaton. Nya mundut tulung ka Aspenas.
9. Kersaning Allah Aspenas wet resep ka Daniel.
10. Ngan ku sabab sieun ku raja, anjeunna ngawaler ka Daniel, kieu, ”Kumaha atuh, da raja geus netepkeun kitu, boh dahareun boh inumeun. Mun engke tingalieun awak ujang mundur teu nyumponan sarat cara nu lian-lianna, palangsiang kami dipaehan.”
11. Ku sabab eta Daniel nepungan jaga, anu ku Aspenas dibakukeun ngurus anjeunna sarerencangan. Saurna:
12. ”Cobi heula abdi opatan di lebet sapuluh dinten, neda bangsa sayuran, ngarot cai herang.
13. Lajeng bandingkeun hasilna sareng nonoman-nonoman sanes anu nareda sareng ngarotna katuangan sareng leueuteun ti karaton. Mangga engke taksir kumaha katingalina.”
14. Pamundutna disaluyuan, heug dicoba sapuluh poe.
15. Sabadana, tetela hasilna leuwih nyugemakeun ti batan nonoman-nonoman anu dirangsom ti karaton. Leuwih sehat, leuwih kuat.
16. Ti semet harita, tetep taruangna teh bangsa sayuran, lain katuangan ti karaton anu ditangtukeun ku raja.
17. Ieu opat nonoman ku Allah dipaparin pangaweruh, paham kana kasusastran jeung palsapah. Kajaba ti kitu Daniel mah ku Allah dipaparin kaahlian nerangkeun harti tetenjoan jeung impian.
18. Tutas tilu taun anu ditempokeun ku raja, para nonoman teh ku Aspenas dideuheuskeun ka Nebukadnesar.
19. Waktu dicandak sasauran, sang raja pohara katarikna ku Daniel, Hananya, Misael, jeung Asaria, leuwih ti ka nu lian. Nya tuluy diangkat jadi abdi-abdi di karaton raja.
20. Mun ku raja dipariksa tina sual naon bae atawa tina masalah nu kumaha bae, kauningana ieu opat nonoman teh sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan.
21. Ari Daniel aya di karaton raja teh nepi ka mangsa Babul ditalukkeun ku Raja Kores ti Persia.

Daniel 2:1-49
1. Dina kadua taunna Nebukadnesar jumeneng raja, anjeunna ngimpen. Impenanana ngabarubahkeun manahna, nepi ka teu iasa kulem deui.
2. Ku sabab kitu tuluy anjeunna manggil tukang-tukang ngaramal, dukun-dukun, tukang-tukang jampe, jeung tukang-tukang sihir, sina nerangkeun impenanana. Sanggeus maranehna karumpul di payuneun raja,
3. raja ngandika, ”Kami teu garenah hate ku impian. Kami hayang nyaho pihartieunana.”
4. Wangsul maranehna, dina basa Aram, ”Mugia Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna! Sumangga impenan teh dawuhkeun, pihartoseunana bade diterangkeun.”
5. Dawuhan raja, ”Pakarepan kami, maraneh lain ngan kudu nerangkeun pihartieunana, tapi kudu jeung bari neguh impianana. Lamun teu barisa, awak maraneh baris diteukteukan sabagian-sabagian, sarta imah maraneh dirubuh-rubuhkeun.
6. Sabalikna lamun bisa neguh eta impian, jeung nerangkeun naon hartina, ku kami tangtu diganjar, nya barang, nya kahormatan. Pek impianana caritakeun, tuluy terangkeun hartina.”
7. Ari warangsulna, ”Sadaya-daya, upami Gusti nyaurkeun impenanana, abdi sadaya sanggem nerangkeunana.”
8. Dawuhan raja, ”Bener bae sakumaha pangira kami, maraneh rek ngulur waktu, lantaran ngarasa
9. bakal narima hukuman anu sarua lamun teu bisa nerangkeun. Tangtuna ge maraneh baris sapongkol ngarang-ngarang pihartieunana, ngabobodo ka kami, reujeung harepan sangkan kami ngarobah putusan. Sebutkeun heula impianana, kakara kami percaya yen maraneh bisa nerangkeun pihartieunana.”
10. Eta para jurunasehat ngawangsul deui, ”Dawuh timbalan, di sadunya moal aya nu tiasa ngunjukkeun perkawis sarupi kitu ka linggih Gusti. Teu acan aya raja, dalah anu pangagungna sareng pangkawasana oge, anu kitu pamundutna ka tukang-tukang torahna, atanapi ka dukun-dukunna kitu deui ka tukang-tukang sihirna.
11. Anu dipundut ku Gusti teh abot teuing, dugi ka moal aya nu tiasa nyubadanan kajabi ti dewa-dewa. Nanging dewa-dewa mah cicingna sanes di manusa.”
12. Raja ngagidir awahing ku wera, tuluy nimbalan, supaya sakabeh jurunasehat nu aya di Babul dipaehan.
13. Parentah ngahukum dikaluarkeun, supaya eta jelema-jelema diparaehan, kaasup oge Daniel jeung rencang-rencangna.
14. Ari Daniel tuluy nepangan Ariok, pamingpin pangawal raja, anu dipiwarang ngalaksanakeun hukuman tea. Kalawan ati-ati pisan anjeunna naroskeun ka Ariok,
15. naon sababna sang raja ngaluarkeun parentah anu sakitu kerasna. Ku Ariok dibejakeun hal ihwalna.
16. Harita keneh Daniel ngadeuheus ka raja, mundut heula waktu pikeun ngamanah-manah pihartieun impenan raja. Ku raja kawidian.
17. Geus kitu Daniel mulih, wawartos ka Hananya, Misael jeung Asaria.
18. Anjeunna ngajak neneda ka Allah nu di sawarga, nyuhunkeun sih kurnia-Na, nyuhunkeun diterangkeun perkara impenan raja, sangkan ulah milu dipaehan jeung para jurunasehat urang Babul tea.
19. Peuting eta keneh eta kagaiban impenan raja teh kabuka ku Daniel, dina hiji titingalian. Seug anjeunna muji ka Allah nu disawarga:
20. ”Maha bijaksana Allah, maha kawasa. Puji sapapanjangna.
21. Mantenna ngatur waktu, ngolah mangsa. Mantenna ngadegkeun raja, Mantenna nu ngarurudna. Nya Mantenna anu maparin hikmat jeung pangarti.
22. Mantenna ngebrehkeun nu jero-jero, nu gaib-gaib. Tingali ka nu nyamuni di nu poek, tur Mantenna ku anjeun kaliputan ku cahya.
23. Puji sukur ti abdi, nun Allahna karuhun abdi, wireh abdi dipaparinan hikmat katut kakiatan, reh panuhun abdi dikabul, diebrehan perkawis anu kedah diunjukkeun ka raja.”
24. Daniel nepangan deui Ariok, anu ku raja dipapancenan ngalaksanakeun hukuman ka para ahli tea. Saurna, ”Para ahli teh ulah waka dipaehan. Deuheuskeun abdi ka raja, bade ngunjukkeun perkawis impenanana.”
25. Harita keneh Daniel ku Ariok dideuheuskeun ka Raja Nebukadnesar. Piunjuk Ariok ka raja, ”Abdi sumeja nyanggakeun hiji jalmi tawanan bangsa Yahudi, anu sanggem nerangkeun impenan Sang Raja.”
26. Raja mariksa ka Daniel, nu dilandi Beltesasar tea, saurna, ”Nyaho maneh impian kami sarta jeung nerangkeun hartina?”
27. Daniel ngawangsul, ”Kangjeng Raja, kana perkawis eta, moal aya tukang sihir, jurutenung, dukun, atanapi ahli palak anu tiasa nerangkeun.
28. Nanging di sawarga aya nu jumeneng Allah, anu kawasa muka nu gaib-gaib, Mantenna parantos nembongkeun ka Kangjeng Raja perkawis engke ka payun. Ayeuna impenan Gusti, anu katingali nalika keur kulem, ku abdi sumeja disanggemkeun.
29. Salebeting kulem, Kangjeng Raja ngimpen perkawis engke ka payun. Allah, anu muka rasiah nu gaib-gaib, ka Gusti parantos mintonkeun nu baris kajadian ka payun.
30. Ayeuna eta rasiah teh parantos diebrehkeun ka abdi. Sanes ku margi abdi pinter ngungkulan nu lian, nanging supados Gusti uninga kana hartosna eta impenan, sareng supados ngahartos kana pikiran-pikiran anu dongkap ka Gusti.
31. Kangjeng Raja, Gusti ngimpen ningali hiji arca raksasa, herang gugurilapan, nanging bangunna pikasieuneun.
32. Sirahna tina emas murni, dada sareng leungeunna tina perak. Cangkeng sareng bobokongna tina tambaga,
33. pingpingna tina beusi, sukuna sapalih tina beusi, sapalih tina taneuh liket.
34. Sabot Gusti neuteup eta arca, aya batu ageung anu bongkar tina hiji gunung karang, padahal teu aya anu noel-noel acan, teras ngagulundung neumbrag kana suku arca anu tina beusi sareng taneuh liket tea dugi ka remuk.
35. Sapada harita keneh eta arca ngarempeyek, beusina, taneuh liketna, tambagana, perakna sareng emasna bareng ancur, bubuk lembut sapertos kekebul di tempat pangirikan di musim halodo, lajeng katiup angin, beresih teu aya urut-urutna. Dupi batu tea wuwuh ageung, dugi ka ngajadi gunung sareng minuhan bumi sakuliahna.
36. Kitu impenanana. Ayeuna abdi sumeja ngahaturkeun pihartoseunana.
37. Kangjeng Raja, Gusti teh raja anu pangagungna ti sadaya raja-raja. Ku Allah anu jumeneng di sawarga parantos dijenengkeun raja, dipaparin kakawasaan, kagagahan, sareng kahormatan.
38. Ku Mantenna dikersakeun murba ka sakuliah bumi katut nu nyicinganana, sarta murba ka sasatoan sareng manuk-manuk ka Gusti sami taraluk. Sirah anu tina emas teh nya Gusti ku anjeun.
39. Sapandeurieun Gusti, pingadegeun hiji karajaan, kirang mulyana ti karajaan Gusti. Sapandeurieun eta, aya deui karajaan katilu, anu dilambangkeun tambaga, anu bakal ngawasaan sakuriling bumi.
40. Saparantos eta, aya karajaan anu kaopat, anu kakiatanana lir teuasna beusi. Sakumaha beusi kiat ngaremukkeun sareng ngancurkeun saniskanten, eta karajaan oge bakal ngaremukkeun sareng ngancurkeun karajaan-karajaan anu ti payun-payun tea.
41. Katingali oge ku Gusti, sukuna sareng ramo-ramona sabagian tina taneuh liket, sabagian deui tina beusi. Ieu hartosna, eta karajaan teh kabagi-bagi. Eta karajaan gaduh oge kakiatan sapertos beusi, margi taneuh liket teh pacampur sareng beusi.
42. Ramo-ramona sapalih beusi sapalih taneuh liket, nawiskeun eta karajaan teh sabagian kiat, sabagian deui lemah.
43. Katingali ku Gusti beusi campur sareng taneuh liket. Ieu nawiskeun para pangereh eta karajaan ihtiar ngahijikeun warga-wargana ku jalan kawin campur pacorok jodo, nanging teu tiasa raket, sakumaha beusi moal tiasa dalit sareng taneuh liket.
44. Nalika eta karajaan-karajaan tea ngadeg, Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, malah bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna.
45. Perkawis eta, kaimpenkeunana ku Gusti aya batu ngagulundung, anu bongkar tina gunung karang kalayan teu aya anu noel-noel acan, teras neumbrag eta arca tina beusi, tambaga, taneuh liket, perak sareng emas. Allah anu agung parantos mintonkeun ka Gusti, hiji perkawis nu baris kajadian ka payun. Kitu kaulanun, impenan Gusti, sareng kitu pihartoseunana.”
46. Bruk Raja Nebukadnesar sujud ka Daniel. Ti dinya lajeng marentah, sangkan Daniel dibaktian ku kurban-kurban jeung rupa-rupa pangbakti.
47. Geus kitu sasauran ka Daniel, ”Allah anjeun pangagungna ti sakabeh allah, Gustining raja-raja, hiji-hijina Allah anu iasa muka anu gaib-gaib. Kami yakin kana eta perkara, sabab anjeun geus bisa nerangkeun sakabeh rasiah hal-hal anu gaib.”
48. Ti dinya Daniel dipaparin hiji kalungguhan luhur, kitu deui dipaparin ganjaran, barang-barang nu arendah, dipaparin cangkingan di propinsi Babul tur dijadikeun kapala sakabeh jurunasehat raja.
49. Tapi kalawan pamundut Daniel, eta kalungguhan pikeun nyekel pamarentahan propinsi Babul teh ku raja dicangkingkeun ka Sadrah, Mesah, jeung Abednego. Ari Daniel ku anjeun, tetep nyepeng kalungguhan di karaton raja.

Mazmur 135:15-21
15. Dewa bangsa-bangsa dijieunna tina perak jeung emas, bubuatan leungeun jelema.
16. Sungutan tapi teu bisaeun lemek, mataan tapi teu bisaeun neuleu.
17. Ceulian tapi teu bisaeun ngareungeu, sungutna taya napasan.
18. Muga anu nyarieunna jeung anu nyarembahna ge sing jaradi cara arca-arca bubuatanana!
19. Paruji PANGERAN, eh urang Israil! Paruji Mantenna, eh imam-imam Allah!
20. Paruji PANGERAN, eh urang Lewi, paruji Mantenna, eh nu ngabarakti ka Mantenna!
21. Pinuji PANGERAN di Sion, di Yerusalem, panglinggihana-Na. Paruji PANGERAN.

Amsal 29:10-10
10. Tukang aus getih mah ka jalma jujur teh ijid. Tapi jalma-jalma anu balener, ka nu jujur teh ngabela.

1 Petrus 5:1-14
1. Ka para kokolot jamaah sim kuring arek meredih, da sim kuring oge sarua jadi kokolot jamaah, jeung jadi saksi tina kasangsaraan Kristus, jeung bakal milu mulya lamun Anjeunna geus nganyatakeun salira.
2. Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.
3. Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.
4. Engke di mana Gusti Pangangon Agung sumping, aranjeun bakal narima makuta anu kamulyaanana moal susut moal aya sudana.
5. Ari aranjeun barudak ngora, ka nu leuwih kolot masing ngesto. Aranjeun kudu ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati.”
6. Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.
7. Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.
8. Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.
9. Lawan, sing teguh iman. Inget, nu sejen oge anu sakapercayaan jeung aranjeun di sakuliah dunya sarua nandangan sangsara kitu.
10. Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, anu geus nyaur aranjeun sangkan milu kana kamulyaana-Na ku jalan satunggal jeung Kristus, bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.
11. Nya Mantenna anu kagungan kakawasaan salalanggengna. Amin.
12. Ieu surat anu pondok nulisna dibantuan ku Silas, anu ku sim kuring dianggap dulur Kristen anu satuhu, pikeun ngadorong jeung ngayakinkeun ka aranjeun, yen anu ditulis dina ieu surat teh estu sih kurnia Allah. Eta rahmat Mantenna ku aranjeun kudu terus dipuntangan.
13. Aya salam ti dulur-dulur di jamaah Babul, anu papada geus disaur ku Allah, kitu deui ti anak sim kuring ki Markus.
14. Sing silih pikasono, silih rangkul anu kajurung ku kanyaah iman Kristen. Mugia Gusti maparin katengtreman batin ka aranjeun nu jadi milik Kristus.