A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 23

Yehezkiel 37:1-28
1. Kaula ngarasa aya dina kakawasaan PANGERAN, sarta ku Roh Mantenna kaula dibawa, terus diturunkeun di hiji lebak anu pinuh ku tulang-taleng.
2. Ti dinya dibawa ngurilingan eta lebak. Tulang-taleng teh kacida reana jeung geus gararing.
3. Mantenna ngalahir, ”Eh anak manusa, kumaha eta tulang-taleng teh bisa harirup deui?” Kaula ngawangsul, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti nu langkung uninga!”
4. Dawuhana-Na, ”Ucapkeun ieu ramalan ka eta tulang-taleng. Bejakeun ka eta tulang-taleng nu gararing, barandungan kituh ieu ucapan PANGERAN.
5. Bejakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngandika kieu ka maranehna: Maraneh rek diasupan napas, dihirup-hirupkeun deui.
6. Rek dilengkepan ku urat sarap jeung otot sarta ditutup ku kulit, tuluy diasupan napas sangkan harirup deui. Geus kitu maraneh bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”
7. Seug kaula ngucapkeun ramalan sakumaha anu dipiwarang. Sabot kaula ngomong keneh, kadenge tulang-taleng teh disarada trak-trek-trok, tuluy mimiti nyararambung.
8. Sabot diawaskeun, tulang-taleng anu geus nyararambung teh geus katutup ku urat sarap, ku otot-otot jeung ku kulit, ngan can aya ambekanana.
9. Allah ngadawuh ka kaula, ”Eh anak manusa, ramalkeun ieu ka angin. Bejakeun ka angin yen dipiwarang ku PANGERAN Nu Maha Agung kudu daratang ti saban juru, geusan mere napas ka ieu jasad-jasad nu paraeh sina harirup deui.”
10. Seug kaula ngaramal numutkeun timbalana-Na. Sup napas arasup kana eta jasad-jasad, sarta jasad-jasad teh harirup tuluy narangtung. Ari lobana cukup keur ngawangun hiji angkatan perang.
11. Allah ngadawuh ka kaula, ”Eh anak manusa, urang Israil teh sakumaha eta tulang-taleng. Carekna, maranehna teh geus gararing, geus pegat hamo bisa menyat.
12. Ku sabab kitu ramalkeun kieu ka eta umat Kami Israil, bejakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, baris muka kuburan maranehanana. Maranehanana ku Kami arek dikaluarkeun tina kuburan, rek dipulangkeun ka tanah Israil.
13. Saupama tempat-tempat umat Kami dikubur tea ku Kami geus dibuka, sarta maranehanana dikaluarkeun ti dinya, bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.
14. Maranehna rek diasupan napas Kami sina harirup deui, sina nyaricingan tanahna sorangan. Geus kitu bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN. Kitu ikrar Kami, ku Kami tangtu dijalankeun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
15. PANGERAN ngadawuh deui ka kaula.
16. ”Eh anak manusa,” dawuhana-Na, ”maneh kudu nyokot hiji iteuk kai, ukir ku tulisan anu unina: ’Karajaan Yuda’. Geus kitu nyokot hiji deui, ukir ku tulisan nu unina ’Karajaan Israil’.
17. Geus kitu eta dua iteuk teh tungtung pada tungtung keupeul sina siga ngan hiji.
18. Di mana bangsa maneh menta katerangan pihartieunana,
19. caritakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, bakal nyokot eta iteuk anu ngalambangkeun Israil, rek dihijikeun jeung iteuk anu ngalambangkeun Yuda. Tina eta dua iteuk, Kami rek nyieun hiji iteuk anu baris digenggem ku Kami.
20. Cekel ku leungeun maneh eta dua iteuk teh, jeung sina katarenjoeun ku jalma-jalma.
21. Tuluy caritakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung baris nyandak sakumna umat Kami ti antara bangsa-bangsa, rek dikumpulkeun sina ngahiji, tuluy dibawa mulang ka tanahna sorangan.
22. Di eta tanah, di pagunungan Israil, maranehanana ku Kami rek dijadikeun sabangsa, diparentah ku raja saurang, moal dijadikeun deui dua bangsa atawa dipecah jadi dua karajaan.
23. Moal nganistakeun dirina deui ku brahala-brahala anu pikacuaeun, moal ngarurujit deui hirupna ku dosa. Ku Kami baris dibebaskeun tina sagala hal anu matak jadi dosa atawa matak ngahianat ka Kami. Rek disucikeun, baris jadi umat Kami sarta Kami jadi Allahna.
24. Ari pirajaeunana nya raja anu cara abdi Kami Daud. Maranehanana bakal jadi sahiji di bawah hiji kapala tur garumati kana hukum-hukum Kami.
25. Baris marukim di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka Yakub, tanah urut karuhunna. Baris maratuh di dinya salalawasna, kitu deui anak incuna turun-tumurun, diparentah ku hiji raja anu cara abdi Kami Daud.
26. Jeung maranehna Kami rek ngayakeun perjangjian anu mere kapastian hal kaamanan hirupna sapapanjangna. Ku Kami rek diberkahan, jumlahna sina tambah loba, sarta Bait Allah baris diperenahkeun di dinya, sina ngadeg salalawasna.
27. Kami bakal aya di dinya nyarengan maranehanana, Kami bakal jadi Allahna, maranehna bakal jadi umat Kami.
28. Lamun Bait Allah geus merenah di maranehna pikeun salalawasna, bangsa-bangsa bakal nyaraho yen Kami, PANGERAN, geus ngangkat Israil jadi umat Kami.”

Yehezkiel 38:1-23
1. PANGERAN nimbalan ka kaula.
2. Timbalana-Na, ”Eh anak manusa, carekan Gog, kawasa utama bangsa Mesek jeung Tubal di tanah Magog.
3. Bejakeun Kami teh musuhna.
4. Ku Kami rek disina malik, rek dikait caheumna tuluy disered katut pasukanana. Bala tentarana, kuda-kudana jeung anu tarumpakna anu pakeanana saragem, jumlahna kacida lobana, sarta unggal prajuritna marawa tameng, pakarangna pedang.
5. Manehna direujeungan ku urang Persia, urang Sudan jeung urang Libia, kabeh marake tameng jeung marake topi waja.
6. Jalma-jalma anu tuman jurit ti Gomer jeung Bet-Togarma ti kaler, kitu deui ti bangsa-bangsa lianna oge milu ngabaturan.
7. Bejakeun, geura sadia marentah pasukanana.
8. Sanggeus pirang-pirang taun, engke manehna ku Kami diparentahkeun ngarurug hiji nagara, anu rahayatna geus dihijikeun deui ku Kami, geus dipulangkeun deui ti sagala bangsa, tur hirup tengtrem henteu sieuneun aya anu merangan. Manehna sina nempuh gunung-gunung di Israil anu suwung sakitu lilana, tapi ayeuna geus dicaricingan deui ku rahayatna kalawan aman.
9. Manehna jeung baladna dibarengan ku bangsa-bangsa kacida lobana, bakal datang lir angin ribut, nutupan eta tanah lir mega mendung.”
10. Kieu anu bakal didawuhkeun ka Gog ku PANGERAN Nu Maha Agung, ”Dina mangsa eta maneh bakal kadatangan niat jahat.
11. Seug nangtukeun arek ngarurug ka eta nagri anu euweuh kakuatanana, anu rahayatna keur ngarasa tengtrem jeung aman di kota-kota anu bolostrong, euweuh kuta, euweuh hahalang naon-naon.
12. Maneh bakal boga karep arek ngaranjah jeung ngarayah ka rahayat di dinya, di kota-kota anu tadina burak-barik tea. Eta jelema-jelema teh kakara beunang ngahijikeun deui, anyar mulang ti sagala bangsa, tapi enggeus menyat deui, geus baroga ingon-ingon, baroga harta banda, jongjon nyaricingan eta tanah puseur bumi.
13. Urang Syeba, urang Dedan jeung para sudagar kota-kota di Sepanyol bakal naranya kieu ka maneh, ’Anjeun natakeun balad teh rek dipake ngarurug, rek dipake ngaranjah jeung ngarayah? Hayang perak jeung emas, ingon-ingon jeung harta banda, sangkan ari balik mawa barang-barang rampasan?’ ”
14. Ti dinya kaula ku PANGERAN Nu Maha Agung dipiwarang nepikeun timbalana-Na ka Gog, kieu, ”Sabot umat Kami Israil jarongjon tur aman, maneh sasadiaan terus budal
15. ti tempat maneh anu jauh di kaler, ngerid wadyabalad gede tur kuat, perjurit-perjuritna rupa-rupa bangsa, kabeh tarumpak kuda.
16. Maneh arek ngarurug ka umat Kami Israil, datang lir angin ribut anu ngagelebug nyorang ka eta tanah. Mangsa eta maneh ku Kami diinditkeun sangkan ngarurug ka tanah Kami, sabab maneh ku Kami rek dipake nembongkeun ka bangsa-bangsa, saha Kami teh. Rek dipake nembongkeun kasucian Kami.
17. Sabab nya maneh anu ku Kami bareto disebut-sebut waktu Kami nitah ngumumkeun ka abdi-abdi Kami, nya eta nabi-nabi di Israil, yen di mana geus cunduk waktuna, Kami rek ngadatangkeun hiji jelema anu bakal ngarurug ka Israil.” Kitu anu ditimbalkeun ku PANGERAN Nu Maha Agung.
18. PANGERAN Nu Maha Agung ngadawuh, ”Dina waktu Gog ngarurug Israil, Kami rek ngabudalkeun amarah.
19. Ieu Kami ngabejaan, yen dina waktu eta di tanah Israil bakal aya lini kacida gedena.
20. Lauk-lauk, manuk-manuk, sasatoan gede leutik jeung manusa sakuliah bumi, kabeh bakal ngadegdeg sieun ku Kami. Gunung-gunung tangtu urug, cadas-cadas balalencar, kuta-kuta bakal rebah.
21. Gog rek dikeunaan sagala rupa balahi, sangkan geumpeur. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Balad-baladna bakal silih kadek pada batur.
22. Gog arek dihukum ku Kami ku kasakit jeung sina mandi getih. Manehna jeung baladna, kitu deui rupa-rupa bangsa anu ngabantuan bakal ditinggang ku hujan guntur jeung hujan buah campur seuneu jeung walirang.
23. Kitu peta Kami pikeun nembongkeun ka sakabeh bangsa, yen Kami teh agung jeung suci. Maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”

Mazmur 132:1-9
1. Lagu paranti jarah. Nun PANGERAN, mugi emut ka Daud sareng sagala kasangsaraanana.
2. Mugi emut kana jangjina kapungkur, panadaranana ka Gusti, Nu Maha Kawasa, Allah Yakub:
3. ”Kami moal waka ka imah atawa ka enggon,
4. moal waka ngaso atawa mondok,
5. lamun tacan mangnyieunkeun tempat pikeun PANGERAN, hiji gedong pikeun Nu Maha Kawasa, Allah Yakub.”
6. Di Betlehem urang geus ngareungeu hal Peti Perjangjian, sarta eta ku urang kapanggih di tegal Yarim.
7. Ceuk urang, ”Hayu urang ka gedong PANGERAN, urang ngabakti hareupeun tahta Mantenna.”
8. Mangga atuh GUSTI, sumping ka Bait Gusti sareng Peti Perjangjian, lambang kakawasaan Gusti, nun PANGERAN, linggih di dieu salamina.
9. Mugi imam-imam Gusti salamina ngalampahkeun anu bener, mugia umat Gusti sarurak!

Amsal 29:4-4
4. Raja nu nyepeng kaadilan, bangsa nu baris digjaya. Raja anu ngurus bae duit, nagarana baris tumpur.

Yakobus 4:1-17
1. Tina naon asalna lamun di aranjeun aya pacogregan nepi ka sok garelut? Tina gedena hawa napsu aranjeun hayang meunangkeun kasenangan dunya, anu teu eureun-eureun nyundutan hate aranjeun.
2. Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.
3. Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan.
4. Aranjeun teu saratia! Na teu aruninga yen sosobatan jeung dunya teh sasat ngamusuh ka Allah? Sing saha anu hayang sosobatan jeung dunya, eta tandaning geus musuh jeung Allah.
5. Ulah dikira tanpa alesan Kitab Suci nyebutkeun, ”Di jero diri urang Allah nempatkeun roh anu keras kahayangna.”
6. Tapi rahmat Allah anu dipaparinkeun ka urang leuwih kuat ti batan kahayang eta roh urang. Eta sababna Kitab Suci nyebutkeun oge, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka anu rendah hate.”
7. Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.
8. Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek!
9. Kudu ngarasa kaduhung, ceurik, midangdam, seuri ganti ku ceurik, rasa suka ganti ku rasa duka.
10. Rendahkeun diri di payuneun Pangeran, tan wande ku Mantenna dicengkatkeun.
11. Aranjeun ulah sok silih cawad jeung papada batur. Anu nyawad jeung nyalahkeun ka batur sakapercayaan, eta nyawad kana Hukum Allah. Lamun geus nyawad kana Hukum Allah, tandaning geus henteu nurut kana Hukum Allah, malah nyalahkeun.
12. Padahal ngan Allah bae anu kawasa ngadamel eta Hukum teh, jeung anu kawasa ngahukum. Ngan Mantenna nyalira anu kawasa nyalametkeun, jeung anu kawasa ngaruksak. Saha aranjeun teh, bet ngahukuman ka batur?
13. Eh dulur-dulur anu sok ngomong, ”Ayeuna atawa isukan kuring rek nyaba ka anu sataun mah, rek ngadon usaha nyiar duit,” reungeukeun sim kuring.
14. Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha? Anjeun teh ibarat sagumpel haseup, tembong sakeudeung les leungit.
15. Kuduna kieu anjeun ngomong teh, ”Lamun diparengkeun ku Pangeran jeung sugan aya umur, rek ka anu atawa rek anu.”
16. Ari anjeun bet ujub jeung suaban. Salah ujub kitu teh.
17. Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.