A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 22

Yehezkiel 35:1-15
1. PANGERAN nimbalan ka kaula.
2. ”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”carekan nagri Edom.
3. Bejakeun ka rahayatna ieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Kieu: Kami ngamusuh ka maneh, he pagunungan Edom! Maneh rek dijadikeun tempat anu suwung.
4. Kota-kota maneh rek dijadikeun ruruntuk, tanah maneh bakal suwung. Engke maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN.
5. Maneh geus jadi satru kabuyutan Israil. Waktu Israil keur nandang cilaka, waktu keur meunang hukuman lantaran dosa-dosana, rahayatna ku maneh dipareuncitan.
6. Ku sabab kitu, demi Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung, nya Allah anu jumeneng, maneh pinasti ajal hamo bisa luput. Dosa maneh ngumbar rajapati, maneh bakal diudag ku rajapati.
7. Kota pagunungan Edom ku Kami rek disuwungkeun, sakur anu ngaliwat ka dinya rek dipaehan.
8. Pagununganana sina pinuh ku bangke, pasir-pasir jeung lebak-lebakna sina pinuh ku mayit anu paraeh di pangperangan.
9. Maneh rek disuwungkeun salalawasna, kota-kota maneh hamo aya nu nyicingan deui. Geus kitu kakara maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN.
10. Carek maneh bangsa Yuda jeung Israil teh duanana anu maneh, rek dipimilik ku maneh katut jeung tanahna, teu malire ka Kami, PANGERAN, nu jadi Allah maranehna.
11. Demi Kami teh PANGERAN, Allah anu jumeneng, eta kaangkaraan, rasa sirik jeung kageuleuh maneh ka umat Kami, ku Kami tangtu dibales. Umat Kami sina nyarahoeun yen peta maneh kitu ka maranehanana ku Kami dibales.
12. Geus kitu maneh bakal nyaho yen Kami, PANGERAN, ngadangu basa maneh ngahihina yen pagunungan Israil geus mencil, ku maneh rek diteureuy buleud.
13. Kami ngadangu basa maneh ngomongkeun Kami bari adigung takabur.”
14. PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ” Maneh rek diburak-barik sama sakali. Bangsa-bangsa sina aratoheun pedah maneh rugrug,
15. cara maneh oge atoh dumeh Israil milik kagungan Kami ruksak. Pagunungan Seir, nya satanah Edom pasti baris diruksak. Geus kitu jelema-jelema bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”

Yehezkiel 36:1-38
1. PANGERAN nimbalan, ”Eh anak manusa, caritakeun ka gunung-gunung di Israil, jeung sina didarengekeun ieu pesen ti Kami,
2. PANGERAN Nu Maha Agung pikeun maranehna. Musuh-musuh Israil ngaromong bangun puas, carekna, ’Eta gunung-gunung purbakala teh geus kapimilik ku urang!’
3. Ku sabab kitu maneh kudu ngaramal, sarta umumkeun ieu anu rek didawuhkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Waktu bangsa-bangsa tatangga nempuh jeung ngarampog gunung-gunung di Israil, unggal jalma moyok ka Israil.
4. Ku sabab kitu ayeuna dengekeun anu rek diucapkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maraneh, gunung-gunung jeung pasir-pasir, anak-anak walungan jeung lebak-lebak, tempat-tempat anu geus runtuh jeung suwung, kota-kota anu geus ditaringgalkeun ku pangeusina sarta dirampog jeung dihina ku bangsa-bangsa sakurilingna.
5. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngarasa ambek jeung ngancam ka eta bangsa-bangsa sakurilingna, pangpangna ka Edom. Bari atoh jeung nganggap enteng maranehanana ngarebut tanah Kami, jeung ngarampas sampalan-sampalanana.
6. Maneh kudu ngaramalkeun tanah Israil. Bejakeun ka gunung-gunung, ka pasir-pasir, ka anak-anak walungan jeung ka lebak-lebak, ieu ucap Kami anu rek diucapkeun reujeung amarah ka bangsa-bangsa anu ngahina jeung ngasorkeun ka maranehanana.
7. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung sumpah, eta bangsa-bangsa sakurilingeunana teh ku Kami rek dihinakeun.
8. Sabalikna di gunung-gunung tanah Israil mah tatangkalan bakal daraunan deui sarta baruahan, pikeun maneh umat Kami, eh Israil. Maneh bakal tereh mulang deui.
9. Kami baris ngaping, tur mere kapastian yen tanah maneh bakal diwuluku deui, disebaran deui binih.
10. Jalma-jalma pangeusi maneh rek disina loba. Maneh bakal nyicingan deui kota-kota, anu raruksak bakal diadeg-adegkeun deui.
11. Jalma katut ingon-ingonna rek dijembarkeun, sina leuwih loba batan ti heula sarta sina laloba anak. Sina sarenang hirupna di dinya cara baheula, jeung sina leuwih makmur ti batan nu enggeus-enggeus. Geus kitu maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.
12. Eh Israil umat Kami, maraneh rek dibawa balik, rek dipulangkeun ku Kami ka tanah sorangan. Eta tanah pikeun maraneh, anak-anak maraneh moal disina paraeh kalaparan deui.
13. Kieu dawuhan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Bener eta tanah teh ku warga-wargana disarebut tukang ngakan jelema, tukang ngarampogan anak-anak wargana.
14. Tapi ti semet ayeuna moal deui jadi tukang ngakan jelema, moal deui ngarampogan anak-anak maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
15. Eta tanah moal deui ngadenge pamoyok bangsa-bangsa, moal deui pada ngahina. Moal deui ngarampogan anak warga-wargana, kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.”
16. PANGERAN nimbalan ka kaula.
17. ”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”keur basa urang Israil maratuh di tanahna keneh geus ngarurujit eta tanah ku cara-cara hirup jeung kalakuanana. Adat kalakuanana kitu ku Kami dianggap sarua kotorna jeung awewe anu keur haid.
18. Tanah teh jadi rujit ku kabiasaan maranehanana maehan jeung ku brahala-brahalana. Anu matak maranehanana ku Kami disina ngasaan amarah Kami.
19. Dihukum ku tina cara-cara hirup jeung kalakuanana, seug dipabalencarkeun ka nagara-nagara asing.
20. Tapi ka mana bae daratangna ngan matak goreng bae kana jenengan Kami anu suci, lantaran ceuk anu lian, ’Ieu jelema-jelema teh ongkoh umat Allah, tapi nepi ka naringgalkeun tanah pamere Allahna sorangan.’
21. Kami prihatin lantaran jenengan Kami anu suci, dinistakeun ku urang Israil ka mana bae maranehna daratang.
22. Ku sabab eta bejakeun ka urang Israil ieu pesen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Kami rek midamel kitu teh lain ku sabab karunya-karunya teuing ka maraneh, eh bangsa Israil, tapi ku sabab jenengan Kami anu suci dinistakeun ku maraneh di unggal nagri anu ku maraneh didatangan.
23. Engke, lamun Kami geus nembongkeun kasucian jenengan Kami anu agung ka bangsa-bangsa — jenengan anu ku maraneh geus dinistakeun di tengah jalma lian — eta bangsa-bangsa teh kakara bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maraneh ku Kami rek dipake nembongkeun ka bangsa-bangsa, yen Kami teh suci.
24. Maraneh rek dicokot ti unggal bangsa jeung ti saban nagri, rek dibawa mulang ka tanah sorangan.
25. Rek dibanjuran ku Kami ku cai anu herang, sangkan beresih tina brahala-brahala jeung tina sagala rupa rereged anu narapel.
26. Hirup maraneh baris dianyarkeun, pikiran oge rek dianyarkeun. Adat maraneh anu wangkelang, anu teuas kawas batu, baris diganti ku adat anu nurut.
27. Batin maraneh baris dieusian Roh Kami, sarta ku karana eta maraneh jadi narurut kana hukum-hukum Kami, ngalampahkeun sagala parentah Kami.
28. Geus kitu maraneh baris maratuh di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka karuhun maraneh. Maraneh baris jadi umat Kami, sarta Kami baris jadi Allah maraneh.
29. Maraneh rek dijaga tina sagala hal anu matak najis kana diri. Ku parentah Kami, pelak gandum baris mucekil hasilna, nepi ka moal nyorang deui kalaparan.
30. Tangkal bubuahan bakal laleubeut buahna, kitu deui hasil lahan, nepi ka maraneh moal dihina deui ku bangsa-bangsa lantaran kalaparan.
31. Maraneh bakal kaseuit-seuit ku kajahatan jeung kadorakaan sorangan, nepi ka lamun aringet kana eta dosa jeung kadorakaan, maraneh jadi cua ka diri sorangan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
32. Eh Israil, Kami hayang sangkan maneh nyaho, yen Kami migawe eta kabeh teh lain ku karana maneh. Anu dipalar ku Kami sangkan maneh ngarasa era jeung hina ku kalakuan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.”
33. Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, ”Lamun maraneh ku Kami geus diberesihkeun tina sagala dosa, rek dipatuhkeun deui di kota-kota, aromean eta anu geus raruksak teh.
34. Sakur anu bareto sok laliwat ka lahan-lahan maraneh, nyarahona eta teh kacida balana mani kawas leuweung; pek arolah deui eusian ku pepelakan.
35. Bakal tembong ka sarerea eta tanah anu tadina jiga leuweung teh engke mah mani jiga Taman Pirdus. Kota-kotana anu tadina burak-barik urut ngaranjah batur nepi ka jadi ruruntuhan, engke mah dicaricingan deui turug-turug jadi kacida gegekna.
36. Bangsa-bangsa anu darareukeut, anu araya keneh, bakal nyarahoeun yen eta kota-kota anu geus rarubuh teh geus diadegkeun deui ku Kami, PANGERAN, sarta lahan-lahan anu geus gararing jadi euyeuh deui ku pepelakan. Kitu jangji Kami, PANGERAN, tangtu dijalankeun.”
37. Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, ”Kami baris ngersakeun urang Israil sina marenta deui pitulung ka Kami, sarta bilangan maranehna sina tambah-tambah ngalobaan kawas domba.
38. Kota-kota anu ayeuna masih keneh pasolengkrah, bakal gegek deui ku pangeusi, kawas Yerusalem bareto loba dombana kurbankeuneun dina pesta. Geus kitu maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”

Mazmur 131:1-3
1. Lagu paranti jarah ti Daud. Nun PANGERAN, abdi parantos ampun tina kaadigungan, parantos tobat tina kaangkuhan. Tara urusan sareng perkara arageung atanapi sual-sual anu langkung ti sulit.
2. Sawangsulna parantos ngaraos puas sareng tengtrem. Lir budak leutik anu dipepende ku indungna, nya kitu tengtremna hate abdi dina diri abdi.
3. Israil kudu percaya ka PANGERAN, ayeuna jeung salalanggengna.

Amsal 29:2-3
2. Lamun pamarentah hade, rahayatna sarenang hate. Lamun pamarentah jahat, rahayatna bakal balangsak.
3. Anak nu rajin nyiar pangarti, bapa nu senang ati. Make duit geusan lacur, kalakuan anu gejul.

Yakobus 3:1-18
1. Dulur-dulur, ulah harayang jadi guru sarerea. Pan aruninga, guru mah ari geus disalahkeun teh mani pohara, disalahkeunana teh leuwih-leuwih ti nu sejen.
2. Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan. Jadi mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna, bisa ngawasaan sakujur dirina.
3. Kuda supaya nurut ka mana karep urang, sungutna dikadalian.
4. Kapal ku sabab gede, majuna kudu ku angin gede, tapi bisa diatur ku kamudi anu kacida leutikna nurutkeun kahayang jurumudi.
5. Letah oge nya kitu, sakitu lembutna, bet bisa dipake nyombongkeun diri ku perkara-perkara anu galede. Cipta, sakumaha gedena leuweung bisa disina kahuruan ku seuneu anu leutik!
6. Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.
7. Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.
8. Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.
9. Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.
10. Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur!
11. Teu aya cinyusu anu ngaburialkeun cai tawar ongkoh cai pait ongkoh tina liang eta-eta keneh.
12. Tangkal kondang moal buahan jetun, tangkal anggur moal buahan kondang, cinyusu asin moal ngabijilkeun cai tawar.
13. Kumaha di dieu aya anu bijaksana jeung berbudi? Buktikeun kituh ku lampah nu hade, ku panggawe anu hade, dibarengan ku rendah hate jeung lantip bijaksana.
14. Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.
15. Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.
16. Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.
17. Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura.
18. Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.