A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 13

Yehezkiel 17:1-24
1. PANGERAN nimbalan ka kaula.
2. ”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”ucapkeun ieu misil ka urang Israil,
3. sangkan nyarahoeun sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Kieu: Aya hiji manuk rajawali kacida gedena, buluna alus, jangjangna rubak tur tohaga, hiber ka Gunung Libanon, motongkeun pucuk hiji tangkal kiputri.
4. Eta pucuk dibawa ka hiji kota niaga, ka tempat para sudagar.
5. Geus kitu manuk rajawali teh mindahkeun hiji petetan ti tanah Israil, dipelakkeun di hiji lahan anu subur jeung teu kurang cai.
6. Petetan teh jadi tangkal anggur alus pisan, mani nguyupuk ngarambat ka mana-mana, regang-regangna tingpelengkung ka lebah manuk rajawali tea. Akarna jero, regang-regangna rekep, daunna gomplok, tangkalna mani teu tembong.
7. Aya deui manuk rajawali sejen. Jangjangna rubak jeung tohaga, buluna kandel. Akar anggur teh malik ka lebah eta manuk, daunna ge malik ngaroyom ka lebahna, hayang meunang cai leuwih loba ti batan di lahan tempat nangtungna.
8. Padahal di dinya ge kacida suburna tur teu kurang cai, daunna geus gomplok, buahna moal teu leubeut, pijadieun tangkal anggur anu alus.
9. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, rek nanya: Kira-kirana eta tangkal anggur teh bakal jadi tur hirup? Naha moal dirabut jeung akar-akarna ku rajawali anu melakna, buahna diorag, regang-regangna dipites-piteskeun sina terus paeh? Pikeun nyabutna teu kudu ku bangsa anu kuat atawa ku tanaga gede.
10. Memang eta teh dipelak, tapi naha bakal jadi tur hirup? Jeung lamun katebak angin ti wetan naha moal perang?”
11. PANGERAN nimbalan ka kaula,
12. ”Tanyakeun ka eta bangsa anu bangkawarah, nyaho atawa henteu kana hartina eta misil. Omongkeun kieu: Bareto raja Babul datang ka Yerusalem, nyokot raja jeung para gegeden dibawa ka Babul.
13. Ti turunan raja tea, aya saurang anu ku raja Babul diajak nyieun hiji perjangjian, jeung disumpah dipenta satiana. Jelema-jelema nu parentingna ku raja Babul dijieun tandon,
14. maksudna supaya eta bangsa ulah bisa barontak, jeung supaya perjangjian tea bisa jalan.
15. Tapi eta raja Yuda teu burung barontak, ngirim utusan ka Mesir, menta dikirim kuda jeung tentara loba. Kumaha pamentana teh bakal dicumponan? Kumaha eta pagaweanana teh bakal mulus? Naha eta anu ngalanggar jangji teh moal meunang hukuman?
16. Demi Kami Allah nu jumeneng,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, ”eta raja bakal paeh di Babul, lantaran ngalanggar sumpah jeung jangjina ka raja Babul, anu ngangkat manehna kana tahta.
17. Balad Mesir anu gagah rongkah oge moal bisa nulungan manehna perang, upama urang Babul geus prak nyarieun gugunungan jeung ngarali lombang-lombang pikeun ngagempur jeung maehan.
18. Manehna geus tangtu moal salamet, tamahana ngalanggar sumpah jeung jangji.”
19. PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Demi Kami Allah anu jumeneng, tangtu manehna ku Kami dihukum, lantaran ngalanggar jangji anu diikrarkeun kalawan sumpah nyebut jenengan Kami.
20. Ku Kami rek ditaheunan ku jaring, rek dibawa ka Babul, sina narima hukumanana lantaran henteu satia ka Kami.
21. Baladna anu garagah bakal tumpur di pangperangan, anu harirup keneh bakal paburisat. Kakara engke nyaraho yen Kami teh PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
22. Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung, ”Kami arek motong pucuk hiji tangkal kiputri anu luhur, jeung rek ngala hiji sirung. Rek dipelak di hiji gunung anu luhur,
23. gunung di Israil anu pangluhurna, sina dahanan, sina buahan, jadi kiputri anu nya gede nya luhur. Rupa-rupa manuk bakal areunteup di dinya, baretah ngariuhan.
24. Tatangkalan di eta tanah bakal nyaraho, Kami teh PANGERAN. Nu laluhur ku Kami rek dituaran, nu harandap sina ngajarangkungan. Nu harejo rek disina ngarangrangan, nu ngarangrangan rek disina harejo. Kami, PANGERAN geus ngandika kitu, tangtu baris dibuktikeun, luyu jeung ucapan Kami.”

Yehezkiel 18:1-32
1. PANGERAN nimbalan ka kaula,
2. timbalana-Na, ”Paribasa naon anu sok diarucapkeun di Israil? Kieu: ’Kolot nu ngadahar buah anggur haseum, anak nu ngarasa linu.’
3. Demi Kami Allah nu jumeneng,” timbalan PANGERAN, ”eta paribasa moal disebut-sebut deui di Israil.
4. Unggal jalma, boh bapa, boh anak, umurna Kami nu boga. Saha nu boga dosana, eta anu kudu paeh.
5. Upamakeun, aya jelema bageur, bener, jujur.
6. Henteu nyembah ka brahala urang Israil, tara ngadahar kurban anu dibaktikeun di tempat pamujaan brahala, tara ngagoda pamajikan batur, tara sapatemon jeung awewe nu keur haid,
7. tara hianat, tara rarampas, daek mulangkeun barang anu dijieun tandon ku nu boga hutang, daek mere dahar ka nu kalaparan, mere pake ka nu teu boga pakean,
8. ka nu nginjeum duit tara morot kauntungan, tara jail kaniaya, adil palamarta ka pada jalma.
9. Cindekna tigin kana parentah-parentah Kami, tuhu kana hukum-hukum Kami. Eta nu ibadah kitu tangtu salamet,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
10. ”Upamakeun eta jelema boga anak. Anakna ngarampog, maehan,
11. boga kalakuan anu ku bapana mah dipahing. Sok ngadahar kadaharan tina kurban-kurban di candi-candi, ngagoda pamajikan batur,
12. hianat ka nu balangsak, rarampas, nahan barang anu ku nu boga hutang dijieun tandon, asup ka candi-candi umat brahala ngadon muja ka brahala-brahala pikaijideun,
13. morot kauntungan ti nu nginjeum duit. Naha jelema kitu bakal salamet? Moal, moal salamet. Geus migawe kalakuan-kalakuan anu sakitu pikaijideunana mah kudu paeh, katulah ku dosana.
14. Upamakeun eta jelema jahat teh boga anak, anakna nyahoeun yen bapana jahat, tapi teu nurutan jahat.
15. Teu milu muja ka brahala urang Israil, teu milu ngadahar kadaharan tina kurban di candi-candina, tara ngagoda pamajikan batur,
16. ka sasaha tara meres tara rarampas, barang anu ditandonkeun ku manehna dipulangkeun, daek mere dahar ka nu kalaparan, mere pakean ka nu rudin,
17. mahing kana kajahatan, tara morot kauntungan ka nu nginjeum duit, tuhu kana hukum-hukum Kami, tigin kana parentah-parentah Kami. Eta jelema moal cilaka ku karana dosa bapana, hirupna tangtu jamuga.
18. Sabalikna bapana anu tupa-tipu jeung rarampas, jahat ka sasama hirup, tangtu paeh ku dosana sorangan.
19. Carek maneh, ’Ku naon eta anakna wet teu nanggung dosa bapana?’ Jawabanana: Anakna mah bener lampahna, hade kalakuanana, tuhu kana hukum-hukum Kami, nurut sarta ati-ati, geus tangtu salamet.
20. Nu kudu paeh mah nu boga dosana. Anak moal bisa nanggung dosa bapa, bapa moal bisa nanggung dosa anak. Mana nu hade meunang ganjaran, mana nu jahat meunang siksaan tina kajahatanana.
21. Lamun jalma jahat tobat tina kajahatanana sarta nurut kana hukum-hukum Kami, lampahna jadi bener, kalakuanana jadi hade, tangtu salamet moal paeh.
22. Dosa-dosana kabeh dihampura, sarta ku sabab kalakuanana geus bener tangtu hirup.
23. Dikira Kami bungah ningali jalma doraka paeh?” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. ”Kami leuwih bungah saupama ningali jelema tobat sangkan bisa hirup.
24. Sabalikna lamun jelema ibadah geus henteu ibadah tuluy nyieun kajahatan, nyieun hal-hal anu pikaijideun anu biasa dipigawe ku nu jarahat, na eta teh kudu hirup? Moal, moal! Malah kabageuranana nu enggeus-enggeus moal diinget-inget acan. Kudu paeh ku tamahana, ninggalkeun ibadah terus migawe dosa.
25. Ari carek maraneh mah, ’Salah ari kitu mah PANGERAN teh.’ Dengekeun eh urang Israil. Carek pamikir maraneh jalan Kami kitu teh salah? Puguh jalan maraneh anu salah.
26. Lamun jelema ibadah geus henteu ngalampahkeun deui nu hade sarta terus nyieun kajahatan, seug paeh, paehna teh ku karana dosana sorangan.
27. Sabalikna lamun jelema jahat eureun tina kajahatanana tuluy nyieun kalakuan anu hade jeung bageur, eta teh matak rahayu kana hirupna.
28. Manehna eling tina kajahatanana, seug eureun tina nyieun dosa, geus tangtu moal paeh, geus tangtu hirup rahayu.
29. ’Salah ari kitu mah PANGERAN teh,’ lain kitu carek maraneh, urang Israil? Puguh pikiran maraneh anu salah.
30. Ayeuna Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngabejaan ka maraneh, urang Israil, yen Kami bakal ngahukum ka maraneh satimpal jeung kalakuan maraneh. Geura areling tina kajahatan, sangkan ulah cilaka ku dosa sorangan.
31. Geura eureunan kajahatan maraneh, anyarkeun hate jeung pikiran. Na harayang paeh maraneh teh, eh urang Israil?
32. Kami mah henteu hayang ningali aya jelema paeh,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. ”Geura tarobat supaya harirup.”

Mazmur 124:1-8
1. Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kumaha lamun urang teu diaping ku PANGERAN? Pek jawab, Israil!
2. ”Lamun urang teu diaping ku PANGERAN, waktu urang ditarajang musuh,
3. tan wande urang geus diteureuy hirup-hirup, ku maranehna anu sakitu arambekeunana,
4. pinasti urang geus palid kabawa ku caah, tilem-timbul di walungan nu ngagulidag;
5. tinangtu urang geus paraeh tikerebek dina umpalan anu sakitu ngamukna.”
6. Puji sukur ka PANGERAN, Mantenna henteu ngantep urang kabasmi ku musuh.
7. Urang bisa luput, cara manuk ucul tina saweuy tukang taheun; saweuyna rantas, urang bebas!
8. Pitulung ka urang datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.

Amsal 28:21-21
21. Pilih kasih teh goreng. Tapi sok aya hakim anu teu bener, lantaran kabita ku pangruruba anu teu pira.

Ibrani 9:1-28
1. Perjangjian anu kahiji ngabogaan aturan-aturan ibadah, jadi kudu aya tempat ibadah anu dijieun ku manusa.
2. Seug nyieun kemah, anu bagian hareupna disebut Tempat Suci. Di dinya aya suku lampu jeung meja anu diteundeunan roti haturkeuneun ka Allah.
3. Tukangeun reregan anu kadua aya rohangan anu disebut Kamar Pangsucina.
4. Di eta rohangan aya altar emas paranti ngukus seuseungitan, aya Peti Perjangjian anu dilapis ku emas tempat nyimpen: buli-buli emas anu dieusi manna, teteken Harun anu geus sirungan, jeung dua papan batu anu ditulisan sapuluh parentah Allah.
5. Di luhur eta peti aya tiruan dua mukarabin, nya eta mahluk jangjangan, pikeun ngalambangkeun kahadiran Allah, jangjangna sina meber mayungan tempat paranti ngahampura dosa. Sakitu bae kateranganana, moal diwincik terus.
6. Kitu diaturna eta tempat teh. Saban poe imam-imam arasup ka eta kemah, tapi ngan nepi ka bagian hareupna, netepan kawajibanana.
7. Anu meunang asup ka bagian pangjerona ngan Imam Agung, eta ge ngan sataun sakali. Asupna mawa getih sanggakeuneun ka Allah, pikeun nebus dosana heula terus nebus dosa jalma rea anu dilampahkeun teu karasa.
8. Maksud Roh Suci ngatur kitu teh ngajar, supaya jalma-jalma tarerang yen salila kemah bagian luar aya keneh, Kamar Pangsucina moal waka dibuka.
9. Ieu ngagambarkeun kaayaan jaman ayeuna. Tegesna, sagala pangbakti jeung kurban-kurban sato teh henteu bisa dipake nyampurnakeun hate jelema anu ngabaktina,
10. sabab anu dibaktikeunana ngan rupaning kadaharan, inuman jeung rupa-rupa upacara nyucikeun. Eta kabeh ngan aturan-aturan lahir, lakuna ngan nepi ka datangna waktu Allah ngayakeun parobahan anyar.
11. Tapi Kristus geus sumping, jadi Imam Agung tina hal-hal anu hade, tur eta anu harade teh geus aya. Kemah tempat Anjeunna netepan kawajiban leuwih agung, leuwih sampurna, lain beunang nyieun manusa, lain ti ieu dunya nu beunang nyipta.
12. Kristus lebetna ka Kamar Pangsucina ngan sakali tapi pikeun salilana. Waktu lebet henteu nyandak getih embe jalu atawa getih anak sapi haturkeuneun ka Allah. Anu dicandak-Na getih salira-Na ku anjeun, anu ngalantarankeun urang bisa disalametkeun keur salalanggengna.
13. Getih embe, getih sapi jalu jeung lebu anak sapi anu dijieun kurban beuleuman, dikepret-kepretkeun ka jelema anu ceuk aturan agama jelema kotor, supaya kokotor dirina leungit beresih.
14. Lamun getih jeung lebu sato tea bisa ngaberesihkeun kokotor diri manusa, geus komo deui getih Kristus! Ku jalan Roh anu langgeng Kristus ngurbankeun salira-Na ku anjeun ka Allah, jadi kurban anu sampurna. Getih Anjeunna ngaberesihkeun batin urang tina hal-hal anu taya mangpaʼatna, nepi ka urang bisa ngabakti ka Allah anu jumeneng.
15. Ku hal eta, Allah ku jalan Kristus ngadamel perjangjian anu anyar, supaya sakur anu geus disaur ku Mantenna bisa nampa berkah-berkah langgeng beunang nyayagikeun Mantenna. Pang bisa kitu lantaran aya nu geus ngurbankeun nyawa nya eta Kristus, nu matak manusa bisa leupas tina kasalahan-kasalahanana anu dipigawe dina jaman perjangjian nu kahiji.
16. Dina hal surat warisan kudu sidik heula yen anu nyieunna geus maot.
17. Sabab sapanjang nu nyieunna hirup keneh mah surat warisanana tacan laku, lakuna lamun nu nyieunna geus maot.
18. Eta sababna perjangjian Allah nu kahiji oge kudu disahkeun ku getih.
19. Prakna kieu: Mimitina Musa nerangkeun heula sakabeh parentah Allah nu aya dina Kitab Hukum Agama. Geus kitu nyandak getih anak sapi jeung getih embe jalu dicampur cai, dikepret-kepretkeun kana Kitab Hukum jeung ka sakabeh urang Israil. Ngepretkeunana make jukut hisop jeung bulu domba beunang ngabeureuman,
20. bari saurna, ”Ieu getih dipake ngukuhkeun perjangjian Allah anu kudu ditarurut ku maraneh.”
21. Eta getih dikepretkeun oge kana Kemah Tepangan jeung kana sakabeh parabot ngabakti, prakna kitu keneh.
22. Memang, nurutkeun Hukum Agama Yahudi, meh sagala rupa disucikeun ku getih, dosa oge bisa dihampura lamun geus aya getih anu ngocor kaluar.
23. Kitu petana nyucikeun barang-barang anu ngalambangkeun hal-hal anu di sawarga. Ngan ari hal-hal anu di sawarga mah perlu ku kurban anu leuwih utama.
24. Kristus henteu lebet ka Kamar Pangsucina anu dijieun ku jelema, anu ngan jadi lambang ti anu sajatina. Kristus mah lebet ka sawarga pisan, ngadeuheus ka Allah jadi wawakil urang.
25. Imam Agung urang Yahudi saban taun kudu asup ka Kamar Pangsucina di Bait Allah mawa getih sato. Ari Kristus mah henteu kitu, jeung henteu nepi ka sababaraha kali ngurbankeun deui salira-Na,
26. sabab lamun kitu, atuh ti sajleg aya dunya teh tangtu geus kacida seringna nandang kasangsaraan. Kapan geus bukti ayeuna, dina jaman ieu anu tereh beak, Anjeunna sumpingna teh ngan sakali jeung keur salalanggengna, nyingkirkeun dosa ku jalan ngurbankeun salira-Na ku anjeun.
27. Saban jelema kudu maot ngan sakali, tuluy dibawa ka pangadilan Allah.
28. Kristus oge kitu, ngan sakali pupus, ngurbankeun salira-Na pikeun nebus dosa-dosa manusa. Anjeunna bakal sumping deui kadua kalina, lain rek nanggung deui dosa, tapi rek nyalametkeun jelema-jelema anu keur ngadarago sumping-Na.