A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Nopember 10

Yehezkiel 11:1-25
1. Kaula ku Roh PANGERAN diangkat, dicandak ka gapura Bait Allah beulah wetan. Di dinya ningal aya dua puluh lima jelema, di antarana aya dua pamingpin bangsa, nya eta Yaasanya bin Asur jeung Pelaca bin Benaya.
2. Allah nimbalan ka kaula, ”Eh anak manusa, eta jelema-jelema teh tukang ngararancang kajahatan, tukang ngajurung kana teu bageur di ieu kota.
3. Carekna, ’Urang kudu buru-buru nyarieun deui imah. Ieu kota lir upama kastrol, ari urang lir upama daging anu digodog dina eta. Tapi kieu-kieu oge lumayan jadi hahalang, urang teu kungsi antel kana seuneu.’
4. Pek ayeuna ieu omongkeun ku maneh ka maranehna, eh anak manusa!”
5. Seug kaula dituyun ku Roh PANGERAN, sarta PANGERAN nimbalan sangkan kaula ngucapkeun sabda-Na, kieu timbalana-Na, ”Eh urang Israil! Kami uninga kana ucap-ucapan jeung sagala paniatan maneh.
6. Maraneh di ieu kota geus maehan pirang-pirang jelema, nepi ka bangke-bangke patulayah di jalan-jalan.
7. Ku sabab kitu, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maneh: Bener pisan, ieu kota teh kastrol. Cik dagingna naon? Dagingna teh bangke-bangke meunang maraneh mergasa! Maraneh baris euweuh ti dieu, ku Kami rek dibalangkeun ti ieu kota!
8. Sarieun maneh ku pedang? Kami rek ngadatangkeun jelema-jelema nu marawa pedang, sina narajang ka maraneh.
9. Maraneh ku Kami arek digiring kaluar ti ieu kota, diselehkeun ka urang asing. Maraneh ku Kami geus ditigas ku hukum pati.
10. Bakal paraeh ku perang di nagri sorangan, sangkan unggal jelema nyaho yen Kami teh PANGERAN.
11. Ieu kota moal bisa dipake nyalindung ku maraneh, moal cara kastrol ngajaga daging sangkan teu antel kana seuneu. Aya di mana bae di ieu nagri Israil, maraneh moal teu dihukum ku Kami.
12. Engke kakara nyaraho, Kami teh PANGERAN, kakara ngarasa yen tuhu kana hukum bangsa-bangsa tatangga teh hartina miceun hukum-hukum Kami, nolak kana parentah-parentah Kami.”
13. Sabot kaula ngucapkeun eta sabda, Pelaca ngarumpuyuk tuluy maot. Bruk kaula nyuuh kana taneuh bari ngajerit, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kutan Gusti teh bade maehan unggal jalmi Israil anu nyesa keneh?”
14. Allah nimbalan ka kaula,
15. ”Eh anak manusa, maneh jeung batur-batur dipangbuangan, diaromongkeun ku nu araya di Yerusalem. Ceuk maranehna, ’Jalma-jalma nu dibuang mah geus kacida jarauhna ti dieu, moal bisa daratang ngabakti ka PANGERAN. Ieu nagri ku PANGERAN geus dibikeun jadi milik urang.’
16. Ayeuna ucapkeun ka sasama buangan ieu sabda Kami. Bejakeun, nya Kami anu ngirim maranehna sina aya di tengah bangsa-bangsa jauh ti nagrina, dibacacarkeun di nagri-nagri lian. Tapi sajeroning maranehna araya di tempat-tempat pangluntaanana, ku Kami rek direujeungan.
17. Ku sabab eta, bejakeun ka maranehna sabda Kami, PANGERAN Nu Agung. Sebutkeun yen maranehna baris dibawa kaluar ti nagri tempat maranehna bacacar, sarta nagri Israil ku Kami rek diserenkeun deui ka maranehna.
18. Lamun maranehna geus araya deui di lemah caina, lamun manggih brahala najis jeung pikaijideun tangtu dipiceun.
19. Hate jeung pipikiranana baris dianyarkeun. Sipatna anu bedegong, hatena anu teuas cara cadas, baris disalin ku hate anu nurut.
20. Maranehna baris tuhu kana parentah-parentah Kami, baris tigin kana aturan-aturan Kami, jaradi umat Kami, sarta Kami Allah maranehna.
21. Tapi Kami baris ngahukum ka jelema-jelema anu nyarembah ka brahala-brahala anu pikaijideun. Ku karana kalakuanana, ku Kami tangtu dihukum.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
22. Mahluk-mahluk tea tuluy haliber, dituturkeun ku kikiping-kikiping, diauban ku cahaya kamulyaan Allah anu gumebyar.
23. Cahaya anu gumebyar teh ninggalkeun kota, tuluy kebat ka gunung wetaneunana.
24. Dina eta titingalan, kaula diangkat ku Roh Allah, dicandak ka tempat pangbuangan deui di Babul. Les titingalan teh leungit.
25. Sagala rupa anu ku PANGERAN ditembongkeun ka kaula, ku kaula dicaritakeun ka sasama buangan.

Yehezkiel 12:1-28
1. PANGERAN nimbalan ka sim kuring,
2. ”Eh anak manusa, maneh hirup teh di antara jelema-jelema tukang ngalawan. Maranehna barogaeun mata, tapi teu narenjoeun naon-naon, barogaeun ceuli tapi teu ngadarengeeun naon-naon, lantaran ngaralawan bae.
3. Eh anak manusa, ayeuna maneh kudu bubuntel cara anu rek ngungsi. Memeh reup peuting kudu indit. Sing katangen ku sarerea maneh indit ti dieu rek ka tempat sejen, sugan daraekeun maranehna malire ari nenjo kitu mah.
4. Meungpeung beurang, geura bubuntel sakumaha jalma nu rek dibuang, sina katarenjoeun ku maranehna, jeung sina diarawaskeun maneh indit engke peuting saperti nu rek ka pangbuangan.
5. Sabot maranehna ngarawaskeun, maneh kudu ngabobok bilik imah, poncorkeun barang-barang maneh ti dinya.
6. Sina katarenjoeun maneh poek-poek indit nanggung babawaan jeung peungpeunan panon nepi ka maneh talag-tolog teu nenjo jalan. Sapeta-peta maneh kitu baris jadi galagat pikeun urang Israil.”
7. Sapamundut PANGERAN ku kaula dijalankeun. Kaula bubuntel kawas anu rek ngungsi. Sanggeus reup poek tuluy nyieun liang dina tembok imah, ku leungeun bae, tuluy moncor ti dinya. Sabot jalma-jalma malencrong, kaula indit manggul babawaan.
8. Poe isukna PANGERAN nimbalan,
9. ”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”urang Israil nu baredegong teh naranyakeun, carekna maneh teh nanaonan.
10. Bejakeun ieu sabda Kami, PANGERAN, ka maranehna, pikeun raja anu keur marentah di Yerusalem jeung pikeun bangsa Israil anu araya di dinya.
11. Bejakeun, anu dipetakeun ku maneh teh hiji totonde anu bakal karandapan ku maranehna. Nya eta: maranehna bakal naringgalkeun padumukanana, jaradi tawanan.
12. Rajana anu kawasa ka maranehna bakal manggul babawaanana bari mopoek, kabur, jalanna moncor kana tembok beunang ngabobok rahayatna. Inditna bari meungpeun, nepi ka teu nyaho arek ka mana.
13. Tapi ku Kami rek ditaheunan ku jaring, tuluy rek dibawa ka kota Babul, sina paeh di ditu kalawan teu kungsi nenjo heula eta kota.
14. Anggota-anggota pangadilanana, juru-juru nasehatna, jeung para pangawalna ku Kami rek dipabalencarkeun, sarta bakal ditareangan ku rahayatna rek dipaehan.
15. Sanggeus pabalencar, di tengah bangsa lian, di nagri-nagri asing, kakara maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.
16. Bakal aya sawareh anu ku Kami dihaja sina salamet, henteu kasabet ku perang, teu kasorang ku kalaparan jeung ku sasalad panyakit, sina karasaeun di tengah bangsa-bangsa nu ngaboyongna, yen kalakuan-kalakuanana teh pohara pikaijideunana, sarta bakal ngaraku yen Kami teh PANGERAN.”
17. PANGERAN nimbalan ka kaula,
18. ”Eh anak manusa”, timbalana-Na, ”maneh saban dahar kudu bari ngadaregdeg, saban nginum kudu bari ngagebeg sieun.
19. Bejakeun ka bangsa Israil anu araya keneh di nagrina: Saban maranehna dahar, tangtu bari jeung ngadaregdeg, saban nginum tangtu bari jeung gegebegan sieun. Nagrina bakal suwung, ku karana pamolah jelema-jelemana anu teu malire kana hukum.
20. Nagri-nagri anu ayeuna gegek pangeusina teh bakal jadi leuweung. Engke kakara maranehna nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”
21. PANGERAN nimbalan ka kaula,
22. ”Eh anak manusa, ku naon urang Israil marake babasan kieu: ’Waktu jalan terus, sarta piwejang-piwejang teu bukti’?
23. Bejakeun ka maranehna sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngeunaan eta babasan. Rek dieuweuhkeun eta babasan teh ku Kami. Moal diucap-ucapkeun deui di Israil. Bejakeun, ieu pigantieunana: Waktu geus tangtu cunduk, piwejang-piwejang pasti bukti!
24. Pelengan-pelengan anu palsu, atawa ramalan-ramalan anu nyasabkeun, moal aya deui di Israil.
25. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung baris nyarita, sarta pangandika Kami pinasti ngajadi. Jeung moal aya anu diengke-engke, jaman maraneh keneh kiwari, naon anu ku Kami geus diomat-omatkeun tangtu ngajadi. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, geus ngandika.”
26. PANGERAN nimbalan ka kaula,
27. ”Eh anak manusa, tetenjoan maneh anu gaib, kitu deui piwejang-piwejang maneh, ceuk panyana urang Israil tangeh keneh kana pibuktieunana.
28. Bejakeun ka maranehna, yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngandika kieu: Pangandika Kami pasti bukti, moal aya anu diengke-engke. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung geus ngandika.”

Mazmur 122:1-5
1. Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kaula bungah waktu maranehna ngomong ka kaula, ”Yu urang indit ka gedong PANGERAN.”
2. Ayeuna urang geus di dieu, aya di sisi gapura Yerusalem!
3. Yerusalem kota anu diwangunna ditata endah sagalana sarwa luyu.
4. Nya ieu tempat anu didatangan ku kaom-kaom, kaom-kaom Israil, anu rek ngarucap sukur ka PANGERAN, sakumaha parentah Mantenna.
5. Nya di dieu raja-raja Israil caralikna, ngahakiman rahayatna.

Amsal 28:17-18
17. Jalma nu boga dosa maehan, ibarat ngali kuburan gagancangan keur ngaruang maneh. Keun antep.
18. Kudu jujur, tangtu hirup salamet, mun teu jujur, pasti tereh tijungkel.

Ibrani 6:1-20
1. Ayeuna hayu urang mancat tina hambalan kahiji, urang teruskeun kana pangajaran-pangajaran Kristen saterusna, sing nepi ka asak. Ulah ngungucel bae pangajaran dasar anu ngajarkeun hal kudu eureun tina kalakuan nu taya mangpaʼatna, hal kudu percaya ka Allah,
2. hal baptis, hal numpangan leungeun ka batur, hal pihudangeunana anu geus maraot, jeung hal hukuman langgeng.
3. Urang maju! Ka nu leuwih luhur! Mugia Allah ngawidian!
4. Sabab lamun jelema geus ninggalkeun imanna, bisa ditungtun deui kumaha? Tadina maranehna geus araya dina caangna Allah, geus ngarasa genah-genahna kurnia-kurnia Allah ti sawarga, geus narampa Roh Suci,
5. tina pangalamanana geus nyarahoeun yen pangandika Allah teh hade, geus barisa ngarasakeun kurnia-kurnia jaman nu bakal datang.
6. Ari pek malundur deui! Pamohalan bisa diajak tobat deui, lantaran maranehanana geus nyalibkeun deui Putra Allah bari dihihina di hareupeun jalma rea.
7. Taneuh anu sering nyeuseup cihujan lantaran sering kahujanan, pepelakanana jaradi, nguntungkeun ka nu melakna, tandana diberkahan ku Allah.
8. Tapi lamun anu jaradi di eta tanah teh areuy-areuyan jeung cucuk-cucukan, geus tangtu taya mangpaʼatna, anu engkena bakal disapa ku Allah, tuluy diduruk nepi ka beak.
9. Dulur-dulur! Sanajan kecap-kecap sim kuring sakieu resagna, ari hate mah yakin aranjeun teh geus narampa rahmat anu pangajina leuwih, anu jadi sabagian tina kasalametan aranjeun.
10. Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna ku jalan nulungan ka dulur-dulur sakapercayaan, nepi ka ayeuna.
11. Kacida diarep-arepna muga aranjeun pengkuh nepi ka cacapna, supaya hal anu keur diarep-arep ku aranjeun teh laksana katarima.
12. Ulah mumulan, kudu nulad ka jelema-jelema anu geus narampa hal anu dijangjikeun ku Allah lantaran percaya, sarta nunggu-nunggu kalayan sabar.
13. Waktu Allah ngadamel perjangjian ka Ibrahim, nganggo sumpah yen bakal ngalaksanakeun jangji-Na. Ku sabab teu aya anu leuwih luhur ti Allah, sumpah-Na nyebat jenengan ku manten.
14. Dawuhana-Na, ”Kami sumpah, maneh bakal diberkahan jeung dibere pirang-pirang turunan.”
15. Ibrahim sabar ngantosan eta jangji. Ku sabab kitu eta jangji Allah teh dilaksanakeun ka anjeunna.
16. Jelema lamun sumpah, pikeun ngukuhkeun sumpahna teh bari nyebut demi si Anu, anu saluhureunana, supaya pacental-centalna eureun.
17. Allah ngaraos perlu mintonkeun kaestuana-Na ka sakur anu dipaparin jangji, pikeun nandakeun yen jangji-Na moal robah, eta sababna jangji-Na dikuatkeun ku sumpah.
18. Ku sabab kitu ieu dua hal teh, jangji jeung sumpah-Na, ngalantarankeun Mantenna moal kersa barobah, moal kersa jalir. Pikeun anu nyalindung ka Mantenna, sumpah Mantenna teh jadi pamageuh pangharepanana yen jangji Mantenna tangtu dilaksanakeun.
19. Eta pangharepan urang kitu teh lir jangkar anu nanceb jero, jadi pamageuh hirup urang nepi ka urang ngarasa aman. Eta jangkar pangharepan teh nembus reregan ka Kamar Pangsucina di Bait Allah di sawarga.
20. Yesus geus lebet ka dinya heulaeun urang, pikeun urang, jadi Imam Agung urang salalanggengna, saperti Melkisidik.