A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Oktober 5

Yesaya 61:1-11
1. Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait, ngabejaan ka nu keur dipanjara yen bakal dibebaskeun.
2. Kaula dipiwarang ngembarkeun, yen geus cunduk waktuna, PANGERAN bakal ngajait umat-Na, ngelehkeun musuh-musuh-Na, ngalilipur ka nu prihatin.
3. Kaula mawa beja piatoheun ka urang Sion, pikeun ngaleungitkeun kasungkawaanana, sina maruji, ulah udah-aduh deui. Maranehna bakal saibarat tangkal nu dipelak ku PANGERAN ku manten. Lampahna bakal balener. Allah bakal diparuji sagala damel-Na.
4. Kota-kota nu geus lila bukrak-bakrek, ku maranehna bakal diadegkeun deui.
5. Eh umat Kami, bangsa asing bakal kumawula ka maraneh. Bakal mangangonkeun, manggarapkeun lahan, mangrawatankeun kebon anggur.
6. Maraneh bakal disarebut: imam-imam PANGERAN, abdi-abdi Allah. Bakal marake kakayaan bangsa-bangsa, anu geus jadi milik maraneh.
7. Kaera jeung kahinaan maraneh geus tamat. Maraneh bakal caricing di nagri sorangan, sarta kabeungharan maneh bakal jadi lipet ganda, sapapanjangna bakal aya dina kabungah.
8. Dawuhan PANGERAN, ”Kami suka kaadilan, cua kana panggencet jeung kajahatan. Umat Kami tangtu ku Kami diganjar, jeung dibere perjangjian anu moal barobah.
9. Maranehna bakal mashur di antara bangsa-bangsa. Sakur nu nenjo tangtu taregeseun yen maranehna teh umat anu diberkahan ku Kami.”
10. Yerusalem bakal bungah ku sagala damel PANGERAN. Yerusalem bakal didangdanan, lir panganten awewe dina poean kawinanana. Kasalametan jeung kaunggulan minangka dangdananana.
11. Sakumaha binih tangtu sirungan jeung jadi, nya kitu PANGERAN Nu Maha Agung pasti nyalametkeun umat-Na. Sarta sakabeh bangsa bakal ngamulyakeun ka Mantenna.

Yesaya 62:1-12
1. Kaula rek ngomong, ngahatean Yerusalem. Moal waka repeh nepi ka eta kota bisa kajait, sarta kaunggulanana ngagebur lir obor waktu peuting.
2. Eh Yerusalem, kajayaan maneh bakal tembong deui ka bangsa-bangsa. Kamulyaan maneh bakal katembong ku raja-raja. Maneh bakal nyandang ngaran anyar, ti PANGERAN ku manten.
3. Maneh pijadieun makuta endah kagungan PANGERAN.
4. Moal disarebut deui ”Nu tiiseun”, tanah maneh moal disarebut deui ”Pamajikan nu geus ditoker”. Ngaran maneh anu anyar nya eta: ”Anu diasih ku Allah”. Tanah maneh ngaranna ”Nu ditikah”. Sabab maneh diasih ku PANGERAN, nu jadi minangka salaki tanah maneh.
5. Lir lanjang ditikah ku budak bujang, maneh bakal ditikah ku Mantenna, anu ngajadikeun maneh. Allah bakal mikaasih ka maneh, kawas panganten lalaki asih ka panganten awewe.
6. Eh Yerusalem, dina luhur kuta maneh geus aya anu karemit. Beurang peuting eta teh teu meunang repeh nunuhun ka PANGERAN, sangkan Mantenna emut kana sagala jangji-Na, sangkan ulah lali ka maranehna.
7. Kudu terus, tong eureun-eureun nunuhun, nepi ka Mantenna ngadegkeun deui Yerusalem, nepi ka Yerusalem jadi kota pamujian saalam dunya.
8. Kalawan enya-enya PANGERAN geus ikrar jangji. Demi kakawasaana-Na, jangji-Na tangtu dilaksanakeun: ”Gandum maneh moal dihakan deui ku musuh, anggur maneh moal diinum deui ku bangsa lian.
9. Maneh anu melak, nu metik, nu ngadaharna, bari muji sukur ka PANGERAN. Melak anggur, maneh nu ngurus, nu metik buahna, jeung nginum anggurna di buruan Bait Kami.”
10. Eh urang Yerusalem, geura kaluar ti kota! Nyieun jalan keur rahayat nu rek marulang! Jalanna sing rubak, batuna piceunan. Jeung kudu mere tangara, sangkan bangsa-bangsa nyarahoeun,
11. yen PANGERAN ngembarkeun ka sakuliah jagat: ”Embarkeun! Eh Yerusalem, maneh tereh salamet. PANGERAN geus sumping nyandak umat-Na, anu ku Mantenna geus disalametkeun.”
12. Maneh bakal disebut ”Umat Allah anu suci”. ”Umat anu dijait ku PANGERAN”. Yerusalem bakal disarebut ”Kota kaasih Allah”, ”Kota nu moal ditilar ku Allah”.

Mazmur 115:9-13
9. Sing percaya ka PANGERAN, eh urang Israil! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka maraneh.
10. Sing percaya ka PANGERAN, eh imam-imam Allah! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka aranjeun.
11. Sing percaya ka PANGERAN, eh nu nyarembah ka Mantenna! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka maraneh.
12. PANGERAN emut ka urang; sarta baris ngaberkahan ka urang, baris ngaberkahan ka urang Israil, jeung ka para imam Allah.
13. Mantenna baris ngaberkahan sakur anu hormat ka Mantenna, boh nu gede boh nu leutik.

Amsal 26:24-26
24. Aya jalma anu pura-pura muji, padahal hatena mikageuleuh.
25. Kade tong dipercaya najan pamujina genah ge, da hatena mah ngentab-ngentab ku kangewa.
26. Bisa pisan nyumputkeun kangewana teh, tapi kagorenganana moal teu kapanggih.

Ef 6:1-24
1. Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade.
2. ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:
3. ”Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.”
4. Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.
5. Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.
6. Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.
7. Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.
8. Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.
9. Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.
10. Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.
11. Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.
12. Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.
13. Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.
14. Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,
15. sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.
16. Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.
17. Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.
18. Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah. Jadi kudu terus waspada, ulah eleh ku hoream. Ulah kendat mangnedakeun sakabeh umat Allah.
19. Sim kuring ge pangnedakeun, mugi-mugi ku Allah dipaparin bahan piucapeun anu layak dina waktuna kudu nyarita engke, jeung mugi sing ludeung nerangkeun rasiah Injil Kasalametan.
20. Nya pikeun ieu Injil Kasalametan sim kuring jadi utusan Allah teh, ayeuna keur dipanjara. Pangnedakeun sangkan wani nyaritakeun hal Injil Kasalametan sakumaha mistina.
21. Hal kaayaan sim kuring ayeuna, aranjeun engke terang ti Tihikus, dulur urang anu satia kana gawe pikeun Gusti.
22. Engke anjeunna disina ka dieu nyaritakeun kaayaan sim kuring sabatur-batur, pikeun ngareugreugkeun hate aranjeun.
23. Mugi-mugi Allah Rama jeung Gusti Yesus maparin kakertaan, jeung rasa kanyaah dina kapercayaan ka sakumna dulur-dulur Kristen.
24. Mugia sih kurnia Allah nyarengan ka sakur anu nyaah ka Gusti urang Yesus Kristus ku kanyaah anu teu pareum-pareum.