A A A A A
Error:
BookNum: 24 Chapter: 41 VerseStart: 18 VerseShouldHave: 17
Alkitab dalam satu tahun
Oktober 28

Yeremia 41:1-18
1. Dina bulan katujuh taun eta keneh, Ismail bin Netanya incu Elisama, salah saurang perwira luhur karajaan tur wargi raja keneh, natamu ka Gedalya. Sabot keur bareng dalahar,
2. Ismail sabatur-baturna nyarabut pedang, tuluy narajang ka Gedalya. Gedalya maot.
3. Malah urang Israil anu reureujeungan jeung Gedalya di Mispa, kitu deui sawatara serdadu Babul anu keur araya di dinya, eta oge dipaehan kabeh.
4. Isukna, memeh maotna Gedalya kanyahoan,
5. aya aleutan jelema ti Sekem, Silo jeung Samaria, dalapan puluh urang. Janggotna beunang nyukuran, papakeanana beunang nyosoeh, sarta awakna beunang nurihan maneh. Marawa bahan pikurbaneun, gandum jeung dupa, baktikeuneun di Bait Allah.
6. Ismail mapagkeun ti Mispa bari ceurik sajajalan. Sanggeus tepung, pok manehna ngomong, ”Sae urang ngalayad ka Gedalya.”
7. Barang eta jalma-jalma narepi ka jero kota, ku Ismail jeung babaturanana ditarajang, dipaehan, mayitna dialung-alungkeun ka jero sumur.
8. Aya sapuluh urang anu henteu kungsi dipaehan, lantaran melas-melis ka Ismail pokna, ”Kuring ulah dipaehan. Kuring boga pependeman, diruang di kebon, aya tarigu, aya gandum, minyak jetun, jeung madu.”
9. Sumur anu dipake ngunclung-ngunclungkeun mayit teh gede, beunang ngadamel Raja Asa, basa keur ditempuh ku Raja Baasa, raja Israil. Eta sumur ku Ismail dipinuhan ku mayit-mayit.
10. Ti dinya Ismail nangkepan putri-putri raja, kitu deui sakabeh jalma di Mispa, anu ku kapala pasukan Nebusaradan dipercayakeun ka Gedalya. Geus kitu bral Ismail indit mawa para tawanan, ngajugjug ka wewengkon tanah Amon.
11. Eta kajahatan Ismail geus katarima bejana ku Yohanan sabatur-batur, para kapala perjurit.
12. Tuluy Ismail diudag, kasusul deukeut hiji talaga di Gibon.
13. Barang para tawanan Ismail narenjoeun ka pasukan Yohanan, kacida aratoheunana,
14. tuluy lalumpatan nyalampeurkeun.
15. Tapi Ismail jeung batur-baturna dalapan urang bisa ngejat, tuluy kabur ka tanah Amon.
16. Geus kitu para tawanan anu ku Ismail dibawa ti Mispa sabada Gedalya tiwas, ku Yohanan jeung ku kapala-kapala perjurit diurus, nya eta serdadu-serdadu, wanita-wanita, barudak jeung ponggawa-ponggawa karaton.
17. Tapi ku sabab Gedalya geus tiwas ku Ismail, mangkaning Gedalya teh beunang ngangkat raja Babul jadi gupernur di dinya, maranehna jadi sarieuneun ku urang Babul. Ku sabab kitu tuluy nyalingkir ti dinya, kebat laleumpang nepi ka Kimham deukeut Betlehem. Di dinya areureun heula, baris terus ka Mesir, nyingkiran urang Babul.
18. Para kapala perjurit, Yohanan bin Kareah, Asarya bin Hosaya jeung jalma tea ti sagala lapisan, maranggihan kaula, ngasongkeun pamenta, pokna,

Yeremia 42:1-22
1. ”Abdi sadaya gaduh panuhun, mugi Bapa kersa ngabulkeun. Nyuhunkeun dipangnedakeun ka PANGERAN Allah urang. Pangnedakeun ieu rahayat anu mung kantun sakieu sesana, padahal kapungkur sakitu seueurna, Bapa oge tingali.
2. Pangnedakeun pituduh ka PANGERAN, abdi-abdi kedah kumaha, sareng kedah ka mana.”
3. ”Heug,” walon kaula, ”pamenta aranjeun ku Bapa urang unjukkeun ka PANGERAN Allah urang. Kumaha pangandika-Na engke, ku Bapa tangtu dibuka, moal aya nu disidem.”
4. Carek maranehna, ”PANGERAN ku manten anu baris jadi saksi satuhu sareng satemenna, upami abdi-abdi henteu tumut kana pangandika PANGERAN Allah urang anu katampi ku Bapa kanggo abdi-abdi.
5. Bade genah bade henteu, pangandika-Na bade ditampi. Abdi-abdi sumeja tumut ka PANGERAN Allah urang. Nu mawi ka Bapa nyuhunkeun dipangnedakeun ka Mantenna oge tangtos sagala pangersa-Na bade ditumutkeun, supados jamuga.”
6. Sapuluh poe ti harita, PANGERAN ngandika ka kaula.
7. Seug Yohanan, para kapala perjurit jeung jalma rea ku kaula disina kumpul.
8. Geus kitu ceuk kaula, ”Bapa dipentaan tulung ku aranjeun, mangnyuhunkeun pituduh ka PANGERAN Allah Israil. Kieu timbalana-Na,
9. ’Upama maraneh tetep maratuh di ieu tanah, ku Kami maraneh baris diajegkeun, moal diruntuhkeun; maraneh bakal tumuwuh sarta ku Kami moal dirabut. Sabab Kami ngarasa kacida hanjakalna geus nyilakakeun bangsa maraneh.
10. Geus, ulah sarieun ku raja Babul. Ku Kami maraneh rek disarengan, sangkan salamet tina kakawasaanana.
11. Kami anu sipat welas asih, rek ngersakeun sangkan raja Babul karunyaeun ka maraneh, ngidinan maraneh mulang ka nagri maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’
12. Nu matak aranjeun anu araya keneh di tanah Yuda, ulah henteu narurut ka PANGERAN Allah aranjeun, yen kudu maratuh di tanah ieu. Sabab upama ceuk aranjeun, ’Mending ka Mesir, di ditu mah moal nenjo-nenjo deui perang atawa ngadenge sora tarompet nu nyalukan perang, jeung moal kalaparan,’ kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ’Upama maraneh keukeuh arindit ka Mesir sarta maratuh di ditu,
13. ***
14. ***
15. perang anu ku maraneh dipikagimir teh tangtu ngudag ka ditu, bahla kalaparan anu ku maraneh dipikarisi tangtu ngaberik maraneh ka Mesir. Maraneh tangtu paraeh di Mesir.
16. Jadi saha anu keukeuh ka daritu tangtu paraeh, mun teu ku perang tangtu ku kalaparan atawa ku pagebug. Saurang ge moal aya anu hirup, moal barisa luput tina bahla anu ku Kami rek didatangkeun ka dirina.’
17. Kieu deui timbalan PANGERAN Allah Israil, ’Sakumaha Kami geus ngabudalkeun amarah jeung kajengkel ka urang Yerusalem, ka maraneh oge upama keukeuh arindit bae ka Mesir, amarah Kami tangtu budal. Nasib maraneh bakal pikagilaeun batur, bakal pada moyok, pada ngahina, sarta ngaran maraneh bakal diparake sasapaan ku batur. Maraneh moal nenjo-nenjo deui tanah ieu.’ ”
18. Ceuk kaula deui, ”Aranjeun nu araya keneh di Yuda ku PANGERAN geus dilarang supaya ulah arindit ka Mesir. Ku sabab kitu ayeuna Bapa ngelingan,
19. mun ka daritu teh salah kabina-bina, matak tiwas. Aranjeun geus muntang ka Bapa menta dipangnedakeun ka PANGERAN. Geus jarangji rek nurut kana sagala timbalana-Na.
20. Geus cukup Bapa ngingetan, tapi aranjeun teu narurut bae kana timbalan PANGERAN Allah urang anu diandikakeun ka Bapa.
21. Ku sabab eta masing aringet: Aranjeun tangtu tumpur di ditu, di nagri anu ku aranjeun dipicangcam. Lamun teu tumpur ku perang tangtu tumpur ku pagebug atawa ku kalaparan.”
22. Nun PANGERAN, pangandika Gusti teguh salalamina, langgeng abadi di sawarga.

Mazmur 119:89-96
89. Kasatiaan Gusti lumangsung sapanjang jaman. Gusti parantos ngadegkeun bumi, eta tetep aya.
90. Saniskara ge sadayana aya dugi ka kiwari, margi ku timbalan Gusti, margi sadayana ge eta teh abdi-abdi Gusti.
91. Upami sanes hukum Gusti nu jadi sumber kabagjaan abdi, tangtos abdi parantos tiwas ku kasangsaraan.
92. Abdi hamo lesot nyekel hukum Gusti, margi nya ku eta Gusti ngahirupan abdi.
93. Abdi teh kagungan Gusti, mugi disalametkeun, margi parantos satiasa-tiasa taʼat kana parentah Gusti.
94. Abdi diarah ku nu jarahat bade dipaehan, nanging tetep bade ngalenyepan hukum-hukum Gusti.
95. Abdi terang yen sagala rupi aya watesna, nanging aturan-aturan Gusti mah sampurna.
96. Bangsa baris kuat sarta tahan, lamun para pamingpinna palinter sarta laluhung, tapi bangsa anu dosa mah pamarentahna ngan gunta-ganti bae.

Amsal 28:2-2
2. Timoteus anaking, Ieu bapa, Paulus, anu ku Allah dikersakeun jadi rasulna Kristus Yesus, anu diutus ngembarkeun hal hirup anu dijangjikeun, anu geus beunang ku urang sanggeus urang ngahiji jeung Kristus Yesus. Mugia hidep ginanjar kurnia rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti urang, Kristus Yesus.

2 Timotius 1:1-18
1. ***
2. Bapa muji sukur ka Allah. Bapa ngabdi ka Mantenna reujeung lelembutan sakumaha karuhun bapa. Saban neneda, beurang atawa peuting, bapa inget ka hidep sarta muji sukur ka Mantenna.
3. Bapa inget kana kasedih hate hidep, jadi bapa teh kacida tibelatna hayang gok bae papanggih, tada teuing meureun bungahna.
4. Inget oge kana iman kapercayaan hidep anu iklas sakumaha Lois nini hidep jeung Enika indung hidep.
5. Pamenta bapa, eta kurnia paparin ti Allah waktu hidep ditumpangan leungeun ku bapa teh sing tetep hirup dina hate hidep.
6. Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.
7. Ku sabab kitu tong era-era ku perkara Gusti urang atawa ku hal bapa dipanjara ku karana Kristus, anggur milu ancrub sangsara ku karana Injil Kasalametan tea, da geus dibere kakuatan ku Allah.
8. Urang ku Mantenna geus disalametkeun jeung disaur dijadikeun umat-Na. Lain pedah Mantenna mandang pagawean urang, tapi ku karana geus kitu bae tujuan Mantenna, jeung ku karana sih piwelas-Na anu geus dirancang ti samemeh gelarna pajamanan, sarta anu bakal ngalaksanakeunana teh Yesus Kristus.
9. Ayeuna eta sih kurnia-Na teh geus dibuktikeun ka urang, sabab Kristus Yesus teh geus sumping, jadi Jurusalamet urang, namatkeun kakawasaan maot jeung ngagelarkeun hirup anu langgeng ku jalan Injil Kasalametan.
10. Eta Injil Kasalametan teh kudu diembarkeun, nu matak bapa ku Allah diangkat jadi rasul jeung guru anu kudu ngembarkeunana.
11. Nya ku karana eta bapa nandangan sangsara teh. Tapi tekad bapa tetep, sabab nyaho pisan ka anu dipercaya ku bapa. Sarta bapa yakin yen Mantenna kawasa ngajaga eta amanat-Na anu dipercayakeun ka bapa nepi ka Poe Kiamat.
12. Cekel pangajaran-pangajaran ti bapa teh sing gumati, jieun padoman turuteun hidep, sing mantep dina iman jeung kanyaah anu geus jadi milik lantaran urang ngahiji jeung Kristus Yesus.
13. Naon-naon anu hade paedahna anu geus dipercayakeun ka hidep, jaga sing bener kalawan pitulung pangawasa Roh Suci anu geus ngancik di urang.
14. Dulur-dulur urang di wilayah Asia, malah Pigelus jeung Hermogenes, geus miceun ka bapa. Hidep ge nyaho.
15. Mugi aya piwelas Allah ka kulawarga Onesiporus anu sering ngahatean ka bapa. Manehna mah teu eraeun ngaku ka bapa anu keur di panjara teh.
16. Kakara ge jol ti Rum geus neangan bapa nepi ka kapanggih.
17. Di Epesus ge sering pisan nulunganana, hidep ge nyaho. Mugi-mugi dina Poean Gusti sumping anjeunna meunang piwelas Allah.