Instagram
English
A A A A A
Yeremia 7:1-34
1. PANGERAN miwarang kaula ka gapura Bait Allah, paranti urang Yuda arasup ngabakti. Kaula dititah nangtung di dinya ngumumkeun pangandika Mantenna, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil. Kieu anu kudu diucapkeun ka maranehna, ”Robah kalakuan jeung kabiasaan hirup maraneh, sangkan ku Kami diidinan caricing di dieu.
2. ***
3. ***
4. Ulah palercaya deui ka nu sok ngomong kieu: ’Di dieu urang aman! Ieu teh Bait PANGERAN, ieu teh Bait PANGERAN, ieu teh Bait PANGERAN!’
5. Robah jalan hirup jeung eureunan kalakuan nu ayeuna teh. Dina urusan jeung pada batur kudu jujur.
6. Ulah macikeuh deui ka urang asing, ka yatim pahatu jeung ka randa-randa. Ulah maehan deui jelema anu taya salahna di ieu tanah. Ulah ngabarakti deui ka allah-allah sejen, sabab eta teh bakal nyilakakeun ka maraneh.
7. Saupama maraneh daraek robah kalakuan, ku Kami diidinan caricing terus di ieu tanah anu ku Kami geus dipusakakeun ka karuhun maraneh supaya jadi tanah milik anu tetep.
8. Tapi tetela, anu dipercaya ku maraneh mah omongan anu nyasabkeun.
9. Maraneh ngabangsat, maehan, jinah, sumpah palsu, ngurban ka Baal, jeung nyarembah ka dewa-dewa anu tadina maraneh teu wawuh.
10. Sanggeus nyieun eta kalakuan anu pikagirukeun Kami, maraneh daratang ka hareupeun Kami, ka ieu Bait Kami, bari ngomong, ’Urang aman!’
11. Na anggapan maraneh Bait Kami teh panyumputan begal? Kami geus nenjo sagala kalakuan maraneh.
12. Jig indit ka Silo, tempat anu pangheulana dipilih ku Kami paranti babakti ka Kami. Tenjo, geus dikumahakeun eta ku Kami ku lantaran dosana umat Kami Israil.
13. Eta dosa-dosa kitu ku maraneh dilakonan kabeh, tur sakitu ku Kami diingetan sababaraha kali maraneh arembung ngadenge. Ana ku Kami disaur tara narembalan.
14. Ku sabab kitu, Bait Kami anu ieu oge, anu ku maraneh dijieun andelan, ku Kami rek disina cara anu kaalaman ku nu di Silo. Di dieu oge, tempat anu ku Kami geus dibikeun ka karuhun maraneh jeung ka maraneh, ku Kami rek disina sakumaha anu di Silo.
15. Maraneh rek diusir ti hareupeun Kami, sakumaha Kami geus ngusir dulur-dulur maraneh urang Israil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
16. Timbalan PANGERAN, ”Yermia, maneh ulah mangnedakeun ieu jalma-jalma. Ulah sasambat atawa neneda keur maranehna; najan maneh maksa oge ku Kami moal didenge.
17. Na teu katenjo ku maneh kumaha kalakuanana di kota-kota Yuda jeung di jalan-jalan Yerusalem?
18. Barudak ngarumpulkeun suluh, kolot-kolot ngahurungkeun seuneu, awewe-awewe nyieun adonan jang nyieun kueh, baktikeuneun ka hiji dewi anu ku maranehna dingaranan Ratu Sawarga. Heug deui nyaricikeun anggur sasajen ka allah-allah sejen, maksudna nganyenyeri hate Kami.
19. Tapi naha enya anu dinyenyerina teh Kami? Lain, maranehna sorangan anu ngarasa nyerina, nepi ka areraeun.
20. Ku sabab kitu, Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, rek ngabudalkeun amarah ka ieu tempat ibadah. Amarah Kami bakal budal narajang ka jelema jeung ka sasatoan, malah kana tatangkalan jeung hasil bumi. Amarah Kami bakal saibarat seuneu anu hamo bisa dipareuman.
21. Eh umat, kurban-kurban maraneh aya anu kudu diduruk gembleng nepi ka beak dina altar, aya oge anu ku maraneh meunang didahar. Tapi ayeuna ceuk Kami, PANGERAN, masing rek kabeh didalahar ge pek bae.
22. Basa karuhun maraneh ku Kami dibawa kaluar ti Mesir, ku Kami henteu dikudukeun nyanggakeun kurban nu diduruk atawa kurban-kurban sejenna.
23. Anu diparentahkeun ku Kami nya eta kudu nurut ka Kami, sangkan Kami jadi Allahna sarta maranehna jadi umat Kami. Sarta kudu ngalakonan jalan nu diparentahkeun ku Kami, sangkan marulus dina sagala perkara.
24. Tapi henteu narurut, henteu malire. Anggur ngayunkeun tabeatna anu wangkelang, ngajujur pangajak hatena anu jahat, beuki lila lain beuki hade, tapi beuki goreng.
25. Ti semet karuhun maraneh budal ti Mesir, nepi ka poe ieu pisan Kami ka maraneh henteu weleh ngutus abdi-abdi Kami, nya eta nabi-nabi.
26. Tapi maraneh taya saurang-urang acan anu nurut, perhatian ge euweuh. Nu puguh mah maraneh jadi beuki wangkelang, beuki bangkawarah, leuwih ti karuhun maraneh.
27. Ku sabab kitu, Yermia, sanajan ieu kabeh ku maneh diomongkeun ka umat Kami, geus tangtu maneh moal didenge. Pek maranehna calukan, geus tangtu moal narembalan.
28. Jadi omongkeun, yen maranehna teh bangsa anu teu nurut ka Kami, PANGERAN Allahna, arembung metik hikmah tina pameperih. Kasatiaan teh geus pareum pisan, geus teu aya anu ngomongkeun-ngomongkeun acan.”
29. ”Geura nguluwut, urang Yerusalem! Teukteuk buuk maraneh terus alungkeun Nyanyikeun lagu nguburkeun di puncak-puncak pasir, sabab Kami, PANGERAN, keur amarah, sarta geus miceun umat Kami.
30. Urang Yuda geus nyieun kadorakaan. Maranehna nempatkeun brahala-brahalana, kagiruk Kami, di jero Bait Kami. Bait Kami dirurujit.
31. Di Lebak Hinom maranehna ngadegkeun altar anu dingaranan Topet, geusan ngaduruk anak-anakna nu lalaki nu awewe. Eta lain parentah ti Kami, malah Kami mah teu mikir-mikir acan ka anu kawas kitu.
32. Ku hal kitu eta tempat teh engke moal disarebut deui Topet atawa Lebak Hinom, tapi Lebak Pameuncitan. Jalma-jalma bakal dikalubur di dinya, da di tempat sejen mah geus taya tempat keur nguburkeunana.
33. Bangke-bangkena bakal jadi parab manuk jeung sato leuweung, sarta moal aya anu bakal ngagebahkeun.
34. Ieu tanah bakal jadi gurun keusik. Kota-kota Yuda jeung jalan-jalan di Yerusalem rek disina jempling, moal aya deui sora suka seuri, moal aya deui sora anu ria-ria, sora ti nu hajat kawinan.

Yeremia 8:1-22
1. Harita tulang-taleng raja-raja, para pajabat nagara Yuda, kitu deui tulang-taleng nabi-nabi, para imam jeung urang Yerusalem sejenna, bakal dikali dikaluar-luarkeun tina kuburan.
2. Lain rek dikumpulkeun terus dipendem deui, tapi diantep bae sina acak-acakan jadi gemuk, ambacak katungkulan ku panonpoe, bulan jeung bentang-bentang nu ku maranehna diparuja disarembah.
3. Jalma-jalma ieu bangsa jahat nu harirup keneh, anu ku Kami geus dipabalencarkeun ka mana-mana, suka keneh marilih paeh tinimbang hirup. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa.”
4. PANGERAN nimbalan ka sim kuring, miwarang ngomong kieu ka umat-Na, ”Ari jelema labuh lain sok hudang deui? Ari anu salah jalan lain sok balik deui?
5. Tapi maraneh, umat Kami, sanggeus naringgalkeun Kami teh ku naon teu baralik deui? Maraneh anggur montel ka brahala-brahala, embung baralik deui ka Kami.
6. Kami teu weleh ngadedengekeun sugan maraneh sok ngomongkeun hal anu bener, tapi lapur. Saurang ge euweuh nu kaduhung ku kajahatanana. Taya saurang-urang acan anu nanya ka dirina, ’Aing teh geus dosa naon?’ Saban jalma haben bae nurutkeun kahayang sorangan, kawas kuda anu mangprung muru ka medan perang.
7. Manuk bango ge nyahoeun iraha waktuna balik deui. Manuk tikukur, kapinis jeung kucica, nyarahoeun iraha kudu pindah ka daerah sejen. Tapi maraneh, umat Kami, teu nyaraho kana hukum-hukum Kami anu dipake ngatur maraneh.
8. Kumaha rek bisa ngaku majar bijaksana jeung nyaraho kana hukum-hukum Kami? Tenjo, hukum-hukum Kami geus dirobah ku tukang-tukang nyalin anu teu jujur.
9. Jalma-jalma bijaksana di maraneh bakal diera-era, bakal laleungit akal jeung kajiret. Maranehna nolak dawuhan-dawuhan Kami; jadi, kabijaksanaan naon anu ayeuna nyampak keneh di maranehna?
10. Ku sabab kitu lahan-lahanna ku Kami rek diserenkeun ka nu sejen, sarta pamajikan-pamajikan maranehna rek dibikeun ka nu sejen. Kabeh jalma, nu gede, nu leutik, pabisa-bisa nyiar kauntungan nu teu halal; malah nabi-nabi jeung para imam ge nipuan rahayat.
11. Raheut-raheut umat Kami dianggapna ngan ukur bared. ’Teu naon-naon, aman,’ carekna, padahal sama sakali teu aman.
12. Areraeun henteu dumeh eta kalakuanana teh kacida nistana? Teu, teu areraeun; teu nyahoeun-nyahoeun acan beureum beungeut teh kumaha. Ku sabab kitu lamun ku Kami geus diterapan hukuman, tangtu bakal tigejret kawas anu sejen-sejen, nya harita pitungtungeun maranehna teh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
13. Kami teh hayang ngumpulkeun umat, kawas juru tani ngumpulkeun hasil pepelakanana. Tapi umat Kami teh lir tangkal anggur atawa tangkal kondang anu teu buahan, malah daunna ge parerang. Nya ku sabab kitu eta tanah ku Kami dikajeunkeun sina dicokot ku urang piluaran.”
14. Ceuk umat Allah, ”Ku naon urang caricing bae di dieu? Hayu urang marubus ka kota-kota anu dibenteng, urang ngaradon paeh di dinya. Urang teh geus disina paraeh ku PANGERAN Allah urang, dibere racun kudu diinum, lantaran doraka ka Anjeunna.
15. Ngarep-ngarep pisenangeun, ngarep-ngarep bisa menyat, kalah ka ditarajang pikasieuneun.
16. Musuh geus aya di kota Dan, kudana geus bebenger. Ana kudana bebenger tingharoang, ieu tanah mani asa eundeur. Musuh geus datang rek ngaruksak tanah urang jeung sagala eusina, kota urang jeung jelema-jelemana.”
17. Lahiran PANGERAN, ”Awas, Kami rek ngaleupas-leupaskeun oray anu maratih, anu teu tunduk ku jampe, sina maracok ka maraneh.”
18. Kuring gering sajeroning pikir, nalangsa teu daek paler.
19. Tah dengekeun, di sakuliah nagri bangsa kuring tingjarerit, ”Naha kitu PANGERAN teh geus teu linggih di Sion? Naha kitu raja di Sion teh geus teu aya di dinya?” PANGERAN, raja maranehna, ngawaler, ”Naha atuh maraneh ngajengkelkeun Kami, nyarembah ka arca-arca, sarujud ka dewa-dewa asing anu euweuh pisan gunana?”
20. Rahayat sasambat, ”Usum panas jeung usum dibuat geus liwat, tapi urang acan salamet keneh bae.”
21. Hate kuring ajur, lantaran bangsa kuring ancur, pikiran nguluwut marungkawut.
22. Naha di tanah Gilad teh taya pisan ubar? Taya pisan doktor? Ku naon bangsa kuring henteu cageur-cageur?

Mazmur 118:1-4
1. Puji sukur ka PANGERAN, ku tina kasaeana-Na, ku tina langgeng asih-Na.
2. Ucapkeun ku Israil, ”Asih Mantenna langgeng.”
3. Ucapkeun ku para imam Allah, ”Asih Mantenna langgeng.”
4. Ucapkeun ku sakabeh nu ngabakti ka Mantenna, ”Asih Mantenna langgeng.”

Amsal 27:5-6
5. Leuwih hade nyawad terus terang, ti batan disangka embung malire-malire acan.
6. Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna. Sabalikna lamun musuh ngarangkul, urang kudu curiga.

Kolose 2:1-23
1. Terus-terang, sim kuring kacida banting tulangna pikeun kasalametan aranjeun teh, kitu deui pikeun urang Laodikea jeung salian ti eta anu tarerangeunana ka sim kuring kakara wawuh ngaran.
2. Nu dipalar supaya maranehna karuat tekadna tur ngahiji silih pikanyaah, supaya bisa enya-enya ngartina nepi ka yakin kana hal eta. Sabab lamun kitu maranehna bakal leuwih terang deuih kana rasiah Allah tea, tegesna ka Kristus ku anjeun.
3. Kristus teh konci anu mukakeun sisimpenan rajabrana hikmah jeung pangartos Allah anu tacan kanyahoan ku urang.
4. Ku hal eta aranjeun ulah beunang kaolo ku batur, sanajan jelemana siga kacida hadena oge.
5. Batin sim kuring teu weleh aya di aranjeun sanajan raga pajauh, anu matak kacida bungahna ningal aranjeun rempug-jukung jeung teguh satia ka Kristus teh.
6. Ku lantaran aranjeun geus narima yen Kristus Yesus teh Gusti, aranjeun geus ngahiji jeung Kristus.
7. Ku sabab eta kudu terus ngakar di Anjeunna, mekar di Anjeunna, mingkin percaya ka Anjeunna luyu jeung piwuruk nu geus katarima, sarta pinuh ku rasa tumarima.
8. Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpaʼatna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa jeung ti roh-roh di jagat raya, lain ti Kristus.
9. Sakumna sipat katuhanan aya di Kristus dina wujud kamanusaana-Na.
10. Jadi anu ngahiji jeung Anjeunna bakal meunang hirup anu sampurna. Kristus teh kawasa ka tiap-tiap roh anu kawasa jeung anu marentah.
11. Ku ngahiji jeung Anjeunna, aranjeun teh geus disunat. Lain sunat anu dijieun ku manusa, tapi sunat padamelan Kristus anu ngabebaskeun aranjeun tina tabeat anu pinuh ku dosa.
12. Waktu aranjeun dibaptis teh sategesna dikubur bareng jeung Kristus. Tapi ku eta baptisan keneh aranjeun dihirupkeun deui bareng jeung Kristus, lantaran percaya kana kakawasaan Allah anu geus ngahirupkeun deui Kristus tina pupus-Na.
13. Tadina saenyana aranjeun teh maot, maot rohani, ku karana dosa jeung ku karana jadi jelema anu teu disunat sacara lahir. Tapi ayeuna ku Allah geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Dosa-dosa urang ku Allah dihampura kabeh.
14. Daptar hutang dosa-dosa urang anu sarat rukun-rukunna kacida beuratna teh ku Mantenna dipareuman kabeh, daptar catetanana dipiceun, dipaku dina kayu salib.
15. Dina eta kayu salib Kristus geus ngarangsadan roh-roh anu karawasa jeung nyarekel parentah, nepi ka maranehna taya dayana deui, sarta ku Kristus ditawan, digiring jadi tongtonan umum dina arak-arakan kaunggulan Anjeunna.
16. Ku sabab kitu aranjeun ayeuna ulah kaatur deui ku hal naon bae anu meunang jeung teu meunang didahar atawa diinum, ku hal poe-poe kaagamaan atawa ku hal Pesta Bulan Anyar atawa ku poe Sabat.
17. Da nu karitu mah kabeh ge ngan kalangkang tina hal-hal di jaman engke, anu wujud sajatina mah Kristus.
18. Ulah beunang digeretak ku jelema anu ngaku-ngaku luhung dumeh meunang tetenjoan-tetenjoan gaib luar biasa, kitu deui ku jelema anu nyemu-nyemu handap asor jeung nyembah ka malaikat-malaikat. Jelema kitu, niatna ngan rek nyombongkeun maneh ku pikiranana anu duniawi,
19. geus lesot ti Kristus anu jadi lir sirahna awak, anu ngatur awak sakujur, anu ngatur dat-dat kadaharanana, anu nyimpay tulang sandina nepi ka awak teh mekarna luyu jeung anu dikersakeun ku Allah.
20. Aranjeun geus maot bareng jeung Kristus, geus bebas ti roh-roh anu ngawasaan alam. Tapi naha geuning hirup kawas kaereh keneh ku dunya? Geuning masih gugon-tuhon keneh kana kapamalian, kayaning:
21. ”Teu meunang nyabak anu! Teu meunang ngadahar anu! Teu meunang paantel jeung anu!”
22. Nu karitu mah kapakena ngan sakali, tuluyna taya gunana. Kabehanana ge aturan jeung pangajaran-pangajaran jieunan manusa.
23. Sigana bae alus soteh, ngajurung jelema muja ka malaikat-malaikat, siga enya ngajurung handap asor, jeung nitah nyiksa maneh, da pikeun ngadalian hawa napsu mah eta aturan teh taya kakuatanana naon-naon.