A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 8

Kejadian 15:1-21
1. Geus kitu PANGERAN ngandika ka Abram dina titingalan. Dawuhana-Na, ”Tong sieun, Abram! Ieu Kami anu jadi kepeng maneh. Ganjaran pikeun maneh taya wiwilanganana.”
2. Abram ngawangsul, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kangge naon ganjaran, da abdi teh teu gaduh anak. Ahli waris teh mung pun Elieser, urang Damsik tea.
3. Ku margi Gusti henteu maparin anak, rajakaya abdi baris ragragna teh tangtos ka salah sawios gandek abdi.”
4. Gentra PANGERAN kadangu deui, dawuhana-Na, ”Lain eta nu baris jadi ahli waris teh, tapi anak maneh pituin.”
5. Ti dinya Abram ku PANGERAN dicandak ka luar. PANGERAN ngadawuh deui, ”Cik tanggah ka langit, itung itu bentang ari bisa mah. Tah turunan maneh teh bakal sakitu lobana.”
6. Abram percanteneun kana dawuhana-Na. Sikep Abram kitu ku PANGERAN kamanah sarta katampi.
7. PANGERAN ngadawuh deui, ”Ieu Kami PANGERAN, anu nginditkeun maneh ti Ur di Babilonia, sangkan maneh narima ieu tanah Kami.”
8. Abram ngawangsul, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kumaha abdi nya piterangeun, yen abdi baris ngamilik ieu tanah?”
9. Dawuhan PANGERAN, ”Kami pangnyokotkeun sapi bikang, embe bikang, jeung embe jalu anu umur tilu taunan hiji-hiji, tikukur hiji, japati hiji.”
10. Seug sato-sato anu ditataan teh ku Abram dicandak haturkeuneun ka Allah, terus dipeuncit dibeulah-beulah dua. Eta beulahan-beulahan dientep, diatur sina pahareup-hareup jeung pada beubeulahanana masing-masing. Tapi manukna mah teu dibeulah.
11. Ti dinya aya manuk-manuk nu sok ngahakan bangke tarurun, tapi ku Abram digebahan.
12. Ari dina wanci surup panonpoe Abram kapulesan tibra naker, di dituna katarajang sieun anu pohara.
13. Lajeng PANGERAN ngadawuh ka anjeunna, ”Kanyahokeun! Turunan maneh baris jaradi jalma asing di nagara deungeun, di dituna bakal jaradi jalma anu diereh ku deungeun jeung dikaniaya, 400 taun lilana.
14. Tapi bangsa anu nganiayana ku Kami baris dihukum. Sanggeus kitu turunan maneh baris kaluar ti eta nagara bari marawa rajabrana kacida lobana.
15. Tapi maneh pribadi mah baris cukup nya umur, maot oge engke ari geus kolot kabina-bina, tur mulang kalawan senang.
16. Turunan maneh anu baris marulang deui ka ieu tanah teh nya eta turunan anu kaopat. Nya harita bangsa Emor teh ku Kami baris dikaluarkeun, diusir, nya eta lamun kajahatan eta bangsa enggeus nepi ka jucungna.”
17. Geus kitu, sanggeus panonpoe surup pisan sarta geus poek, ujug-ujug breh aya parapen, haseupna ngebul, jeung aya obor hurung nyorang ka lebah sato-sato beunang ngabeulahan tea.
18. Dina poe eta PANGERAN ngadamel hiji perjangjian jeung Abram, dawuhana-Na, ”Kami jangji, rek mikeun ieu tanah pikeun turunan maneh, legana ti semet wates tanah Mesir nepi ka Walungan Eprat,
19. ngurung tanah-tanah urang Keni, urang Kenas, urang Kadmoni,
20. urang Het, urang Pares, urang Repaim,
21. urang Emor, urang Kanaan, urang Girgas jeung urang Yebus.”

Kejadian 16:1-16
1. Sarai garwa Abram tea, teu kagungan putra bae. Anjeunna kagungan emban, hiji wanita urang Mesir ngaran Hajar.
2. Hiji mangsa Sarai sasauran ka Abram, ”Abdi ku PANGERAN teu dikersakeun gaduh anak. Kumaha upami Akang ngarangkep sareng Hajar? Upami bae manehna ngajuru, budakna bade diaku ku abdi.” Abram sapuk kana usul Sarai.
3. Tuluy Hajar teh ku Sarai diserenkeun ka Abram sina ditikah. Eta kitu teh sanggeus Abram sapuluh taun ayana di Kanaan.
4. Abram sapatemon jeung Hajar. Geus kitu Hajar teh ngandung. Barang ngarasa yen keur kakandungan, Hajar jadi unggah adat, malah ngahina ka Sarai.
5. Ari Sarai nempuhkeun ka Abram, saurna, ”Mana manehna wantun ngahina ka abdi ge Akang nu lepat. Hanas ku abdi diserenkeun ka Akang, ari heug nembe oge ngawitan kakandungan parantos wantun ngunghak ka abdi. Mugia PANGERAN anu jadi hakim, antawis urang duaan saha nu leres.”
6. Ari saur Abram, ”Ari kitu mah ku Akang dipulangkeun deui bae ka Nyai. Rek dikitu rek dikieu kumaha Nyai, da tadina oge emban Nyai.” Ti dinya Hajar ku Sarai dikejeman nepi ka ahirna kabur.
7. Sanggeus nepi ka hiji cinyusu di gurun keusik deukeut jalan anu terus ka tanah Sur, Hajar ditepangan ku Malaikat PANGERAN.
8. Eta Malaikat sasauran kieu, ”Hajar, emban Sarai, maneh ti mana jeung rek ka mana?” Hajar ngawangsul, ”Abdi teh kabur ti juragan Sarai.”
9. Saur Malaikat, ”Balik deui ka ditu, kumawula deui ka Sarai.”
10. Malaikat ngalahir deui, ”Kami baris maparin ka maneh pirang-pirang lobana anak incu, nepi ka moal aya saurang oge anu bisa ngitung maranehna.
11. Moal lila deui maneh baris ngalahirkeun budak lalaki; seug ngaranan Ismail, karana PANGERAN geus ngadangu panyambat maneh.
12. Adat eta budak jagana lir ibarat kalde leuweung, ka saha-saha ngalawan, kitu deui tiap jalma baris ngalawan ka manehna. Hirupna baris mencil ti sakabeh babarayaanana.”
13. Hajar nanya ka dirina, ”Kutan ieu teh Anu Maha Tingali?” Seug pajenengan PANGERAN anu nembongan teh ku Hajar disebut ”El Roi”, hartosna ”PANGERAN Nu Merhatoskeun”.
14. Ari sumurna pada nyarebut ”Sumur Lahai Roy”, anu hartina ”Cinyusu Anu Jumeneng Anu Ningalieun ka Kuring”, ayana di antara Kades jeung Bered.
15. Geus kitu Hajar ngalahirkeun hiji putra pikeun Abram. Seug ku Abram dijenenganan Ismail.
16. Yuswa Abram harita dalapan puluh genep taun.

Mazmur 5:1-7
1. Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku suling. Jabur Daud.
2. Nun PANGERAN, dangukeun ieu panuhun abdi, pirosea rumahuh abdi.
3. Dangukeun panyambat abdi neda pitulung, nun Allah abdi, raja abdi!
4. Ka Gusti abdi neneda, nun PANGERAN; dangukeun sora abdi enjing-enjing; waktos panonpoe bijil, abdi ngunjukkeun paneda, sareng ngantos waleranana.
5. Margi Gusti sanes Allah nu seneng kaawonan, Gusti moal ngantep kajahatan.
6. Gusti teu tahan ningali jalmi adigung ceuceub ka nu lampahna jahat.
7. Tukang-tukang bohong ku Gusti dibasmi, tukang maehan sareng tukang tipu dihina.

Amsal 2:6-9
6. Karana kapinteran teh estu kurnia ti Allah. Kanyaho reujeung pangarti, asalna nya ti Mantenna.
7. Mantenna nyayagikeun pitulung panangtayungan, ka jalma anu bener satemenna,
8. ngaraksa jalma nu hade ka pada kaula, ngaping jalma anu tumut ka Mantenna.
9. Lamun papatah Bapa digugu, hidep bakal nyaho naon ari adil, temen jeung jujur, nyaho ka anu kudu dipilampah.

Matius 6:19-34
19. ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat.
20. Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.
21. Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.”
22. ”Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak ngempray caang,
23. tapi lamun panon surem, sakujur awak tangtu poek. Jadi lamun lampu awak teh poek, tada teuing poekna awak teh!”
24. ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.
25. Nu matak Kami ngingetan, hirup teh ulah salempang sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, ulah salempang awak teu kabajuan. Hirup teh lain leuwih ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan papakean?
26. Awaskeun tuh manuk anu keur hihiberan. Tara pepelakan, tara dibuat, tara nyimpen, geuning ku Rama maraneh nu di sawarga diurus! Maraneh teh lain leuwih luhur pangaji ti batan manuk?
27. Na bisa maraneh manjangkeun umur saeutik mah ku kasalempang?
28. Jeung naha kudu salempang sieun teu make? Tenjo tuh! Kembang bakung anu jaradi sorangan di tegal: teu digarawe, teu nyarieun pakean.
29. Tapi sanajan kitu, Raja Suleman anu sakitu beungharna ge panganggona henteu sakitu alusna kawas eta kekembangan.
30. Jukut di tegal, anu poe ieu jadi poe isukna geus diduruk, ku Allah didangdanan mani alus. Atuh komo deui maraneh, moal teu dipaparin pakean! Ulah sok kurang percaya!
31. Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ʼKumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!ʼ Atawa, ʼKumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!ʼ (
32. Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.
33. Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.
34. Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”