A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 6

Kejadian 11:1-32
1. Asalna mah basa teh ngan hiji. Jelema-jelema sadunya, ngaromongna sabasa, kecap-kecapna sarua.
2. Sanggeus ngaprak ka tebeh wetan, maranehna narepi ka hiji wewengkon di Babilonia, seug maratuh di dinya.
3. Geus kitu maranehanana silih ajak pada batur, pokna, ”Anggur urang nyieunan bata, urang beuleum sing alus.” Terusna bata geus loba keur nyieun adegan, ter keur pamageuhna nya kitu keneh.
4. Terus ceuk maranehna, ”Ayeuna urang nyieun nagara. Urang make munara anu puncakna nepi ka langit, sangkan urang kamashur jeung supaya ulah papencar ka mana-mendi.”
5. Lajeng PANGERAN lungsur seja ningalian eta nagara jeung munara anu keur diadegkeun.
6. Mantenna ngandika, ”Ayeuna eta jelema-jelema teh sabangsa jeung ngaromongna kabeh sabasa. Ayeuna maranehna kakara mimiti barang jieunna. Moal lila deui mah maranehna tangtu bisa ngalaksanakeun sagala pamaksudanana.
7. Hayu Urang turun, Urang kusutkeun basana, sina ulah ngarti batur pada batur.”
8. Eta jelema-jelema ku PANGERAN dipaburencaykeun ka sakuliah dunya, pagaweanana nyieun nagara tea jadi bangkar.
9. Eta nagara dingaranan Babul, lantaran di dinya PANGERAN ngusutkeun basa manusa, sarta ti semet harita, manusa teh ku Mantenna dipaburencaykeun ka sakuliah dunya.
10. Ieu turunan Sem. Dua taun ti sanggeus caah gede, waktu Sem yuswa 100 taun, kagungan putra hiji, Arpaksad.
11. Ti semet eta, Sem jumeneng keneh 500 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
12. Arpaksad, dina yuswa 35 taun, puputra hiji, Selah.
13. Ti semet eta anjeunna jumeneng keneh 403 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
14. Selah, dina yuswa 30 taun, puputra hiji, Eber.
15. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 403 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
16. Eber, dina yuswa 34 taun, puputra hiji, Peleg.
17. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 430 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
18. Peleg, dina yuswa 30 taun, puputra hiji, Rehu.
19. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 209 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
20. Rehu, dina yuswa 32 taun, puputra hiji, Serug.
21. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 207 taun deui sarta puputra deui sababaraha urang.
22. Serug, dina yuswa 30 taun, puputra hiji, Nahor.
23. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 200 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
24. Nahor, dina yuswa 29 taun, puputra hiji, Terah.
25. Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh 119 taun deui, sarta puputra deui sababaraha urang.
26. Terah, dina yuswa 70 taun, jadi ramana Abram, Nahor jeung Haran.
27. Ieu turunan Terah, ramana Abram, Nahor jeung Haran. Haran puputra Elut.
28. Haran pupus di tanah asalna, kota Ur di Babilonia, waktu ramana jumeneng keneh.
29. Abram nikah ka Sarai. Nahor nikah ka Milka putra Haran. Aya keneh putra Haran anu lalaki, nya eta Yiska.
30. Sarai henteu kagungan bae putra.
31. Geus kitu Terah ngantunkeun kota Ur di Babilonia, seja ka tanah Kanaan. Abram, putrana, Elut putuna anu ti Haran, Sarai mantuna geureuha Abram, dicandak. Ari sarumping ka tanah Haran, tuluy tumetep di dinya.
32. Terah pupus di dinya, dina yuswa 205 taun.

Kejadian 12:1-20
1. Ngandika PANGERAN ka Abram, ”Maneh kudu pindah. Lemah cai, baraya-baraya, eusi imah bapa, tinggalkeun. Jugjug hiji nagara anu engke rek dituduhkeun ku Kami.
2. Maneh rek dibere turunan loba, anu pijadieun bangsa gede. Kami seja mere berkah ka maneh, sarta ngaran maneh ku Kami seja dijieun kamashur, nepi ka maneh pijadieun berkah.
3. Kami baris ngaberkahan ka anu ngaberkahan ka maneh. Baris nyapa ka anu nyapa ka maneh. Kabeh bangsa ku Kami baris diberkahan, ku jalan maneh.”
4. Nincak kana yuswa tujuh puluh lima taun, Abram mimiti kaluar ti tanah Haran, tumut kana timbalan PANGERAN. Elut ngiring.
5. Jadi anu dicandak teh Sarai geureuhana, Elut suanna, sagala harta bandana, kitu deui badega-badega asal urang tanah Haran, tuluy miang seja ka tanah Kanaan. Sanggeus sumping ka tanah Kanaan,
6. Abram ngideran eta tanah nepi ka hiji tangkal karamat di More, hiji tempat karamat di wewengkon Sekem. (Harita mah urang Kanaan teh araya keneh di eta tanah.)
7. Lajeng PANGERAN nembongan ka Abram sarta ngandika ka anjeunna, ”Tah ieu nagara anu ku Kami arek dibikeun pikeun turunan maneh teh.” Deg di dinya Abram ngadamel altar haturan PANGERAN anu geus nembongan ka anjeunna.
8. Geus kitu anjeunna ngalih ka beulah kidul ka tanah pagunungan wetaneun kota Betel sarta masang tenda antara Betel di beulah kulon, jeung kota Ai di beulah wetan. Di dinya oge anjeunna ngadamel altar sarta ngabakti ka PANGERAN.
9. Ti dinya anjeunna ulah-alih bae, majeng ka Kanaan beulah kidul.
10. Tapi Kanaan pareng katarajang paceklik teu kira-kira, nepi ka Abram terus ka nu leuwih kidul deui, ka Mesir, seja cicing di dinya saheulaanan.
11. Barang arek lebet ka wates Mesir, pok sasauran ka Sarai geureuhana, ”Nyai teh geulis.
12. Ana engke urang Mesir narenjo, tangtu ceuk maranehanana teh euleuh itu pamajikanana. Tangtu Akang teh dipaehan ari Nyai mah moal.
13. Bejakeun bae yen Nyai adi Akang. Mun dibejakeun kitu mah Akang tangtu salamet, jeung diaku hade-hade ku maranehanana, da mandang ka Nyai.”
14. Sanggeus anjeunna aya di jero wates Mesir, geureuhana ku urang dinya digeulis-geulis.
15. Aya sawatara ponggawa karaton anu narenjoeun kageulisanana, seug arunjukan ka raja yen aya istri geulisna kawanti-wanti. Tuluy Sarai diboyong ka karaton.
16. Abram ku raja diangken darehdeh ku karana Sarai, jeung dipaparin ganjaran, domba jeung embe, sapi, kalde, badega-badega, jeung onta.
17. Tapi raja nyandak Sarai teh ku PANGERAN diterapan panyawat pikapaureun pisan, urang karaton salianna oge nya kitu deui.
18. Seug raja ngutus ponggawa ka Abram. Kieu dawuhanana, ”Ku naon maneh kitu peta ka kami? Ku naon henteu terus terang yen ieu teh bojo maneh?
19. Ku naon diaku yen adi, nepi ka ku kami dipigarwa? Heh ieu pamajikan maneh tarima, tuluy ingkah!”
20. Raja marentah ka ponggawa, seug Abram digiring kaluar ti eta nagara, jeung geureuhana katut sagala kagunganana.

Mazmur 4:1-3
1. Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur Daud.
2. Samangsa abdi sasambat, mugi diwaler, nun Allah, panyaluuhan abdi! Gusti parantos nulungan, waktos abdi susah. Ayeuna ge mugi mikawelas, paneda abdi mugi didangu.
3. He jalma-jalma, rek nepi ka iraha maraneh ngahina ka kami? Rek nepi ka iraha resep ka nu tanpa guna jeung moro-moro nu teu bener?

Amsal 1:28-33
28. Ti dinya kakara aranjeun sasambat ka hikmah, tapi ku kami mo dipiduli. Kami ku aranjeun diteangan dikotektak, tatapi hamo kapanggih.
29. Bongan aranjeun enggeus mikageuleuh kanyaho, sarta salawasna embung bae sieun ku PANGERAN teh.
30. Maraneh tara daraek narima nasehat-nasehat kami atawa malire kana panegor-panegor kami.
31. Kalakuan aranjeun kitu baris malindes ka diri, temahna jadi nyiksa ka sorangan.
32. Jalma tuna pangalaman, paeh ku lantaran mangsabodokeun hikmah. Jalma bodo, paehna ku lantaran teu pisan malire ka hikmah.
33. Sabalikna sing saha anu ngagugu ka kami, hirupna tangtu rahayu, salamet tur euweuh pikalewangeun.”

Matius 5:27-48
27. ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼUlah ngaranyed.ʼ
28. Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed.
29. Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka.
30. Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.”
31. ”Aya deui kieu: ʼAnu nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak.ʼ
32. Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”
33. ”Maraneh geus ngadenge oge yen jalma-jalma baheula ditimbalan kieu: ʼUlah mungkir jangji. Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.ʼ
34. Ayeuna ceuk Kami, ari jangji ulah make sumpah. Ulah sumpah nyebut demi langit, sabab langit teh tahta Allah.
35. Ulah sumpah nyebut demi bumi, sabab bumi teh jojodog sampeana-Na. Ulah sumpah demi Yerusalem sabab eta teh hiji kota Raja Agung.
36. Jeung ulah sumpah demi sirah maneh, sabab maraneh teu bisa ngabodaskeun atawa ngahideungkeun buukna salambar-lambar acan.
37. Sebutkeun bae ʼEnyaʼ atawa ʼHenteuʼ. Leuwih ti kitu mah asalna ti Iblis.”
38. ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ
39. Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.
40. Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna.
41. Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer.
42. Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.”
43. ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ
44. Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,
45. supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas.
46. Ari nyaah ngan ka nu mikanyaah bae mah atuh lampah maraneh teh naon anu pantes dibales ku Pangeran? Nyaah ka nu nyaaheun mah tukang mulung pajeg oge osok.
47. Daek someah ka babaturan wungkul mah naon luar biasana? Nu teu nyarahoeun ka Allah ge semet kitu mah geus biasa.
48. Maraneh mah kudu sing sampurna, sakumaha Rama maraneh nu di sawarga sampurna.”