A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 5

Kejadian 9:1-28
1. Allah ngaberkahan ka Enoh jeung putra-putrana. Lahirana-Na, ”Sing laloba anak, sangkan turunan maraneh ngeusian sakuliah jagat.
2. Sasatoan, manuk, lauk, bakal mikasieun ka maraneh. Maraneh kawasa ka dinya.
3. Ti semet ayeuna, eta ku maraneh bisa didahar cara pepelakan anu harejo. Kop bae pikeun dahareun.
4. Anu teu meunang didahar ngan sarupa, nya eta daging anu ngandung keneh getih. Kami ngalarang, lantaran dina getih teh aya dat hirup.
5. Lamun aya anu ngala pati manusa tangtu dihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kami baris dihukum paeh.
6. Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.
7. Maraneh sing laloba anak, sangkan turunan maraneh ngeusian sakuliah jagat.”
8. Ngandika Allah ka Enoh jeung putra-putrana,
9. ”Kami ayeuna arek nyieun perjangjian ka maneh saturun-tumurun,
10. kitu keneh ka sakabeh mahluk anu nyawaan — manuk jeung sasatoan — sagala rupa bae, anu kalaluar ti kapal reujeung maraneh.
11. Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.
12. Pikeun tanda eta perjangjian Kami anu langgeng ka maraneh jeung ka sakabeh mahluk anu nyawaan,
13. Kami baris masang katumbiri dina mega. Eta tandana perjangjian Kami ka alam dunya.
14. Samangsa-mangsa Kami ngalaput langit ku mega tuluy timbul katumbiri,
15. eta tanda Kami eling kana jangji ka maraneh jeung ka sasatoan, yen hamo deui caah ngabasmi sakabeh mahluk anu nyawaan.
16. Samangsa-mangsa dina mega tembong katumbiri, tangtu tembong ka Kami, sarta Kami tangtu inget kana jangji Kami anu langgeng, antara Kami jeung sakabeh mahluk anu kumelip di jagat.
17. Kitu tandana perjangjian Kami ka sakabeh mahluk hirup di bumi.”
18. Putra-putra Enoh anu kaluar ti kapal, nya eta: Sem, Ham jeung Yapet. (Ari Ham teh karuhun urang Kanaan.)
19. Ieu putra nu tiluan, jadi karuhun sakabeh manusa sajagat.
20. Enoh teh tukang tani. Nya anjeunna jelema anu pangmimitina melak anggur.
21. Sabada ngaleueut anggur, anjeunna mabok, seug ngalaanan anggoan terus ngagoledag di jero tenda bari purucul.
22. Ari Ham, karuhun urang Kanaan tea, ningali rama purucul kitu teh anggur wawartos ka dua saderekna.
23. Sem jeung Yapet nyandak kampuh, kampuhna dicepeng dikapungkurkeun. Geus kitu lalebet ka jero tenda, angkatna mundur, rup ramana dikampuhan bari mungkur ngalieuskeun raray, sangkan teu ningali kana kaayaan rama anu purucul.
24. Barang Enoh geus emut tur uninga kana kalakuan putra nu panganomna kitu ka anjeunna,
25. pok ngalahir, ”Si Kanaan sing katulah! Dirina baris jadi badega dulur-dulurna.
26. Puji PANGERAN Allahna Sem! Si Kanaan baris jadi badega Sem.
27. Mugia Allah nambihan berekah ka Yapet, kalayan ngalegaan panganjrekanana. Mugia turunan Yapet runtut-raut jeung turunan Sem! Si Kanaan baris jadi badega Yapet.”
28. Ti sanggeus caah gede tea, Enoh jumeneng keneh 350 taun.

Kejadian 10:1-32
1. Ieu turunan Sem, Ham jeung Yapet, putra-putra Enoh. Ieu anu tilu, karagunganana putra teh ti sanggeus caah gede tea.
2. Putra-putra Yapet nya eta: Gomer, Magog, Madai, Yawan, Tubal, Mesek jeung Tiras — aranjeunna karuhun jelema-jelema anu marake eta ngaran.
3. Turunan Gomer nya eta bangsa Askenas, Ripat jeung Togarma.
4. Turunan Yawan nya eta bangsa Elisa, Sepanyol, Siprus jeung Rodes;
5. eta jadi karuhun-karuhunna bangsa anu caricingna di sapanjang basisir jeung pulo-pulo. Tah eta turunan Yapet, jadi rupa-rupa kaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.
6. Putra-putra Ham nya eta: Kus, Mesir, Libia jeung Kanaan, — aranjeunna karuhun jelema-jelema anu marake eta ngaran.
7. Turunan Kus nya eta bangsa Seba, Hawila, Sabta, Raama jeung Sabteka. Turunan Raama nya eta bangsa Syeba jeung Dedan.
8. Kus puputra Namrud, Namrud teh anu pangmimitina jadi tukang naluk-nalukkeun dunya.
9. Tur kalawan pareng ti PANGERAN, jadi paninggaran anu kamashur, nepi ka jadi kacapangan, ”Sing diparengkeun ku PANGERAN, anjeun jadi paninggaran nu kamashur kawas Namrud.”
10. Karajaanana anu mimiti nya eta: Babul, Erek, Akad, kabehanana di tanah Babilonia.
11. Ti tanah eta Namrud terus ka tanah Asur, tuluy ngadegkeun nagara Ninewe, Rehobot Ir, Kalah,
12. jeung Resen, anu perenahna antara Ninewe jeung nagara gede Kalah.
13. Turunan Mesir nya eta: bangsa Lidia, Anam, Lehab, Naptuh,
14. Patrus, Kasluh jeung Kreta. Kreta nurunkeun bangsa Pelisti.
15. Putra-putra Kanaan nya eta: Sidon, anu cikal, jeung Het — aranjeunna karuhun jelema-jelema anu marake eta ngaran.
16. Kanaan oge jadi karuhun bangsa Yebus, Emor, Girgas,
17. Hiwi, Arki, Sin,
18. Arwad, Semar jeung Hamat. Rupa-rupa kaom Kanaan pabalencar,
19. nepi ka wawatesan Kanaan teh legana ti Sidon terus ngidul ka Gerar deukeut Gasa, terus ngetan ka Sadumu, Gomora, Adma jeung Seboim deukeut Lasa.
20. Tah eta turunan Ham, jadi rupa-rupa kaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.
21. Sem, rakana Yapet, jadi karuhun bangsa Ibrani.
22. Putra-putra Sem nya eta: Elam, Asur, Arpaksad, Lud, jeung Aram anu jaradi karuhun bangsa-bangsa anu marake eta ngaran.
23. Turunan Aram nya eta bangsa Us, Hul, Geter jeung Mesek.
24. Arpaksad puputra Selah, Selah puputra Eber.
25. Eber puputra dua. Nu hiji ngaranna Peleg, dumeh keur jaman eta bangsa-bangsa di dunya di pecah-pecah; nu hiji deui ngaranna Yoktan.
26. Turunan Yoktan nya eta bangsa Almodad, Selep, Hasar Mawet, Yarah,
27. Hadoram, Usal, Dikla,
28. Ebal, Abimael, Syeba,
29. Opir, Hawila jeung Yobab. Eta turunan Yoktan.
30. Tanah pangancikanana ti semet tanah Mesa nepi ka Separ di pagunungan beulah wetan.
31. Tah eta turunan Sem, jadi rupa-rupa kaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.
32. Eta bangsa-bangsa kabeh turunan Enoh, sabangsana-sabangsana, nurutkeun garis turunanana masing-masing. Ti semet caah gede tea, bangsa-bangsa di dinya teh kabeh turunan ti putra-putra Enoh.

Mazmur 3:5-8
5. Kami sasambat ka PANGERAN, sarta Mantenna ngawaler ti pasir suci-Na.
6. Dug kami ngedeng, reup mondok, sapeupeuting ku PANGERAN diraksa.
7. Kami teu sieun ku musuh mangrebu-rebu nu ngepung kami ti unggal juru.
8. Nun PANGERAN, nun Allah, salametkeun abdi! Hukum sadayana musuh abdi, lumpuhkeun kakuatanana sing ulah bisaeun nyilakakeun abdi.

Amsal 1:23-27
23. Dengekeun ari kami negor, kami rek mere pepeling, sarta ngabagi kanyaho kami ka maraneh.
24. Aranjeun ku kami geus dicalukan, diondang, tapi arembung ngadenge, kami henteu dipalire.
25. Maraneh teu daraek malire pepeling kami, jeung arembung diingetan.
26. Rasakeun engke, ana katarajang kasusah, kami mah rek nyeungseurikeun. Ku kami rek dipupuas mun aranjeun ditempuh bancang pakewuh,
27. anu datangna kawas angin ngagelebug, mawa topan kasusahan, maraneh nu ngarasa nyeri jeung susahna.

Matius 5:1-26
1. Ningali rea nu ngiring Yesus naek ka gunung. Sanggeus calik jeung diriung ku murid-murid,
2. tuluy ngawulang:
3. ”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul; Karajaan Sawarga teh eukeurna!
4. Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dililipur!
5. Bagja jelema nu rendah hate, bakal narima sagala anu dijangjikeun ku Allah!
6. Bagja jelema anu kacida hayangna kana ngalampahkeun pangersa-pangersa Allah, ku Allah bakal disugemakeun!
7. Bagja jelema nu karunyaan, ku Allah bakal dipikawelas!
8. Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!
9. Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!
10. Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna!
11. Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.
12. Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”
13. ”Maraneh di dunya teh minangka uyah. Tapi lamun uyah leungit asinna, pamohalan bisa diasinkeun deui, geus taya gunana, iwal ti dipiceun, katincakan ku jelema.
14. Maraneh di dunya teh minangka caang. Kota anu ngadeg di luhur pasir moal bisa dibunian.
15. Moal aya anu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina, sangkan nyaangan ka sakur nu di imah.
16. Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.”
17. ”Ulah nyangka yen Kami datang teh rek ngeuweuhkeun Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Pang Kami datang teh malah rek ngalaksanakeun eta, jeung rek nuduhkeun hartina nu saenyana.
18. Inget, sapanjang aya keneh langit jeung bumi, moal aya babagian tina eta Hukum anu dieuweuhkeun, najan anu pangleutikna atawa ngan satitik, nepi ka sakabeh tujuanana laksana.
19. Ku hal eta, anu ngarempak salah sahiji parentahna najan anu teu pira, sarta ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi anu panglaipna. Sabalikna, anu ngalaksanakeun parentahna tur ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi warga penting.
20. Anu matak Kami ngabejaan, lamun hayang jadi warga Karajaan Sawarga kudu satia kana pangersa Allah leuwih ti batan guru-guru agama atawa urang Parisi.”
21. ”Maraneh geus ngadenge yen jalma-jalma baheula meunang timbalan kieu: ʼUlah maehan. Anu maehan kudu dihukum.ʼ
22. Ayeuna ceuk Kami, anu ngambek ka batur kudu dihukum. Nyarekan nyebut ʼSi Belegugʼ kudu dibawa ka Majelis Agama. Nyarekan nyebut ʼSi Burungʼ manjing siksa seuneu naraka.
23. Ku sabab kitu, lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh,
24. tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.
25. Lamun maraneh aya anu merkarakeun ka pangadilan, satungtung bisa keneh mah menta dibeberes di luar pangadilan bae. Sabab ari geus ka pangadilan mah diputusna ku hakim, dikapulisikeun, dipanjara.
26. Jeung pasti moal kaluar-luar satungtung can lunas hutang salahna.”