A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 30

Keluaran 9:1-35
1. PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Tepungan deui raja. Kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ’Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.
2. Lamun maneh deui-deui teu ngidinan,
3. maneh tangtu dihukum, ingon-ingon maneh, kuda, kalde, onta, sapi, domba, embe, bakal digebug ku sasalad.
4. Kami rek ngabedakeun ingon-ingon urang Israil ti ingon-ingon urang Mesir. Ingon-ingon urang Israil hiji ge moal aya anu paeh.
5. Kami PANGERAN, tangtu ngabuktikeun hal eta isukan.’ ”
6. Poe isukna PANGERAN midamel kitu. Ingon-ingon urang Mesir kabeh gempar paraeh, sabalikna ingon-ingon urang Israil mah taya nu paeh hiji-hiji acan.
7. Raja mariksakeun eta kajadian, seug diunjukkeun yen ingon-ingon urang Israil teu aya nu paeh. Tapi anjeunna keukeuh henteu ngidinan urang Israil iang.
8. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun, ”Maraneh kudu ngarawu lebu sacanggeum ti pameuleuman. Awurkeun ku Musa ka awang-awang hareupeun raja.
9. Eta lebu bakal terus nyebar ka sakuliah tanah Mesir, di mana-mana bakal nyebarkeun kasakit bisul sarta barucat, tumerap ka jelema jeung ka sasatoan.”
10. Prak aranjeunna ngarawu lebu terus dicandak ka raja, tuluy ku Musa diawurkeun ka awang-awang. Jalma-jalma jeung sasatoan katerap ku kasakit bisul saluar awak, barucat.
11. Tukang-tukang sihir teu karuateun nagenan Musa, sabab maranehna oge katerap ku eta kasakit, teu beda ti urang Mesir sejenna.
12. Tapi manah raja ku PANGERAN diheuraskeun, sakumaha anu geus diandikakeun ku Mantenna yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.
13. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Isukan isuk-isuk pisan tepungan raja. Bejakeun kieu kituh timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ’Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.
14. Sakali ieu anu rek disiksa lain ngan mantri-mantri jeung rahayat maneh bae, maneh pribadi ge ku Kami tangtu disiksa, sangkan nyaho yen di saalam dunya euweuh nu saperti Kami.
15. Upama Kami geus ngangkat leungeun ngagebug maneh jeung rahayat maneh ku hiji kasakit, maneh tangtu tumpur lebur.
16. Tapi maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.
17. Parandene maneh mo weleh adigung, moal ngidinan umat Kami iang.
18. Tenjokeun, isukan wayah kieu Kami rek nurunkeun hujan es anu kacida hebatna. Dina sapanjang sajarah Mesir, balahi kawas kitu kakara ayeuna bakal aya.
19. Pek ayeuna parentahkeun sangkan ingon-ingon maneh jeung naon bae anu keur dikencarkeun di tegalan, kandangkeun. Sabab naon bae anu araya di nu muka, jelema, sasatoan, tangtu paraeh katinggang ku hujan es.’ ”
20. Sawatara mantri raja sarieuneun ku eta timbalan PANGERAN, tuluy pahibut ngampih-ngampihkeun badega-badegana jeung ingon-ingonna.
21. Tapi anu salianna mah teu malire kana eta timbalan teh, abid-abid jeung ingon-ingonna diarantep di luar.
22. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Acungkeun leungeun maneh ka langit, engke turun hujan es ka sakuliah tanah Mesir, ninggang ka jelema, ka sasatoan, kana pepelakan.”
23. Musa ngacungkeun iteukna ka awang-awang, breg PANGERAN nurunkeun hujan es dibarung ku guludug nyamberan bumi. PANGERAN nurunkeun
24. hujan es kacida hebatna reujeung kilat tingsalamber. Ti baheula kakara harita Mesir katarajang hujan sakitu ributna.
25. Sakuliah Mesir, sakur anu di laluar mah burak-barik, jelema-jelema jeung sasatoan tariwas. Pepelakan rarebah, tatangkalan rarungkad, ruksak beak diamuk ku hujan es.
26. Hiji-hijina tempat anu henteu kadatangan ku eta hujan es ngan Gosen, tempat urang Israil.
27. Raja nyaur Musa jeung Harun, timbalana, ”Sakali ieu aing rumasa dosa. PANGERAN bener, aing jeung rahayat salah.
28. Aing pangnedakeun ka PANGERAN! Sina enggeus ieu guludug jeung hujan es teh. Aing jangji ngidinan iang, maraneh teu kudu lila-lila deui araya di ieu nagara.”
29. Piunjuk Musa, ”Saparantos kaula kaluar ti jero kota bade nadahkeun leungeun neneda ka PANGERAN. Guludug bakal rerep, hujan es bakal sirep, supados Gusti uninga yen sakuliah jagat teh PANGERAN anu kagungan.
30. Nanging ku kaula parantos kajudi, gamparan sapara mantri teu acan keneh ngaraos sieun ku GUSTI Allah.”
31. Pelak haramay jeung gandrung ruksak, lantaran gandrung geus arasak, ari haramay keur parucukan.
32. Tapi pelak gandum mah teu aya anu ruksak lantaran asakna pandeuri.
33. Musa undur ti raja. Sanggeus aya di luar dayeuh anjeunna nadahkeun panangan, neneda ka PANGERAN. Jep gelap jempe, hujan es eureun, hujan geus teu ngucur deui.
34. Ana raja uninga yen bahaya geus sirep seug ngadosa deui. Anjeunna sapara mantri tetep neugtreug,
35. cocog jeung dawuhan PANGERAN ka Musa yen eta raja moal ngidinan urang Israil iang.

Keluaran 10:1-29
1. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Tepungan raja. Eta raja sapara mantrina ku Kami rek disina neugtreug, sabab Kami rek nembongkeun mujijat ka maranehna,
2. jeung supaya maneh boga caritakeuneun ka anak incu hal petaning Kami ngagejulkeun urang Mesir ku mujijat-mujijat. Sangkan maraneh nyaho yen Kami teh PANGERAN.”
3. Musa jeung Harun marek ka raja tuluy miunjuk, ”Kieu timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ’Maneh teh rek keukeuh embung tunduk ka Kami? Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.
4. Lamun keukeuh henteu nurut, isukan nagara maneh ku Kami rek ditarajang ku simeut,
5. mangpirang-pirang lobana datang ka beungeut taneuh katutup. Anu henteu diruksak ku hujan es bakal diruksak ku simeut disaregetan, tatangkalan oge moal disesakeun.
6. Karaton maneh, imah-imah para mantri, imah-imah rahayat, kabeh bakal pinuh ku simeut, anu ngagalaksakna leuwih-leuwih ti batan simeut keur jaman karuhun maneh.’ ” Geus kitu Musa malik tuluy angkat.
7. Para mantri arunjukan ka raja, ”Bade diantep bae eta jalmi nyesahkeun ka urang? Urang Israil sae diwidian ariang ngabakti ka PANGERAN Allahna. Na teu katingali Mesir jadi sakieu reksakna?”
8. Musa jeung Harun diudag dibawa marek deui ka raja. Saur raja ka aranjeunna, ”Jig geura ariang ngabakti ka PANGERAN Allah maraneh. Tapi saha anu rek ka daritu teh?”
9. Waler Musa, ”Sadayana, bade mios katut barudak sareng anu parantos karolot. Kitu deui anak-anakna nu lalaki nu awewe, domba, embe sareng sapi. Margi sadayana kedah ngurban ngamulyakeun ka PANGERAN.”
10. Timbalan raja, ”Demi PANGERAN, kami sumpah moal ngidinan awewe jeung barudak dibawa! Tetela maneh boga maksud teu uni ana kitu mah.
11. Teu! Lamun enya ka daritu teh rek ngabakti ka PANGERAN, meunang, tapi lalaki bae wungkul.” Geus kitu Musa jeung Harun ditundung ti payuneun raja.
12. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Ungkulkeun leungeun ka tanah Mesir pikeun ngadatangkeun simeut tea, sina ambreg nyaregetan sarupaning tutuwuhan anu henteu diruksak ku hujan es.”
13. Musa ngungkulkeun iteukna, hiuk PANGERAN ngadatangkeun angin ti wetan ka sakuliah tanah, ngagelebug sapoe eta teu eureun-eureun, terus nepi ka sapeuting jeput. Ari bray isuk eta angin teh mawa simeut
14. kaliwat saking lobana, ambreg ka sakuliah nagara. Ti baheula kakara harita aya simeut sakitu lobana, tur ka hareupna oge moal aya deui anu siga kitu.
15. Beungeut taneuh saluluar datang ka liput katutup ku simeut, warnana datang ka belewuk. Sagala rupa anu disesakeun ku hujan es tea beak digalaksak, bubuahan katut ka tangkal-tangkalna. Tatangkalan jeung tutuwuhan di sakuliah tanah Mesir datang ka boleklak geus teu aya anu hejo-hejo deui.
16. Raja rurusuhan nyaur Musa jeung Harun sarta timbalanana, ”Aing tarima dosa ka PANGERAN Allah maraneh, jeung dosa ka maneh ongkoh.
17. Sakali ieu mah aing menta ampun, jeung pangnedakeun ka PANGERAN Allah maraneh, ieu siksaan ka aing anu sakieu bangetna teh eureunkeun.”
18. Musa undur ti raja, tuluy neneda ka PANGERAN.
19. Seug angin ti wetan teh ku PANGERAN dirobah jadi angin ti kulon, rongkah kacida. Saayana simeut kakeduk terus digebruskeun ka laut di Teluk Sues. Simeut di satanah Mesir beak taya anu nyesa.
20. Tapi raja ku PANGERAN disina neugtreug, teu ngidinan urang Israil iang.
21. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Jungjungkeun leungeun ka langit, sakuliah tanah Mesir bakal jadi poek mongkleng.”
22. Musa ngajungjungkeun pananganana ka langit, reup sakuliah Mesir poek mani ngajumbleng, lilana nepi ka tilu poe.
23. Urang Mesir teu barisaeun patenjo pada batur, sarta sajeroning kitu taya anu kaluar ti imah. Ari di pilemburan urang Israil mah biasa bae caang.
24. Raja nyaur Musa, timbalanana, ”Geura arindit ngabakti ka PANGERAN. Awewe jeung barudak ge meunang dibawa. Tapi ingon-ingon, domba, embe, sapi, tinggalkeun.”
25. Waler Musa, ”Kedahna mah malah gamparan ngabahanan sato keur kurban sareng keur kurban beuleuman kangge PANGERAN Allah kaula.
26. Pipiaraan bade dibantun, saceker ge moal aya anu dikantun. Sarengna deui anu bade dikurbankeun ka PANGERAN Allah kaula teh satona kedah ditangtoskeun heula. Sateuacanna dongkap ka ditu mah kaula tacan terang naon satona anu kedah disanggakeun ka Mantenna teh.”
27. Manah raja ku PANGERAN disina neugtreug, keukeuh henteu ngidinan.
28. Lahirna ka Musa, ”Geura jor mantog ti dieu! Sing ulah kadeuleu-deuleu deui ku kami. Lamun kadeuleu deui ku aing dipaehan!”
29. Waler Musa, ”Cocog! Anjeun memang moal kungsi nenjo deui ka kaula!”

Mazmur 17:8-15
8. Jagi abdi lir ka soca ku manten, sumputkeun dina kalangkang jangjang Gusti,
9. sangkan teu ditarajang ku nu jahat. Abdi dikepung ku musuh nu rek maehan,
10. nu taya pisan rasrasanana, ucap-ucapanana takabur.
11. Ayeuna abdi katingker, didodoho ti sakuriling bade digusur.
12. Maranehna lir singa nu bade nekuk, rek nyasaak awak abdi.
13. Enggal, nun PANGERAN! Lawan musuh-musuh abdi, elehkeun! Luputkeun abdi ti nu jarahat ku pedang Gusti,
14. luputkeun abdi ti maranehna, anu hirupna parantos kacumponan kahayangna. Hukum maranehna, ku kasangsaraan anu ku Gusti parantos diajangkeun keur maranehna sing cekap kasangsaraanana teh keur anak-anakna ongkoh, malah sing aya langkungna keur ngahukum incu-incuna.
15. Dupi abdi ku margi teu lepat, tangtos bakal ningal Gusti, sareng waktos hudang tangtos ngarasa senang da Gusti aya ngabanding.

Amsal 5:21-23
21. PANGERAN maha uninga kana sagala kalakuan hidep. Ka mana ka mana ge hidep hamo leupas tina panalingaana-Na.
22. Dosana jelema jahat teh lir tataheunan nu bakal ngajiret dirina sorangan,
23. tungtungna paeh lantaran teu bisa ngawasa diri. Ku tina bodo-bodona ahirna tigebrus ka liang kubur.

Matius 20:1-16
1. ”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna.
2. Sanggeus mupakat yen buruh saurangna sapoe sauang perak sakumaha ilaharna, tuluy dititah mimiti digarawe.
3. Pukul salapan neangan deui ka pasar, nawaran gawe ka nu keur ngalanggur,
4. ʼMending digarawe di kebon anggur kuring, buruhna pantes.ʼ
5. Nu ditawaran daraekeun. Pukul dua welas jeung pukul tilu neangan deui kuli.
6. Sanggeus meh pukul lima neangan deui ka pasar. Seug nanya ka nu keur tingjaranteng, ʼKu naon ngalanggur bae sapoe jeput, ngalelebar waktu?ʼ
7. Walonna, ʼTeu aya nu ngulikeun.ʼ Tuluy ditawaran, ʼJung digarawe di kebon anggur kuring.ʼ
8. Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ʼKumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.ʼ
9. Seug anu digarawena mimiti pukul lima sore dibayar ti heula, saurang sauang perak.
10. Barang anu pangisukna rek dibayar, panyangkana rek dibayar leuwih, ari heug sarua saurang sauang perak.
11. Bari nampanan duit maranehna gegelendeng, pokna,
12. ʼEta nu daratangna pandeuri digarawena ngan sajam, ari dibayarna bet sarua jeung kuring anu digarawe sapoe jeput bari papanasan!ʼ
13. Jawabna ka nu saurang, ʼDulur! Aranjeun geus mupakat buruh saurangna sapoe sauang perak. Kuring henteu jalir.
14. Tarima eta duit teh, jung baralik. Hanas ieu anu pangpandeurina ku kuring dibayar sarua jeung aranjeun, eta mah kumaha kuring.
15. Na teu meunang kuring make duit sorangan sakahayang? Atawa aranjeun sirik nenjo kuring bageur?ʼ ”
16. Saur Yesus deui, ”Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina.”