A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 28

Keluaran 5:1-23
1. Musa jeung Harun arangkat marek ka raja Mesir. Tuluy arunjukan, ”Kaula ngemban timbalan PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu timbalana-Na, ’Umat Kami idinan indit ka gurun keusik, geusan ngayakeun pesta ngamulyakeun ka Kami.’ ”
2. Lahiran raja, ”Saha PANGERAN teh? Naha aing kudu nurut kana parentah-Na, kudu ngidinan urang Israil iang? Aing teu wawuh ka PANGERAN. Aing moal ngidinan urang Israil arindit.”
3. Waler Musa jeung Harun, ”Allahna urang Ibrani parantos mendakan ka kaula. Kitu nu mawi mugi kaula sadaya diwidian leumpang ka gurun, lamina tilu dinten, seja nyanggakeun kurban ka PANGERAN, Allah karuhun kaula sadaya. Upami teu kitu tangtos Mantenna bendu ka kaula sadaya, narajang ku kasakit atanapi ku perang.”
4. Timbalan raja, ”Kumaha ari pipikiran maraneh? Na urang Israil teh sina nunda pagaweanana? Geura baralik ka ditu, sina digarawe deui eta abid-abid teh!
5. Bangsa maneh di dieu geus heurin usik, leuwih loba ti batan urang Mesir. Bet ku maraneh rek disina naringgalkeun pagaweanana!”
6. Harita keneh raja marentahkeun ka urang Mesir tukang-tukang ngagawekeun jeung ka mandor-mandor urang Israil, timbalanana,
7. ”Jelema-jelema anu nyarieunan bata teh ulah dibere deui jarami, keun sina arusaha neangan sorangan.
8. Tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger lobana sakumaha sasari, hiji ge teu meunang kurang. Mana marenta idin rek ngurban ka Allahna ge tangtu lantaran geus kurang pagawean!
9. Garawekeun leuwih beurat, sing leuwih ripuh, tong dibere tempo geusan nanggap nu bohong.”
10. Seug tukang-tukang maksa ngagawekeun teh jeung mandor-mandorna ngabejaan ka urang Israil, pokna, ”Saur raja, maraneh moal dibarere deui jarami.
11. Saurna jarami nareangan sorangan ti mana bae meunangna, tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus.”
12. Urang Israil riab nareangan jarami ka sakuliah Mesir,
13. bari digegentak ku tukang-tukang ngagawekeunana, kudu anggeus nyieun bata sarua lobana jeung basa keur dibarere keneh jarami.
14. Mandor-mandor urang Israil nepi ka ditareunggeulan ku tukang-tukang ngagawekeun, jeung dicararekan pokna, ”Ku naon maraneh teu nyumponan jumlah bata cara sasari?”
15. Seug mandor-mandor teh melas-melis arunjukan ka raja, pokna, ”Nun Kangjeng Raja, ku naon abdi-abdi sakieu diteungteuinganana?
16. Ongkoh teu dipaparin jarami, nanging ngadamel bata kedah teras. Abdi-abdi dugi ka diteunggeulan, padahal nu lepatna jalmi-jalmi gamparan.”
17. Timbalan raja, ”Dasar pangedulan, mumul kana gawe! Paingan atuh marenta idin rek ngabarakti ka PANGERAN.
18. Hayoh digarawe deui ka ditu! Jarami moal dibere, bata beubeunangan kudu angger!”
19. Geus tetela ka mandor-mandor yen dirina carilaka, dikudukeun saban poe nyumponan jumlah bata sarua lobana jeung nu enggeus-enggeus.
20. Di jalan maranehna papanggih jeung Musa jeung Harun anu ngahaja ngarantosan.
21. Pok maranehna ngaromong kieu, ”PANGERAN langkung uninga, ieu teh gara-gara aranjeun. Sing dihukum aranjeun ku Mantenna, parantos ngalantarankeun kuring dipikasengit ku raja jeung ku mantri-mantrina. Ieu mah sarua bae jeung dititah dipaehan!”
22. Musa marek deui ka PANGERAN sarta miunjuk, ”Nun PANGERAN, ku naon umat kagungan teh ku Gusti sakitu dibengisanana? Sareng ku naon abdi anu ku Gusti diutus teh?
23. Saparantos abdi marek ka raja ngemban timbalan Gusti, raja jadi wuwuh neungteuinganan ka maranehna. Ku Gusti diantep teu ditulungan!”

Keluaran 6:1-30
1. PANGERAN ngandika ka Musa, ”Tenjokeun ku maneh rek dikumahakeun eta raja teh ku Kami. Saenya-enyana, ku Kami rek dipaksa nepi ka manehna kapaksa ngaluarkeun umat Kami ti nagarana.”
2. Allah ngandika ka Musa, dawuhana-Na, ”Kami teh PANGERAN.
3. Kami nembongan ka Ibrahim, ka Ishak, jeung ka Yakub teh sok nyebut diri Kami Allah Nu Maha Kawasa, tara mere nyaho jenengan Kami anu suci, nya eta PANGERAN.
4. Jeung deui Kami geus ngadamel perjangjian jeung maranehna, jangji yen maranehna ku Kami rek dibere tanah Kanaan, nya eta tanah urut maranehna ngumbara.
5. Ayeuna urang Israil tinggarerung lantaran diperbudak ku urang Mesir. Jumeritna ku Kami geus kadangu, sarta Kami inget kana eta perjangjian.
6. Mana bejakeun ka urang Israil, kieu kituh timbalan Kami, ’Kami teh PANGERAN. Maraneh ku Kami bakal dijait, dibebaskeun tina siksaan urang Mesir. Kami rek metakeun panangan Kami anu digjaya. Urang Mesir ku Kami rek dihukum ku siksaan-siksaan anu kacida beuratna, sarta maraneh tangtu dirahayukeun ku Kami.
7. Maraneh rek dijadikeun umat Kami pribadi, sarta Kami bakal jadi Allah maraneh. Engke ku maraneh kanyahoan lamun geus leupas tina genggeman urang Mesir, yen Kami teh PANGERAN Allah maraneh.
8. Maraneh ku Kami rek dibawa ka tanah anu ku Kami geus diikrarkeun rek dibikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, jeung pikeun maraneh, jadi tanah milik maraneh. Ieu Kami teh PANGERAN.’ ”
9. Eta timbalan ku Musa dicarioskeun ka urang Israil, tapi ku maranehna teu didarenge lantaran geus paregat harepan, ku beurat-beuratna nandangan paneungteuinganan.
10. Demi timbalan PANGERAN ka Musa,
11. ”Datangan deui raja, idinan kituh umat Kami ninggalkeun nagarana.”
12. Piunjuk Musa, ”Pisanggem abdi teh ku urang Israil ge parantos henteu dipalire, komo ku raja, da teu tiasa nganggit-nganggit carios.”
13. Timbalan PANGERAN ka Musa jeung Harun, ”Bejakeun ka raja, kitu deui ka urang Israil, yen maraneh diparentah ku Kami mingpin urang Israil budal ti Mesir.”
14. Rubin putra cikal Yakub tea puputra opat: Hanok, Palu, Hesron, jeung Karmi, jaradi karuhun warga-warga anu marake ngaran eta.
15. Simon puputra genep: Yemuel, Yamin, Ohad, Yakin, Sohar, jeung Saul putra ti hiji wanita urang Kanaan, jaradi karuhun warga-warga anu marake ngaran eta.
16. Lewi puputra tilu: Gerson, Kahat, jeung Merari, jaradi karuhun warga-warga anu marake ngaran eta. Lewi yuswana 137 taun.
17. Gerson puputra dua: Libni jeung Simei, turunanana loba.
18. Kahat puputra opat: Amram, Yishar, Hebron, jeung Usiel. Yuswa Kahat 133 taun.
19. Merari puputra dua: Mahli jeung Musi. Eta warga-warga Lewi katut turunan-turunanana.
20. Amram nikah ka Yokebed, embina, ari putrana nya eta Harun jeung Musa. Yuswa Amram 137 taun.
21. Yishar puputra tilu: Korah, Nepeg, jeung Sihri.
22. Usiel oge puputra tilu: Misael, Elsapan, jeung Sitri.
23. Harun geureuhaan ka Elisaba saderekna Nahson, putra Aminadab. Putra-putrana nya eta: Nadab, Abihu, Elasar, jeung Itamar.
24. Korah puputra tilu: Asir, Elkana, jeung Abiasap, jaradi karuhun bangsa-bangsa Korah.
25. Elasar putra Harun nikah ka binti Putiel, ari putrana nya eta Pinehas. Eta kabeh jaradi lulugu ahli karuhun kaom Lewi sabangsana-sabangsana.
26. Anu ku PANGERAN ditimbalan mingpin urang Israil budal ti Mesir teh nya Musa jeung Harun.
27. Nya aranjeunna anu arunjukan ka raja Mesir, anu mundut supaya urang Israil dibebaskeun.
28. Basa PANGERAN nimbalan ka Musa di tanah Mesir,
29. kieu dawuhana-Na, ”Kami teh PANGERAN. Bejakeun ka raja sakur anu ku Kami rek diandikakeun ka maneh.”
30. Tapi piunjuk Musa, ”Gusti langkung tingali abdi teh sanes jalmi anu pinter nganggit carios, pimanaeun raja ngagugu ka abdi?”

Mazmur 16:7-11
7. Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.
8. Kaula salawasna eling di payuneun PANGERAN, Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag.
9. Jadi hate abdi ngarasa sukur, bungah, sarta ngarasa kacida tengtremna,
10. reh ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot.
১১. Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.

Amsal ৫:৭-১৪
৭. Ku sabab eta dengekeun, barudak! Bapa arek ngomong deui. Kade ulah aya anu poho.
৮. Awewe kitu singkiran! Malah ka imahna ge ulah deukeut.
৯. Lamun maraneh ngalayanan, tangtu leungit kahormatan, tur bakal paeh ngora-ngora ku jalma nu taya karunya.
১০. Kakayaan maraneh bakal dicokot ku batur, beubeunangan usaha bakal kapiboga ku nu sejen.
১১. Tungtungna ari awak geus beak ku panyakit, maraneh ngan bisa udah-aduh,
১২. bari ngomong, ”Ku naon atuh aing teh ijid kana nasehat? Ku naon make embung dipepelingan?
১৩. Aing embung ngagugu ka guru-guru, embung nurut ka aranjeunna.
১৪. Nyaho-nyaho aing teh geus hina dina panenjo jalma rea.”

Matius ১৮:২১-৩৫
২১. Petrus unjukan ka Yesus, ”Gusti, upami pun dulur gaduh lepat ka abdi, sabaraha kali abdi kedah ngahampurana? Tujuh kali?”
২২. ”Lain tujuh kali. Kudu tujuh puluh kali tujuh kali,” waler-Na.
২৩. ”Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana.
২৪. Sanggeus ngayakeun pamariksaan, aya badega anu dideuheuskeun, hutangna jutaan.
২৫. Ku sabab teu bisaeun ngalunasan, ku raja dititah dijual jeung saanak bojona, katut sagala pangabogana pikeun ngalunasan hutangna.
২৬. Eta badega ngarumpuyuk sujud bari ngalengis, ʼNyuhunkeun sarantos, tangtos bade dilunasan sadayana!ʼ
২৭. Raja karunyaeun, malah hutangna dibebaskeun.
২৮. Ari geus di luar, eta badega teh amprok jeung badega deui anu boga hutang ka manehna rerebuan. Ku manehna ditongtak terus dicekek jeung disentak, ʼBayar hutang maneh!ʼ
২৯. Baturna mani ngalengis bari deku, ʼSabar, menta tempo, engke ge dibayar!ʼ
৩০. Ku manehna teu didenge, kalah ka dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas.
৩১. Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana, tuluy arunjukan ka raja.
৩২. Badega kejem teh disaur jeung dicarekan, ʼDasar badega tanpa guna! Maneh mani ngalengis ka kami, nepi ka hutang maneh ku kami dipupus,
৩৩. lantaran karunya. Cik maneh oge sing aya rasrasan ka batur!ʼ
৩৪. Raja kacida benduna, eta badega tuluy dijebloskeun ka panjara, dihukum, nunggu hutangna lunas kabeh.”
৩৫. Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”