A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 27

Keluaran 3:1-22
1. Dina hiji poe waktu ngangon domba jeung embe kagungan Yitro, mertuana, imam di Midian tea, Musa nyandak angonanana meuntasan gurun keusik. Jol ka Sinai, hiji gunung karamat.
2. Breh malaikat PANGERAN nembongan ka anjeunna, jiga seuneu, ngagedur dina rungkun cucuk. Katingalieun ku Musa eta rungkun cucuk teh ngagedur ku seuneu, tapi weuteuh bae henteu kahuru.
3. Ceuk panggalihna, ”Aneh! Ku naon eta rungkun teh teu kahuru? Cing rek dideukeutan.”
4. Katingalieun ku PANGERAN yen Musa ngadeukeutan, seug Mantenna ngagentraan ti tengah rungkun cucuk, ”Musa! Musa!” Wangsul Musa, ”Nun, kaulan!”
5. Allah nimbalan, ”Ulah deukeut-deukeut ka dieu. Laan tarumpah, sabab anu ditincak ku maneh teh tanah suci.
6. Kami teh Allah karuhun maneh, Allah panutan Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.” Musa meungpeun, sieuneun ningali Allah.
7. Ti dinya PANGERAN nimbalan, ”Kami geus waspaos yen umat Kami di Mesir kacida dikakayana. Sasambatna ku polah jelema- jelema anu ngagarawekeunana ku Kami geus kadangu. Kami uninga kasangsaraan maranehanana.
8. Nu matak Kami teh lungsur rek ngajait maranehna ti urang Mesir. Arek dikaluarkeun ti Mesir, rek dibawa ka hiji tanah anu nya lega, nya mukti, nya lendo, anu ayeuna keur dicaricingan keneh ku urang Kanaan, urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus.
9. Enya ku Kami geus kadangu sasambatna umat Kami teh, katenjo yen kacida digencetna ku urang Mesir.
10. Maneh ku Kami rek diutus ka raja Mesir, supaya bisa nungtun umat Kami kaluar ti nagarana.”
11. Piunjuk Musa ka Allah, ”Abdi teh jalmi batan sakieu. Pimanaeun werat mendakan eta raja sareng ngaluarkeun urang Israil ti Mesir?”
12. Timbalan Allah, ”Ku Kami tangtu direujeungan. Pikeun tanda yen maneh ka ditu teh diutus ku Kami, engke ana umat Kami geus kaluar ti Mesir, maneh bakal bisa ka dieu deui, ngabakti ka Kami di ieu gunung.”
13. Tapi piunjuk Musa, ”Upami parantos pendak sareng urang Israil sarta nyanggem yen ’diutus ku Allah panutan karuhun maraneh’, seug maranehna nanyakeun, ’Saha jenengana-Na?’ kedah diwangsul kumaha?”
14. Timbalan Allah, ”Kami teh Anu Jumeneng. Sebutkeun kieu, ’Kami diutus ku anu ngangkenkeun ANU JUMENENG.’
15. Sebutkeun yen anu ngutus maneh teh Kami, PANGERAN, Allah panutan karuhunna, Allah panutan Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kitu salalanggengna jenengan Kami teh; turunan anu bakal datang ari nyebut Kami teh kudu kitu.
16. Jung tepungan kokolot-kokolot Israil. Bejakeun yen Kami PANGERAN, Allah panutan karuhunna, Allah panutan Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, enggeus nembongan ka maneh. Bejakeun yen Kami geus ngalayad ka maranehna, geus ningali katelengesan urang Mesir ka maranehna.
17. Kami tangtu engke ngaluarkeun maranehna ti Mesir, ti anu neungteuinganan, rek dibawa ka hiji tanah anu lendo jeung gemah ripah, tanahna urang Kanaan, urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus.
18. Umat Kami tangtu percayaeun ka maneh. Maneh jeung kokolot- kokolot Israil kudu madep ka raja Mesir, bejakeun ka eta raja kieu, ’PANGERAN, Allahna urang Israil, geus ngebrehkeun salira-Na ka kaula. Kaula menta idin tilu poe rek ka tanah gurun, seja ngahaturkeun kurban ka PANGERAN, Allah kaula.’
19. Ku Kami geus kauninga, kumaha bae ge raja moal ngidinan, kajaba lamun dipaksa kudu kitu.
20. Tapi Kami oge rek ngagunakeun kakawasaan, ngahukum Mesir ku rupa-rupa balahi. Geus kitu kakara eta raja bakal ngidinan indit.
21. Urang Mesir ku Kami rek disina serabeun ku maneh, nepi ka umat Kami arinditna teh moal aya anu lengoh.
22. Tiap awewe urang Israil kudu datang ka awewe urang Mesir tatanggana. Ka maranehanana, kitu deui ka awewe urang Mesir anu saimah reujeung, kudu marenta papakean, perhiasan-perhiasan tina emas jeung perak. Beubeunanganana sina diparanggul ku anak-anakna lalaki awewe. Akut harta banda urang Mesir teh.”

Keluaran 4:1-31
1. Ngawangsul deui Musa ka PANGERAN, ”Nanging kumaha upami urang Israil henteu palercayaeun, henteu nolih kana pisanggem abdi? Kumaha upami sanggemna pamohalan Gusti nembongan ka abdi?”
2. PANGERAN mariksa, ”Eta maneh nyekel naon?” ”Sumuhun iteuk,” wangsul Musa.
3. Timbalan PANGERAN, ”Alungkeun kana taneuh.” Ku Musa dialungkeun, seug jadi oray nepi ka Musa ngejat.
4. PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Tewak buntutna!” Ku Musa ditewak, seug jadi deui iteuk.
5. PANGERAN nimbalan, ”Gunakeun eta pikeun ngayakinkeun ka urang Israil yen maneh enya geus ditembongan ku Kami, PANGERAN, Allah karuhunna, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.”
6. PANGERAN nimbalan deui ka Musa, ”Asupkeun leungeun maneh kana jeroeun jubah.” Musa ngasupkeun pananganana ka jeroeun jubah; ari dikaluarkeun deui bet geus katerap ku kasakit, baruntusan rupana bodas kawas salju.
7. PANGERAN nimbalan, ”Asupkeun deui ka jeroeun jubah.” Sup diasupkeun deui, sarta barang ditarik deui bet geus pulih cara sasari kawas anggahota lianna.
8. PANGERAN nimbalan, ”Upama maranehna teu palercayaeun, henteu bisa diyakinkeun ku mujijat nu kahiji, ku nu kadua mah tangtu bisa diyakinkeun.
9. Tapi upama ku eta dua mujijat tetep maranehna teu palercayaeun, tetep arembungeun malire kana omongan maneh, maneh kudu nyiuk cai Walungan Nil, bahekeun kana taneuh. Eta cai bakal robah jadi getih.”
10. Tapi piunjuk Musa, ”Nun PANGERAN, ulah abdi anu diutus. Abdi teh sanes jalmi anu pinter nyarita, boh ti kapungkur, boh ti saparantos Gusti sasauran ka abdi. Abdi mah jalmi heurin ku letah, sok asa-asa.”
11. Timbalan PANGERAN ka anjeunna, ”Saha anu maparin letah ka manusa? Saha anu ngersakeun manusa torek atawa pireu? Saha anu ngersakeun manusa boga panenjo atawa merem? Nya Kami, PANGERAN.
12. Bral bae ka ditu, Kami anu bakal nyebutan piomongeun maneh.”
13. Tapi piunjuk Musa, ”Nun PANGERAN, sae ku nu sanes bae.”
14. PANGERAN jadi bendu ka Musa lajeng nimbalan, ”Kumaha lamun Harun, dulur maneh, urang Lewi tea? Kami uninga, manehna ahli nyarita. Manehna ayeuna keur ka dieu rek manggihan maneh, tangtu atoheun papanggih jeung maneh.
15. Caritakeun ka manehna, terangkeun naon anu kudu diomongkeun. Boh maneh boh Harun, tangtu ku Kami dibantuan nyarita, dituduhan naon-naon anu kudu dilampahkeun.
16. Harun kudu jadi lalambe maneh, ngawakilan maneh nyarita ka jalma rea. Jadi maneh ka Harun teh minangka Allah, nyebutan sakur anu kudu diomongkeun.
17. Eta iteuk bawa, pakeeun di ditu paranti nembongkeun mujijat-mujijat.”
18. Sanggeus kitu Musa mulih ka Yitro mertuana seug unjukan, ”Putra sumeja nepangan dulur-dulur di Mesir, hoyong terang naha harirup keneh.” Ku Yitro karujukan, tuluy dijurung.
19. Sabot Musa di Midian keneh, PANGERAN nimbalan ka anjeunna, ”Geura ka Mesir deui, sabab jelema-jelema anu ngarah pati ka maneh kabeh geus paraeh.”
20. Bral Musa angkat ka Mesir, garwana, putra-putrana dicandak, ditumpakkeun kana kalde. Iteukna dicandak sakumaha timbalan Allah.
21. Ngandika deui Allah ka Musa, ”Maneh ayeuna kudu ka Mesir deui. Ku kami dibere kawasa nembongkeun mujijat-mujijat Kami tea ka raja Mesir. Lampahkeun. Ari raja ku Kami rek dihaja dibedegongkeun, sina teu mikeun urang Israil indit.
22. Geus kitu bejakeun ka manehna, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN, ’Israil teh putra cikal Kami.
23. Ku Kami geus dipundut ka maneh sangkan diidinan indit ngabakti ka Kami. Ku sabab maneh teu ngidinan, anak cikal maneh ku Kami rek dipaehan.’ ”
24. Di satengahing jalan di pangrereban, Musa ku PANGERAN dipegat kersa-Na rek dipaehan.
25. Seug Sipora garwa Musa nyandak hiji batu seukeut, tuluy ngeureut kokocop putrana, seug eta kulit kokocop teh diusapkeun kana sampean Musa. Ku karana eta sunat, Sipora sasauran kieu ka Musa, ”Akang teh pikeun abdi salaki getih.” Ku hal eta Musa ku PANGERAN teu tulus dicabut nyawana.
26. ***
27. Sajeroning kitu PANGERAN nimbalan ka Harun, ”Tepungan Musa di gurun.” Bral Harun angkat rek nepangan Musa di gunung karamat. Sanggeus patepung tuluy ngarangkul.
28. Musa cacarios yen ditimbalan mulang ka Mesir ku PANGERAN. Sagala timbalana-Na oge dicarioskeun, kitu deui mujijat-mujijat PANGERAN anu kudu dilampahkeun engke di Mesir.
29. Musa jeung Harun kebat ka Mesir. Sanggeus sarumping tuluy ngumpulkeun kokolot-kokolot Israil.
30. Sagala timbalan PANGERAN ka Musa ku Harun dicarioskeun ka maranehna, sarta Musa nembongkeun mujijat-mujijat tea ka jalma rea.
31. Jalma rea palercayaeun. Barang dicaritaan yen maranehna geus dilayad ku PANGERAN, sarta kabalangsakanana geus katingali ku Mantenna, maranehna sarujud ngabakti.

Mazmur 16:1-6
1. Jabur Daud. Raksa abdi, nun Allah, da abdi nyalindung ka Gusti.
2. Kaula unjukan ka PANGERAN, ”Gusti teh PANGERAN abdi; sadaya pitulung ti Gusti asalna.”
3. Ku utama umat anu satia ka Allah! Kaula pangresepna reureujeungan jeung maranehna.
4. Anu muru allah-allah sejen, geus tangtu susah sorangan. Kaula embung miluan kana kurbanna, embung milu nyembah ka allah-allahna.
5. Kagaduh abdi mah mung salira Gusti, nun PANGERAN. Pangabutuh abdi nya Gusti nu nyekapan, pati hurip abdi nya Gusti nu nyepengna.
6. Pangasih Gusti ka abdi estu matak helok, taya babandinganana.

Amsal 5:1-6
1. Anaking, tengetkeun jeung regepkeun ieu hikmah jeung pangarti ti Bapa,
2. Tangtu hidep engke nyaho kumaha kuduna mawa diri sarta kumaha kuduna nyarita, nyirikeun yen boga kanyaho.
3. Biwir pamajikan batur kareueutna lir madu, nyiumna lemes lir lemesna minyak jetun.
4. Tapi dina sanggeusna, ngan kari paitna, kari peurihna.
5. Awewe kitu bakal nyered maneh ka tempat nu maot, da leumpangna ge moro ajal.
6. Dirina henteu tetep dina jalan anu nuju kana hirup, tapi sasab ngalantur, tapi teu ngarasaeun yen ngalantur.

Matius 18:1-20
1. Waktu eta, murid-murid naranya kieu ka Yesus, ”Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?”
2. Yesus nyandak hiji budak leutik ditangtungkeun payuneuna-Na.
3. Ti dinya saur-Na, ”Sing percaya ka Kami, maraneh moal bisa jadi warga Karajaan Sawarga lamun henteu robah kalakuan jeung jadi saperti ieu budak leutik.
4. Nu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, nya eta anu daek ngahandapkeun maneh, jeung boga hate saperti hate budak leutik.
5. Sing saha anu ngaku ka budak leutik pantar kieu ku karana ngingetkeun ka Kami, eta sarua jeung ngaku ka Kami.”
6. ”Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan anu gede, terus alungkeun ka jero laut.
7. Memang cilaka di dunya teh loba gogoda, anu ngalantarankeun manusa pecat iman! Kaayaan kitu terus bae teu eureun-eureun. Tapi leuwih cilaka deui jelema anu ngagodana!
8. Leungeun atawa suku maraneh lamun nu hiji pidosaeun mah teukteuk bae, piceun! Mending ngan boga leungeun ngan hiji atawa suku ngan hiji tapi salamet, ti batan leungeun suku jangkep tapi diri sakujur dialungkeun kana seuneu langgeng.
9. Panon lamun nu hiji pidosaeun mah cokel bae, piceun! Mending ngan boga panon sabeulah tapi salamet, ti batan panon lengkep tapi diri sakujur dicemplungkeun kana seuneu naraka!”
10. ”Awas, ulah ngahina ka budak leutik pantar kieu. Ati-ati, sabab malaikat-malaikatna salawasna aya di payuneun Rama Kami di sawarga. [
11. Ari Anak Manusa ka dunya teh rek nyalametkeun jelema anu leungit ti payuneun Allah.]
12. Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir.
13. Ana nu leungit geus kapanggih, nu bogana tangtu leuwih atoh ku eta anu hiji ti batan ku nu salapan puluh salapan nu henteu leungit.
14. Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.”
15. ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.
16. Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ʼPikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.ʼ
17. Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.
18. Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.
19. Jeung iraha bae lamun maraneh di dunya mangnedakeun hiji perkara ku duaan, tangtu ku Rama Kami di sawarga dimakbul.
20. Sabab di mana bae dua atawa tilu jelema kumpul mawa jenengan Kami, Kami bakal aya di dinya.”