A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 15

Kejadian 29:1-35
1. Yakub jung deui lumaku, kebat angkat ka tanah Wetan.
2. Ti dinya jol ka hiji sumur, ayana di tengah tegal. Deukeut sumur aya domba tilu gunduk keur darepa, ngadago dibarere nginum. Ari sumurna ditutupan keneh ku batu gede.
3. Upama domba geus karumpul kabeh, kakara diarinuman, batu panutup sumurna diangkat babarengan. Mun geus beres nginuman, batuna ditutupkeun deui kana urutna.
4. Yakub terus uluk salam sarta saurna, ”Punten, dulur-dulur anu ti mana?” Dijarawab yen ti Haran.
5. Yakub, ”Manawi kenal sareng Laban putra Nahor?” Dijarawab yen kenal.
6. Yakub, ”Kumaha anjeunna damang?” Dijarawab, ”Damang. Tuh geuning Rahel putrana, ngagiringkeun domba ka dieu.”
7. Saur Yakub, ”Siang keneh, can meujeuhna ngandangkeun. Ku naon teu enggal-enggal dibere nginum, sina nyaratuan deui?”
8. Jawabna, ”Ngantos kumpul heula sadayana. Ayeuna mah can tiasa, margi batuna kedah diangkat babarengan, nembe tiasa nginuman.”
9. Sabot Yakub sasauran, Rahel datang ngagiring domba ramana, kawantu Rahel oge kabagian kudu ngangon.
10. Ana jol Rahel datang ngagiring domba anu emang Laban, Yakub buru-buru muru ka sumur, gulipak batuna digulingkeun, terus eta domba-domba disina ngarinum.
11. Ti dinya gabrug ngarangkul ka Rahel bari sumegruk.
12. ”Akang teh,” saurna, ”putra ti Ibu Rabeka, wargi tuang rama.” Deregdeg Rahel lumpat rek wawartos ka ramana.
13. Sanggeus diwartosan yen aya Yakub putra rakana, Laban gura-giru mapagkeun. Gabrug ngarangkul bari nyiuman, terus Yakub dikaleng, dicandak ka bumi. Ti dinya Yakub cacarios ngunjukkeun sagala nu kaalaman.
14. Saur Laban, ”Enya, hidep teh tunggal getih daging Ama.” Saterusna Yakub di pamanna geus meunang sabulan.
15. Geus kitu saur Laban ka Yakub, ”Kumaha hidep teh, digawe teu dibayar pedah kulawarga keneh. Cik hidep menta sabaraha bayaran?”
16. Ari Laban kagungan putra istri dua, Lea rakana, Rahel raina.
17. Lea alus panonna, tapi Rahel mah awakna camperenik jeung rupana geulis.
18. Yakub nu cinta ka Rahel ngawalon, ”Abdi seja babantu di Emang tujuh taun, asal dipaparin Rahel, putra Ama anu anom.”
19. Saur Laban, ”Nya mending dika-aguskeun eta anak Ama teh, tinimbang ka nu sejen mah. Heug, hidep didieu bae jeung Ama.”
20. Digawe tujuh taun keur meunangkeun Rahel, karaosna ku Yakub mah ukur popoean bae, awahing ku cinta-cintana.
21. Tutup anu tujuh taun, Yakub unjukan ka Laban, ”Abdi nagih perjangjian, putra Ama tikahkeun ka abdi, margi parantos seep waktosna.”
22. Prak Laban hajat, urang dinya kabeh diondang.
23. Tapi peutinganana, anu dianteurkeun ka Yakub teh lain Rahel, tapi Lea, seug salulut.
24. Lea ku Laban dibere emban saurang, ngaranna Silpa.
25. Isukna ku Yakub kakara katangen, sihoreng eta teh Lea. Yakub ngadesek ka Laban, ”Geuning kitu Ama mah, ngabobodo! Abdi ngawula teh hayang Rahel!”
26. Walon Laban, ”Di dieu mah teu lumrah adi dikawinkeun miheulaan lanceuk.
27. Sabar heula saminggu ieu nepi ka bubar hajat, kakara Rahel ku Ama diserenkeun. Tapi hidep kudu digawe di Ama tujuh taun deui.”
28. Yakub satuju. Sabubarna hajat kawinan, Rahel diserenkeun ka Yakub.
29. Rahel oge ku ramana dibere emban saurang, ngaranna Bilha.
30. Yakub jeung Rahel enggeus salulut, tur asihna ka Rahel leuwih ti batan ka Lea. Yakub ngawula ka Laban tujuh taun deui.
31. PANGERAN uninga yen Lea teu dipikacinta. Seug ku Mantenna sina boga anak, sabalikna Rahel mah sina gabug.
32. Seug Lea kakandungan terus ngalahirkeun putra lalaki. Terus dingaranan Rubin, sabab saurna, ”PANGERAN geus ningali kasusah aing. Ayeuna mah salaki tangtu nyaaheun.”
33. Geus kitu kakandungan deui. Ana lahir putrana pameget, tuluy dingaranan Simeon, sabab saurna, ”PANGERAN maparin deui anak, uningaeun aing teu dipikacinta.”
34. Ngandung deui, ana lahir putrana pameget, seug dingaranan Lewi, sabab saurna, ”Ayeuna mah salaki tangtu layeut ka aing, da aing geus mere tilu anak.”
35. Ngandung deui, ana lahir putrana pameget, seug dingaranan Yuda, karana saurna, ”Aing muji sukur ka PANGERAN.” Ti dinya pet teu putraan deui.

Kejadian 30:1-43
1. Ku sabab henteu bae kagungan putra ti Yakub, Rahel jadi sirik ka nu jadi raka. Ti dinya unjukan ka Yakub, ”Abdi menta anak! Kieu bae mah langkung sae pondok umur!”
2. Bawaning jengkel ka Rahel, Yakub ngawalon, ”Na Akang teh gaganti Allah? Nyai teu boga anak teh kapan ku pangersa-Na!”
3. Walon Rahel, ”Kapan abdi gaduh inang, Bilha. Kawin ku Akang sina ngandung, anakna jang abdi, sarta abdi jadi indung ku jalan kitu.”
4. Seug Bilha, inangna, diserenkeun sina salulut jeung carogena.
5. Ti dinya Bilha nyiram, terus ngalahirkeun pikeun Yakub.
6. Saur Rahel, ”Allah geus midamel kaadilan ka aing, ngamakbul paneda aing, maparin anak.” Seug orok teh dingaranan Dan.
7. Bilha inang Rahel nyiram deui, terus ngalahirkeun putra pameget ti Yakub.
8. Saur Rahel, ”Aing tas tarung jeung lanceuk. Aing anu meunang.” Seug orok teh dingaranan Naptali.
9. Ari Lea, sanggeus pet teu putraan deui, seug nyerenkeun Silpa inangna, sina ditikah ku Yakub.
10. Ti dinya Silpa ngalahirkeun putra pameget ti Yakub,
11. terus dingaranan Gad. ”Sabab mawa untung!” saur Lea.
12. Silpa inang Lea ngalahirkeun deui putra pameget ti Yakub.
13. Saur Lea, ”Bagja temen ieu aing! Aing bakal disebut jelema bagja ku sakabeh awewe.” Ku sabab kitu eta putrana teh dingaranan Aser.
14. Hiji mangsa keur usum panen gandum, Rubin ka huma, beh manggih buah, ngaranna buah asihan. Seug diserenkeun ka Lea, ibuna. Rahel menta, ”Cik abdi menta eta buah asihan panimu anak aceuk.”
15. Lea ngawalon, ”Acan puas ngarebut salaki aceuk? Ayeuna prak deui, menta buah asihan panimu anak aceuk!” Ari walon Rahel, ”Engke wengi, aceuk kenging kulem sareng Kang Yakub, asal abdi dipasihan eta buah.”
16. Pasosore Yakub sumping tas ti huma, Lea mapagkeun sarta saurna, ”Engke wengi Akang kulem di abdi, margi parantos disewa ku abdi ku buah asihan panimu anak abdi.” Peutingna Yakub kulem di Lea sarta salulut.
17. Allah ngamakbul paneda Lea. Lea nyiram deui, tuluy ngalahirkeun putra anu kalima ti Yakub.
18. Saur Lea, ”Allah ngaganjar ka aing, lantaran aing ngabaktikeun inang aing ka salaki.” Seug putrana dingaranan Isaskar.
19. Ti dinya nyiram deui, terus ngalahirkeun putra anu kagenep ti Yakub.
20. Saurna, ”Allah ka aing maparin nugraha. Ayeuna mah salaki teh tangtu daekeun deui ka aing, da aing geus genep ngajurukeun anakna anu lalaki.” Ku sabab kitu eta budak teh ku Lea dingaranan Sebulun.
21. Ti dinya ngalahirkeun deui, istri, dingaranan Dinah.
22. Geus kitu Allah emut ka Rahel. Paneda Rahel dikabul, dipaparin kasempetan kana puputra.
23. Seug nyiram terus ngalahirkeun putra lalaki. Pok sasauran, ”Allah geus ngajait aing tina kahinaan teu boga anak.
24. Mugi-mugi Mantenna maparin deui anak ka aing.” Seug putrana dingaranan Yusup.
25. Sanggeus lahir Yusup, Yakub neda amit ka Laban, saurna, ”Ama, abdi widian mulang ka bali geusan ngajadi.
26. Pun bojo, anu dikengingkeunana ku jalan abdi ngawula ka Ama, kitu deui pun anak, sadayana bade dibantun. Ku Ama parantos kauninga, abdi digawe di Ama teh sakitu temen wekelna.”
27. Walon Laban, ”Hidep sing karunya ka Ama, enya ku Ama ge karasa, pangna Ama sakieu diberkahanana ku PANGERAN teh nya hidep lantaranana.
28. Bisi hidep hayang dibayar, sabaraha oge ku Ama tangtu dibayar.”
29. Walon Yakub, ”Ku Ama tangtos karaos, kumaha suhudna abdi ngawula. Ingon-ingon Ama oge jadi sakitu gereyekna saparantos diurus ku abdi mah.
30. Memeh ku abdi diurus mah mung saeutik, ayeuna parantos jadi mangpirang-pirang. Sajleg abdi aya di Ama, sakitu diberkahanana Ama ku PANGERAN. Meujeuhna ayeuna mah abdi ngemut-ngemut kapentingan rumah tangga pribadi.”
31. Saur Laban, ”Mere naon atuh Ama ka hidep?” Walon Yakub, ”Ama teu kedah maparin naon-naon. Heug abdi ngurus deui ingon-ingon Ama, upami Ama satuju sarat-saratna.
32. Dinten ieu abdi bade mariksa ingon-ingon. Mana-mana domba anu bulu hideung, embe anu totol-totol sareng anu belang, bade dipisahkeun, keur buruhan abdi.
33. Kitu teh supados ka payunna Ama gampil mariksana, bilih palay uninga abdi jujur henteuna. Jadi upami mendakan dinu bagian abdi aya embe anu buluna henteu belang atanapi totol-totol, atanapi domba anu sanes bulu hideung, tangtos eta kenging maling ti Ama.”
34. Walon Laban, ”Ama akur. Kumaha hidep bae.”
35. Tapi poe eta keneh Laban buru-buru misah-misahkeun embe-embe badot anu kendit jeung anu belang, embe-embe bikang anu totol-totol jeung nu belang, kitu deui anu bodas. Jaba ti eta, domba-domba bulu hideung kabeh dipisah-pisahkeun. Geus kitu dipasrahkeun ka putra-putrana sina dijaga.
36. Ti dinya anjeunna angkat ngajauhan Yakub, jauhna kira-kira lalakon tilu poe. Jadi ingon-ingon Laban anu diurus ku Yakub mah sasesana bae.
37. Ti dinya Yakub mesekan dahan-dahan anu harejo, dahan kimenyan, dahan jarak jeung dahan caringin. Dipesekna dipontrang-pontrang sina tembong nu bodasna, jadi udat-udat belang.
38. Eta dahan-dahan teh diteundeunna dina jolang-jolang paranti embe ngarinum. Ana embe dararatang rek ngarinum, sok ngaradon lakian di dinya.
39. Ku lantaran keur waktu kituna narenjoeun kana dahan-dahan nu dibelang-belang tea, ana ngajaruru anakna teh tararotol, kararendit jeung barelang.
40. Ari domba-domba jalu ku Yakub dipisahkeun, sina ngudag-ngudag bikang anu warna kendit jeung hideung anu Laban. Ku anjeunna dipisah-pisahkeun, henteu dihijikeun jeung anu Laban. Kitu carana Yakub nambahan ingon-ingonna, sarta henteu dihijikeun jeung anu Laban.
41. Jeung ana embe domba anu barodas rek lakian, jolang-jolang paragi ngarinumna diteundeunan dahan-dahan beunang montrang. Atuh embe domba teh lakianana nyalanghareup kana dahan-dahan tea.
42. Ari embe domba anu halengker mah henteu dikitukeun. Kajadianana, Laban kabagian nu halengkerna, ari Yakub meunang nu karuat tur sarehat.
43. Atuh Yakub teh gancang naker jadi beunghar, embe dombana mangpirang-pirang, onta, kalde, jeung badega-badega teu kurang-kurang.

Mazmur 8:1-5
1. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Gitit. Jabur Daud.
2. Nun PANGERAN, Gusti abdi sadaya, kaagungan Gusti tembong di sakuliah jagat! Kamulyaan Gusti maratan langit;
3. dinyanyikeun ku barudak sareng orok. Gusti reugreug, aman ti sadaya musuh, sing sakur anu ngalawan ku Gusti dibungkem.
4. Ana abdi narawang langit, damelan Gusti, bulan sareng bentang-bentang kenging Gusti merenahkeun,
5. manusa teh naon, ku Gusti dugi ka dipikaemut; naon manusa teh, ku Gusti dugi ka dipirosea?

Amsal 3:13-18
13. Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti.
14. Sabab eta leuwih untung batan boga perak, pangajina leuwih ti batan emas.
15. Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta.
16. Hikmah nungtun kana panjang umur, parek rejeki tur mulya harkat.
17. Hikmah matak nyenangkeun, hirup ngahenang-ngahening.
18. Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.

Matius 10:21-42
21. Engke teh dulur bakal nyerenkeun dulurna keneh sina dipaehan, kitu keneh bapa ka anak; anak bakal ngalawan ka bapa, nyerenkeun bapana sina dipaehan.
22. Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.
23. Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sing percaya ka Kami: Memeh kota-kota Israil kaider kabeh ku maraneh, Putra Manusa geus datang manten.
24. Murid moal bisa ngungkulan guru, gandek moal bisa ngungkulan dunungan.
25. Ku sabab eta lamun aya murid anu bisa sarua jeung guruna kudu geus ngarasa untung, nya kitu keneh lamun aya gandek anu bisa sarua jeung dununganana. Lamun kapala kulawarga meunang sesebutan Beelsebul, komo anggota-anggotana disebutna tangtu leuwih goreng ti sesebutan Beelsebul!”
26. ”Tong sieun ku pada jalma. Hal-hal anu ayeuna katutup bakal kabuka, moal aya rasiah anu moal kaguar.
27. Ieu omongan Kami anu diomongkeun ka maraneh di nu poek, ku maraneh embarkeun di nu caang, anu ayeuna diharewoskeun kana ceuli maraneh kudu diembarkeun ti munara.
28. Jelema ngan bisaeun ngabinasa badan, teu bisaeun maehan nyawa, teu kudu dipikasieun. Anggur kudu sieun ku Allah, anu kawasa ngabinasakeun badan jeung nyawa di naraka.
29. Piit hargana saduit dua, tapi sanajan kitu moal aya nu ragrag kana taneuh lamun taya pangersa Rama maraneh.
30. Buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus diitung.
31. Ku sabab kitu ulah sieun-sieun! Harkat maraneh leuwih punjul ti batan piit!”
32. ”Anu ngaku di hareupeun umum yen anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diaku di payuneun Ama Kami di sawarga.
33. Anu ngangles di hareupeun umum magar lain anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diangles di payuneun Ama Kami di sawarga.”
34. ”Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang.
35. Ku datangna Kami, anak lalaki bakal ngalawan ka bapana, anak awewe bakal ngalawan ka indungna, minantu awewe bakal ngalawan ka mitohana awewe.
36. Anu bakal jadi musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.
37. Anu leuwih nyaah ka bapana atawa ka indungna ti batan ka Kami, teu pantes jadi murid Kami. Anu leuwih nyaah ka anakna nu lalaki atawa nu awewe ti batan ka Kami, teu pantes jadi murid Kami.
38. Jalma anu milu ka Kami tapi embung manggul salibna, teu pantes jadi murid Kami.
39. Jalma anu ngabelaan nyawana sorangan bakal kaleungitan nyawana. Sabalikna anu pegat nyawa lantaran satia ka Kami, bakal meunangkeun hirup anu langgeng.”
40. ”Anu narima ka maraneh, eta narima ka Kami. Anu narima ka Kami, eta narima ka anu ngutus Kami.
41. Anu daek narima utusan Allah dumeh ka utusan Allah, bakal meunang ganjaran sakumaha utusan Allah. Anu daek narima ka jelema bageur dumeh ka jelema bageur, bakal meunang ganjaran sakumaha jelema bageur.
42. Anu daek mere nginum sanajan ngan cai tiis ka salah sahiji panganut Kami nu panghinana, sing percaya, geus tangtu bakal diganjar.”