A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Januari 14

Kejadian 27:1-46
1. Ishak kacida sepuhna, socana geus teu ningali. Hiji mangsa nyaur Esau, putra cikal, sarta saurna, ”Ujang!” ”Kulan!” wangsulanana.
2. Ishak, ”Ama teh geus kolot, geus tereh maot.
3. Mana pakarang Ujang, gondewa jeung panah, Ama pangmorokeun.
4. Terus olahkeun ku Ujang, jieun kaolahan kasedep Ama, seug bawa ka dieu. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan heula ka Ujang.”
5. Kasauran Ishak ka Esau kadangueun ku Rabeka. Sanggeus Esau indit moro jang ramana,
6. Rabeka sasauran ka Yakub, ”Bieu Ibu ngadenge Ama sasauran ka Esau, saurna:
7. ’Ama pangmorokeun, terus olahkeun jang Ama. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan Ujang heula di payuneun PANGERAN.’
8. Ayeuna kieu kasep, turutkeun omongan Ibu.
9. Jung ayeuna newak embe dua anu ngora, urang olahkeun, jieun rupa-rupa kaolahan kasedep Ama.
10. Sanggakeun ku Ujang, sina dituang ku Ama, engke Ujang ku Ama diberkahan, samemeh Ama pupus.”
11. Wangsul Yakub ka ibuna, ”Nanging kumaha, Ibu, kapan Esau mah pinuh ku bulu, dupi kulit abdi mah limit.
12. Boa engke Ama ngarampaan awak abdi, uningaeun we panginten yen abdi ngabohong. Upami kitu mah abdi teh ti batan diberkahan anggur disapa.”
13. Saur ibuna, ”Panyapana mah nu kumaha bae ge keun Ibu nu nyangga. Turut bae Ibu, jung ka ditu tewak embe, bawa ka Ibu.”
14. Yakub newak embe, disanggakeun ka ibuna, terus diolahkeun didamel kaolahan kasedep Ishak.
15. Geus kitu Rabeka nyandak pakean Esau anu disimpen di bumi, rap dianggokeun ka Yakub.
16. Leungeun jeung punduk Yakub anu henteu katutup ku eta pakean, dibulenan ku kulit embe tea.
17. Kaolahan nu raraos teh dipiwarang disanggakeun ku Yakub jeung rotina ka ramana.
18. Ku Yakub disanggakeun ka ramana. Saurna, ”Ama!” Walerna, ”Saha eta? Anak anu mana Ujang teh?”
19. Yakub ngawangsul, ”Abdi Esau, putra Ama anu cikal. Pamundut Ama parantos sayagi. Geura gugah. Tuang ieu daging kenging abdi moro. Saparantos tuang, abdi berkahan.”
20. Ishak, ”Geuning tereh pisan beubeunangan, Ujang?” Yakub ngawangsul, ”Allah panutan Ama parantos nulung ka abdi.”
21. Saur Ishak deui, ”Ser atuh ka dieu, urang rampa ku Ama, na enya Ujang teh Esau anak Ama?”
22. Ser Yakub ngadeukeutan ka ramana. Saur ramana sanggeus ngarampaan, ”Sorana mah sora Yakub, tapi dirampa leungeunna asa leungeun Esau.”
23. Anjeunna teu uningaeun yen eta teh Yakub, kawantu leungeun Yakub karaos buluna cara Esau. Barang rek prak ngaberkahan,
24. anjeunna mariksa deui, ”Na enya ieu teh anak Ama, Esau?” ”Leres,” wangsulna.
25. Saur Ishak, ”Sok atuh daging teh asongkeun, ku Ama urang dahar. Engke Ujang diberkahan.” Sor ku Yakub disanggakeun, sakalian jeung anggur keur leueuteunana.
26. Geus kitu ramana ngalahir, ”Ser Ujang ka dieu, Ama cium.”
27. Yakub nyampeurkeun ka ramana, seja nyium. Pakeanana ku ramana diangseuan. Pok ramana ngucapkeun berkah, ”Ieu bau anak Ama, matak seger karasana, seungit tanah nu pinuh ku berkah Allah.
28. Mugia Allah ka hidep nurunkeun ibun ti langit, tanah teh mangka subur mangka makmur, sing dipaparin ceuyah ku gandum ceuyah ku anggur.
29. Bangsa-bangsa ka hidep mangka taraluk, sararujud tararunduk. Baraya-baraya, ka hidep mangka ngawula, anak-anak indung hidep, ku hidep mangka kapurba. Mangka kasapa sakur nu ka hidep nyapa, mangka jamuga, nu ka hidep ngadudunga.”
30. Cacap Ishak ngucapkeun berkahna, Yakub geus undur. Ana torojol Esau rakana, tas moro.
31. Anjeunna ge popolah, terus disanggakeun ka ramana. Pok unjukan, ”Ama, geura gugah. Geura tuang, ieu dagingna, kenging abdi putra Ama. Saparantosna, abdi berkahan.”
32. Ishak mariksa, ”Saha Ujang teh?” Wangsulanana, ”Abdi Esau, putra Ama anu cikal.”
33. Per Ishak ngadegdeg salirana. Mariksa deui, ”Ari bieu saha atuh, ka Ama nyuguhan beunang moro? Ku Ama didahar, memeh Ujang datang. Malah ku Ama geus diberkahan, tur berkahna tetep tumetep.”
34. Gauk Esau ngajerit tarik, terus nangis semu nalangsa kabina-bina. Pok unjukan, ”Ama, atuh abdi ge berkahan!”
35. Waler Ishak, ”Adi Ujang geus nipu ka Ama, nyokot berkah anu Ujang.”
36. Wangsul Esau, ”Parantos dua kali sareng ieu manehna nipu ka abdi. Surup ka ngaranna Yakub. Hak cikal ku manehna dirampas ti abdi, ayeuna berkah anu abdi oge dirampas. Na teu aya deui berkah ti Ama pikeun abdi?”
37. Waler Ishak ka Esau, ”Yakub ku Ama geus diberkahan sina murba ka Ujang, sakabeh barayana baris jaradi kawulana. Ku Ama geus disina beunghar ku gandum jeung anggur. Jadi kudu kumaha atuh Ama ka Ujang teh?”
38. Esau ngeukeuhan ka ramana, ”Naha Ama kagungan berkah teh mung hiji-hijina? Berkahan abdi oge, Ama!” saurna, bari segruk bae nangis.
39. Geus kitu saur Ishak, ”Tanah hidep hamo subur hamo makmur, ti langit mo ngambeu ibun.
40. Hirup hidep ngan ku pedang, ka adi baris ngawula. Tapi upama hidep usaha bebeakan, engke bisa bebas tina kakawasaanana.”
41. Esau kacida ngunek-ngunekna ka Yakub, dumeh berkahna enggeus dirampas. Heug bae mikir, ”Mo lila deui ge Ama ngantunkeun. Beres eta, dipaehan si Yakub ku aing!”
42. Tapi eta niat Esau teh kauningaeun ku Rabeka. Yakub ku anjeunna disaur, ”Ujang! Esau lanceuk Ujang ngarah, rek maehan ka Ujang.
43. Ayeuna turutkeun papatah Ibu. Geura sasadiaan, terus kabur ka Haran, ka dulur Ibu anu ngaran Laban.
44. Di dinya bae heula, nepi ka sirepna amarah lanceuk Ujang,
45. moal nginget-nginget deui kalakuan Ujang ka manehna. Mun geus kitu, Ibu tangtu ngajurungan saha bae ka ditu, neang Ujang mulang deui ka Ibu. Ku naon atuh Ibu teh tepi ka kudu ditinggalkeun ku anak duanana sapoe reujeung?”
46. Ti dinya Rabeka nepangan Ishak, saurna, ”Abdi teh parantos bosen ningal bojo-bojona Esau, teu sabangsa sareng urang. Upami Yakub oge dugi ka bojoan ka urang dieu, bangsa Het, langkung sae pondok umur bae abdi mah.”

Kejadian 28:1-22
1. Yakub ku Ishak disaur. Sanggeus dibageakeun, diomat-omatan, saurna, ”Ulah boga pamajikan ka urang Kanaan.
2. Ayeuna geura sasadiaan, terus indit ka Mesopotami. Tepungan Eyang Betuel ramana Ibu. Heug kawin ka urang ditu, ka putra Emang Laban.
3. Muga rumah tangga hidep meunang berkah Allah Nu Maha Kawasa, bisa reuay anak, sangkan jadi karuhun ti bangsa loba.
4. Hidep saturun-tumurun, sing meunang berkah PANGERAN cara berkah ka Ibrahim. Ieu tanah, tempat hidep dijurukeun, anu ku Allah geus dipaparinkeun ka Ibrahim, masing jadi milik hidep.”
5. Geus kitu Yakub dijurung laku, indit ka Mesopotami, dipiwarang nepungan Laban putra Betuel urang Aram. Laban teh raina Rabeka ibuna Yakub jeung Esau.
6. Esau terangeun, yen Yakub diberkahan deui jeung diiangkeun ka Mesopotami, sina neangan jodo di ditu. Terangeun, yen waktu keur diberkahanana diomat-omatan teu meunang kawin ka wanita urang Kanaan.
7. Terangeun, yen Yakub indit ka Mesopotami teh lantaran nurut ka rama ka ibu.
8. Ras bae kapikir, yen ramana teu resep ka wanita urang Kanaan.
9. Ku sabab eta manehna terus nepungan Ismail, putra Ibrahim tea, terus nikah jeung Mahalat adina Nebayot, putra Ismail.
10. Yakub iang ti Bersyeba, ngajugjug ka tanah Haran.
11. Barang jol ka hiji tempat, panonpoe enggeus surup. Yakub tuluy pasang kemah, dug ngedeng dina anggel batu, ti dinya reup bae mondok.
12. Bet ngimpi ningal taraje, nanggeuh ti bumi ka langit, dipake unggah turun ku para malaikat.
13. Breh deui ningal aya PANGERAN, ngadeg di gigireunana, nimbalan kieu, ”Kami, Allah panutan Ibrahim jeung Ishak. Ieu tanah anu keur dikedengan ku maneh, baris jadi milik maneh, turun-tumurun.
14. Turunan maneh bakal loba liwat saking, tinanding keusik di bumi. Ari wewengkon tanahna, bakal terus ngalegaan, ka kulon, ka wetan, ka kidul, ka kaler. Bangsa-bangsa bakal mareunang berkah ku lantaran maneh sarta turunan maneh.
15. Satemenna, Kami seja nyarengan ka maneh. Ka mana bae nya indit, ku Kami tangtu diraksa, sarta baris dibalikkeun deui ka ieu tanah. Maneh moal ditinggalkeun, nepi ka laksana saomong Kami ayeuna.”
16. Korejat Yakub hudang, tuluy ngomong, ”PANGERAN di dieu! Aing teu nyaho Mantenna aya di dieu!”
17. Yakub jadi sieuneun sarta tuluy ngomong deui, ”Ieu tempat teh pikasieuneun! Ieu tangtu bumina Allah; tangtu ieu teh lawang asup ka sawarga.”
18. Poek-poek keneh Yakub geus hudang. Top kana batu nu entas dipake anggel, seug ditangtungkeun, dijieun tugu pangeling-ngeling, cur dikucuran minyak rek dibaktikeun ka Allah.
19. Seug eta tempat teh ku Yakub dingaranan Betel. Tadina ngaranna Lus.
20. Geus kitu Yakub ikrar sumpah ka PANGERAN: ”Saupami Gusti nyarengan sareng ngaraksa ka abdi salebeting perjalanan, salajengna maparin sandang sareng pangan,
21. sareng ngawangsulkeun deui abdi ka pangkonan pun bapa, Gusti teh nya Allah panutan abdi.
22. Ieu batu pangeling-eling anu ditangtungkeun ku abdi, bakal jadi tempat paranti ngabakti ka Anjeun. Sareng abdi sumeja nyanggakeun sapersapuluh ti sugri anu ku Gusti dipaparinkeun ka abdi.”

Mazmur 7:9-17
9. Gusti ngahakiman umat manusa, abdi nyuhunkeun kaadilan, nun PANGERAN; Gusti uninga yen abdi teu salah.
10. Gusti teh Allah nu adil, anu nilik pikiran jeung karep manusa. Eureunkeun kagorengan jalma jahat, ganjar jalmi anu balener.
11. Allah teh panyalindungan kaula, anu nyalametkeun jalma nu nurut ka Mantenna.
12. Allah teh Hakim nu adil, anu salawasna ngahukum jelema jahat.
13. Lamun maranehna teu daraek tobat, Allah baris ngasah pedang-Na. Mantenna ngawengkang gondewa tinggal ngalepas,
14. nyepeng pakarang nu matih ngecengkeun panah nu hurung.
15. Titenan, kumaha si jahat ngulik kajahatan, ngararancang huru-hara, ngajalankeun tipu daya.
16. Tapi pitapak beunangna masang keur batur keunana ka maranehna sorangan.
17. Kajuliganana malindes kana dirina, cilaka ku katelengesanana sorangan.

Amsal 3:11-12
11. Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling.
12. Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.

Matius 10:1-20
1. Yesus ngumpulkeun murid-murid-Na anu dua welas urang, tuluy dipaparin kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat, pikeun nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.
2. Murid-murid nu dijadikeun rasul nya eta: Simon (anu disebut oge Petrus) jeung Andreas dulurna; Yakobus jeung Yohanes, anak bapa Sebedeus;
3. Pilipus jeung Bartolomeus; Tomas jeung Mateus tukang mulung pajeg tea; Yakobus bin Alpeus jeung Tadeus;
4. Simon Ki Patriot, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat Yesus.
5. Eta dua welas rasul ku Yesus tuluy diutus. Memeh bral, dibere pituduh kieu, ”Ulah asup ka daerah-daerah anu dicicingan ku nu lain bangsa Yahudi. Kota-kota Samaria oge ulah diasupan.
6. Anu kudu didatangan teh urang Israil, utamana pisan mah anu salalasar.
7. Embarkeun yen ʼKarajaan Sawarga geus meh ngadeg!ʼ
8. Anu garering cageurkeun, anu paraeh hirupkeun deui, anu lepra waluyakeun, anu kasurupan roh jahat kaluarkeun roh jahatna. Maraneh meunang ieu kawasa teh teu kudu mayar. Kudu dipake nulungan nu sejen, ulah menta bayaran.
9. Arindit teh ulah mekel emas, perak, atawa uang tambaga.
10. Ulah mawa kantong sidekah, ulah mawa pisalin, ulah mawa tarumpah, ulah mawa iteuk. Sabab nu digawe mah geus kuduna dicukupan kaperluanana.
11. Lamun datang ka hiji kota atawa desa, teangan nu daekeun dianjrekan, seug nganjrek di dinya nepi ka waktuna indit deui.
12. Memeh asup uluk salam heula, ʼSalam wilujeng.ʼ
13. Lamun pribumina ngabageakeun, salam wilujeng maraneh bakal nerap. Tapi lamun nolak, salam maraneh cabut deui.
14. Lamun pribumi hiji imah atawa kota embungeun narima atawa embungeun ngadenge, tinggalkeun bae bari kebut kekebul tina suku.
15. Sing percaya, dina Poe Kiamat urang Sadumu jeung Gomora bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan jelema-jelema di eta tempat!”
16. ”Regepkeun! Maraneh diutus teh lir domba nyampeurkeun ajag-ajag. Jadi sing waspada kawas oray, sing lemes kawas japati.
17. Sing caringcing, sabab aya nu baroga niat nangkep maraneh, nyerenkeun maraneh ka pangadilan. Maraneh bakal disiksa di imah-imah ibadah.
18. Maraneh bakal dipariksa ku nu karawasa jeung ku raja-raja, pedah anut ka Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh mere pertelaan hal Kami ka maranehna jeung ka jelema-jelema anu teu nyarahoeun ka Allah.
19. Lamun dipariksa teu kudu bingung kumaha kudu ngomong atawa kumaha kudu nyarita. Geus dina waktuna mah maraneh bakal dibere nyaho kudu ngomong naon.
20. Sabab anu cacatur engke teh saenyana lain maraneh, tapi Roh Rama maraneh. Maraneh anu ngedalkeunana.