A A A A A

2 Tawarikh 5:1-14
1. Sanggeus sagala rupa pagawean pikeun Bait Allah tea rengse, sagala barang-barang perak, emas, jeung salianna anu ku Daud Ramana geus dibaktikeun ka PANGERAN, ku Raja Suleman disimpen di Bait Allah, di kamar panyimpenan.
2. Geus kitu, Raja Suleman nimbalan ka sakabeh pamingpin kaom jeung kapala-kapala golongan Israil, supaya karumpul di Yerusalem, rek mindahkeun Peti Perjangjian PANGERAN ti Sion, Kota Daud ka Bait Allah.
3. Sarerea geus karumpul dina mangsa Pesta Saung Daun.
4. Sanggeus para kapala kabeh kumpul, Peti Perjangjian teh diangkat ku urang Lewi,
5. terus digotong ka Bait Allah. Kemah Tepangan PANGERAN oge katut unak-anikna ku para imam jeung urang Lewi dipindahkeun ka Bait Allah.
6. Ti dinya Raja Suleman katut sakumna bangsa Israil kumpul di hareupeun Peti Perjangjian, ngurbankeun domba jeung sapi pirang-pirang, loba teuing mun diitung.
7. Sanggeus kitu Peti Perjangjian PANGERAN teh ku para imam diasupkeun ka jero Bait Allah, dipernahkeun di Kamar Pangsucina, handapeun jangjang mumukarabinan,
8. sarta eta Peti katut rancatanana kaauban ku jangjangna anu maleber.
9. Congo-congo rancatanana bisa katenjo ku saha bae anu nangtungna lempeng hareupeun Kamar Pangsucina, ari ti beulah sejen mah henteu katembong. (Eta rancatan-rancatan ayana di dinya tetep nepi ka kiwari.)
10. Eusi Peti Perjangjian taya naon-naonna deui salian ti dua gebleg papan batu sisimpenan Musa keur di Gunung Sinai, basa PANGERAN ngadamel jangji ka urang Israil dina perjalanan maranehna waktu budal ti Mesir tea.
11. Para imam ti sagala golongan geus araya, kabeh geus beberesih. Para pamaen musik urang Lewi oge jaronghok: Asap, Heman, Yedutun, jeung para anggota golonganana, marake pakean tina lawon lenen, narangtung deukeut altar pongpok wetan narabeuh kecrek jeung kacapi, dibarengan ku saratus dua puluh imam nariup tarompet. Breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN, pokna, ”Sagala puji ka PANGERAN, mulya manah-Na, mikaasih salalanggengna.” Sabot para imam kalaluar ti jero Bait Allah, eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN anu matak serab, nepi ka para imam teu karuateun lila-lila ngabaraktina.
12. Raja Suleman neneda, ”Nun PANGERAN, Gusti parantos kersa linggih di nu angkeub sareng poek.
13. Dupi ayeuna ku abdi parantos disayagian gedong anu agreng, linggihaneun Gusti sapapaosna.”
14. Geus kitu raja malik mayun ka sakumna bangsa Israil anu kumpul, mundut berkah Allah keur maranehna.

2 Tawarikh 6:1-42
1. Ti dinya ngadawuh kieu, ”Sagala puji ka GUSTI Allah Israil! Mantenna pengkuh kana jangji anu dikedalkeun ka Daud rama kami anu kieu tea,
2. ’Ti semet ngabudalkeun umat Kami ti Mesir, nepi ka waktu ieu Kami tacan nyokot kota anu mana bae oge di tanah Israil sangkan bisa nyieun gedong tempat Kami dibakti. Jeung tacan ngangkat jelema pikeun jadi lulugu umat Kami Israil.
3. Ayeuna Kami teh milih Yerusalem pikeun tempat Kami dibakti, sarta maneh, Daud, kudu jadi lulugu umat Kami.’ ”
4. Suleman neruskeun dawuhanana, ”Daud rama kami bareto aya manah rek ngadamel gedong paranti ngabakti ka GUSTI Allah Israil.
5. Tapi dawuhan PANGERAN ka anjeunna, ’Niat maneh hayang nyieun gedong pikeun Kami teh hade pisan.
6. Sanajan kitu maneh mah ulah tulus nyieun eta. Gedong pikeun Kami teh sina dijieun ku anak maneh, anak sorangan.’
7. Tah ayeuna PANGERAN geus ngabuktikeun eta jangji, reh kami geus ngadeg raja nyangking Israil ngaganti ama, geus anggeus nyieun ieu gedong tempat ngabakti ka GUSTI Allah Israil,
8. sarta Peti Perjangjian wadah papan batu anu ngamuat perjangjian anu ditimbalkeun ku PANGERAN ka urang Israil, ku kami geus disimpen di Bait Allah.”
9. Sanggeus kitu Suleman nyaketan altar, ngadeg hareupeunana tuluy nadahkeun panangan, neneda hareupeun sarerea.
10. Di tengah-tengah buruan Bait Allah teh aya paimbaran tambaga anu diadegkeun ku Suleman, ukuran dua meter dua puluh senti pasagi, luhurna sameter tilu puluh senti. Suleman mancat kana eta paimbaran, tuluy sideku jeung namprakkeun panangan ka langit, tembong ka sarerea.
11. Seug unjukan ka PANGERAN, ”Nun GUSTI Allah Israil, di satungkebing langit satangkaraking jagat teu aya allah sapertos Gusti. Gusti pengkuh kana timbalan anu diikrarkeun ka ieu umat, sareng ngabuktoskeun kaasih ana maranehna leres-leres tumut ka Gusti.
12. Gusti tigin kana jangji ka Daud pun bapa. Dinten ieu dawuhan-dawuhan Gusti teh sadayana buktos.
13. Mugi jangji Gusti anu sanesna oge ka pun bapa, anu nyebatkeun yen upami turunan pun bapa leres-leres tumut kana Hukum Gusti sakumaha anjeunna, tangtos ti turunan anjeunna salamina baris aya anu nyepeng parentah, jadi raja di Israil. Nun GUSTI Allah Israil, mugi hal eta oge dilaksanakeun, ayeuna.
14. Nun GUSTI Allah Israil, saneskanten jangji Gusti ka Daud teh mugi buktos.
15. Nanging nun Allah, naha leres-leres Gusti teh iasa linggih di ieu bumi sareng jalmi awewe lalaki? Margi saleganing langit oge dilinggihan ku Gusti mah moal muat, komo ieu gedong kenging abdi, bade cekap kumaha?
16. Nun PANGERAN Allah panutan, abdi teh abdi Gusti. Mugi ieu piunjuk abdi didangu, mugi panuhun abdi dikabul.
17. Mugi ieu gedong teh diraksa siang wengi. Gusti parantos jangji yen ieu tempat kangge tempat ngabakti ka Gusti. Ku margi kitu, samangsa-mangsa abdi neneda madep ka ieu gedong mugi didangu.
18. Samangsa-mangsa abdi, kitu deui umat Gusti, ngunjukkeun paneda madep ka ieu tempat, mugi kersa ngadangukeun. Mugi kersa ngamakbul sareng ngahapunten ka abdi sadaya ti sawarga panglinggihan Gusti.
19. Manawi aya jalmi anu diterka gaduh dosa ka batur dibantun kana altar Gusti di ieu gedong sina sumpah yen teu rumasa,
20. nun PANGERAN, mugi didangukeun ti sawarga, lereskeun perkawisna abdi-abdi Gusti teh, anu lepatna mugi dihukum luyu sareng layakna, anu teu lepat mugi dibebaskeun.
21. Manawi umat Gusti, Israil, eleh ku musuh lantaran gaduh dosa ka Gusti, seug dumeuheus ka Gusti di ieu gedong, sareng nyuhunkeun dihapunten kalayan pinuh karumasaan,
22. mugi didangu ti sawarga. Mugi dosa-dosa umat Gusti teh dihapunten, sareng mugi maranehna diwangsulkeun deui ka ieu tanah paparin Gusti ka maranehna sareng ka karuhunna.
23. Manawi Gusti dugi ka teu nurunkeun hujan lantaran umat Gusti gaduh dosa, saupami maranehna tobat sareng madep ka ieu gedong nyanggakeun panuhun kalayan karumasaan,
24. nun PANGERAN, mugi dimakbul ti sawarga, mugi dosa-dosa Israil umat Gusti teh dihapunten, sareng tuduhan pilampaheun anu samunasabahna. Salajengna nun PANGERAN, paparinkeun hujan ka ieu tanah anu ku Gusti parantos dijadikeun milik maranehna sapapaosna.
25. Manawi ieu tanah katarajang tigerat atanapi pagebug, atanapi upami pepelakanana reksak boh ku hama perang, boh ku hama beureum atanapi ku simeut, atanapi upami umat Gusti ditarajang ku musuh, atanapi upami maranehna aya anu katarajang kasakit atanapi paudur,
26. mugi panyambat maranehna didangu. Upami ti umat Gusti, Israil, aya anu katarajang prihatin neneda ka Gusti bari ngangkatkeun leungeun ka lebah ieu Gedong Gusti,
27. mugi Gusti ti sawarga ngadangu panyambatna sareng maparin hapunten. Mung Gusti anu waspaos kana kereteging hate manusa. Mugi satiap jalmi perkawisna ku Gusti ditimbang sakumaha layakna,
28. dugi ka umat Gusti teh mikasieun sareng tumut ka Gusti saumur-umur, di tanah anu ku Gusti parantos dipaparinkeun ka karuhun abdi sadaya.
29. Manawi aya jalmi bangsa sanes di tanah anu tebih ti dieu nguping wartos yen Gusti kalintang agungna, kalintang kawasana, tur salamina sayagi midamel kumaha bae, seug upami manehna dongkap neneda di ieu gedong,
30. panedana mugi didangu. Mugi panyambat panuhunna dimakbul ti sawarga panglinggihan, supados jalmi-jalmi saalam dunya terang ka pajenengan Gusti sarta aranut sakumaha umat Gusti Israil. Sina tarerangeun yen ieu gedong kenging abdi teh estu tempat paranti ngabakti ka Gusti.
31. Manawi ieu umat kagungan ku Gusti ditimbalan budal merangan musuh, sanaos di mana bae upami nyambat ka Gusti madep ka ieu dayeuh anu ku Gusti parantos kapilih, madep ka ieu gedong kenging abdi,
32. mugi panyambatna didangu, dimakbul ti sawarga, perangna sing unggul.
33. Manawi ieu umat gaduh dosa ka Gusti — kawantos taya jalmi anu henteu gaduh dosa — seug upami Gusti bendu dugi ka maranehna diantep kasoran ku musuh sareng diboyong ka nagara sanes, sanaos sakumaha tebihna eta nagara,
34. mugi panyambat umat Gusti teh didangu. Manawi di dituna maranehna tarobat sareng sasambat ka Gusti, rarumasaeun kana kalepatan sareng kadorakaanana, nun PANGERAN, mugi panyambatna didangu.
35. Manawi di ditu teh maranehna leres-leres tarobat sasambat ka Gusti ngiblat ka tanah ieu anu ku Gusti dipaparinkeun ka karuhun abdi sadaya, ngiblat ka ieu dayeuh anu ku Gusti parantos kapilih, sareng ka ieu gedong kenging abdi ngadegkeun keur salira Gusti,
36. mugi panyambatna didangu. Dangu eta umat Gusti teh, pikawelas, hapunten dosa-dosana ti sawarga panglinggihan.
37. Ayeuna nun Allah panutan, tingali abdi sadaya, dangukeun panyambat abdi sadaya anu diunjukkeun di dieu.
38. Sumangga geura ngadeg nun GUSTI Allah, geura lebet ka ieu gedong sinarengan Peti Perjangjian perlambang kakawasaan Gusti, mangga geura linggih di dieu sapapaosna. Mugi berkahan sagala gawe para imam Gusti. Paparin umat Gusti kabagjaan tawis Gusti teresna ka maranehna.
39. Nun GUSTI Allah, mugi raja anu dijenengkeun ku Gusti teh ku Gusti ulah ditampik. Masing emut yen Gusti teh mikaasih ka Daud nu jadi abdi Gusti tea.”
40. Dangu haregungna nu dipanjara; kawasa Gusti nu rongkah, anggo ngaluputkeun sakur anu pasti bakal diparaehan.
41. Bales eta bangsa-bangsa sejen teh tujuh kalieun, balikkeun panghina pamoyokna ka Gusti.
42. Sangkan abdi-abdi, umat kagungan, domba-domba Gusti, tiasa muji sukur ka Gusti sapapaosna, turun-tumurun muji kamashuran Gusti.

Mazmur 79:11-13
11. Lamun waktu ngan dipake sare, nya malarat balukarna. Kudu ngoprek, sangkan seubeuh barang capek.
12. Anu meuli, sabot nawar mah nyebutna teh mahal teuing, mahal teuing. Tapi ari geus beunang mah agul-agul, boga rasa pinter nawar.
13. Di jamaah Antioki aya sababaraha nabi jeung guru, nya eta: Barnabas, Simeon (anu katelah si Hideung), Lukius (ti Kirena), Menahem (anu digedekeunana bareng jeung Raja Herodes), jeung Saulus.

Amsal 20:13-14
13. Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, ”Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.”
14. Sabada paruasa jeung neneda, Barnabas jeung Saulus ditumpangan panangan ku aranjeunna tuluy diutus.

Kisah Para Rasul 13:1-25
1. Barnabas jeung Saulus anu diutus ku Roh Suci arangkat ka Seleukia, ti dinya terus balayar ka pulo Siprus.
2. Sanggeus sarumping ka Salamis tuluy ngawulangkeun pangandika Allah di imah-imah ibadah urang Yahudi, dibantu ku Yohanes Markus.
3. Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya pendak jeung hiji tukang sihir ngaran Bar Yesus, urang Yahudi anu ngakukeun nabi,
4. anu nyobat jeung Sergius Paulus jalma pinter, gupernur eta pulo. Eta gupernur ngahaturan sumping ka Barnabas jeung Saulus, hoyongeun ngadangu pangandika Allah.
5. Tapi aranjeunna dilawan ku tukang sihir tea anu boga ngaran Yunani Elimas, maksudna supaya eta gupernur ulah nepi ka percaya ka Yesus.
6. Saulus, anu harita geus katelah Paulus, mureleng ka eta tukang sihir lantaran kadorong ku Roh Suci,
7. tuluy ngalahir kieu, ”Anak Iblis! Maneh satruna sakur nu hade, pinuh ku sagala tipu daya, purah ngabohongkeun kayaktian-kayaktian ti Gusti!
8. Ayeuna rasakeun ieu panangan Gusti! Maneh bakal lolong, sababaraha lilana moal nenjo-nenjo panonpoe.” Sapada harita keneh reup Elimas ngarasa poek, panonna katutup ku pepedut hideung, tuluy uyup-ayap neangan nu pinungtuneun.
9. Ningali kajadian kitu, gupernur jadi percaya ka Yesus, sabab anjeunna kacida katarikna ku pangajaran hal Gusti.
10. Paulus jeung rerencanganana anu duaan balayar ti Pafos ka Perga, hiji kota di Pampilia, ti dinya papisah jeung Yohanes Markus anu terus mulang ka Yerusalem.
11. Ti Perga anjeunna jeung Barnabas terus ka Antioki di Pisidia, poe Sabatna aranjeunna ngiring kempelan di imah ibadah urang Yahudi.
12. Sabada aosan tina Kitab Musa jeung tina Kitab Nabi-nabi, pangurus-pangurus imah ibadah ngahaturanan ka aranjeunna, pokna, ”Bilih para Saderek bade maparin amanat atanapi pangdeudeul sumanget, mangga dihaturanan ka payun.”
13. Jung Paulus ngadeg, tuluy maparin isarah ku panangan, barabat sasauran: ”Dulur-dulur urang Israil katut anu sanes-sanesna anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Darangukeun!
14. Allahna bangsa Israil parantos milih karuhun urang. Karuhun urang nalika ngumbara di Mesir ku Mantenna dijadikeun hiji bangsa gede. Ti dinya ku Allah maranehna dicandak kaluar ti Mesir.
15. Opat puluh taun Mantenna nyabaran tingkah polah maranehna di gurun keusik.
16. Tujuh bangsa di Kanaan ku Mantenna dibasmi, tanahna dijadikeun milik maranehna.
17. Kitu saterasna dongkap ka opat ratus lima puluh taun. Sabada eta, maranehna diatur ku hakim-hakim anu diangkat ku Mantenna dugi ka jaman Nabi Samuel.
18. Ti dinya maranehanana marenta raja. Ku Allah dikabulkeun, Saul bin Kis ti kaom Binyamin diangkat jadi rajana dugi ka opat puluh taun.
19. Saul ku Allah dikeser, Daud dijadikeun raja gegentosna. Kieu timbalan Allah perkawis Daud, ʼKami uninga, Daud anak Isai teh jelema pikapanujueun, anu bakal ngalakonan sagala pangersa Kami.ʼ
20. Allah ngalaksanakeun jangji-Na, ti turunan Daud aya anu ku Mantenna dijadikeun Jurusalamet pikeun urang Israil, nya eta Yesus.
21. Samemeh Yesus ngawitan ngajalankeun padamelanana, sakumna bangsa Israil diajak tobat ku Yohanes sareng kedah dibaptis.
22. Saparantos tugasna meh rengse, Yohanes ngalahir kieu ka maranehna, ʼSaha ari kaula, ceuk aranjeun? Kaula lain anu keur diarep-arep ku aranjeun. Anjeunna mah sumpingna engke sanggeus kaula. Ka Anjeunna kaula teu wani mangudarankeun tarumpah-tarumpah-Na acan.ʼ