A A A A A

2 Samuel 19:1-43
1. Aya anu nguninga ka Yoab, yen Raja Daud damelna nangis bae sasambat ka Absalom.
2. Atuh balad anu keur barungah unggul perang teh hatena ngarareunteut lantaran rajana nangisan putrana.
3. Arasupna ka kota teh mani jempling kawas nu nandang kaera, kawas tas kabur ti medan perang.
4. Ari raja nyindungan raray bari jerat-jerit, ”Duh anaking Absalom! Anaking! Absalom! Anaking!”
5. Yoab lebet ka bumi anu dicalikan ku raja, ngahaturanan pituah, ”Dinten ieu Gamparan parantos ngawiwirang balad, balad ku anjeun, anu parantos toh pati jiwa raga ngabelaan Gamparan, ngabelaan putra-putra pameget istri, ngabelaan garwa-garwa sareng parekan-parekan Gamparan.
6. Gamparan sarupi anu ngamusuh ka nu sumujud, mikatresna ka nu ngalawan. Tetela Gamparan teh nganggap para kapala teu aya harga, para abdi taya pangaji. Upami kitu tetela, manawi upami dinten ieu abdi sadaya tumpes tiwas, Absalom anu hirup, nembe Gusti suka galih.
7. Mana ayeuna nun Gusti, upahan hate balad-balad. Demi PANGERAN, abdi Gamparan sumpah, upami Gamparan henteu ngupahan hate balad, enjing oge parantos moal aya saurang-urang acan anu kumureb deui ka Gamparan. Upami dugi ka kitu, Gamparan anu cilaka, langkung cilaka ti batan anu parantos karandapan ku Gamparan ti aanom.”
8. Neut raja cengkat lajeng kaluar, gek lenggah di lawang nagara. Balad gancang kabejaan yen sang raja teh geuning itu keur lenggah di lawang nagara. Burudul balad daratang ngadareuheusan ka rajana. Harita urang Israil geus kalabur baralik ka saimah-imahna.
9. Geus kitu urang Israil teh di mana-mana recok pada batur, pokna, ”Raja Daud teh padahal ngabebaskeun urang ti musuh-musuh. Urang jadi bebas ti urang Pelisti. Ayeuna anjeunna nepi ka lunta ti nagara, nyingkahan Absalom.
10. Urang kalah ka ngangkat Absalom jadi raja. Absalom geus tiwas kasambut perang. Ku naon urang caricing keneh bae, lain buru-buru ngangkir deui Raja Daud, sina gancang mulih ka nagara?”
11. Recokna urang Israil kitu geus aya anu nguningakeun ka Raja Daud. Seug anjeunna ngintun amanat ka Imam Sadok jeung Abyatar, sina nyarios kieu ka kapala-kapala urang Yuda, ”Ari maraneh moal waka mulangkeun raja ka karaton? Rek mandeurikeun maneh bae?
12. Na enya maraneh, kulit daki kami sorangan rek pangpandeurina mulangkeun kami ka karaton?”
13. Jeung kieu timbalanana pikeun Amasa, ”Andika baraya kami. Ti semet ieu andika ku kami dijieun panglima keur gaganti Yoab. Lamun kami jalir, masing dihukum ku Allah!”
14. Narima timbalan kawas kitu, sumanget maranehna beuki kahudang, tuluy guyub ngirimkeun pihatur ka anjeunna, ngahaturanan mulih saputra garwa.
15. Bral raja angkat seja mulih. Di sisi Walungan Yordan, urang Yuda anu daratang ka Gilgal geus araya mapag, arek meuntaskeun rajana.
16. Waktu eta, Simei bin Gera urang Binyamin oge gura-giru muru ka dinya rek mapagkeun raja,
17. dibarengan ku sarebu jelema urang kaom Binyamin. Kitu deui Siba, gandek ahli Saul tea, eta oge datang jeung anak-anakna lalaki lima belas urang, gandek-gandekna dua puluh urang; datangna ka Walungan Yordan memeh raja sumping.
18. Maranehna geus ka peuntas ditu rek ngaping meuntaskeun raja saputra garwa, bari rek nadah sagala timbalanana. Barang raja bade clak kana eretan, bruk Simei sujud kana taneuh payuneun anjeunna,
19. tuluy unjukan, ”Nun Gusti, abdi nyanggakeun samudaya kalepatan nalika Gusti keur ngantunkeun Yerusalem. Hapunten anu kasuhun, mugi ulah jadi kekeling panggalih.
20. Jisim abdi rumaos pisan, kalakuan kapungkur teh kalintang awonna. Ku margi eta danget ieu, ti antawis kaom-kaom palih kaler, abdi anu pangpayunna dumeuheus ka pangersa Gusti.”
21. Pok Abisai putra ibu Seruya haturan, ”Gusti, ieu Simei kedah dihukum pati, kapungkur nyarekan ka raja lisahan PANGERAN.”
22. Saur Daud ka Abisai jeung ka Yoab rakana, ”Na kami teh menta nasehat maraneh? Arek mere pisusaheun ka kami? Ieu kami anu jadi raja nyangking Israil. Poe ieu moal aya urang Israil anu baris keuna ku hukum pati!”
23. Ti dinya dawuhanana ka Simei, ”Timbalan kami, maneh moal dipaehan.”
24. Mepiboset putu Saul oge datang mapagkeun ka raja. Ti barang raja lunta ti Yerusalem nepi ka mulihna deui harita kalawan wilujeng, Mepiboset teh geus tara ngumbah-ngumbah suku, tara ngurud-ngurud janggot, pakeanana teu diseuseuh-seuseuh.
25. Datang-datang ti Yerusalem rek mapag raja, ari gok ku raja tuluy dipariksa, ”Bagea Mepiboset! Ku naon bareto teu milu jeung kami?”
26. Ceuk Mepiboset, ”Nun Gusti! Kawantos gempor, harita abdi teh ka badega nyuhunkeun dipangnyelaankeun kalde bade nuturkeun Gusti, nanging ku manehna dihianatan.
27. Malah abdi teh diawonkeun ka Gusti. Abdi sadaya-daya pasrah kana pangersa, Gusti nu langkung uninga, kawantos Gusti mah lir malaikat Allah bae.
28. Abdi sadaya, ahli-ahli pun bapa, memang pantes dikeunaan hukum pati ku Gusti. Sangkilang kitu ku Gusti anggur dipaparin nugraha dugi ka diwidian neda satata sareng Gamparan. Jadi kalintang henteu pantesna saupami jisim abdi ayeuna nyuhunkeun deui sih citeres Gamparan.”
29. Waler raja, ”Perkara eta ulah diomongkeun deui. Timbalan kami ayeuna, eta lahan Saul teh ku hidep parokeun jeung Siba.”
30. Mepiboset, ”Bade dibantun ku Siba sadayana oge abdi teu kaabotan. Ku ningal Gamparan sumping deui kalayan kawilujengan oge abdi parantos kalintang bagjana.”
31. Barsilai urang Gilad tea oge ngahaja datang ka dinya ti Rogelim, rek ngabantu raja meuntas Walungan Yordan.
32. Jelemana geus kacida kolotna, umurna geus dalapan puluh taun. Kacida beungharna. Waktu raja keur di Mahanaim keneh, ku manehna disumbang ku bahan pangan.
33. Raja ngandika ka Barsilai, ”Milu bae jeung kaula ka Yerusalem, kaula hayang nyenangkeun.”
34. Piunjuk Barsilai, ”Abdi hirup teh moal sabaraha lami deui, jadi kanggo naon ngiring ka Gusti ka Yerusalem?
35. Umur abdi parantos dalapan puluh taun, parantos teu tiasa ngabentenkeun senang teu senang, teu tiasa deui ngabentenkeun katedaan anu raos sareng anu teu raos. Kawih raos oge parantos moal tiasa kakuping. Matak ngariridu bae ka salira Gusti.
36. Abdi teu layak nampi pangasih anu sakitu ageungna. Mung seja jajap bae saeutik ka palih ditu saparantos meuntasan ieu walungan.
37. Saparantos eta abdi neda diwidian wangsul, sumeja mapag ajal di lembur, hoyong dipendem di makam karuhun. Mung ieu pun anak, Kimham wastana, widian kumureb ka salira Gusti. Mangga candak, bade dibeureum bade dihideung nyanggakeun kumaha pangersa Gusti.”
38. Raja ngandika, ”Mangga, ku kaula rek dibawa, rek dijamugakeun sakumaha hadena ceuk pangrasa Aki, jeung lamun Aki aya pamenta naon bae, ku kaula seja ditedunan.”
39. Ti dinya Daud sabaladna meuntasan Walungan Yordan. Geus kitu anjeunna ngarangkul ka Barsilai sarta ngadungakeun. Ti dinya Barsilai mulang.
40. Sanggeus meuntas, raja diiring ku sakabeh urang Yuda jeung ku saparo urang Israil, ngabujeng ka Gilgal. Kimham milu.
41. Ti dinya sakabeh urang Israil ngadareuheus ka raja, arunjukan kieu, ”Gusti, ku naon dulur-dulur abdi urang Yuda ngarasa gaduh hak mapagkeun sareng ngawal Gusti sakulawargi katut sadaya pangiring meuntasan Walungan Yordan?”
42. Ditembal ku urang Yuda, ”Na matak naon, da raja teh baraya kami! Na make arambek ka kami? Kami migawe kitu ka raja, ku raja henteu diparaban henteu diburuhan!”
43. Ceuk urang Israil, ”Masing enya ge anjeunna baraya arandika, hak kami ka raja sapuluh kalieun arandika. Nyapirakeun teuing ka kami teh! Padahal kami anu pangheulana boga niat ngangkir raja sina mulih teh!” Tapi urang Yuda ngajawab leuwih sugal ti batan urang Israil.

2 Samuel 20:1-26
1. Harita di Gilgal aya hiji jelema bangkawarah, ngaranna Seba bin Bikri ti kaom Binyamin. Manehna niup tarompet, tuluy ceceluk pokna, ”Geus, Daud teh taringgalkeun! Tong ditaluturkeun! Hayu urang Israil urang baralik!”
2. Urang Israil ngaburiak naringgalkeun Daud, tuluy naluturkeun ka Seba. Sabalikna urang Yuda mah tetep satia ngiring ka Daud ti Walungan Yordan ka Yerusalem.
3. Sanggeus Daud aya deui di karaton di Yerusalem, parekanana anu sapuluh urang, anu dipiwarang nunggu karaton tea, ku anjeunna dipernahkeun di hiji imah anu tuluy dijaga ku pangawal. Sagala kaperluanana dicukup ku anjeunna, tapi tara dikuleman deui. Jadi harirupna teh dipingit sarta jaradi randa saumur-umur.
4. Geus kitu raja nimbalan ka Amasa, ”Urang Yuda kumpulkeun, pageto bawa ka dieu.”
5. Amasa iang rek ngumpulkeun urang Yuda, tapi dina tempona kudu datang teu datang bae.
6. Ku sabab kitu raja nimbalan ka Abisai, ”Seba bakal leuwih nyusahkeun ti batan Absalom. Bereskeun, bawa balad kami, bisi manehna kaburu mubus ka kota anu aya bentengna, moal bisa dibeunangkeun.”
7. Abisai ngumpulkeun prajurit bawahan Yoab, para pangawal raja, jeung prajurit salianna, tuluy kaluar ti Yerusalem rek ngudag Seba.
8. Barang narepi ka hiji batu karang gede di Gibon, pasanggrog jeung Amasa. Ku Yoab dideukeutan. Yoab harita nganggo dangdanan perang, dina angkengna nyolegreng pedang. Sabot ngadeukeutan Amasa, pedangna murag.
9. Yoab uluk salam ka Amasa, pokna, ”Haturan, kumaha Adi damang?” saurna bari newak janggot Amasa ku panangan katuhu siga rek nyium,
10. ari panangan kenca nyepeng pedang. Amasa teu aya curiga, jadi henteu iyatna. Bles beuteungna ku Yoab ditubles nepi ka peujitna amburadul kana taneuh. Ku Yoab teu kungsi dipindo, kaburu lastari. Geus kitu Yoab jeung Abisai rayina kebat rek ngudag Seba.
11. Aya jalma bawahan Yoab anu nangtung gigireun mayit Amasa bari ceceluk, ”Sakur anu misuka ka Yoab, sakur anu satuju ka Daud, tuturkeun Yoab!”
12. Mayit Amasa burah-bareh ku getih, ngajoprak di tengah jalan. Jalma-jalma anu rek naluturkeun Yoab ngararandeg heula lalajo eta mayit. Ti dinya mayit Amasa ku jalmana Yoab diangkat, dipindahkeun ka jero kebon, tuluy dirimbunan ku simbut.
13. Sanggeus mayit diangkat ti jalan, kakara jalma-jalma teh kebat naluturkeun Yoab rek ngudag Seba.
14. Ari Seba liwatna ngambah wewengkon kaom-kaom Israil, tuluy asup ka kota Abel Bet Maaka, bareng jeung sakabeh jelema ahli-ahli Bikri.
15. Yoab geus uningaeun yen Seba aya di dinya, seug eta kota dikepung. Balad Yoab ngunggul-ngunggul taneuh sina ngadingding nyanghareupan kuta ti luar, ari kutana dikali sina rugrug.
16. Aya hiji awewe binangkit ngagero ti luhur kuta, pokna. ”Dengekeun! Dengekeun! Unjukkeun ka Yoab, kuring rek aya pihatur!”
17. Yoab nyampeurkeun. ”Bapa teh Bapa Yoab tea?” ceuk eta awewe, nanya ka Yoab. ”Enya,” waler Yoab. ”Dangukeun ieu pihatur abdi,” ceuk eta awewe. ”Heug ku kami didengekeun,” waler Yoab.
18. Ceuk eta awewe, ”Jaman kapungkur jalmi-jalmi teh sok biasa nyanggem kieu, ’Lamun butuh pituduh, indit we ka kota Abel’ — sareng leres eta kitu teh dijalankeun.
19. Ieu kota abdi-abdi teh ageung. Di Israil mah pangamanna, jalmi-jalmina pangsatiana. Ayeuna nu mawi bade ditumpur teh ku naon? Leres Bapa teh bade ngaburak-barik ieu kota milik PANGERAN?”
20. Waler Yoab, ”Paliyas! Paliyas! Kami teu niat ngaruksakkeun atawa ngabasmi.
21. Lain kitu maksud kami. Di dinya aya jelema anu ngaranna Seba bin Bikri, asal ti hiji kota di pagunungan Epraim. Eta jelema ngalawan ka Raja Daud. Serenkeun ka dieu eta saurang, engke ieu kota ku kami ditinggalkeun.” ”Mangga! Engke sirahna dialungkeun ti luhur kuta!” Ceuk eta awewe.
22. Geus kitu eta awewe teh barempug jeung nu sejen metakeun akalna. Seba dipaehan, sirahna dialungkeun ka Yoab ti luhur kuta. Yoab tuluy niup tarompet, ngajak baladna ninggalkeun eta kota, tuluy mulang ngadeuheus ka raja di Yerusalem.
23. Ieu jalma-jalma anu parek ka Daud: Yoab panglima perang, Benaya bin Yoyada kapetengan,
24. Adoram kapala rodi, Yosapat bin Ahilud bendahara nagara.
25. Sewa sekretaris nagara, Sadok jeung Abyatar imam,
26. Ira urang Yair imam Raja Daud.

Mazmur 67:1-7
1. Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur.
2. Nun Allah, abdi sadaya neda piwelas sareng berkah, mugi luntur galih kersa malire ka abdi.
3. Sangkan pangersa Gusti nyata ka umat manusa, pon kitu kasalametan ti Gusti dikenal ku bangsa sakumna.
4. Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!
5. Mugia bangsa-bangsa teh sami gerah sami bingah, wireh ku Gusti dituyun kalayan adilna, bangsa-bangsa di ieu dunya teh ku Gusti dipingpin.
6. Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!
7. Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.

Amsal 16:33-33
33. Taya halangan ngalung dadu oge geusan neguh pangersa Allah. Ari jawabanana mah ditangtukeun ngan ku Allah.

Amsal 17:1-1
1. Mending dahar sangu bear tapi hate tengtrem, ti batan kadaharan nu ngareunah di imah anu pinuh ku kasusah.

Yohanes 8:1-27
1. Yesus terus angkat ka Gunung Jetun.
2. Isukna isuk-isuk keneh geus di Bait Allah. Jelema-jelema tuluy daratang, Yesus calik tuluy ngawulang.
3. Sabot kitu aya guru-guru agama jeung urang Parisi mawa hiji awewe anu kacerek keur jinah.
4. Eta awewe ditangtungkeun hareupeun sarerea. ”Guru,” ceuk maranehna, ”ieu awewe katangkep keur jinah.
5. Awewe kitu nurutkeun Hukum Musa kudu dipaehan, dibaledogan ku batu. Kumaha ari ceuk Pa Guru?”
6. Maranehna saenyana ngadoja, ngarah kalepatan Anjeunna. Tapi Anjeunna anggur dongko, curat-coret dina taneuh ku rema-Na.
7. Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, ”Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe.”
8. Anjeunna dongko deui curat-coret dina taneuh kawas tadi.
9. Diwaler kitu jelema-jelema anu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nungtutan ti nu kolotan heula, ahirna ngan kari Yesus jeung awewe tea.
10. Yesus cengkat tuluy ngalahir, ”Ka marana maranehna? Euweuh anu ngahukum ka maneh?”
11. ”Sumuhun teu aya, Juragan,” walonna. ”Kami oge moal ngahukum,” saur Yesus, ”jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa.”]
12. Yesus sasauran deui ka urang Parisi, saur-Na, ”Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan.”
13. Ari ceuk urang Parisi, ”Kaayaan Anjeun kitu henteu bisa dipercaya, sabab diterangkeunana ku Anjeun keneh.”
14. Waler Yesus, ”Najan Kaula keneh anu nerangkeunana, tapi sah benerna, sabab Kaula terang kana asal jeung pangbalikan sorangan. Aranjeun mah henteu terang Kaula asal ti mana jeung kudu mulang ka mana.
15. Aranjeun ngahukuman teh nurutkeun patokan manusa, ari Kaula mah moal ngahukum ka saha-saha.
16. Tapi upama Kaula kudu ngahukuman tangtu adil, sabab ngahukumanana henteu sorangan, tapi disarengan ku Rama, anu ngutus Kaula.
17. Dina Hukum Musa disebutkeun, yen katerangan ti dua saksi tangtu bener.
18. Kaula mere katerangan perkara diri Kaula, saksina Kaula pribadi jeung Rama Kaula, anu ngutus.”
19. ”Mana Rama Anjeun?” ceuk maranehna. ”Aranjeun teu terang ka Kaula, teu terang ka Rama Kaula,” waler Yesus. ”Lamun aranjeun terang ka Kaula, ka Rama Kaula oge tangtu terang.”
20. Yesus ngalahir kitu teh waktu anjeunna ngawulang di Bait Allah, di kamar paranti neundeun peti-peti duit derma. Saurang ge teu aya anu wanieun nangkep ka Anjeunna, sabab tacan nepi kana waktuna.
21. Yesus ngalahir deui, ”Upama Kaula geus mulang, ku aranjeun bakal ditareangan, tapi moal kapanggih sabab aranjeun moal bisa ka tempat Kaula, bakal maraot ku dosa sorangan.”
22. Ceuk para gegeden Yahudi, ”Carek-Na urang moal nepi ka tempat anu ku Manehna rek dijugjug. Na rek maehan maneh kitu eta teh?”
23. Pilahir Yesus, ”Aranjeun asal ti handap, ti ieu dunya. Ari Kaula mah asal ti luhur. Aranjeun asal ti dunya, Kaula mah lain ti ieu dunya.
24. Anu matak ceuk Kaula tadi aranjeun bakal maraot dina dosa. Tangtu aranjeun teh bakal maraot dina dosa, lamun teu palercaya yen ’Kami teh Anu Jumeneng’.”
25. ”Saha kitu Anjeun teh?” ceuk maranehna. Waler Yesus, ”Ongkoh geus dibejakeun ku Kaula ti mimiti keneh.
26. Loba piomongeun Kaula perkara aranjeun jeung perkara pihukumeun aranjeun teh. Tapi Mantenna, anu ngutus Kaula, maha saestu, sarta anu ku Kaula diomongkeun ka dunya teh nya eta anu ku Kaula kadenge ti Mantenna.”
27. Anu dimaksad ku Anjeunna nya eta Rama, Allah. Tapi ku maranehna teu kahartieun.