A A A A A

2 Tawarikh 7:1-22
1. Tamat Raja Suleman neneda, seug aya seuneu ragrag ti awang-awang, ngahuru kurban-kurban anu geus dibaktikeun, sarta cahaya kamulyaan PANGERAN ngagebray minuhan Bait Allah.
2. Para imam teu bisa asup ka jero, wantu-wantu Bait Allah teh pinuh ku cahaya anu ngagebray.
3. Barang urang Israil narenjo seuneu ragrag ti awang-awang jeung cahaya anu minuhan Bait Allah, bruk sarujud nyaruuh kana lante, ngabarakti ka Allah, maruji sukur kana kamulyaan manah jeung sipat asih-Na anu langgeng.
4. Suleman jeung jalma rea tuluy nyanggakeun kurban-kurban ka PANGERAN.
5. Sato anu dikurbankeun aya 22.000 sapi jeung 120.000 domba, dijieun kurban panarima. Ku jalan kitu anjeunna jeung jalma rea nyalametkeun eta Bait Allah.
6. Para imam narangtung di tempat anu baku keur maranehna, ari di hareupeunana narangtung urang Lewi, anu maruji ka PANGERAN dipirig ku tatabeuhan beunang nyayagikeun Raja Daud bareto, nyaranggakeun kidung ”Asih Mantenna Salalanggengna!” sakumaha anu ku Daud geus diwajibkeun ka maranehna. Para imam nariup tarompet, jalma rea kabeh nangtung.
7. Suleman nyucikeun patengahan buruan di latar tepas Bait Allah, sarta di dinya anjeunna nyanggakeun kurban-kurban anu dibeuleum sagemblengna, kurban gandum jeung ngurbankeun gajih sato-sato kurban karapihan. Nu matak anjeunna ngurbanna di dinya lantaran lamun dina altar tambaga tea mah moal muat, sabab kurbanna sakitu lobana.
8. Sanggeus kitu Raja Suleman jeung rahayat Israil ngalampahkeun Pesta Saung Daun tujuh poe lilana. Jalma kacida lobana, daratang ti jauhna, nu ti kaler ti semet Hamat, nu ti kidul ti semet wates tanah Mesir.
9. Di darinyana lilana tujuh poe pikeun nyalametkeun altar, tujuh poe keur pestana. Dina poe wekasanana ngayakeun upacara panutup.
10. Dina poe isukna, nya eta tanggal dua puluh tilu bulan katujuh, rahayat ku Suleman dipiwarang baralik. Kacida ngarasa bagjana ku sagala berkah PANGERAN anu diganjarkeun ka Israil umat-Na, ka Daud, jeung ka Suleman.
11. Sanggeus Raja Suleman beres ngadamel Bait Allah jeung karaton sarta unak-anikna geus lengkep sapuratina,
12. PANGERAN nembongan ka anjeunna ti peuting sarta ngandika kieu, ”Kami geus ngadangu paneda maneh. Ieu gedong paranti ngurban ku Kami ditarima.
13. Lamun Kami teu nurunkeun hujan, atawa ngadatangkeun hama simeut ngaruksak pepelakan, atawa ngadatangkeun pagebug ka umat Kami,
14. upama maranehna sasambat ka Kami sarta tarobat tina lampah dorakana, ku Kami tangtu didangu ti sawarga, dosana dihampura, tanahna disina cukul deui.
15. Ieu gedong bakal diraksa. Sakur paneda anu disambatkeun di dieu tangtu ku Kami didangu,
16. sabab ieu tempat ku Kami geus ditarima jeung disucikeun pikeun salawasna jadi tempat ngabakti ka Kami. Tangtu ku Kami dijaga diraksa sapapanjangna.
17. Upama maneh suhud ngawula ka Kami cara Daud, nurut kana hukum-hukum jeung timbalan-timbalan Kami anu diandikakeun ka maneh,
18. jangji Kami ka bapa maneh tea, nya eta Israil salawasna bakal dirajaan ku anak incuna, tan wande bukti.
19. Tapi upama maneh jeung rahayat nyimpang tina hukum-hukum jeung parentah-parentah anu diandikakeun ka maneh sarta ngabakti ka allah-allah sejen,
20. tangtu disingkirkeun ti ieu tanah pamere Kami, sarta ieu gedong paranti ibadah, najan ku Kami geus disucikeun jadi tempat ngabakti ka Kami ge bakal ditinggalkeun, sina diseungseurikeun jeung dipupuas ku jalma-jalma di mana mendi.
21. Ieu gedong ayeuna sakieu agrengna. Tapi engke mah anu laliwat ka dieu bakal hareraneun heug ngaromong kieu, ’Na ku naon ieu tanah jeung gedong paranti ibadah teh ku PANGERAN dikieu-kieu?’
22. Dijawabna bakal kieu, ’Lantaranana mah ku sabab maranehna naringgalkeun PANGERAN Allahna anu nuyun karuhunna budal ti Mesir, suhud sumujud jeung ngabaktina ganti ka allah-allah sejen. Kitu sababna nu matak maranehna ku PANGERAN disina cilaka kieu.’ ”

2 Tawarikh 8:1-18
1. Lilana Suleman ngadamel Bait Allah jeung karaton anjeunna teh dua puluh taun.
2. Sarta anjeunna ngomean deui kota-kota anu asalna paparin ti Raja Hiram, tuluy sina diareusian ku urang Israil.
3. Wewengkon Hamat jeung Soba ku anjeunna dijabel,
4. kota Palmira di gurun keusik dibentengan. Kota-kota di Hamat anu jadi puseur gudang-gudang bekel diomean deui.
5. Aya deui kota-kota sejenna anu diomean ku anjeunna nya eta: Bet Horon Girang, Bet Horon Hilir (duanana aya bentengna, lawangna bisa ditulakan),
6. Baalat, jeung kota-kota anu ku anjeunna didamel tempat gudang-gudang bekel, gudang-gudang kareta jeung tempat kuda. Sagala pangreka manahna hal ngawangun di Yerusalem, di Libanon jeung di sakuliah wewengkon karajaanana ku anjeunna dilaksanakeun.
7. Urang Kanaan anu salamet tina panggempur urang Israil waktu tanah maranehna dijabel, ku Suleman diwajibkeun gawe paksa, nya eta urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus. Turunan maranehna nepi ka ayeuna tetep jaradi abid.
8. ***
9. Urang Israil mah henteu disina gawe kitu, tapi dijadikeun prajurit, satria, senapati kareta jeung prajurit kuda.
10. Aya dua ratus lima puluh urang anu dijadikeun kapala purah ngatur anu digarawekeun dina rupa-rupa wawangunan.
11. Prameswarina, putra raja Mesir tea ku Suleman dipangdamelkeun bumi sarta terus dialihkeun ka dinya ti Kota Daud, sabab saur Suleman, ”Prameswari calikna ulah di karaton Daud raja Israil, lantaran tiap tempat anu dicicingan ku Peti Perjangjian teh suci.”
12. Suleman ngadamel kurban haturan PANGERAN dina altar damelanana tea di hareupeun Bait Allah.
13. Nyanggakeun kurban-kurban beuleuman nurutkeun kamistian anu kaungel dina Hukum Musa, anu kudu dilampahkeun dina saban poe anu dimulyakeun, dina poe Sabat, dina poe Pesta Bulan Anyar, jeung dina poe pesta taunan anu tilu rupa: Pesta Roti Teu Make Ragi, Pesta Panen, jeung Pesta Saung Daun.
14. Anjeunna ngatur kawajiban para imam sapopoena, ngatur kawajiban urang Lewi dina ngabantu papancen para imam tea jeung ngawihkeun kidung-kidung, nurutkeun aturan beunang Daud ramana. Ngatur para pangawal Bait Allah, ngatur rombongan-rombongan jagaan sapopoena di unggal gapura, sakumaha anu diparentahkeun ku Daud, abdi Allah tea.
15. Sagala aturan ti Daud pikeun para imam jeung urang Lewi ngeunaan tempat-tempat panyimpenan rajabrana jeung hal-hal lianna, kabeh dijalankeun taya anu kaliwat.
16. Sagala padamelan Suleman geus anggeus kalawan samakta, ti mimiti masang pademen Bait PANGERAN nepi ka kabeh lengkep sapuratina geus anggeus tur beres-roes.
17. Sanggeus kitu Suleman angkat ka Esion Geber jeung Elat, dua palabuan di basisir Teluk Akaba di tanah Edom.
18. Ku Raja Hiram dikintunan kapal-kapal katut para nangkodana jeung matros-matrosna anu geus rea pangalamanana. Ti dinya eta kapal-kapal teh balayar ka tanah Opir jeung nangkoda-nangkoda Suleman. Ana daratang deui ka Suleman nyerenkeun emas leuwih ti lima welas rebu kilo lobana.

Mazmur 80:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu Kembang Bakung. Panaksen Asap. Jabur.
2. Nun Gusti Pangangon Israil, nun panungtun pakumpulan, dangukeun. Nun anu linggih dina tahta luhureun mukarabin,
3. ebrehkeun salira Gusti ka kaom-kaom Epraim, Binyamin sareng Menase. Pintonkeun kakawasaan, jait abdi sadaya.
4. Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.
5. Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, naha bade bendu keneh, ngantep panyambat umat?
6. Ku Gusti lir disina dahar kasusah, lir disina nginum cipanon sacangkir ageung.

Amsal 20:15-15
15. Lamun maneh ngarti kana hal anu keur diucapkeun sorangan, eta teh pangaboga anu pangajina leuwih ti emas atawa permata.

Kisah Para Rasul 13:26-52
26. Para saderek turunan Ibrahim, kitu deui nu sanes, anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Eta wawaran pisalameteun teh pikeun urang!
27. Margi urang Yerusalem mah katut para pamingpinna teu tarerangeun yen nya Anjeunna Jurusalamet maranehna. Unggal Sabat maranehna maraca seratan nabi-nabi, tapi eusina teu kahalartieun. Yesus ku maranehna dihukum, cocog sareng anu disaurkeun ku nabi-nabi.
28. Sanajan maranehna teu manggih pisan sabab pikeun ngaragragkeun hukum pati ka Anjeunna, keukeuh marenta ka Pilatus supaya Yesus dihukum pati.
29. Sanggeus sagala niat jahat maranehna ka Anjeunna tinekanan sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, layon Anjeunna diturunkeun tina tihang salib, digolerkeun di jero kuburan.
30. Nanging ku Allah digugahkeun deui tina pupusna.
31. Saparantos gugah, di lebet sababaraha dinten sering nembongan ka jalmi-jalmi anu tadina ngingiring Anjeunna ti Galilea ka Yerusalem, anu ayeuna jaradi saksi perkawis Anjeunna ka urang Israil.
32. Ayeuna sim kuring seja ngadongkapkeun ka aranjeun Injil Kasalametan, nya eta: Perkawis anu baheula dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang teh ayeuna laksana, ka urang anu jadi turunanana, reh Allah parantos ngahirupkeun deui Yesus, sakumaha anu parantos kaungel dina Jabur anu kadua, kieu, ʼHidep Putra Ama; ayeuna Ama geus jadi Rama Hidep.ʼ
33. ***
34. Perkawis Yesus gugah ti nu maraot dugi ka salira-Na henteu kungsi buruk di jero kuburan, kieu pangandika Allah: ʼHidep ku Ama bakal diberkahan, ku berkah suci tur pasti sakumaha jangji Ama ka Daud.ʼ
35. Dina bagian sejen aya deui, ungelna: ʼGusti moal ngantep abdi-Na nu satia ajur di jero kuburanana.ʼ
36. Daud anu ngalakonan pangersa Allah parantos pupus, dikurebkeun di makam karuhunna, salirana ajur di jero kuburan.
37. Nanging Yesus mah henteu kitu, margi ku Allah digugahkeun deui ti nu maraot.
38. Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa anu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus. Sakur anu percaya ka Anjeunna bakal dileupaskeun tina dosa-dosa, anu moal bisa dileungitkeun ku Hukum Musa.
39. ***
40. Ku margi kitu sing ariatna, supaya aranjeun ulah kaasup ka jalmi-jalmi anu ku nabi-nabi disaurkeun kieu:
41. ʼAti-ati maraneh, tukang ngahina! Maraneh bakal ngarenjag tuluy paraeh! Kiwari Kami keur ngalaksanakeun hiji perkara, anu sanajan dipertelakeun ge ku maraneh moal dipercaya!ʼ ”
42. Waktu keur kalaluar ti dinya, ka Paulus jeung Barnabas pada ngahaturanan supaya Sabat hareup sarumping deui ngalajengkeun piwulang anu bieu.
43. Bubar kumpulan, Paulus jeung Barnabas ditaluturkeun ku urang Yahudi jeung ku nu sejen nu arasup agama Yahudi. Maranehna ku aranjeunna dinasehatan supaya hirupna tetep aya dina rahmat Allah.
44. Dina poe Sabat deui urang dinya meh kabeh daratang ngadarengekeun pangandika Allah.
45. Nenjo anu karumpulan sakitu lobana, urang Yahudi kacida darengkieunana, tuluy ngahina ka Paulus, piwulang anjeunna dibarantah.
46. Tapi Paulus jeung Barnabas malah tambah wani, saurna, ”Saenyana pangandika Allah teh wajib ditepikeun ka aranjeun heula. Tapi ku lantaran aranjeun embung narima, jadi aranjeun sorangan anu nangtukeun yen aranjeun mah teu layak narima hirup anu langgeng. Ku sabab kitu aranjeun mah rek ditinggalkeun bae, kaula rek nyanghareup ka bangsa sejen.
47. Karana Pangeran geus marentah ka kaula, timbalana-Na: ʼManeh ku Kami geus dijadikeun cahaya pikeun nyaangan bangsa sejen anu lain Yahudi, supaya salamet manusa saalam dunya.ʼ ”
48. Ngadarenge kasauran kitu jelema-jelema nu lain bangsa Yahudi kacida barungaheunana, tuluy maruji kana pangandika Allah. Eta sakur anu ku Allah geus ditangtukeun kana hirup langgeng teh jaradi jelema anu palercaya.
49. Pangandika Allah jadi kautarakeun ka sakuliah wewengkon eta.
50. Tapi jelema-jelema urang Yahudi tea ngangsonan ka para gegeden kota jeung ka wanita-wanita priyayi anu aribadah ka Allah, jeung mimiti nyarusahkeun ka Paulus jeung Barnabas, sarta tungtungna aranjeunna diusir ti wewengkon maranehna.
51. Paulus jeung Barnabas kaluar ti dinya bari ngagibrigkeun kekebul tina sampeanana nyirikeun kakeuheul, terus ngabujeng ka Ikonium.
52. Ari para panganut Yesus anu di Antioki hatena barungah sarta pinuh ku Roh Suci.