A A A A A

2 Tawarikh 1:1-17
1. Suleman putra Raja Daud geus teguh nyangkingna karajaan Israil, tur ku PANGERAN Allahna diberkahan, dikersakeun jadi kacida kawasana.
2. Raja Suleman nimbalan ka sakabeh kapala sarebu jeung kapala saratus jelema, ka para gegeden, ka para kapala kulawarga jeung ka salian ti eta,
3. kudu ngiring anjeunna ka tempat ibadah di Gibon. Anu matak kudu ka ditu teh sabab Kemah Tepangan PANGERAN beunang ngadegkeun Musa abdi Allah ayana di Gibon. (
4. Tapi Peti Perjangjian mah aya di Yerusalem, di jero kemah damelan Raja Daud basa tas dipindahkeun ti Kiryat Yarim tea.)
5. Altar tambaga beunang nyieun Besalel bin Uri bin Hur oge ayana di Gibon, hareupeun Kemah Tepangan PANGERAN. Raja Suleman sapangiringna geus ngabakti ka PANGERAN di Gibon.
6. Raja ngabaktina hareupeun Kemah, ngurbankeun sarebu sato peuncitan, diduruk dina eta altar tambaga.
7. Dina peutingna Allah nembongan ka Suleman, mariksa kieu, ”Maneh hayang dibere naon ku Kami?”
8. Piunjuk Suleman, ”Gusti sakitu asihna ka Daud, pun bapa, teu petot-petot. Dupi abdi ku Gusti dijadikeun raja gentosna.
9. Nun GUSTI Allah, mugi jangji Gusti ka pun bapa tea diyaktoskeun. Abdi ku Gusti dijadikeun raja, kedah ngurus jalmi anu seueurna tanpa wilangan.
10. Ku margi kitu abdi nyuhunkeun dipaparin kabijaksanaan sareng kaweruh kangge ngatur maranehna. Upami teu kitu pimanaeun abdi tiasa ngurus umat Gusti anu sakitu seueurna?”
11. Dawuhan Allah ka Suleman, ”Pamenta maneh kacida merenahna. Lain menta kamuktian atawa rajabrana, lain menta supaya kamashur atawa supaya musuh-musuh tumpur atawa menta panjang umur. Maneh ku sabab dijieun raja umat Kami menta kabijaksanaan jeung kaweruh supaya bisa ngurus maranehna.
12. Heug, ku Kami dibere kabijaksanaan jeung kaweruh. Malah rek ditambah ku kabeungharan, dunya brana, tur bakal kamashur leuwih ti raja-raja sejen, boh nu saheulaeun, boh nu sapandeurieun.”
13. Suleman jengkar ti tempat ibadah di Gibon, ngantunkeun Kemah Tepangan PANGERAN, mulih ka Yerusalem, tuluy ngageugeuh Israil.
14. Anjeunna ngayakeun pasukan lobana sarebu opat ratus kareta jeung dua welas rebu urang pasukan kuda. Ditempatkeunana aya nu di Yerusalem, aya nu di wewengkon-wewengkon sejenna.
15. Jaman anjeunna marentah, perak jeung emas teh di Yerusalem mah geus jadi biasa saperti batu bae. Kai kiputri ge lobana mangpirang-pirang cara kayu camara ilahar nu aya di lamping- lamping pasir di Yuda.
16. Raja ngawasakeun para pagawena ngirim-ngirimkeun kuda ti Mesir jeung ti Kilikia,
17. kareta-kareta ti Mesir, disokongkeun ka raja urang Het jeung ka raja urang Siria ku jalan dijual, hiji kareta hargana genep ratus uang perak, ari kuda sahijina saratus lima puluh uang perak.

2 Tawarikh 2:1-18
1. Raja Suleman geus gilig rek mimiti ngadegkeun Bait Allah tempat ngabakti ka PANGERAN. Ari anjeunna pribadi rek ngadamel karaton.
2. Ti dinya anjeunna miwarang jelema tujuh puluh rebu urang purah ngakutan bahan-bahan, dalapan puluh rebu urang purah ngali batu, jeung tilu rebu genep ratus urang mandor.
3. Geus kitu anjeunna ngintun pamundut ka Raja Hiram di nagara Tirus, saurna, ”Mugi Jeng Raja kersa ngintunan kai-kai kiputri golondongan ka sim kuring, sapertos ka pun bapa kapungkur, Raja Daud, nalika anjeunna ngadamel karaton.
4. Sim kuring bade ngadamel Bait Allah kangge ngagungkeun ka PANGERAN, Allah sim kuring, nya eta gedong suci paranti sim kuring sarawuh rahayat ngabakti ka Mantenna ngahaturkeun kukus seuseungitan, roti suci teu petot-petot, kurban beuleuman unggal enjing sareng unggal sonten, unggal dinten Sabat, unggal dinten Pesta Bulan Anyar sareng dinten-dinten mulya sanesna, ngamulyakeun PANGERAN Allah sim kuring sadaya, kawajiban urang Israil sapapaosna, numutkeun katangtosan ti Mantenna.
5. Maksad sim kuring eta Bait Allah teh bade sing ageung, reh Allah sim kuring sadaya agung-Na punjul ti allah-allah sanes.
6. Saleresna moal aya anu tiasa ngadamel Bait Allah linggihaneun Allah, margi saleganing langit oge keur Mantenna mah moal cekap. Atuh pimanaeun sim kuring tiasa ngadamel anu langkung punjul ti batan gedong paranti ngukus seuseungitan ka Allah?
7. Sareng sim kuring mugi dikintun jalmi saurang, anu ahli kana ngukir, kana ngadamel barang-barang tina emas, perak, tambaga, beusi, kitu deui ahli kana migawe lawon bulao, lawon wungu sareng lawon beureum, sina maturan juru-juru ukir urang Yuda sareng urang Yerusalem kenging milih pun bapa, Daud.
8. Nyuhunkeun dikintunan kai kiputri, kijamuju, sareng candana ti Libanon, reh sim kuring terang Sang Raja kagungan tukang-tukang nuar kai anu parantos ahli. Jalmi-jalmi sim kuring bade enggal-enggal dijurung ngabantu jalmi-jalmi Kangjeng Raja
9. nyayagikeun kai masing seueur, reh Bait Allah anu bade diadegkeun ku sim kuring teh bakal ageung sareng bakal agreng.
10. Sim kuring bade ngintun pibekeleun jalmi-jalmi ti dieu dua laksa pikul tarigu, dua laksa pikul gandum, dua laksa bat cianggur sareng dua laksa bat minyak jetun.”
11. Raja Hiram ngawaleran ka Suleman ku surat, ungelna, ”Rehing PANGERAN mikaasih umat-Na, nu mawi Rayi ku Mantenna didamel jadi rajana.
12. Sagala puji ka GUSTI Allah Israil anu ngadamel bumi sareng langit! Mantenna ka Raja Daud parantos maparin hiji putra anu binekas, sugih pangarti sareng binangkit, anu ayeuna keur tatahar seja ngadamel Bait kangge PANGERAN, kitu deui karaton keur salirana ku anjeun.
13. Akang nyanggakeun hiji jalmi ahli ukir anu pinter, wastana Huram.
14. Indungna kalebet kaom Dan, dupi bapana mah asli urang Tirus. Parantos tabah kana midamel barang-barang tina emas, perak, tambaga, beusi, batu, kai, migawe lawon bulao, wungu, beureum sareng lenen. Tiasaeun migawe ukiran kumaha bae numutkeun pesenan. Mangga gawekeun nyarengan tukang-tukang ti Rayi sareng anu ti tuang Rama, Raja Daud.
15. Tarigu, gandum, cianggur sareng minyak jetun tea kintunkeun sakumaha pilahir.
16. Kai kiputri pamundut tangtos dikintunan, bade nuaran ti pagunungan Libanon. Dikintunkeunana bade jalan laut, dibeungkeutan dirakitkeun, sina ngangkleung dugi ka Yopa, ti dinya kantun ngakutan ka Yerusalem.”
17. Ti dinya Raja Suleman ngetang jalma-jalma anu ngumbara di tanah Israil, cara anu bareto dilampahkeun ku Daud ramana. Kapendak aya 153.600 urang.
18. Tina sakitu, 70.000 urang dijieun purah nanggungan bahan-bahan, 80.000 urang purah meulahan batu di gunung-gunung, 3.600 urang dijieun mandor supaya pagawean lancar.

Mazmur 79:1-4
1. Jabur Asap. Nun Allah, tanah Gusti diranjah ku bangsa pamuja brahala, Bait Gusti anu suci ku maranehna dinajiskeun, Yerusalem diubrak-abrik.
2. Mayit-mayit umat Gusti, ku maranehna diparabkeun ka manuk nasar, layon para kawula Gusti teh jadi parab sato alas.
3. Sakuliah Yerusalem banjir getih umat Gusti, getih lir cai ngocor, sareng mayit-mayit teu aya nu ngaruang.
4. Ku bangsa-bangsa tatangga dipupuas, disaleungseurikeun dihina-hina.

Amsal 20:8-9
8. Raja anu linggih dina korsi pangadilan, socana awas kana kajahatan.
9. Jalma mana anu wani nyebutkeun yen dirina enyaan beresih, geus lubar tina dosana?

Kisah Para Rasul 11:1-30
1. Beja yen aya anu lain bangsa Yahudi narampa pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul, jeung geus nyebar ka anu geus palercaya di sakuliah Yudea.
2. Waktu Petrus sumping ka Yerusalem, anjeunna dipaduan ku jelema-jelema anu disunat, pokna,
3. ”Ku naon anjeun dugi ka natamu ka bangsa anu henteu disunat, malah tuang sasarengan jeung maranehna?”
4. Ku Petrus dicarioskeun hal ihwalna, ditetek ti barang mimiti, saurna,
5. ”Kaula meunang tetenjoan di Yopa sabot keur sembahyang. Aya anu diturunkeun ti langit siga lawon rubak ditalian opat juruna, diulur nepi ka deukeut kaula.
6. Ku kaula ditempo, eusina rupa-rupa sato ingu jeung sato leuweung, sato-sato nu ngarayap, jeung manuk-manuk haram.
7. Tuluy kaula ngadenge aya soara ngalahir ka kaula, ʼGeura cengkat, Petrus, eta peuncit, tuluy dahar!ʼ
8. Walon kaula, ʼPaliyas, Gusti! Abdi tara neda barang haram atanapi anu najis!ʼ
9. Tapi eta soara teh ngalahir deui ti langit, ʼAnu geus dihalalkeun ku Allah ku maneh ulah diharamkeun!ʼ
10. Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu kali, tungtungna eta barang teh kabeh ditarik deui ka langit.
11. Sawaktu pisan jeung eta aya tilu jelema daratang ka imah anu dianjrekan ku kaula, utusan ti Kesarea seja ka kaula.
12. Kaula didawuhan ku Roh Suci yen kudu milu jeung maranehna, ulah asa-asa. Kaula milu indit, dibaturan ku urang Yopa genepan anu geus palercaya. Datang ka Kesarea tuluy sarerea asup ka imah Kornelius.
13. Kornelius nyarita yen meunang tetenjoan, aya malaikat ngadeg di imahna, ngalahir kieu, ʼManeh geura ngajurungan jelema ka Yopa, angkir jelema anu ngaran lengkepna Simon Petrus,
14. anu bakal nepikeun pangandika pisalameteun maneh sakulawarga.ʼ
15. Sanggeus kaula medar perkara eta, Roh Suci lungsur ka maranehna, cara ka urang basa mimiti narima tea.
16. Ras kaula inget ka anu dilahirkeun ku Gusti, nya eta, ʼYohanes ngabaptisna ku cai, ari maraneh mah bakal ngabaptis ku Roh Suci.ʼ
17. Tetela Allah ku manten anu maparinkeun eta kurnia ka maranehna teh, cara ka urang bareto basa urang mimiti percaya ka Gusti Yesus Kristus. Ku sabab kitu pimanaeun kaula bisa nyegah pangersa Allah!”
18. Sanggeus meunang katerangan kitu, anu nyaralahkeun ka anjeunna teh tungtungna mah maruji ka Allah, pokna, ”Leres upami kitu mah, sanes bangsa Yahudi ge ku Allah dipaparin kasempetan tobat sareng hirup anu sajati.”
19. Para panganut Yesus anu diudag-udag basa Stepanus dipaehan tea, papencarna aya anu nepi ka Penesia, Siprus, jeung Antioki. Di ditu tetep nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi deui.
20. Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,
21. tur disarengan ku kakawasaan Gusti, nepi ka loba pisan anu tuluy palercaya, aranut ka Anjeunna.
22. Tuluy eta hal kabejakeun ka jamaah di Yerusalem, anu terus ngutus Barnabas ka Antioki.
23. Barnabas kacida bingaheunana ningali maranehanana sakitu diberkahanana ku Gusti. Maranehna ku anjeunna dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti.
24. Barnabas jalma berbudi, manahna pinuh ku Roh Suci, kacida percayana ka Gusti, nepi ka loba anu katarik aranut ka Gusti.
25. Ti dinya Barnabas ngalayad Saulus ka Tarsus.
26. Saulus dicandak ka Antioki, kumpul jeung jamaah di dinya sataun campleng lilana bari ngawulang ka jalma rea. Jalma-jalma panganut Yesus mimitina disarebut ”Urang Kristen” teh nya didinya, di Antioki.
27. Sawaktu keneh jeung eta aya sawatara nabi ti Yerusalem sarumping ka Antioki.
28. Nabi anu jenenganana Agabus ngaramal ku pangdorong Roh Allah, saurna bakal aya bahla kalaparan di sakuliah dunya. (Ramalanana teh enya ngabukti, kajadian dina jaman pamarentahan Prabu Klaudius.)
29. Ku sabab kitu para panganut Yesus di Antioki rempug rek arudunan sakamampuhna masing-masing, sumbangkeuneun ka dulur-dulur sakapercayaan di Yudea.
30. Sanggeus duitna kumpul, tuluy ngutus Barnabas jeung Saulus pikeun nyerenkeun eta duit sumbangan ka pangurus jamaah di Yudea.