A A A A A

2 Samuel 15:1-37
1. Sanggeus kitu Absalom nyadiakeun hiji kareta perang jeung kudana, katut lima puluh urang pangawal pribadi.
2. Unggal poe, isuk-isuk keneh pisan geus gugah, angkat ka lawang nagara, ngadeg sisi jalan. Unggal aya anu rek nyanggakeun urusanana ka raja, ku anjeunna dipegat, ditaros anu ti mana. Lamun dijawab yen ti salah sahiji kaom Israil,
3. Absalom ngalahir kieu, ”Ceuk hukum mah maneh anu bener. Tapi hanjakal euweuh wawakil raja anu daekeun ngadenge perkara maneh.”
4. Lamun tas sasauran kitu sok terus disambung, ”Da lamun kami jadi hakim mah, saha oge meunang datang, perkarana moal teu diuruskeun reujeung adil!”
5. Upama jelemana nyampoyong arek nyembah sok geuwat disambut terus dirangkul.
6. Kitu bae damelna ka unggal urang Israil anu rek menta pangadilan ka raja. Atuh jelema-jelema teh kabeuli hatena.
7. Dina hiji mangsa, opat taun ti harita, Absalom unjukan ka Raja Daud, ”Abdi neda idin ka Hebron, bade nekanan nadar ka PANGERAN.
8. Kapungkur, nalika di Gesur tanah Siria, abdi gaduh panadaran, yen upami abdi diparengkeun tiasa wangsul deui ka Yerusalem, bade ngabakti ka Mantenna di Hebron.”
9. Waler raja, ”Heug, sing salamet.” Absalom angkat ka Hebron.
10. Tapi anjeunna geus ngintun-ngintunkeun utusan ka sakabeh kaom Israil sina embar-embar, yen, ”Mun geus aya sora tarompet, maraneh kudu surak, ’Absalom jumeneng raja di Hebron!’ ”
11. Absalom angkatna diiring ku dua ratus jelema urang Yerusalem, beunang ngahaja ngondang. Tapi maranehna mah ngiring teh sabiasana bae, teu aya niat nu sejen, da teu tarerangeun naon-naon kana paniatan Absalom mah.
12. Bari ngurban Absalom miwarangan jelema ka kota Gilo sina manggil Ahitopel, juru nasehat Raja Daud. Anu arek ngaralawan raja sakaitna beuki kuat, anu bariluk beuki loba.
13. Aya anu nguninga ka Daud, ”Unjuk uninga, urang Israil parantos bariluk ka Absalom.”
14. Saur Daud ka para mantri anu nyarengan di Yerusalem, ”Urang nyingkir ayeuna keneh ari teu hayang ditangkep mah ku Absalom. Gancang! Bisi kaburu datang sarta nangkep urang, jeung bisi ngabasmi ka nu araya di Yerusalem!”
15. Wangsulna, ”Leres, Gusti! Sumangga abdi sadaya seja tumut.”
16. Raja geus angkat, disarengan ku sakabeh kulawargina jeung para ponggawa, kajaba sapuluh urang parekan anu ditinggalkeun sina nungguan karaton.
17. Sanggeus sumping ka imah anu pangjauhna, raja liren heula jeung sakabeh pangiringna.
18. Para ponggawa kabeh narangtung gedengeun raja, waktu pasukan pangawal raja liwat ngabaris di payuneunana. Kitu deui genep ratus urang prajurit ti Gat anu marilu ka anjeunna, eta oge liwat di payuneunana.
19. Itai, pamingpinna, ku raja dipariksa, ”Paman, ku naon milu ka kami? Mending mulang deui ka kota ngiring raja anyar. Da Paman mah bangsa sejen, di dieu soteh keur ngungsi.
20. Paman di dieu ngan keur saheulaanan, jadi arek naon milu sangsara jeung kami. Kami mah rek sakaparan-paran, henteu puguh nu dijugjug. Jig geura mulang, babaturan kabeh bawa. Mugia PANGERAN teu kendat nyarengan ka Paman, maparin kasaean.”
21. Itai ngawangsul, ”Gusti, Paman sumpah nyebat pajenengan PANGERAN, ka mana bae ge paeh hirup seja ngiring.”
22. Waler Daud, ”Nuhun Paman! Hayu maju!” Itai maju jeung sakabeh pasukanana katut kulawarga-kulawargana.
23. Rayat anu dikantun ku Daud ear careurik. Ti dinya raja jeung rombonganana meuntasan Walungan Kidron rek ka tanah gurun.
24. Imam Sadok oge ngiring, diiring ku urang Lewi anu ngagarotong peti suci, Peti Perjangjian Allah. Cag eta Peti teh diecagkeun heula, sarta can waka digotong deui samemeh rombongan laliwat kabeh. Imam Abyatar oge ngiring.
25. Raja ngalahir ka Imam Sadok, ”Eta Peti sae wangsulkeun deui ka dayeuh. Aya bae milik kaula mendak kurnia ti PANGERAN tangtu bisa mulang deui bisa deui ningal eta, jeung bisa deui ningal tempat Mantenna.
26. Sabalikna lamun kaula geus teu kamanah ku PANGERAN, kantun kumaha pangersa-Na, kaula sumeja pasrah.”
27. Saurna deui ka Sadok, ”Mangga mulih deui ka dayeuh. Tuang putra Ahimaas sareng Yonatan putra Abyatar candak. Mangga sing salamet.
28. Ari kaula rek ngantos di peuntaseun walungan di tanah gurun, ngantos wartos-wartos ti Bapa.”
29. Tuluy Peti Perjangjian teh ku Sadok jeung Abyatar dicandak deui ka Yerusalem, sarta aranjeunna tetep di Yerusalem.
30. Daud nanjak ka Gunung Jetun bari nangis. Mastakana dicindung tawis keur prihatin, jeung teu ditarumpah-tarumpah acan. Anu ngariring oge dicarindung bari tingsalegruk.
31. Aya anu nguninga ka Daud yen Ahitopel biluk ka Absalom. Seug anjeunna neneda, ”Nun PANGERAN, mugi-mugi sagala nasehat Ahitopel ulah aya anu kaanggap.”
32. Sanggeus Daud aya di puncak pasir di tempat paranti sembahyang ka Allah, jol Husai urang Arki, mitra Daud. Pakeanana geus disosoeh sarta sirahna diawuran taneuh.
33. Saur Daud ka Husai, ”Mending entong ngiring, moal aya mangpa’atna.
34. Langkung sae ka dayeuh deui ngawula ka Absalom. Unjukkeun sumeja sumujud kituh sapertos ka tuang rama. Nasehat Ahitopel ka raja ayonan sakedah polah.
35. Di ditu parantos aya Imam Sadok sareng Abyatar. Hal-hal anu kakuping di karaton wartoskeun ka aranjeunna.
36. Sagala katerangan anu geus kakumpulkeun ku saderek, ku aranjeunna bakal dititipkeun ka putrana, ka Ahimaas bin Sadok sareng ka Yonatan bin Abyatar, anu bakal nepikeun ka kaula di dieu.”
37. Husai mitra Daud mulang ka dayeuh, kabeneran Absalom oge kakara sumping.

2 Samuel 16:1-23
1. Sanggeus Daud majeng deui saeutik liwat pasir, hol Siba gandek Mepiboset, mendakan, mawakeun kalde anu dimuatan roti dua ratus siki, anggur kering saratus ranggeuy, buah anggur seger saratus ranggeuy, jeung cianggur sakantong kulit pinuh.
2. Daud mariksa, ”Eta babawaan jang naon?” Ceuk Siba, ”Sumuhun, kalde kanggo titihan pala putra, roti sareng bubuahan kangge anu ngariring, cianggur kangge ngalaleueut engke di tanah gurun.”
3. Saur raja, ”Ari Mepiboset incu Saul juragan maneh di mana?” Jawab Siba, ”Sumuhun di Yerusalem, margi yakineun yen karajaan Saul eyangna ku urang Israil bakal diserenkeun ka anjeunna.”
4. Dawuhan raja ka Siba, ”Ari kitu mah harta milik Mepiboset cokot ku maneh, piboga.” Pihatur Siba, ”Sembah hatur nuhun. Mugi abdi salamina mendak kurnia ti Gusti.”
5. Sanggeus sumping ka Bahurim, Raja Daud dipegat ti kajauhan ku Simei bin Gera, hiji ahli Saul. Simei nyumpahan
6. bari ngabaledogan ku batu ka Daud jeung pangiringna, teu tolih ka para gegeden jeung pangawal anu ngaping.
7. Nyumpahanana, ”Jor geura kabur! Si tukang maehan! Si jahat!
8. Bareto maneh ngarebut karajaan Saul. Sakitu lobana ahli-ahli Saul anu dipaehan ku maneh. Ayeuna tibalik, maneh dihukum ku Allah. Karajaan maneh ayeuna ku PANGERAN diselehkeun ka Absalom, anak maneh sorangan. Sukur pisan maneh cilaka, sukur! Si tukang maehan!”
9. Abisai putra ibu Seruya unjukan ka raja, ”Gusti, bade sabar bae ka eta anjing anu gagag-gogog nyarekan ka salira Gusti? Urang teukteuk huluna ku abdi!”
10. Raja ngawaler ka Abisai jeung Yoab rakana, ”Lain urusan maraneh. Lamun nyarekanana ka kami teh geus kersaning PANGERAN, saha nu bisa ngahulag?”
11. Dawuhanana deui ka Abisai jeung ka para ponggawa, ”Anak kami sorangan rek maehan ka kami, naha maraneh make heran ku kalakuan eta urang Binyamin? Keun bae sina nyarekan ka kami, da PANGERAN anu miwarang kitu.
12. Ngan muga-muga ieu kabalangsakan kami nepi ka dicarekan kieu ku batur, ku PANGERAN digentos ku kabagjaan.”
13. Daud jeung sapangiringna neruskeun lumakuna. Ari Simei terus bae nutur-nutur ti sisi pasir, teu eureun-eureun nyumpahan bari ngabenturan ku batu jeung ngawuran ku taneuh.
14. Sanggeus sumping ka sisi Walungan Yordan, Daud sapangiringna ngareureuh heula bawaning ku cape.
15. Absalom lebet ka Yerusalem jeung urang Israil anu ngariring, kitu deui Ahitopel.
16. Jol Husai mitra Daud ngadeuheus ka anjeunna, seug nyora tarik, ”Wilujeng raja! Wilujeng raja!”
17. Ku Absalom dipariksa, ”Kumaha bejana Daud sobat andika? Geus ditinggalkeun? Ku naon teu milu ka sobat?”
18. Saur Husai, ”Paliyas, Gusti! Jisim abdi sumeja sumeren diri ka raja anu diangkat ku PANGERAN, ku ieu jalmi-jalmi, sareng ku sabangsa Israil. Jisim abdi sumeja ngiring ka Gamparan.
19. Kalih perkawis, ka saha deui nya kedah kumawula upami sanes ka putra jungjunan abdi?”
20. Geus kitu Absalom malik ngalahir ka Ahitopel, ”Urang parantos aya di dieu, kumaha saterasna? Cobi nyuhunkeun pirempag.”
21. Ceuk Ahitopel, ”Ayeuna mah cobian bae heula parekan-parekan tuang rama anu ku anjeunna dikantun sina tunggu karaton tea, supados sadaya urang Israil terang yen Gamparan nangtang ka rama, supados maranehna tambih kawani.”
22. Ti dinya Absalom dipangnyieunkeun sasaungan di luhur karaton. Seug parekan-parekan ramana teh ku Absalom kabeh digadabah di dinya, dilalajoanan ku saban jelema.
23. Mangsa harita sagala nasehat Ahitopel ditarurutna teh kawas kana pangandika Allah bae, boh Daud boh Absalom kacida tumutna.

Mazmur 66:8-15
8. Puji Allah kami, he sakumna bangsa, sing kadenge mujina.
9. Mantenna geus ngaraksa jiwa-jiwa kami. Kami kabeh teu diantep sina ragrag.
10. Nun Allah, abdi-abdi ku Gusti parantos diuji, sapertos perak dibesot ku seuneu. Leres, ku Gusti parantos diuji.
11. Ku Gusti diantep tigebrus kana burang, punduk dibugbrugan momotan.
12. Ku Gusti diantep diidek-idek ku musuh, diantep ditempuh ku seuneu sareng ku caah. Nanging ayeuna parantos dicandak ka tempat anu aman.
13. Abdi bade ka gedong Gusti nyanggakeun kurban beuleuman, kangge nekanan jangji ka Gusti.
14. Bade ngabuktoskeun anu diikrarkeun kapungkur waktos keur nyorang tunggara.
15. Bade ngahaturkeun domba, dibeuleum dina altar, ngurbankeun sapi jalu sareng embe, haseupna sina mumbul ka langit.

Amsal 16:27-30
27. Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan.
28. Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan.
29. Jalma telenges mah ka baturna ge nipu merdaya, ngarah baturna cilaka.
30. Sing waspada ka nu nyengiran jeung ngiceupan, eta teh dina hatena mah boga niat jahat.

Yohanes 7:1-27
1. Ti dinya Yesus angkat, ngider di Galilea; Anjeunna teu kersaeun ka Yudea, sabab diarah ku gegeden-gegeden Yahudi rek ditelasan.
2. Harita geus deukeut kana waktu pesta anu disebut Pesta Saung Daun.
3. Ceuk saderek-saderek-Na ka Anjeunna, ”Coba lunta ti dieu ka Yudea. Di ditu mah naon-naon anu dilampahkeun ku Anjeun tangtu katembong ku para panganut.
4. Moal aya jalma anu hayang kawentar nyumputkeun gawena. Anjeun oge, sing katembong ku saalam dunya atuh eta gawe Anjeun kitu teh!” (
5. Saderek-saderek-Na oge teu palercayaeun ka Anjeunna teh.)
6. Waler Yesus, ”Ayeuna mah tacan waktuna. Keur aranjeun mah memang bisa unggal waktu.
7. Ka aranjeun mah mustahil dunya ngewaeun. Ari ka Kami mah dunya teh ngewaeun, lantaran Kami terus-terusan nyebutkeun jahat kalakuanana.
8. Pek bae aranjeun rek indit kana pesta mah, Kami mah moal, tacan waktuna.”
9. Kitu saur Yesus ka saderek-saderek-Na, Anjeunna mah tetep di Galilea.
10. Tapi sanggeus saderek-saderek-Na arindit, Yesus oge angkat kana eta pesta; rerencepan bae henteu terang-terangan.
11. Gegeden-gegeden urang Yahudi, pada nareangan Anjeunna, bari ngaromong, ”Di mana eta jelema teh?”
12. Jalma-jalma loba anu tingharewos ngaromongkeun Anjeunna, pokna, ”Jalmi hade Anjeunna teh.” Ceuk nu sawareh deui, ”Lain, malah nyasabkeun rahayat.”
13. Ngaromongna teu waranieun terang-terangan, sarieuneun ku gegeden-gegeden Yahudi.
14. Tengah-tengah pesta Yesus lebet ka Bait Allah tuluy ngawulang.
15. Gegeden-gegeden kacida hareraneunana, tuluy ngaromong kieu, ”Geuning rea kanyaho-Na, lain teu diajar naon-naon Manehna teh?”
16. Yesus ngawaler, ”Ieu pangajaran lain pangajaran ti Kaula pribadi, tapi ti Allah anu ngutus Kaula.
17. Anu daek ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal ngartieun, nu diucapkeun ku Kaula teh naha ti Allah atawa ti Kaula sorangan.
18. Anu ngajarkeun pangartina sorangan, tangtu ngarah pamuji keur dirina sorangan. Sabalikna anu mikahayang supaya anu dimulyakeun teh anu ngutusna, eta jelema jujur, taya kapalsuanana.
19. Aranjeun ku Musa dibere Hukum Allah, tapi aranjeun saurang ge teu aya nu nurut! Ku naon Kaula ku aranjeun rek dipaehan?”
20. ”Boa Anjeun teh kasurupan!” ceuk jalma rea. ”Saha anu rek maehan ka Anjeun teh?”
21. Waler Yesus, ”Kaula nyieun hiji kaajaiban dina poe Sabat, aranjeun heran.
22. Musa marentahkeun supaya aranjeun nyunatan anak lalaki (sanajan sunat teh mimitina ti karuhun, lain ti Musa). Ku sabab aya parentah kitu, aranjeun nyunatan, sanajan dina poe Sabat.
23. Pangna maraneh nepi ka nyunatan dina poe Sabat teh supaya henteu ngarempak Hukum Musa tina hal sunat. Ku sabab kitu ku naon arambek dumeh Kami nyageurkeun sakujur awak hiji jelema dina poe Sabat?
24. Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.”
25. Aya sawatara urang Yerusalem ngaromong kieu, ”Lain rek dipaehan ku para gegeden Anjeunna teh?
26. Itu geuning keur sasauran ka jalma rea, para gegeden teu majar kumaha! Naha pedah aruningaeun yen Anjeunna enya Kristus?
27. Tapi kapan Kristus mah moal aya anu nyaho ti mana sumping- Na. Ari Anjeunna mah tetela ti mana asalna.”