A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 17

Yosua 23:1-16
1. Lawas ti lawas, ti barang Israil ku PANGERAN dikertakeun tur aman ti musuh-musuh sakurilingna, Yosua geus kacida sepuhna.
2. Seug anjeunna ngempelkeun sabangsa Israil, para kokolot, para pamingpin, para hakim, para pamanggul jurit. Anjeunna sasauran, kieu, ”Bapa teh geus sakieu kolotna.
3. Sagala rupa anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh ka bangsa-bangsa di ieu tanah keur kabagjaan maraneh, ku maraneh geus kasaksian. PANGERAN Allah maraneh geus tandang mangmerangankeun.
4. Tanah-tanah bangsa urang dieu anu acan beunang, ku Bapa geus dibagi-bagikeun ka kaom-kaom maraneh, nya eta tanah anu ku Bapa geus karebut, ti semet Walungan Yordan di beulah wetan, nepi ka Laut Tengah di beulah kulon.
5. Ana maraneh geus maju, eta bangsa-bangsa teh tangtu disina ngarejat ku PANGERAN Allah maraneh, dibuburak, sangkan tanahna bisa kacangking ku maraneh, sakumaha jangji PANGERAN.
6. Ku sabab eta masing hade-hade sumujud ka Mantenna, jeung lakonan sagala rupa anu kaungel dina kitab Hukum Musa, poma ulah aya nu kaluli-luli.
7. Ku jalan kitu maraneh moal campur jeung bangsa batur anu araya keneh di maraneh, atawa ngucapkeun ngaran dewa-dewana, atawa sumpah nyebut ngaran eta dewa-dewa, moal ngabakti atawa sujud ka eta dewa-dewa.
8. Anggur sing ajeg ka PANGERAN sakumaha kalakuan maraneh sabiasa sasari nepi ka wanci ieu.
9. PANGERAN teh geus ngusir bangsa-bangsa anu nya gede nya kuat ana maraneh indit jurit, sahiji ge taya lawan anu tagen nyanghareupan maraneh.
10. Tiap saurang ti maraneh, sanggup nundung musuh sarebu, sabab PANGERAN Allah maraneh anu tandang mangmerangankeun, ngabuktoskeun jangji-Na.
11. Jadi masing hade-hade enggoning nyaah ka PANGERAN Allah maraneh teh.
12. Upama maraneh nepi ka ngolembar tuluy cacampuran jeung bangsa-bangsa lian anu araya keneh di urang, atawa pacorok jodo,
13. rasakeun, ana maraneh maju perang, PANGERAN moal kersaeun deui mangusirkeun maranehanana. Kalah ka itu teh jadi hiji bahaya, lir pitapak atawa cubluk tataheunan, lir pecut anu ngajelebet kana tonggong, lir cucuk anu nanceb dina siki panon. Baris kituna teh nepi ka maraneh geus taya nu nyesa deui di ieu tanah anu sakieu hadena, paparin ti PANGERAN Allah maraneh.
14. Ayeuna Bapa teh geus nepi kana waktu ajal. Satiap maraneh, tangtu ngarasa dina ati sanubari, yen geus dipaparin sagala rupa anu nyenangkeun hate ku PANGERAN Allah maraneh, bukti sakumaha jangji-Na. Mantenna tigin kana sagala jangji-Na, taya hiji jangji-Na anu jalir.
15. Tapi deuih, sakumaha Mantenna tigin kana sagala jangji-Na ka maraneh, oge moal sungkan-sungkan ngalaksanakeun sagala ancaman.
16. Saupama maraneh udar tina ikrar anu ku PANGERAN Allah maraneh dipiwarang ditiginan, jeung upama maraneh nepi ka nyembah ngabakti ka allah-allah sejen, tan wande Mantenna bendu sarta maraneh disiksa, baris gancang-gancang musna mo aya nu nyesa di ieu tanah anu sakieu hadena, paparin Mantenna.”

Yosua 24:1-33
1. Yosua ngempelkeun deui sakabeh kaom Israil di Sekem. Para kokolotna, kapala-kapalana, hakim-hakimna, kapala-kapala baladna, disalaur tuluy kumpul di payuneun Allah.
2. Ngalahir Yosua ka sakabeh, ”Aya pangandika PANGERAN Allahna Israil, kieu, ’Baheula, karuhun maraneh caricingna teh di peuntaseun Walungan Eprat beulah ditu, ngabaktina ka aallahan. Salah saurang ti eta karuhun nya eta Terah, bapana Ibrahim jeung Nahor.
3. Seug Kami nyandak Ibrahim, karuhun maraneh, ti tanah peuntaseun Eprat diparentah ngambah sakuliah tanah Kanaan. Ku Kami dibere turunan loba. Mimitina ku Kami dibere Ishak.
4. Ishak dibere anak, Yakub jeung Esau. Esau ku Kami dibere tanah milik di pagunungan Edom, ari Yakub karuhun maraneh, indit ka Mesir jeung anak-anakna.
5. Ti dinya Kami ngutus Musa jeung Harun ka ditu. Urang Mesir ku Kami ditarajang ku balahi hebat kacida. Tapi maraneh mah ku Kami dituyun kaluar ti ditu.
6. Karuhun maraneh ku Kami dibawa budal ti Mesir. Ku balad Mesir diudag ku kareta perang jeung ku nu tarumpak kuda. Barang karuhun maraneh narepi ka Laut Beureum,
7. tingjarerit menta tulung ka Kami, seug antara maranehna jeung balad Mesir teh ku Kami dihalangan ku poek. Satuluyna balad Mesir teh ku Kami diteuleumkeun, diteureuy ku laut. Dikumahakeun Mesir teh ku Kami, maraneh nyaho. Ti dinya maraneh hirup teh di gurun keusik kacida lilana.
8. Geus kitu ku Kami dibawa ka tanah urang Emor di wetaneun Walungan Yordan. Maraneh ku itu diperangan, tapi maraneh anu meunang, musuh teh dielehkeun ku Kami. Tanahna ku maraneh dicokot. Ana maraneh maju, musuh ku Kami dibasmi.
9. Geus kitu maraneh diperangan ku Balak bin Sipor, raja Moab. Eta raja ngala Balhum bin Beor, sina nyapa maraneh.
10. Tapi Kami teu ngagugu ka Balhum, jadi manehna anggur ngaberkahan. Ku jalan kitu maraneh ku Kami diluputkeun ti Balak.
11. Maraneh meuntasan Walungan Yordan, jol ka Yeriho. Urang Yeriho merangan, saperti urang Emor, urang Pares, urang Kanaan, urang Het, urang Girgas, urang Hiwi, jeung urang Yebus. Tapi kabeh ku Kami dielehkeun, maraneh anu meunang.
12. Ana maraneh maju, maranehanana ku Kami ditagiwurkeun, nepi ka dua raja urang Emor kabur. Kaburna lain ku pedang maraneh, lain ku gondewa maraneh.
13. Maraneh ku Kami dibere tanah, lain beunang maraneh ngusahakeun; dibere kota, lain beunang maraneh ngadegkeun. Ku maraneh diareusian. Kebon anggur, kebon jetun, lain beunang maraneh melak, hasilna maraneh anu metik.’ ”
14. ”Nu matak ayeuna mah,” saur Yosua, ”sing ta’at ka PANGERAN, sing sumembah ka Mantenna kalawan saiklas-iklasna. Singkir-singkirkeun aallahan anu sok disarembah ku karuhun maraneh di Mesopotami jeung di Mesir teh, kudu nyembah wungkul ka PANGERAN.
15. Upama maraneh embung nyembah ka Mantenna, puguhkeun poe ieu keneh rek milih ngabakti ka saha, naha rek ngabakti ka aallahan anu disarembah ku karuhun maraneh di Mesopotami, atawa rek ngabakti ka sesembahan urang Emor, anu tanahna ayeuna diandih ku maraneh. Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”
16. Maranehanana ngajawab, ”Abdi-abdi moal dugi ka ninggalkeun PANGERAN teras ngabakti ka aallahan!
17. PANGERAN Allah urang teh parantos nyandak karuhun kitu deui urang sadayana kaluar ti Mesir, urut urang kumawula. Urang parantos nyaksian mujijat-mujijat Mantenna. Urang teh nyorang tanah mana bae bari ngaliwatan bangsa-bangsa batur, ku Mantenna teu petot-petot ditangtayungan.
18. Waktos urang majeng ka dieu, urang Emor, pribumi di dieu, ku PANGERAN disingkahkeun. Abdi sadaya oge sumeja ngabakti ka PANGERAN. Nya Mantenna Allah urang teh.”
19. Yosua ngalahir deui, ”Boa moal bisa maraneh ngabakti ka PANGERAN. Mantenna teh Allah anu Maha Suci, moal kersaeun ngahampura dosa-dosa maraneh. Mantenna moal kersaeun ka nu sok ngalawan.
20. Upama maraneh mungkur ti Mantenna, ngabakti ka bangsa aallahan, tinangtu Mantenna malik sarta nyiksa ka maraneh. Najan tadina maraneh teh dibelaan, Mantenna moal sungkan-sungkan ngabasmi.”
21. Pihatur maranehanana, ”Saleresna pisan abdi sadaya sumeja ngabakti ka PANGERAN.”
22. Ngalahir deui Yosua, ”Ana kitu, maraneh sorangan nu jadi saksi diri pribadi, yen geus milih seja ngabdi ka PANGERAN.” ”Leres, abdi sadaya saksina,” tembal maranehanana.
23. ”Heug. Geura singkir-singkirkeun aallahan nu teu paruguh, anu ku maraneh disarimpen teh,” saur Yosua. ”Geus kitu kudu ikrar seja satia ka PANGERAN Allahna Israil.”
24. Ari ceuk maranehanana ka Yosua, ”Abdi sadaya sumeja sumembah ka PANGERAN Allah urang. Sumeja tunduk kana timbalan-timbalan Mantenna.”
25. Seug poe eta Yosua di Sekem ngadamel ikrar anu kudu diikrarkeun ku maranehna, sarta nyusun hukum-hukum jeung tetekon-tetekon anu kudu diturut.
26. Parentah-parentah tea ku Yosua diseratkeun dina Kitab Hukum Allah. Geus kitu anjeunna nyandak batu gede, deg ditangtungkeun di handapeun tangkal kiara deukeut tempat paranti ngabakti ka PANGERAN.
27. Geus kitu Yosua misaur ka sakabeh jalma, ”Ieu batu jadi saksi urang. Kabeh pilahir anu didawuhkeun ku PANGERAN ka urang geus dikedalkeun hareupeun ieu batu. Nya batu ieu anu jadi saksi maraneh, keur ngingetan sangkan ulah ngalawan Allah.”
28. Geus kitu maranehanana ku Yosua dipiwarang bubar, marulang ka satempat-satempatna.
29. Sabada eta, Yosua putra Nun abdi PANGERAN teh pupus, dina yuswa saratus sapuluh taun.
30. Seug dikurebkeun di tanah milik anjeunna di Timnat Serah, di pagunungan Epraim, kalereun Gunung Gaas.
31. Sapanjang Yosua jumeneng, urang Israil tetep nyembah ka PANGERAN. Sanggeus dikantun pupus oge, jeung satungtung para pamingpin anu kungsi nyaraksian sagala dadamelan PANGERAN pikeun kabagjaan Israil tea harirup keneh, urang Israil teh tetep kitu.
32. Ari layon Yusup, anu ku urang Israil dibawa ti Mesir, dipetekna di Sekem, di lahan anu digaleuh ku Yakub saratus gebleg perak ti putra-putra Hemor ramana Sekem. Eta lahan jadi milikna turunan Yusup.
33. Elasar putra Harun oge pupus. Dikurebkeunana di Gibea, kota di Pagunungan Epraim, anu diwariskeun ka Pinehas, putrana.

Mazmur 47:1-9
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah.
2. He sakumna umat, geura keprok sing rame! Paruji Allah ku lalaguan sing tarik!
3. PANGERAN Nu Maha Agung, wajib dipikaserab; Mantenna raja agung, ngasta sakuliah jagat.
4. Urang ku Mantenna disina ngungkulan bangsa-bangsa, urang disina ngawasaan bangsa-bangsa.
5. Ku Mantenna dipangmilihkeun tempat pamatuhan, tanah kareueus bangsa nu diasih ku Mantenna.
6. Allah parantos mancat kana tahta-Na, dipirig ku surak jeung sora tarompet.
7. Nyanyikeun pujian ka Allah, nyanyikeun pujian ka raja urang!
8. Sabab Allah teh raja sajagat buana, puji ku lalaguan!
9. Allah ngabawah bangsa-bangsa, lumenggah dina tahta-Na nu suci.

Amsal 14:14-14
14. Jalma goreng baris tinemu jeung kagorengan. Jalma hade baris meunang pahla tina kahadeanana.

Lukas 13:23-35
23. Aya anu arunjukan ka Anjeunna, pokna, ”Juragan, leres anu baris saralamet teh mung saeutik?” Waler Yesus,
24. ”Maraneh kudu sateka-teka asup liwat panto anu kacida sempitna; sabab anu harayangeun asup mah loba, tapi henteu barisaeun.
25. Nu boga eta imah hudang nulakan eta panto. Ana maraneh ka dinya jeung keketrok ti luar bari ngalengis, ʼJuragan, pangmukakeun!ʼ bakal diwaler kieu, ʼKami teu nyaho maneh anu ti mana!ʼ
26. Ari ceuk maraneh, ʼAbdi-abdi kantos neda, nginum, sasarengan sareng Juragan. Juragan kantos ngawulang di desa abdi-abdi!ʼ
27. Tapi saur nu boga eta imah, ʼKami teu nyaho maraneh anu ti mana. Ka daritu nyingkah, jelema-jelema jahat!ʼ
28. Maraneh tinggal tinggarerung nepi ka tikekereket, narenjo Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung nabi-nabi geus araya di jero Karajaan Allah, ari maraneh diusir teu meunang arasup.
29. Jelema-jelema sejen mah nu ti wetan nu ti kulon, nu ti kaler nu ti kidul, daratang ka Karajaan Allah marilu ngariung pesta.
30. Kitu jadina, nu ayeuna kapandeurian engke bakal ti hareula, nu ayeuna geus ti hareula bakal kapandeurian.”
31. Geus kitu harita aya sawatara urang Parisi anu ngaromong kieu ka Yesus, ”Anjeun kudu geuwat kaluar ti daerah ieu ka mana bae, sabab rek dipaehan ku Herodes.”
32. Waler Yesus, ”Bejakeun ka eta ajag, ʼKaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.ʼ
33. Tapi poe ieu, isukan jeung pageto, Kami rek neruskeun ieu perjalanan, sabab teu hade nabi mah dipaehan di mana-mana lamun lain di Yerusalem.
34. Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!
35. Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh bakal pada naringgalkeun. Inget, maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang mangsana maneh ngucapkeun kieu, ʼMugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.ʼ ”