A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 22

Hakim 9:1-57
1. Abimelek putra Gidion, nepangan wargi-wargi ibuna di Sekem,
2. mundut dipangnepikeun kasauranana anu kieu ka urang Sekem, ”Ari aranjeun naha mending diparentah ku sakabeh anak Gidion anu tujuh puluh, atawa ku saurang bae? Sing inget, Abimelek teh getih daging aranjeun sorangan.”
3. Kasauranana kitu ku wargi-wargi ibuna ditepikeun. Seug urang Sekem rempug milih Abimelek, dumeh ka baraya.
4. Abimelek ku maranehanana dibahanan duit tujuh puluh gebleg perak, beunang nyokot ti pura Baal Berit. Eta duit ku anjeunna dianggo nyewa jalma-jalma jahat dibawa sakait.
5. Ti dinya anjeunna angkat ka bumi ramana di Opra. Saderek-saderekna anu tujuh puluh, putra-putra Gidion, ku anjeunna dipeuncitan hiji-hiji di dinya, dina hiji batu. Tapi aya saurang anu lolos, nya eta Yotam putra Gidion anu bungsu, lantaran nyumput.
6. Geus kitu urang Sekem jeung urang Bet Milo kumpul di Sekem, handapeun tangkal kiara karamat, rek ngangkat Abimelek jadi rajana.
7. Sanggeus hal eta kadangu ku Yotam, anjeunna unggah ka Gunung Gerisim, ngagero kieu ka maranehna ti puncak, ”Eh urang Sekem, darengekeun ieu kuring, sarta muga-muga aranjeun oge didangu ku Allah!
8. Sakali mangsa tatangkalan baradami arek milih pirajaeunana. Pok marenta ka tangkal jetun, ʼAnjeun bae jadi raja.ʼ
9. Tangkal jetun ngajawab, ʼAri kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun ngabijilkeun minyak, heug eta teh paranti ngahormat dewa-dewa jeung manusa.ʼ
10. Ti dinya tatangkalan teh marenta ka tangkal kondang, ʼAnjeun bae jadi raja.ʼ
11. Jawab tangkal kondang, ʼAri kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun bubuah, heug buah kuring teh kacida amisna.ʼ
12. Tuluy tatangkalan teh marenta ka tangkal anggur, ʼAnjeun bae jadi raja.ʼ
13. Jawab tangkal anggur, ʼAri kudu marentah ka aranjeun mah kuring teh kudu eureun bubuah, heug eta teh paranti ngagumbirakeun dewa-dewa jeung manusa.ʼ
14. Ku sabab kitu tatangkalan teh marenta ka rungkun cucuk, ʼAnjeun atuh jadi raja.ʼ
15. Jawab rungkun cucuk, ʼHeug! Ari enya-enya mah hayang dirajaan ku kami. Pek geura ngariuhan di handapeun iuh-iuh kami. Tapi awas lamun henteu enya-enya, ieu regang-regang kami anu pinuh ku cucuk baris ngabijilkeun seuneu, terus ngahuru leuweung kiputri di Libanon.ʼ ”
16. ”Ayeuna,” saur Yotam deui, ”naha enya aranjeun milih Abimelek jadi raja teh kalawan maksud anu jujur tur hade? Seja ngahargaan kana jasa-jasa Gidion, seja narima kulawargina sakumaha layakna, satimbang jeung jasa-jasa Gidion?
17. Sing inget, bapa kuring geus tarung kalawan nekad ngabelaan aranjeun, geus bibilasan naruhkeun nyawa keur ngajait aranjeun ti urang Midian.
18. Kari-kari poe ieu aranjeun malik ngamusuh ka kulawarga bapa kuring. Tujuh puluh putrana ku aranjeun dipeuncitan hiji-hiji dina luhur batu anu eta-eta keneh, anu sahiji! Eta anak selir bapa kuring anu ngaran Abimelek, ku aranjeun dijieun raja di Sekem, pedah baraya!
19. Lamun enya tea mah poe ieu aranjeun boga tekad anu lempeng sarta jujur ka Gidion jeung ka kulawargana, heug masing bagja boga raja Abimelek, kitu deui Abimelek masing senang ngarajaanana ka aranjeun.
20. Tapi lamun henteu kitu muga-muga ti Abimelek sing bijil seuneu anu ngahuru ka aranjeun urang Sekem jeung urang Bet Milo, sarta muga-muga ti urang Sekem jeung urang Bet Milo masing bijil seuneu nu ngaduruk Abimelek nepi ka beakna.”
21. Geus kitu, ku bawaning sieun ka Abimelek saderekna, Yotam terus kabur ka Beer, sarta calik di dinya saterusna.
22. Ari Abimelek marentahna ka urang Israil meunang tilu taun.
23. Ku kersaning Allah, Abimelek jeung urang Sekem jadi silih satru, urang Sekem barontak ka anjeunna.
24. Kitu kajadianana, kajahatan Abimelek jeung urang Sekem anu ngabantu anjeunna meuncitan tujuh puluh putra-putra Gidion, ayeuna meunang wawales.
25. Urang Sekem nyieun tempat pamegatan di puncak-puncak gunung, pikeun nangkep Abimelek. Sakur anu ngaliwat ka dinya ku maranehna dirampog. Hal ieu geus diunjukkeun ka Abimelek.
26. Geus kitu ka Sekem aya anu daratang, Gaal bin Ebed jeung dulur-dulurna, sarta maranehna dipercaya ku urang Sekem.
27. Maranehanana arasup ka kebon anggur urang Sekem, mupu buahna tuluy diperes diparake sukan-sukan. Los deui ka kuil dewa urang dinya, ngadon dalahar, ngarinum bari susumbar ngahina ka Abimelek.
28. Kieu ceuk Gaal, ”Urang di Sekem teh jadi naon? Na make kudu ngabdi ka Abimelek? Saha saenyana eta jelema teh? Anak Gidion! Ari Sebul wakilna di dieu, ngawula ka dinya. Urang mah keur naon ngawula ka dinya? Rek ngawula mah ka Hemor karuhun urang, anu ngarundaykeun kaom aranjeun!
29. Coba lamun kuring anu jadi kapala di dieu, eta si Abimelek teh moal teu disingkahkeun! Rek kieu kuring ngomong teh ka manehna, ʼPek pepekan deui balad maneh, urang tarung, urang ngadu kakuatan!ʼ ”
30. Sebul, kapala pamarentah kota eta, ngadenge ucap-ucapan Gaal kitu teh hatena ngentab.
31. Tuluy ngirim utusan ka Abimelek anu calikna di Aruma, mawa pesen kieu, ”Aya jalmi arasup ka Sekem, Gaal bin Ebed sareng dulur-dulurna, ngangsonan jalmi-jalmi sina ngalawan ka anjeun.
32. Anjeun engke wengi kedah jengkar sareng perjurit, lajeng ngintip di tegal.
33. Enjingna wanci meletek srangenge kedah ngadadak nyerang kota. Upami Gaal sabaladna kaluar ngayonan, gempur sakiat tanaga.”
34. Seug Abimelek sabaladna jengkar peuting-peuting, tuluy ngintip di luareun Sekem. Baladna dibagi opat bagian.
35. Barang katembong Gaal kaluar sarta ngajanteng di lawang kota, balad Abimelek carengkat tina panyumputanana.
36. Katenjoeun ku Gaal, pok manehna ngomong ka Sebul, ”Tenjo! Itu loba jelema tarurun ti puncak gunung.” Walon Sebul, ”Eta mah lain jelema, kalangkang gunung-gunung.”
37. Gaal pok deui, ”Tenjo! Itu loba jelema tarurun ti poponclot gunung. Itu sabubuhan deui turut-turut jalan ka dieukeun ti lebah tangkal kiara paranti tukang-tukang torah!”
38. Ari ceuk Sebul, ”Mana buktina omongan anjeun anu sakitu suabanana teh? Kapan ceuk anjeun keneh, keur naon urang make kudu ngawula ka eta jelema anu ngaran Abimelek. Tuh itu teh balad manehanana, anu ku anjeun ditangtang tea. Papag ka ditu, ayonan!”
39. Tuluy Gaal ngapalaan urang Sekem ngayonan Abimelek.
40. Gaal kabur, tapi ku Abimelek diudag. Geus loba baladna anu tararatu, kitu deui anu di lawang kota.
41. Abimelek terus calik deui di Aruma. Ari Gaal sadulur-dulur geus teu bisa ngancik deui di Sekem, ditundung ku Sebul.
42. Poe isukna, kauninga ku Abimelek yen urang Sekem rek ka taregal.
43. Seug anjeunna ngumpulkeun balad, dibagi tilu bagian sina ngarintip di tegal. Barang urang dinya kalaluar ti jero kota, anjeunna bijil ti panyumputan rek mimiti ngagempur.
44. Sabot Abimelek jeung baladna maju gagancangan rek megat di lawang kota, anu dua pasukan deui narajang ka nu geus araya di tegal. Anu ditarajang beak dipaehan kabeh.
45. Sanggeus tarung sapoe jeput, eta kota geus beunang ku Abimelek, jelema-jelemana dipaehan, kotana diacak-acak tuluy diawuran ku uyah.
46. Barang pamingpin-pamingpin di benteng Sekem ngadarenge hal eta, tuluy marubus nyiar pisalameteun ka guha anu aya di jero pura Baal Berit.
47. Abimelek geus dibejaan yen maranehanana kumpul di dinya.
48. Seug anjeunna nanjak ka Gunung Salmon jeung baladna. Anjeunna nyandak kampak nutuh dahan kai tuluy dipanggul. Baladna oge diparentah sina buru-buru nutuh dahan kai cara anjeunna.
49. Tiap perjurit nutuhan dahan kai, tuluy naluturkeun ka Abimelek. Kai teh dibegbregkeun dina liang guha nu keur diparake nyumput, tuluy dihuru. Nu aya di jero, anu lobana kira-kira sarebu urang, lalaki jeung awewe, kabeh paraeh.
50. Ti dinya Abimelek ngepung kota Tebes, sarta tuluy ditalukkeun.
51. Di eta kota aya hiji munara kacida wewegna. Pangeusi kota eta, lalaki, awewe, katut para pamingpinna lalumpatan ka dinya, tuluy ngonci maneh di jero, naraek ka tempat nu pangluhurna.
52. Barang datang ka dinya arek ngagempur eta munara, Abimelek nanjak ngadeukeutan pantona, maksudna eta panto rek dihuru.
53. Tapi ti luhur munara aya awewe ngaragragkeun batu panggilingan, ninggang kana sirahna nepi ka rengat.
54. Geuwat anjeunna nyaur budak ngora purah mawa pakarang anjeunna, pok marentah, ”Cabut eta pedang, sabetkeun ka kami. Kami embung kasebutkeun paeh ku awewe.” Seug budak ngora teh narajang ka anjeunna, seug anjeunna maot.
55. Sanggeus kanyahoan Abimelek maot, urang Israil baralik ka imah-imahna.
56. Ku jalan kitu Allah ngabales kajahatan Abimelek anu geus hianat ka ramana, meuncitan saderek-saderekna anu tujuh puluh tea.
57. Kitu deui kajahatan urang Sekem ku Allah dibales. Maranehna jadi salangsara, cocog jeung ucapan Yotam putra Gidion waktu nyumpahan ka maranehanana.

Hakim 10:1-18
1. Sanggeus Abimelek maot, Tola bin Pua putu Dodo jadi pamingpin, ngabebaskeun Israil. Anjeunna asal ti kaom Isaskar, calikna di Samir di daerah pagunungan Epraim.
2. Dua puluh tilu taun lilana anjeunna jadi pamingpin di Israil, tuluy pupus sarta dikurebkeun di Samir.
3. Sanggeus Tola, urang Israil dipingpin ku Yair urang Gilad. Jadi pamingpinna meunang dua puluh dua taun.
4. Anjeunna kagungan tilu puluh putra pameget anu tarumpak kalde. Putra-putrana kagungan tilu puluh kota di tanah Gilad, anu nepi ka ayeuna disebut desa-desa Yair.
5. Yair pupus sarta dikurebkeun di Kamon.
6. Urang Israil geus dosa deui ka PANGERAN, nyarembah ka dewa-dewa Baal jeung ka Astoret, kitu deui ka allah-allahna urang Siria, urang Sidon, urang Moab, urang Amon jeung urang Pelisti. Geus malungkur ti PANGERAN, henteu ngabakti deui ka Mantenna.
7. Ku lantaran kitu PANGERAN bendu ka urang Israil, tuluy maranehanana diselehkeun ka urang Pelisti jeung ka urang Amon.
8. Dalapan belas taun lilana ieu dua bangsa ngagencet jeung nganiaya urang Israil nu maratuh di kotana urang Emor wetaneun Walungan Yordan di tanah Gilad.
9. Malah urang Amon mah nepi ka meuntasan Yordan merangan ka kaom Yuda, kaom Binyamin jeung kaom Epraim. Israil kacida ngarasa prihatinna.
10. Seug urang Israil teh sasambat ka PANGERAN, bari kieu piunjukna, ”Abdi sadaya rumaos dosa, parantos mungkur ti Gusti, Allah abdi sadaya, ngabakti ka Baal-baal.”
11. Ngawaler PANGERAN ka maranehanana, ”Bareto maraneh teh dikaniaya ku urang Mesir, urang Emor, urang Amon, urang Pelisti,
12. urang Sidon, urang Amalek jeung urang Maon. Maraneh sasambat ka Kami. Lain maraneh teh geus ditulungan ku Kami, leupas ti maranehanana?
13. Parandene maraneh masih bae nukangan ka Kami, ngabarakti ka allah-allah anu sejen. Ku sabab eta Kami moal rek nulungan deui.
14. Ka ditu bae sasambat ka dewa-dewa meunang maraneh milih tea. Keun sina maranehna anu nulungan mun maraneh meunang kasusah.”
15. Tapi piunjuk urang Israil ka PANGERAN, ”Abdi sadaya rumaos dosa. Mangga sanaos bade dikua-kieu oge, nanging mugi kersa maparin pitulung ayeuna pisan.”
16. Geus kitu, maranehanana henteu ngabarakti deui ka allah-allah sejen, tapi ngabarakti ka PANGERAN. Mantenna jadi pohara ngangresna ku kaprihatinan Israil teh.
17. Geus kitu urang Amon natakeun balad arek indit perang, mangkalan di Gilad. Urang Israil kumpul, tuluy mangkalan di Mispa wewengkon Gilad.
18. Di dinya para pamingpin kaom-kaom Israil silih tanya, ”Saha anu sanggup ngapalaan ieu perang ngalawan urang Amon? Sing saha anu sanggup, eta baris jadi kapala saeusi tanah Gilad.”

Mazmur 50:1-6
1. Jabur Asap. Allah Nu Maha Kawasa, PANGERAN, ngandika, nyaur sakuliah jagat ti wetan nepi ka kulon.
2. Allah moncorong ti Sion, kota ratuning kaendahan.
3. Allah urang sumping. Sumpingna henteu jempling, di payuneuna-Na aya seuneu luntab-lentab, sakuriling Mantenna ngagelebug angin ribut.
4. Mantenna nyaur langit jeung bumi sina jadi saksi, nyaksian Mantenna nerapkeun hukum ka umat-Na.
5. Timbalana-Na, ”Kumpulkeun ka dieu umat Kami nu satia, anu kabeungkeut ku perjangjian Kami anu dikukuhkeun ku kurban peuncitan.”
6. Langit ngabewarakeun yen Allah teh adil, sarta Mantenna ku anjeun nu jadi hakimna.

Amsal 14:25-27
25. Lamun carita saksi sayakti, bisa ngajait tina pati. Lamun caritana bohong eta mah hianat.
26. Sieun ku PANGERAN teh matak teger jeung reugreug ka urang sakulawarga.
27. Sieun ku PANGERAN teh dadasarna hirup, anu bisa ngajauhkeun tina ancaman pati.

Lukas 16:1-31
1. Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Aya hiji jelema beunghar, boga hiji pagawe purah ngurus kakayaanana. Meunang pangaduan yen kakayaanana dipake awuntah ku eta pagawe.
2. Tuluy pagawena teh dicalukan, dipariksa, ʼGeuning maneh kitu bejana? Kadieukeun kabeh catetan kakayaan kami anu diurus ku maneh sing lengkep, ulah diurus ku maneh deui.ʼ
3. Eta pagawe ngomong sorangan, ʼAing tangtu dieureunkeun ku dunungan. Kumaha pipetaeun? Macul moal kuat, baramaen era.
4. Tah aing boga akal! Arek nyieun pibatureun, sangkan ari aing geus teu boga gawe aya nu daekeun narima di imahna.ʼ
5. Tuluy manehna nyalukan anu baroga hutang ka dununganana. Carekna ka nu datang pangheulana, ʼSabaraha hutang ka juragan?ʼ
6. Jawabna, ʼMinyak jetun saratus tong.ʼ Ceuk manehna, ʼTah diuk, tulis dina ieu surat hutang: lima puluh.ʼ
7. Geus kitu nanya ka nu saurang deui, ʼSabaraha hutang teh?ʼ Jawabna, ʼTarigu sarebu karung.ʼ Ceuk eta pagawe, ʼTulis dina ieu surat hutang: dalapan ratus.ʼ
8. Dununganana jadi muji kana kapinteran akalna eta pagawe anu teu jujur teh; kawantu jelema-jelema anu kapangaruhan ku dunya mah ngatur urusanana teh memang leuwih pinter ti batan jelema-jelema anu hirupna satuhu.”
9. ”Ku sabab kitu,” saur Yesus deui, ”harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng.
10. Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede.
11. Jadi, lamun maraneh geus teu jujur ngurus harta banda sipat lahir, kumaha rek bisa dipercaya ngurus harta sajati anu sipatna rohani?
12. Lamun maraneh teu jujur kana barang batur, barang milik maraneh sorangan oge saha anu rek daekeun nyerenkeun ka maraneh?
13. Moal aya jelema anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab ka nu saurang bakal geuleuh, ka nu saurang deui bakal nyaah; ka nu saurang bakal satia ka nu saurang deui bakal nyabodokeun. Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.”
14. Barang urang Parisi ngadarenge pilahir Yesus kitu tuluy nyeungseurikeun, kawantu maranehna mah jelema-jelema piduit wungkul.
15. Yesus ngalahir ka maranehna, ”Aranjeun teh katembongna ku batur mah jelema-jelema bener. Tapi Allah mah tingalieun kana eusi hate aranjeun. Anu matak, anu ku jelema dianggap luhur teh di payuneun Allah mah taya hargana.
16. Hukum Musa jeung tulisan-tulisan kasauran nabi-nabi teh lakuna nepi ka semet jaman Yohanes Jurubaptis. Ti semet harita terus nyebar Injil Kasalametan hal Karajaan Allah, jalma-jalma maraksa harayang asup jadi umat-Na.
17. Tapi leuwih gampang musna langit jeung bumi, ti batan ngabatalkeun sanajan bagian pangleutikna tina Hukum Allah.
18. Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin ka awewe sejen, eta lalaki teh jinah; kitu deui lalaki anu ngawin awewe anu geus diserahkeun, eta oge lalaki teh jinah.”
19. ”Aya hiji jelema beunghar, papakeanana bangsa anu pangmarahalna, saban poe hirupna royal.
20. Aya deui hiji jelema, ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok, sok diuk gigireun panto jelema beunghar tea,
21. bari ngarep-ngarep aya sesemplekan roti anu murag tina meja makanna, jang ngeusi beuteungna nu lapar. Borokna dilaletakan ku anjing.
22. Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur.
23. Satengahing keur ngararasakeun kanyeri anu pohara di dunyana anu paraeh, manehna tanggah, beh ti kajauhan nenjo Ibrahim, jeung Lasarus anu diuk digedengeunana.
24. Tuluy manehna gegeroan, ʼAma Ibrahim! Sing hawatos ka abdi, Lasarus sina ka dieu, sina nyelupkeun ramona saeutik kana cai keur ngabaseuhan letah abdi supados rada tiis. Abdi teu tahan dina ieu seuneu, liwat saking nyerina.ʼ
25. Waler Ibrahim, ʼIh anaking, sing inget, hidep mah waktu keur hirup keneh geus meunang anu aralus, ari Lasarus mah anu garoreng. Ayeuna Lasarus kari senangna di dieu, hidep kari sangsarana di dinya.
26. Jeung deui ti dieu ka dinya teh aya jungkrang jero pisan, mustahil beunang dipeuntasan; nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.ʼ
27. Walon nu beunghar, ʼAma, upami kitu mah atuh Lasarus piwarang ka rorompok pun bapa bae,
28. reh abdi gaduh dulur limaan, sina dipepelingan supados maranehna mah ulah dugi ka tigebrus ka ieu tempat siksaan.ʼ
29. Waler Ibrahim, ʼMaranehna geus mareunang pepeling tina Kitab Musa jeung Nabi-nabi, keun sina nurutkeun pepeling tina eta kitab-kitab.ʼ
30. Walonna deui, ʼKu eta wungkul mah henteu cekap, Ama Ibrahim! Upami didongkapan ku anu hirup deui tinu maot mah tangtos maranehna tarobat.ʼ
31. Tapi waler Ibrahim, ʼAri geus teu narurut kana pepeling Musa jeung nabi-nabi mah, masih didatangan ku nu geus paeh oge moal ngagugu.ʼ ”