A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 21

Hakim 7:1-25
1. Dina hiji poe, isuk-isuk Gidion sabaladna geus tarapti, tuluy masang kemah di sumber cai Harod. Ari urang Midian pakemahanana di hiji lebak kalereunana, di Pasir More.
2. Dawuhan PANGERAN ka Gidion, ”Balad teh loba teuing. Kami moal nyelehkeun urang Midian ka maranehna. Bisi pajarkeun elehna teh ku maranehanana sorangan, ari Kami teu disebut-sebut.
3. Embarkeun kieu, ʼAnu ngarasa miris meunang balik, sesana baris tetep di dieu, di Gunung Gilad.ʼ ” Nu baralik aya dua puluh dua rebu urang, nu kari ngan sapuluh rebu urang.
4. Dawuhan PANGERAN ka Gidion, ”Sakitu ge masih keneh loba teuing. Bawa ka cai, ku Kami rek dipilih di dinya nu baris tetep jeung maneh. Upama ceuk Kami tah nu eta meunang milu, meunang milu. Upama ceuk Kami teu meunang milu, teu meunang.”
5. Gidion nyandak baladna ka cai. PANGERAN ngadawuh, ”Anu ngarinumna diletak ku letah kawas anjing, pisahkeun ti nu ngarinumna bari dareku.”
6. Aya tilu ratus urang anu nyedok cai ku dampal leungeunna terus diletakan; anu sejenna mah ngarinumna bari dareku.
7. Dawuhan PANGERAN, ”Eta nu tilu ratus urang, anu ngarinumna diletak, ku Kami rek sina mantuan maneh pikeun ngelehkeun urang Midian. Nu sejenna sina baralik.”
8. Maranehanana ku Gidion dipiwarang baralik, kajaba anu tilu ratus urang. Ari bekelna jeung tarompetna ti nu baralik tea dicokot. Di lebakeunana pakemahan urang Midian.
9. Peutingna PANGERAN nimbalan ka Gidion, ”Geura pek rurug pakemahan musuh. Ku Kami rek diselehkeun ka maneh.
10. Bisi maneh hamham keneh, jig turun ka ditu jeung badega maneh si Pura.
11. Engke ku maneh kadenge kumaha omong-omonganana, tangtu wawanen maneh timbul geusan ngarurug.” Ti dinya Gidion mudun jeung Pura, badegana, ka sisi pakemahan musuh.
12. Urang Midian, urang Amalek, jeung suku-suku bangsa gurun keusik, mani ngabarak saluluar lebak lir simeut lobana, nya kitu deui ontana, lobana lir keusik di basisir.
13. Barang sumping, Gidion ngadangu aya nu keur nyaritakeun impianana ka baturna, pokna, ”Leuh kuring ngimpi, aya roti gandum ngagorolong ka lebah urang, jedak neunggar hiji kemah, bru kemahna rubuh mani rata jeung taneuh.”
14. Jawab baturna, ”Moal salah eta teh pedang Gidion bin Yoas urang Israil! Moal salah deui! Urang Midian jeung urang sarerea tangtu eleh, diselehkeun ka manehna ku PANGERAN!”
15. Ngadangu anu nyaritakeun impian kitu jeung pihartieunana, brek Gidion tapak deku, sembah bakti ka Allah. Tuluy mulih ka pangkalan Israil. Geus kitu saurna, ”Geura sadia. Balad Midian tan wande diselehkeun ku PANGERAN ka aranjeun!”
16. Seug balad teh ku anjeunna dibagi tilu bagian, tiap perjurit mawa tarompet jeung kendi wadah obor.
17. Saurna deui, ”Upama kami geus aya di tungtung pangkalan itu, awaskeun tuluy sapeta-peta kami tiru.
18. Upama gundukan kami niup tarompet, tembalan ku tarompet maraneh ti sakurilingeun pakemahan musuh, tuluy surak, ʼDemi PANGERAN jeung demi Gidion!ʼ ”
19. Memeh tengah peuting Gidion jeung saratus jalmana geus narepi ka sisi pakemahan musuh, meneran anu jaga di dinya kakara cikeneh digilir. Maranehna tuluy bareng nariup tarompet jeung mareupeuskeun kendi-kendi bawana tea.
20. Diturutan ku nu dua bagian deui. Obor-obor dicangking ku leungeun kenca, leungeun katuhu nyangking tarompet, ger surak, ”Pedang demi PANGERAN jeung demi Gidion!”
21. Tiap perjurit nangtungna di tempat masing-masing sakurilingeun pakemahan musuhna. Musuh pating gurubug lalumpatan teu paruguh bari pating gorowok.
22. Sabot balad Gidion nariup tarompet, musuh ku PANGERAN disina silih babad pada baturna ku pedang. Tuluy maranehna kalabur nepi ka Bet Sita, tebeh Sartan, jeung nepi ka kota Abel Mehola deukeut Tabat.
23. Gancang urang Israil ti kaom Naptali, kaom Aser jeung dua kaom Menase dikeprak sina ngarudag urang Midian.
24. Jeung deui Gidion terus ngutus jelema sina ngider ka sakuliah daerah pagunungan Epraim nguwaran kieu, ”Geura tarurun! Pegat urang Midian! Piheulaan ka Walungan Yordan jeung ka sumber-sumber cai nepi ka Bet Bara. Pegat urang Midian ulah nepi ka mareuntas.” Urang Epraim kabeh dikeprak, tuluy maregat di Walungan Yordan jeung sumber-sumber cai nepi ka Bet Bara.
25. Maranehna bisa newak dua gegedug Midian, ngaranna Oreb jeung Seeb. Geus kitu Oreb dipaehan di Cadas Oreb, ari Seeb dipaehan di Pameresan Anggur Seeb. Ti dinya maju deui ngudag urang Midian. Sirah Oreb jeung Seeb dibawa sarta diserenkeun ka Gidion anu geus aya di Yordan peuntas wetan.

Hakim 8:1-35
1. Geus kitu urang Epraim ngaromong ka Gidion, ”Anjeun merangan urang Midian ku naon teu ngajak-ngajak? Asa teungteuingeun pisan anjeun ka kuring teh!” Maranehanana kacida ngarasa tugenahna.
2. Ari saur Gidion, ”Eta beubeunangan kuring, lamun dibandingkeun jeung beubeunangan aranjeun nu enggeus-enggeus, teu aya pisan hartina. Anu geus dipigawe ku aranjeun kaom Epraim, sanajan nu pangleutikna oge, leuwih gede hargana ti batan anu ayeuna dilakonan ku kaom kuring, kaom Abieser.
3. Turug-turug ku berkahna kakawasaan Allah, aranjeun geus hasil niwaskeun dua gegedug Midian, Oreb jeung Seeb. Dibandingkeun jeung eta, beubeunangan kuring mah naon hartina?” Dijawab kitu mah lemper napsuna urang Epraim teh.
4. Gidion jeung tilu ratus baladna geus nepi ka Walungan Yordan, geus mareuntas. Kacida carapeeunana teh, tapi terus bae ngudag musuh.
5. Barang narepi ka desa Sukot, Gidion misaur ka urang dinya, ”Cik ieu balad kuring bere dahar saeutik mah, geus lalungseeun. Mangkaning keur ngudag Raja Sebah jeung Raja Salmuna, rajana urang Midian.”
6. Kapala-kapala urang Sukot ngajawab, ”Naha make kudu dibere dahar sagala? Nu diudagna oge, Sebah jeung Salmuna acan katewak.”
7. Waler Gidion, ”Kitu, kitu! Engke, ana Sebah jeung Salmuna geus diselehkeun ka kami ku PANGERAN, aranjeun rek dibabukan ku cucuk jeung pulus meunang ngala ti gurun keusik!”
8. Gidion kebat maju ka Penuel. Ka urang dinya oge anjeunna mundut kitu cara ka urang Sukot. Tapi jawabanana oge sarua jeung urang Sukot.
9. Ku sabab kitu saur Gidion ka maranehanana, ”Lamun kami engke mulang deui kalawan sehat sarta salamet, eta munara maraneh engke ku kami rek dirugrugkeun!”
10. Sebah jeung Salmuna sabaladna araya di Karkor. Baladna, suku-suku bangsa gurun keusik tea ngan kari 15.000 urang deui; 120.000 serdaduna geus tiwas.
11. Gidion majuna nyandak jalan anu malipid ka gurun keusik, wetaneun Nobah jeung Yogbeha. Der balad musuh teh didodoho, ditarajang.
12. Dua rajana, Sebah jeung Salmuna kabur, tapi terus diudag sarta beunang ditawan, baladna paburisat.
13. Waktu Gidion mulih jurit, nyandak jalan anu ka Heres,
14. anjeunna nangkep hiji budak ngora urang Sukot lajeng dipariksa. Seug eta budak ngora teh nuliskeun sakabeh ngaran kapala urang Sukot. Kabehna aya tujuh puluh tujuh urang.
15. Ti dinya Gidion sumping ka Sukot, sarta kieu saurna ka urang dinya, ”Maraneh kamari ieu nolak pamenta kami. Aringet keneh? Ceuk maraneh, balad kami anu geus lalungse teh teu perlu dibere dahar, dumeh Sebah jeung Salmuna acan katewak. Tah ieu Sebah jeung Salmuna!”
16. Ti dinya anjeunna nyandak cucuk jeung pulus anu ti gurun keusik tea, dianggo ngababukan kapala-kapala urang Sukot.
17. Kitu deui munara anu di Penuel tea ku anjeunna dirugrugkeun, sarta sakabeh lalaki urang dinya ditumpes.
18. Gidion mariksa ka Sebah jeung Salmuna, ”Kumaha perkara jelema-jelema anu ku maraneh dipaehan di Tabor?” Jawabna, ”Rupana sarua jeung anjeun, ulatna ulat anak raja.”
19. Saur Gidion, ”Eta teh dulur-dulur kami, dulur-dulur saindung. Lamun heug ku maraneh teu dipaehan mah kami sumpah, maraneh oge ku kami moal nepi ka dipaehan.”
20. Geus kitu anjeunna miwarang Yeter, putrana anu cikal, saurna, ”Paehan ku hidep eta dua raja teh!” Tapi putrana henteu terus nyabut pedang. Asa-asa, kawantu murangkalih keneh.
21. Ari ceuk Sebah jeung Salmuna ka Gidion, ”Atuh ku anjeun bae sorangan kuring teh paehan. Da eta mah pagawean kolot.” Tuluy maranehanana ku Gidion dipaehan. Ari perhiasan-perhiasanana anu disimpen dina beuheung ontana ku Gidion dirampas.
22. Geus kitu urang Israil mihatur ka Gidion, ”Anjeun bae atuh nyepeng pamarentahan, anjeun saturun tumurun. Anjeun parantos ngabebaskeun kuring ti urang Midian.”
23. Waler Gidion, ”Kuring teu hayang jadi pamingpin. Anak kuring oge moal daekeun. PANGERAN bae pamingpin aranjeun mah.”
24. Tapi saurna deui, ”Tapi aya sarupa pamenta kuring, nya eta anting-anting beunang aranjeun ngajarah tea.” (Urang Midian memang mararake anting emas, sakumaha galibna bangsa-bangsa gurun keusik lianna.)
25. Ceuk maranehanana, ”Mangga seja kasanggakeun, suka lilah pisan.” Bar maranehanana ngamparkeun sagebar lawon, tuluy anting-anting jarahan teh diteundeunan ka dinya.
26. Beuratna anting-anting anu katampa ku Gidion meh dua puluh kilogram, jaba perhiasan-perhiasan, kongkorong, jeung jubah wungu urut raja Midian kitu deui kongkorong-kongkorong onta.
27. Eta emas ku Gidion didamel arca sesembahan, dipernahkeunana di desana, di Opra. Ti dinya urang Israil mungkur ti Allah tuluy nyembah ka eta arca. Gidion sakulawargina jadi kasasabkeun ku eta arca.
28. Urang Midian geus eleh ku urang Israil, geus teu mangrupa deui ancaman. Ti dinya tanah teh kerta opat puluh taun lilana, nepi ka Gidion pupus.
29. Gidion geus mulih ka desana, tetep tumetep calikna di dinya.
30. Putrana aya tujuh puluh, kawantu geureuhana loba.
31. Di Sekem ge aya selirna saurang. Ti eta selir kagungan putra hiji, jenenganana Abimelek.
32. Gidion putra Yoas pupus dina yuswa kacida sepuhna, dikurebkeunana di makam Yoas ramana, di Opra, desa kaom Abieser.
33. Sanggeus Gidion pupus, urang Israil henteu satia deui ka Allah, ngabarakti ka Baal-baal. Maranehna nyieun Baal ngaranna Baal Berit, eta anu ku maranehna dipiallah.
34. Maranehna geus tara ngabakti deui ka PANGERAN Allahna, anu ngabelaan maranehna ti sakabeh musuh di sakurilingeunana.
35. Jeung taya pisan rasa tumarimana ka kulawarga Gidion, najan anjeunna sakitu bumelana ka urang Israil.

Mazmur 49:10-20
10. moal cukup pikeun luput tina kubur, sangkan hirup sapapanjangna.
11. Sabab geus teu matak bireuk, jalma bijaksana ge sarua jeung nu bodo jeung nu biko, hilang ti dunya ninggalkeun hartana ka turunanana.
12. Kuburanana teh enggonna salalanggengna; di dinya ngancikna sapapanjangna najan keur hirupna mah bogaeun tanah sorangan.
13. Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.
14. Pek awaskeun, kumaha jadina jalma-jalma anu arumangkeuh ku dirina, kumaha jadina nasib jalma anu umangkeuh ku kabeungharanana.
15. Geus ditakdirkeun kudu maot, teu beda ti domba, bakal diangon ku ajal. Maranehna eleh ku anu hirupna bener, mayit-mayitna gancang buruk di alam paeh, jauh ti imah urut matuhna.
16. Ari kaula mah ku Allah baris dijait, baris diluputkeun tina kakawasaan ajal.
17. Ulah kaget nenjo batur jadi beunghar, masing batur beuki tambah beunghar oge.
18. Da ari geus paeh mah hartana moal kabawa, kabeungharana moal nuturkeun ka jero kubur.
19. Sanajan keur hirupna sugema, sarta pada muji-muji pinter usaha,
20. pasti nyusul ajal karuhunna, di nu poek saendeng-endeng.

Amsal 14:22-24
22. Mun urang migawe hade, baris dihormat jeung dipercaya. Pohara kaliruna migawe nu goreng mah.
23. Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.
24. Jalma bijaksana dipuji ku kabijaksanaanana, jalma gejul kaceluk ku kagejulanana.

Lukas 15:11-32
11. Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua.
12. Anu bungsu nyarita ka bapana, ʼBapa, harta bagian abdi teh bade disuhunkeun ayeuna bae.ʼ Bapana ngagugu, tuluy kakayaanana dibagikeun ka anak-anakna.
13. Heuleut sawatara poe nu bungsu ngajualan warisan bagianana, duitna dibawa indit ka nagri anu jauh, dipake roroyalan sakarep-karep.
14. Sanggeus duitna beak, eta nagri katarajang bahla kalaparan; hirupna si bungsu geus muluntu.
15. Tuluy manehna buburuh ka hiji jalma urang dinya, dititah ka tegal ngajaga bagong.
16. Manehna kacida lapareunana nepi ka kabita hayang ngeusian beuteung ku parab bagong, tapi teu aya anu mere dahareun naon-naon.
17. Kakara manehna eling, hatena ngalengis, ʼDi bapa mah dahareun kuli-kuli ge datang ka leuwih, ari aing di dieu nepi ka meh paeh kalaparan!
18. Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa.
19. Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ
20. Sanggeus mikir kitu bral indit rek balik ka bapana. Jauh-jauh keneh bapana geus nenjoeun, hatena ngahelas liwat saking tuluy muru, gabrug ngarangkul jeung ngagalentoran.
21. ʼBapa,ʼ ceuk anakna, ʼabdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. Parantos teu pantes diangken deui putra.ʼ
22. Tapi bapana anggur nyalukan bujang-bujangna. ʼGeuwat!ʼ carekna. ʼBawa ka dieu pakean anu pangalusna, pakekeun ka ieu anak kami. Pakekeun ali kana ramona, tarumpahan sukuna.
23. Peuncit sapi anu panglintuhna, urang pesta suka-suka!
24. Sabab ieu anak kami anu geus paeh ayeuna hirup deui, leungit kapanggih deui.ʼ Ti dinya tuluy bae pesta.
25. Ari nu cikal harita keur di tegal. Dina waktu keur balik, sanggeus deukeut ka imah, ngadenge sora tatabeuhan jeung nenjo anu keur ngarigel.
26. Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun, ʼAya naon di imah?ʼ
27. Ceuk bujang, ʼTuang rayi sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna, reh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.ʼ
28. Si cikal ambek terus pundung embungeun ka imah. Ku bapana diteang terus dicombo, diolo sina balik.
29. Tapi tembalna ka bapana, ʼAbdi baranggawe di Bapa parantos mangtaun-taun sapertos kuli bae, parentah Bapa teu aya anu dipungpang. Parantos kenging naon ti Bapa? Teu dipaparin embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan sareng babaturan.
30. Ari eta, putra Bapa anu nembe sumping tas ngawur-ngawur harta banda Bapa ka awewe balangor, ku Bapa mani dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna!ʼ
31. Walon bapana, ʼAnaking! Ujang mah kapan salawasna oge jeung Bapa bae. Jeung deui banda Bapa nya banda hidep keneh.
32. Pantes lamun urang ayeuna sukan-sukan suka bungah, sabab adi ujang anu sasatna geus paeh ayeuna hirup deui, leungit datang deui.ʼ ”