A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 13

Yosua 15:1-63
1. Tanah bagian kulawarga-kulawarga kaom Yuda ieu wawatesanana: Daerahna kebat ka tungtung tanah gurun Sin pangkidulna, wates tanah Edom.
2. Ieu wates kidul, mimitina ti tungtung kidul Laut Paeh,
3. ti Akrabim ngidul ka tanah Sin, terus ka Kades Barnea kidul, ngaliwatan Hesron, terus nanjak ka Adar, mengkol ka Karka,
4. terus ka Asmon mapay-mapay anak walungan wawatesan Mesir, bras ka Laut Tengah, anggeus. Eta wates tanah Yuda ti beulah kidul, anu oge jadi wates beulah kidul sakumna nagri Israil.
5. Wates ti wetan nya eta Laut Paeh, mapay jalan nepi ka muara Walungan Yordan. Ari wates kaler, mimitina ti ieu muara
6. nanjak ka Bet Hogla, terus ngaler mapay tonggong gunung tonggoheun Lebak Yordan. Ti dieu terus nanjak ka Cadas Bohan. (Bohan teh anakna Rubin.)
7. Ti Lebak Akor (hartina Lebak Sangsara) nanjak ka Debir, mengkol ngaler ka Gilgal lebah anu paeunteung-eunteung jeung tanjakan Adumim, landeuh sisi kidulna. Terusna ka cinyusu En Semes, kaluar ka En Rogel,
8. nanjak liwat Lebak Hinom sisi pasir beulah kidul, urut kota Yerusalem, kota urang Yebus. Wates dieu terus nanjak ka puncak pasir kuloneun Lebak Hinom, tungtung kaler Lebak Repaim.
9. Ti dinya terus ka cinyusu Neptoa, bras ka kota-kota deukeut Gunung Epron. Lebah dinya mengkol ka Baala (anu katelah Kiryat Yarim),
10. tuluy muteran Baala beulah kulon, laju ka kota pagunungan Edom, malipid ka sisi Gunung Yarim (atawa Kesalon) beulah kaler, mudun ka Bet Semes, terus ngaliwatan Timna.
11. Ti dinya watesna kaluar ka pasir kalereun Ekron, mengkol ka Sikron, ngaliwatan Gunung Baala, terus ka Yabnel, kebat ka Laut Tengah,
12. di dieu beak wates kulon. Di jero wewengkon ieu maratuhna kulawarga-kulawarga kaom Yuda teh.
13. Aya daerah Yuda sabagian anu ku Yosua diselehkeun ka Kaleb bin Yepune kaom Yuda, numutkeun timbalan PANGERAN, nya eta tanah Hebron, kota bogana Arba karuhun urang Enak.
14. Turunan Enak, nya eta kaom Sesai, kaom Ahiman jeung kaom Talmai, ku Kaleb diusir ti dinya.
15. Sanggeus ngusir eta, terus ngarurug ka pribumi anu di Debir. Ngaran Debir tadina Kiryat Seper.
16. Ceuk Kaleb, ”Anu bisa ngarebut Kiryat Seper, rek dikawinkeun ka anak Bapa, Nyi Aksa.”
17. Ari anu bisa ngarebutna nya eta anakna Kenas dulur Kaleb keneh, ngaranna Otniel, tuluy dikawinkeun ka Nyi Aksa.
18. Dina poean nikahna, Nyi Aksa ku Otniel diolo-olo sina menta lahan ka bapana. Nyi Aksa turun tina tonggong kalde, ku Kaleb ditanya kahayangna.
19. Jawabna, ”Hoyong gaduh tanah nu aya sumber caina, da tanah anu ku Bapa dipaparinkeun ti payun mah tanah garing.” Ku Kaleb ditedunan, dibere lahan beulah girang jeung beulah hilir anu aya sumber caina.
20. Ieu tanah milik warga-warga kaom Yuda.
21. Kota-kota milik maranehna anu di tungtung kidul, anu dareukeut ka wates tanah Edom, nya eta: Kabsel, Eder, Yagur,
22. Kina, Dimona, Adada,
23. Kedes, Hasor, Yitnan,
24. Sip, Telem, Balot,
25. Hasor Hadata, Keriot Hesron (atawa Hasor),
26. Amam, Sema, Molada,
27. Hasar Gada, Hesmon, Bet Pelet,
28. Hasar Sual, Bersyeba, Bisotia,
29. Baala, Iyim, Esem,
30. Eltolad, Kesil, Horma,
31. Siklag, Madmana, Sansana,
32. Lebaot, Silhim, Ain jeung Rimon. Jumlahna dua puluh salapan kota katut desa-desa sakurilingeunana.
33. Kota-kota anu di suku gunung, nya eta: Estaol, Sora, Asna,
34. Sanoa, En Ganim, Tapua, Enam,
35. Yarmut, Adulam, Soko, Aseka,
36. Saaraim, Aditaim, Gedera jeung Gederotaim; jumlahna opat belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.
37. Oge: Senan, Hadasa, Migdal Gad,
38. Dilan, Mispa, Yoktel,
39. Lakis, Boskat, Eglon,
40. Kabon, Lahmam, Kitlis,
41. Gederot, Bet Dagon, Naama jeung Makeda; jumlahna genep belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.
42. Oge: Libna, Eter, Asan,
43. Yiptah, Asna, Nesib,
44. Kehila, Aksib jeung Maresa; jumlahna salapan kota katut desa-desa sakurilingeunana.
45. Ekron katut desa-desa jeung lembur-lemburna,
46. jeung sakabeh kota katut desa-desana deukeut Asdod, ti Ekron nepi ka basisir Laut Tengah.
47. Asdod jeung Gasa, katut desa-desa jeung lembur-lemburna, kebat tepi ka anak walungan wates Mesir jeung basisir Laut Tengah.
48. Kota-kota pagununganana: Samir, Yatir, Soko,
49. Dana, Kiryat Seper (atawa Debir),
50. Anab, Estemoa, Anim,
51. Gosen, Holon jeung Gilo; jumlahna sawelas kota katut desa-desa sakurilingeunana.
52. Oge: Arab, Duma, Esan,
53. Yanim, Bet Tapua, Apeka,
54. Humta, Hebron jeung Sior; salapan kota katut desa-desa sakurilingeunana.
55. Oge: Maon, Karmel, Sip, Yuta,
56. Yisrel, Yokdam, Sanoah,
57. Kain, Gibea jeung Timna; sapuluh kota katut desa-desa sakurilingeunana.
58. Oge: Halhul, Bet Sur, Gedor,
59. Maarat, Bet Anot jeung Eltekon; genep kota katut desa-desa sakurilingeunana.
60. Oge: Kiryat Baal (atawa Kiryat Yarim) jeung Raba; dua kota katut desa-desa sakurilingeunana.
61. Kota-kota anu di gurun keusik nya eta: Bet Araba, Midin, Sekaka,
62. Nibsan, Kota Uyah jeung En Gedi; genep kota katut desa-desa sakurilingeunana.
63. Tapi urang Yebus mah anu maratuh di Yerusalem ku urang Yuda henteu bisa disingkahkeun. Nepi ka ayeuna oge urang Yebus mah araraya bae reujeung urang Yuda.

Yosua 16:1-10
1. Tanah anu dibikeun jadi milik turunan Yusup, wates beulah kidul mimiti ti Walungan Yordan deukeut Yeriho, wetaneun sumber-sumber cai kota Yeriho, terus asup ka gurun keusik. Ti Yeriho nanjak ka pagunungan nepi ka Betel.
2. Ti Betel maju ka Lus, terus ka daerah Atarot Adar, daerahna urang Arki.
3. Terus ngulon ka wewengkon urang Yaplet, nepi ka wewengkon Bet Horon Hilir, terus ka Geser, anggeus di sisi Laut Tengah.
4. Sakitu tanah anu dimilikkeun ka turunan Yusup, nya eta kulawarga-kulawarga kaom Epraim jeung kulawarga-kulawarga kaom Menase.
5. Anu kaungel ieu nya eta wates tanah anu diselehkeun ka kulawarga-kulawarga kaom Epraim. Di beulah wetan watesna mimiti ti Atarot Adar nepi ka Bet Horon Girang,
6. ti dinya kebat ka Laut Tengah. Di kalereunana nya eta Miktat. Di beulah wetanna garis watesna mengkol ka lebah Taanat Silo, terus ngaliwatan eta ti beulah wetanna maju ka Yanoa.
7. Ti Yanoa eta wates teh mudun ka Atarot jeung Naharat, terus mapay Yeriho nepi ka Walungan Yordan.
8. Di beulah kulon, wates tanah Epraim mimiti ti Tapua nepi ka anak Walungan Kana, nepi ka Laut Tengah. Eta tanah anu diselehkeun ka kulawarga-kulawarga kaom Epraim teh, sangkan jadi milikna,
9. kaasup sababaraha kota leutik jeung desa-desa anu aya di jero wilayah kaom Menase.
10. Tapi urang Kanaan anu maratuh di Geser ku maranehna henteu disingkahkeun. Nepi ka kiwari urang Kanaan anu di dinya mah harirupna teh campur jeung urang Epraim, tapi disina garawe paksa kawas abid.

Mazmur 45:1-5
1. Jabur golongan Korah. Lagu kaasih. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Kembang bakung.
2. Kecap-kecap nu arendah minuhan hate, waktu kaula ngadangding ieu lagu pikeun raja. Lir penah hiji bujangga ahli, letah kaula seja ngucapkeun saʼir.
3. Di antawis manusa, Jeng Raja pangkasepna, tur perceka ahli sasauran, salamina dihujanan berkah ku Allah.
4. Soren pedang Gusti, nun raja digjaya, Gusti agung sareng mulya.
5. Majeng, cangking kaagungan, rebut kaunggulan, geusan ngabela kayaktian sareng kaadilan! Kadigjayaan Gusti baris ngarebut kaunggulan rongkah.

Amsal 14:4-5
4. Mun euweuh sato keur narik wuluku, leuit teh bakal kosong. Mun aya mah tangtu pinuh.
5. Saksi anu beunang dipercaya, nu dicaritakeunana teh tangtu bener. Saksi palsu mah pangakuanana bohong kabeh.

Lukas 11:29-54
29. Jelema-jelema araya keneh. Yesus ngalahir deui, saur-Na, ”Ku jarahat jelema-jelema jaman ayeuna! Maranehna marenta kaajaiban. Tapi taya deui kaajaiban anu rek ditembongkeun salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.
30. Sabab sakumaha Nabi Yunus jadi tanda ka urang Ninewe, Putra Manusa oge jadi tanda pikeun jelema-jelema jaman ayeuna.
31. Dina Poe Kiamat Ratu nagri Syeba bakal nunjuk ngadakwa ka jelema-jelema anu harirup jaman ayeuna. Sabab eta ratu geus merlukeun sumping ka Raja Suleman seja ngadangukeun ujar-ujarna anu wijaksana, dibelaan angkat sakitu jauhna. Ayeuna di dieu, Kami ngabejaan, aya anu leuwih punjul ti batan Raja Suleman.
32. Dina Poe Kiamat jalma-jalma urang Ninewe bakal nunjuk ngadakwa ka aranjeun, sabab urang Ninewe mah sanggeus ngadarenge panggeuing Nabi Yunus teh terus tarobat. Sing percaya: Di dieu aya anu leuwih luhur ti batan Nabi Yunus!”
33. ”Moal aya anu nyeungeut lampu terus disumputkeun atawa dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina sina katenjo caangna ku nu arasup ka jero imah.
34. Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak caang mabra; sabalikna lamun panon surem, sakujur awak tangtu poek.
35. Ku sabab kitu sing ati-ati, caang nu aya di maraneh ulah nepi ka jadi poek.
36. Sabab lamun sakujur awak caang mabra taya anu poek, tangtu caang kabeh cara anu kasorot ku cahaya lampu.”
37. Tutup Yesus sasauran, Anjeunna diangkir tuang ku hiji urang Parisi. Anjeunna sumping, terus linggih tuang.
38. Eta urang Parisi teh heraneun dumeh Yesus henteu ngumbah heula panangan.
39. Pok Anjeunna ngalahir ka manehanana, saur-Na, ”Kieu: Aranjeun, urang Parisi, ibarat cangkir jeung piring anu diberesihan luarna bae, ari beulah jerona diantep pinuh ku kabengisan jeung kajahatan.
40. Aranjeun bodo! Allah ngayakeun beulah luar teh lain jeung beulah jerona oge?
41. Supaya cangkir jeung piring aranjeun beresih luar jerona sakumaha ceuk agama, sidekahkeun eusina ka nu mariskin.
42. Cilaka aranjeun, urang Parisi! Ari mere perpuluhan ka Allah gumati, nepi ka surawung, daun kasimukan jeung lalab-lalaban lianna oge dibikeun perpuluhanana. Tapi ingkar tina kaadilan jeung taya kanyaah ka Allah. Padahal nya sipat adil jeung nyaah ka Allah anu kudu dibuktikeun teh, bari henteu campoleh kana perkara sejenna.
43. Cilaka aranjeun, urang Parisi! Di imah-imah ibadah milih tempat nu pangutamana, di pasar-pasar menta disalaman jeung dipikaajrih.
44. Cilaka aranjeun! Aranjeun teh lir kuburan teu make tetenger, pada narincakan lantaran sugan teh lain kuburan.”
45. ”Pa Guru,” ceuk hiji guru agama, ”golongan sim kuring milu kahina ku ucapan Pa Guru!”
46. Waler Yesus, ”Aranjeun oge cilaka, guru-guru agama! Taktak batur dibegbregan leuwih ti misti, aranjeun sorangan teu ngutekkeun ramo-ramo acan keur ngenteng-ngenteng kabeurat batur.
47. Cilaka aranjeun! Kuburan nabi-nabi ku aranjeun dialus-alus, nabi-nabi anu diparaehan ku karuhun aranjeun tea!
48. Eta teh tandaning ngaku satuju kana kajahatan karuhun aranjeun ka nabi-nabi. Karuhun aranjeun anu maehanana, aranjeun anu nyieun kuburanana.
49. Paingan aya sabda Kawijaksanaan Allah kieu, ʼKami rek ngirimkeun nabi-nabi jeung utusan-utusan, sawareh bakal diparaehan, sawareh deui bakal dikaniaya.ʼ
50. Ku sabab eta, jelema-jelema nu hirup di jaman ayeuna bakal disiksa ku tina kajahatanana; ti barang dunya mimiti diadegkeun maranehna geus prak maehan nabi-nabi,
51. mimiti ti semet Habil nepi ka waktu maehan Jakaria anu dirogahala di antara altar jeung Tempat Suci. Sing percaya, jelema-jelema jaman ayeuna teh tangtu meunang siksaan tina sagala kalakuanana!
52. Cilaka aranjeun, guru-guru agama! Konci paragi muka panto kanyaho dikekewek, ari heug aranjeun sorangan embung asup, batur nu rek arasup dihalang-halang!”
53. Sanggeus Yesus angkat ti dinya, teu kira-kira pada ngagogorengna ku urang Parisi jeung guru-guru agama. Anjeunna diteregteg ku rupa-rupa sual.
54. Nu dipalar ku maranehna sangkan Yesus sasaurana-Na salah.