A A A A A

Yesaya 43:1-28
1. Eh Israil, PANGERAN anu ngajadikeun maneh, nimbalan, ”Ulah sieun, maneh ku Kami tangtu dijait. Maneh ku Kami disebut ngaran, sabab maneh teh kagungan Kami.
2. Mun maneh meuntasan cai jero, ku Kami tangtu diaping, maneh moal titeuleum ku kasukeran. Nyorang seuneu moal tutung, nyorang bahla moal cilaka.
3. Sabab Kami, PANGERAN Allah maneh, Allah Israil nu suci, bakal nyalametkeun. Pikeun nyalametkeun diri maneh, Kami rek ngorbankeun Mesir, rek ngorbankeun Sudan jeung Seba.
4. Kami tega ngorbankeun bangsa-bangsa, asal maneh katulungan. Sabab maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami, sarta ku Kami dibere kamulyaan.
5. Ulah sieun, aya Kami! Bangsa maneh ku Kami rek disina mulang ti tungtung wetan jeung ti tungtung kulon.
6. Urang kaler rek dititah ngajurung mulang, urang kidul moal disina ngahalang-halang. Umat Kami kudu mulang ti nu jarauh, ti unggal babagian dunya.
7. Israil teh kagungan Kami. Kami ngajadikeun Israil teh supaya Kami dimulyakeun.”
8. Timbalan Allah: ”Jogokeun umat Kami di pangadilan. Maranehna enya ge boga mata tapi teu narenjo, careulian tapi teu ngadarenge!
9. Jogokeun bangsa-bangsa, ku Kami rek diuji! Mana brahala-brahalana anu magar bisaeun norah pikahareupeun? Anu mana anu geus nyahoeun ti memehna perkara nu jadi ayeuna? Datangkeun eta brahala-brahala teh pikeun saksi maranehna. Sina nyaksikeun yen maranehna bener, sina ngaenyakeun pangakuanana.
10. Ari pikeun saksi Kami nya maraneh, urang Israil. Maraneh geus dihaja dipilih sangkan ngabdi ka Kami, sangkan nyaraho jeung palercaya ka Kami, sangkan yakin yen Kami teh Allah tunggal. Allah teh ngan Kami sorangan, euweuh deui, boh baheula, boh engke.
11. Ngan Kami bae PANGERAN teh, hiji-hijina anu iasa nyalametkeun ka maraneh.
12. Kami geus ngawejangkeun anu bakal pijadieun. Ayeuna Kami datang rek nulungan maraneh. Moal aya allah sejen anu bisaeun kitu. Maraneh saksina, saksi Kami.
13. Kami teh Allah, salalawasna Kami Allah. Moal aya anu luput tina kakawasaan Kami, moal aya anu bisa ngarobah pangersa Kami.”
14. PANGERAN, Allah Israil nu suci, anu nyalametkeun maraneh, nimbalan, ”Kami rek nginditkeun balad nempuh Babul, pikeun ngabebaskeun maraneh. Gapura-gapura Babul rek dirubuh-rubuhkeun, surakna rek dirobah, sina careurik.
15. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh nu suci. Kami teh anu ngajadikeun maraneh, eh Israil! Kami teh Raja maraneh.”
16. Baheula PANGERAN geus ngadamel jalan nerus laut, nerus cai nu pagulung-gulung.
17. Hiji balad anu rosa, pasukan kuda jeung kareta, ku Mantenna dicandak ka dinya, sina cilaka. Kabeh titeuleum teu mumbul deui, tingkerebek paraeh lir lilin pareum.
18. Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah lengket kana kajadian nu baheula, ulah napel kana kajadian nu geus kaliwat.
19. Mending awaskeun nu anyar, anu rek dipidamel ku Kami, tereh bukti, bisa katenjo ayeuna keneh! Kami rek nyieun jalan di tanah gurun, jeung ngadamel susukan-susukan pikeun maraneh.
20. Sato-sato alas ge bakal hormat ka Kami. Ajag jeung manuk onta bakal muji ka Kami, mun eta susukan-susukan geus cur-cor di tengah gurun keusik, keur kaperluan umat pilihan Kami.
21. Maranehna dijadikeun teh keur Kami pribadi, maranehna kudu nyoarakeun pamuji ka Kami!”
22. PANGERAN nimbalan, ”Tapi maraneh geus bosen ka Kami, eh Israil! Maraneh geus henteu ngabakti.
23. Tara mere domba kurban beuleuman, tara mere deui pangbakti tanda hormat ka Kami. Kami teu ngabeuratkeun ka maraneh ku menta kurban-kurban, teu nyapekeun menta kukus seuseungitan.
24. Maraneh tara mareuli seuseungitan jang Kami, tara mere deui gajih sato maraneh. Sabalikna malah Kami anu dibeungbeuratan ku dosa-dosa maraneh, anu dicapekeun ku kasalahan-kasalahan maraneh.
25. Najan kitu Kami teh Allah anu daek ngahampura dosa-dosa maraneh, sabab kitu sipat Kami. Dosa maraneh ku Kami moal diinget-inget.
26. Hayu urang ka pangadilan, pek geura ngadakwa! Bela perkara maraneh, buktikeun yen maraneh bener teh!
27. Karuhun maraneh geus dosa ka Kami, kitu keneh pamingpin-pamingpin maraneh,
28. sarta pangereh-pangereh maraneh geus ngarurujit tempat Kami anu suci. Eta sababna Israil ku Kami disina ruksak; Kami ngantep umat Kami pribadi dihina.”

Yesaya 44:1-28
1. Timbalan PANGERAN, ”Darengekeun eh Israil, abdi Kami, turunan Yakub, umat kapilih!
2. Kami teh PANGERAN, anu ngagelarkeun maneh. Ti barang maneh dijurukeun, ku Kami geus ditulungan. Ulah sieun, maneh abdi Kami, umat pilihan Kami anu dipikanyaah.
3. Tanah tuhur ku Kami bakal diguyur, nu kagaringan rek digolontoran ku walungan-walungan. Roh Kami rek dikocorkeun ka anak-anak maneh, sarta berkah Kami pikeun turunan maneh.
4. Maranehna bakal marulus, tumuwuh lir jukut teu kurang cai, ibarat tatangkalan sisi susukan.
5. Jalma-jalma ka pada baturna bakal ngakukeun maneh, ʼKuring kagungan PANGERAN.ʼ Bakal daratang ngahiji jeung urang Israil. Unggal jalma ngukir jenengan PANGERAN dina leungeunna, jeung nyarebut maneh umat Allah.”
6. PANGERAN anu marentah jeung ngaraksa Israil, Nu Maha Kawasa geus nimbalan kieu, ”Kami teh anu mimiti, anu ahir, hiji-hijina Allah. Taya deui Allah jaba ti Kami.
7. Saha anu bisa nyieun anu dipidamel ku Kami? Saha anu bisa ngawejangkeun nu tacan datang, anu nyaho ti mimiti aya waktu, nepi ka ahir jaman?
8. Umat Kami ulah sieun! Maraneh nyaho, sagala kajadian ti baheula nepi ka poe ieu pisan, ku Kami geus diwejangkeun ti heula. Naha enya aya Allah sejen teh? Maraneh saksina. Naha enya aya Allah sejen teh? Naha aya deui Allah anu kawasa, anu Kami can uninga?”
9. Jalma-jalma nu nyieun brahala teh taya gunana. Arca-arca anu dipupunjungna teh taya hargana. Anu nyarembah ka brahala teh estuning lolong taya kanyaho, engke tangtu bakal arera.
10. Lain kalakuan hade nyieun arca logam tuluy disembah dianggap Allah.
11. Sakur anu nyembah ka nu kitu bakal meunang era. Jalma anu nyieun eta arca teh manusa biasa, taya leuwihna. Sina bareng ka darieu, rek diuji, moal teu sarieuneun jeung areraeun.
12. Tukang beusi nyieunna arca tina beusi, dibeuleum, diteupa, diteunggeulan ku palu sataker tanaga, tuluy direka sina mangrupa, migawena nepi ka poho nginum-nginum acan, poho kacape.
13. Tukang kayu nyieunna tina kayu, digambar heula ku kapur tuluy direka diukir make pahat, dirupakeun jelema, dijieun lalaki kasep, teundeuneun di imahna.
14. Kayuna aya kiputri, aya jati, atawa jamuju, nuar ti leuweung, atawa ngahaja melak tangkal salam bari ngarep-ngarep hujan, ambeh salamna tereh jadi.
15. Eta tangkal, sabagian dijieun suluh, sabagian deui dijieun arca. Jadi, anu sabagian diduruk dipake siduru jeung meuleum roti, anu sabagian deui dijieun arca, tuluy disembah.
16. Kayu teh sabagian dibeuleum dipake manggang lauk, laukna dihakan nepi ka seubeuh. Bari siduru jelemana ngomong, ”Genah, haneut, alus seuneuna!”
17. Sabagian dijieun arca, geus anggeus nu nyieunna tuluy sujud ka eta arca bari ngomong, ”Nun Dewa pupujan, kula tulungan!”
18. Jalma kitu ku bawaning bodo nepi ka teu nyaho kana kabodoan sorangan. Panonna nutup, pikiranana oge nutup, teu nyaho naon nu bener.
19. Tukang nyarieun arca teh bodona katotoloyoh, nepi ka teu boga pikir kieu: ”Ieu kayu, sawareh ku aing dibeuleum; aing meuleum roti jeung manggang laukna dina ruhakna, tuluy didahar. Sesa ieu kayu ku aing dijieun arca. Ana kitu aing teh nyembah ka kayu sapotong!”
20. Kawas nyatu lebu bae nepi ka teu bisa mikir. Pikiranana anu gejul teh kacida nyasabkeunana ka dirina, geus hamo katulungan deui, nepi ka teu nyahoeun yen arca anu disembah-sembah ku manehna teh sama-sakali lain Allah.
21. PANGERAN nimbalan, ”Eh Israil! Inget, maneh teh abdi Kami. Kami ngajadikeun maneh teh sangkan jadi abdi Kami, sarta Kami moal poho ka maneh.
22. Dosa maneh ku Kami geus disapu, sirna lir mega. Geura balik ka Kami. Ieu Kami anu nyalametkeun maneh.”
23. Eh langit geura surak! Eh jungkrang-jungkrang jero, geura surak! Gunung-gunung jeung kakayon leuweung, geura senggak! PANGERAN geus mintonkeun kamulyaana-Na, ku jalan nyalametkeun umat-Na, Israil.
24. ”Kami PANGERAN, jurusalamet maraneh. Nya Kami anu ngajadikeun maraneh. Kami teh PANGERAN, nu nyiptakeun saniskara. Nya Kami anu ngabeberkeun cakrawala. Kami ngajadikeun bumi teu dibantu ku sasaha.
25. Kami ngagelokeun tukang-tukang torah, ngaburungkeun tujuman ahli-ahli bentang, nyerongkeun pituah para bujangga, ngabuktikeun yen hikmah maranehna sarua jeung kabodoan.
26. Tapi upama anu ngawejangna teh umat Kami, nya eta utusan anu nganyatakeun sagala pangersa Kami, piwejangna tangtu laksana, sarta pangersa Kami tinangtu nyata. Ka Yerusalem Kami geus nimbalan, yen rahayatna tangtu maratuh deui di dinya, kitu deui ka kota-kota di Yuda, yen bisa diadegkeun deui engke ku maranehna, mecenghul tina ruruntukna.
27. Ku timbalan Kami sakecap, laut saat.
28. Kami nimbalan ka Kores, ʼNya maneh nu kudu jadi wakil Kami, nyekel parentah. Kudu ngajalankeun pangersa Kami. Parentahkeun: Yerusalem kudu diadegkeun deui, pademen Bait Kami pasang deui.ʼ ”

Mazmur 110:1-7
1. Jabur Daud. PANGERAN ngadawuh kieu ka raja gusti kaula: ”Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep.”
2. PANGERAN ti Sion bakal ngalegakeun karajaan Jeng Gusti, dawuhana-Na, ”Geura ereh musuh-musuh hidep.”
3. Dina dintenan Gusti merangan musuh, rahayat baris maju sukarela. Lir ibun turun enjing-enjing para taruna baris darongkap ka Gusti di pasir suci.
4. PANGERAN jangji nganggo sumpah tur hamo dicabut deui, ”Hidep baris jadi imam salalanggengna, sakumaha Melkisidik.”
5. PANGERAN aya di tengeneun Jeng Gusti, ana Mantenna bendu, raja-raja pasti areleh.
6. Mantenna baris ngahukum bangsa-bangsa, medan perang bakal disina pinuh ku mayit, raja-raja sakuliah bumi baris dielehkeun.
7. Sang raja bakal ngaleueut ti susukan sisi jalan, kakiatanana pulih deui, bakal terus unggul.

Amsal 26:5-9
5. Pananya anu mahiwal, jawab ku nu mahiwal deui. Ku nu nanyana bakal karasaeun yen geuning dirina teh henteu pinter sakumaha panyangkana.
6. Mihapekeun beja ka nu gejul, sarua jeung neukteuk suku sorangan, nu repot sorangan keneh.
7. Saperti nu lumpuh ngagunakeun sukuna, nya kitu keneh lamun nu gejul ngucapkeun siloka.
8. Mere hormat ka nu gejul, sarua bae jeung nalikeun batu kana bandring.
9. Mun anu burung nyutat ucapan nu munel, moal beda ti nu mabok rek nyabut cucuk tina leungeunna.

Galatia 4:1-31
1. Tapi urang teruskeun kieu: Hiji anak lalaki anu bakal narima kakayaan bapana, sapanjang can sawawa mah hakna disaruakeun jeung badega, sanajan saenyana mah boga sagala rupa.
2. Sapanjang can sawawa, aya jelema-jelema anu ngajaga dirina jeung ngurus sagala kapentingan manehna, nepi ka waktu anu geus ditangtukeun ku bapana.
3. Urang oge kitu, samemeh rohani urang sawawa mah jaradi keneh badegana roh-roh ieu dunya.
4. Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama,
5. pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku Hukum Agama, supaya bisa ditarima jadi putra-putra Allah.
6. Pikeun bukti yen aranjeun putra-putra Allah, Allah ngutus Roh Putra-Na ka jero hate aranjeun, nya eta Roh anu nyambat ka Allah, ”Ama, nun Ama!”
7. Jadi aranjeun geus lain badega deui, geus jaradi putra, sarta ku Allah bakal dipaparin sagala rupa kagungana-Na.
8. Keur waktu tacan tarerang ka Allah, aranjeun ngawula teh ka kakawasaan anu dianggap allah, padahal enyana mah lain Allah.
9. Ari geus tarerang ka Allah — atawa: Allah anu kenal ka aranjeun — ku naon rek baralik ngawula deui ka roh-roh ieu dunya anu teu aya dayana? Naha make daek dijadikeun badega ku roh-roh ieu dunya?
10. Make aya poe, bulan, musim, jeung taun, anu ku aranjeun dipupusti dipestakeun.
11. Hariwang sim kuring mah, sieun pagawean meunang hese cape pikeun aranjeun teh mubadir!
12. Cik aranjeun teh sing cara sim kuring ka aranjeun. Ari ka sim kuring mah aranjeun teu aya salah naon-naon.
13. Meureun aringet keneh kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.
14. Harita, sakitu kaayaan badan sim kuring kacida ngarepotkeunana ka aranjeun, aranjeun teu geuleuh, teu nitah nyingkah, malah narima ka sim kuring cara ka malaikat ti sawarga, malah cara ka Kristus Yesus,
15. bari jeung asa meunang nugraha! Tapi kumaha ayeuna? Harita mah ceuk wiwilanganana, kajeun kudu nyokel panon sorangan pikeun kaperluan sim kuring, aranjeun mo burung iklas.
16. Ayeuna pedah sim kuring tadi ngutik-ngutik, naha aranjeun moal nganggap musuh ka sim kuring?
17. Dulur-dulur! Jelema-jelema anu siga gede perhatianana ka aranjeun teh tekadna goreng, rek misahkeun aranjeun ti sim kuring, sina tamplok ka maranehanana.
18. Gede perhatian memang alus ari pikeun tujuan hade mah, jeung kudu tetep kitu, ulah ngan ari keur aya sim kuring bae.
19. Anaking! Sapanjang sipat-sipat Kristus tacan jadi sipat-sipat aranjeun, sim kuring kacida ngarasa paurna, mani asa nyeri cara nyeri awewe nu ngajuru.
20. Nataku hayangna sim kuring teh aya di aranjeun ayeuna, supaya bisa nembongkeun budi sejen ka aranjeun. Kacida melangna sim kuring ka aranjeun teh!
21. Sim kuring arek nanya ka sakur anu harayang dibawah ku Hukum Agama Yahudi: Aranjeun can ngadarenge naon anu disebutkeun ku eta Hukum?
22. Eta Hukum nyebutkeun, yen Ibrahim kagungan dua putra pameget, hiji ti istri asal badega, hiji deui ti istri asal merdeka.
23. Putra ti istri asal badega dilahirkeunana sakumaha ilaharna. Ari putra ti istri anu merdeka, dilahirkeunana teh pikeun bukti tina jangji Allah.
24. Ieu bisa dijieun ibarat: Eta dua istri teh ngibaratkeun dua rupa perjangjian Allah. Nu saurang nya eta Hajar, anu asalna ti Gunung Sinai, anu anak-anakna jaradi badega,
25. ngibaratkeun perjangjian anu di Gunung Sinai, di nagri Arab, jeung ngupamakeun kota Yerusalem ayeuna jeung sakabeh rahayatna anu jaradi budak.
26. Istri nu saurang deui anu merdeka, ngibaratkeun Yerusalem sawarga, ibu urang.
27. Sabab ceuk Kitab Suci, ”Eh istri gabug! Masing bungah! Eh nu tacan ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah! Sabab istri anu ditinggalkeun ku salakina teh bakal leuwih loba anakna, ti batan anu terus direujeungan ku salakina.”
28. Dulur-dulur! Aranjeun oge putra-putra Allah, anu lahir ku karana jangji Allah, saperti Ishak.
29. Jaman harita, anak anu dilahirkeunana sakumaha ilaharna teh nganiaya ka anu dilahirkeunana ku karana pangersa Roh Allah. Jaman ayeuna oge kawas kitu.
30. Tapi kumaha ceuk Kitab Suci? Kieu, ”Singkirkeun eta badega awewe teh jeung anakna, sabab anak ti manehna mah moal dijieun ahli waris cara anak ti awewe anu merdeka.”
31. Jadi dulur-dulur! Urang teh lain anak ti awewe asal badega, tapi turunan ti awewe merdeka.