A A A A A

Ester 3:1-15
1. Hiji mangsa Raja Ahasweros ngangkat hiji perdana mentri, jenenganana Haman, putra Hamedata bangsa Agag.
2. Raja marentahkeun, sakabeh pajabat-pajabat karaton kudu mendek jeung nyembah ka Haman. Sarerea nurut, kajaba ti Mordekai.
3. Abdi-abdi karaton anu sejenna naranyakeun ka anjeunna ku naon baha kana eta timbalan raja.
4. Unggal poe maranehna ngomongan supaya Mordekai daek nurut, tapi ku Mordekai teu diwaro. Saurna, ”Sim kuring bangsa Yahudi, mustahil nyembah ka Haman.” Lila-lila mah diarunjukkeun ka Haman, panasaran kumaha baris katarimana eta peta Mordekai teh.
5. Barang Haman sidik yen Mordekai teu daek nyembah sarta mendek ka anjeunna, manahna mani ngentab.
6. Komo sanggeus uningaeun yen Mordekai urang Yahudi mah, geus hoyong bek bae maehan. Tapi raraosanana asa cumah ari ngan maehan Mordekai wungkul mah. Ku sabab kitu anjeunna milari jalan sangkan bisa numpes saayana urang Yahudi nu aya di sakarajaan Persia.
7. Dina bulan Nisan, nya eta bulan anu mimiti, nincak kadua belas taunna pamarentahan Ahasweros, Haman miwarang ngalung dadu, anu ku urang dinya disebut ”Purim”, rek milari wanci nu mustari, poe jeung bulan geusan ngajalankeun maksadna. Katimu, piwaktueunana teh tanggal tilu belas, bulan Adar, bulan anu kadua belas.
8. Haman unjukan ka raja, ”Di sakuliah karajaan Sang Raja, di unggal-unggal propinsi, nyebar hiji bangsa. Adat istiadatna benten ti rahayat umumna. Malah aya langkungna, embung tunduk kana undang-undang karajaan. Tangtos moal pisaeeun upami ku Sang Raja diantep.
9. Madak sapuk, Sang Raja sae ngaluarkeun parentah supados eta bangsa ditumpurkeun. Saparantos ieu hal beres dijalankeun, abdi gusti nanggel tiasa nyetorkeun 375 ton perak kana kas karajaan, kanggo kaperluan pamarentahan nagara.”
10. Raja ngalaan lelepen, paranti ngecap jeung ngesahkeun surat parentah, diserenkeun ka Haman putra Hamedata bangsa Agag, musuh urang Yahudi tea.
11. Sang raja nimbalan, ”Eta bangsa, kitu deui duitna, jadi milik maneh. Rek dikitu rek dikieu, kumaha karep maneh.”
12. Dina tanggal tilu belas bulan kahiji, Haman nyaur para juruserat raja, ngadiktekeun serat parentah, sakalian jeung nyalinna kana basa-basa jeung tulisan anu diparake di sakuliah karajaan, pikeun kapala-kapala pamarentahan, gupernur-gupernur, bupati-bupati. Dikaluarkeunana kalawan asmana Raja Ahasweros, beunang ngecap ku lelepen raja.
13. Eta surat parentah diiangkeun ka unggal propinsi di sakuliah karajaan, dibarawa ku jelema-jelema tukang lumpat. Unina: Dina tanggal tilu belas bulan Adar, sakabeh urang Yahudi, nu ngora, nu kolot, awewena, barudakna kudu diparaehan, kudu tumpur di jero sapoe. Paehan kabeh, tong aya rasa karunya, sarta harta bandana rampas.
14. Eta parentah di unggal propinsi kudu diembarkeun ka rahayat, supaya dina waktuna kabeh geus sayaga.
15. Kalawan parentah raja, eta embaran teh diumumkeun di ibukota Susan. Tukang-tukang lumpat geus tingsalemprung mawa eta maklumat ka propinsi-propinsi. Ari Haman, sajeroning kota Susan guyur ibur, raos-raos calik ngaleueut jeung raja.

Ester 4:1-17
1. Barang Mordekai uninga, anjeunna nepi ka nyosoek anggoan, teras disalin ku anggoan tina karung, sarta ngawurkeun lebu kana mastaka. Tuluy angkat di jero kota bari nangis tarik awahing ku nalangsa
2. nepi ka lawang karaton. Anjeunna teu terus lebet, sabab anu make pakean tina karung mah euweuh anu diidinan asup.
3. Ari urang Yahudi di propinsi-propinsi anu geus meunang eta sebaran ti raja pating jarerit. Tuluy paruasa dibarung ku ceurik jeung midangdam, loba nu tuluy marake pakean tina karung, malah ngaredengna oge ngagaloler bae dina kekebul.
4. Barang Ester diwartosan hal Mordekai kitu ku dayang jeung gandek-gandek, pohara tagiwurna. Geuwat Mordekai dikintunan pisalin sina gentos ulah nganggo baju karung. Tapi ku Mordekai teu ditampa.
5. Ester nyaur mantri Hatah, anu ku sang raja dibakukeun ngaladenan prameswari. Ku Ester dijurung nemonan Mordekai, sangkan nalengteng ku naon nu matak kikituan.
6. Mantri Hatah kaluar nemonan Mordekai di alun-alun hareupeun lawang karaton.
7. Sakumaha anu kajadian ku Mordekai dicarioskeun, kitu deui gedena duit anu ku Haman dijangjikeun baris disetorkeun kana kas karajaan, saupama sakabeh urang Yahudi geus diberesan.
8. Surat parentah ngagempur oge diumumkeun di Susan, salinanana diserenkeun ka mantri Hatah, bari mundut tulung sangkan diteruskeun ka Ester. Amanatna supaya Ester ngadeuheus ka raja, nyuhunkeun citeresna mugi raja aya sih piwelas ka bangsa Yahudi.
9. Pamundutna ku mantri Hatah ditepikeun.
10. Ti dinya Ester ngintun wartos kieu ka Mordekai,
11. ”Mugi uninga, jalma anu lebet ka karaton seja ngadeuheus ka raja kalayan taya panyaur, boh lalaki boh awewe, hukumanana mung sarupi, nya dipaehan. Ieu parantos jadi undang-undang, sarta sadayana kawit ti mantri dugi ka rahayat biasa parantos tarerang. Teu aya anu tiasa sumingkir tina ieu undang-undang, kajabi upami sang raja nyodorkeun teteken emas, eta jalma moal kantos dipaehan. Dupi abdi parantos sasasih henteu disaur-saur.”
12. Sanggeus eta kasauran Ester ditepikeun ka Mordekai,
13. anjeunna ngintun waleran kieu, ”Nyai ulah nyangka baris langkung aman ti dulur-dulur urang anu lianna dumeh aya di karaton raja.
14. Sanajan upamina, dina kaayaan sakieu bahayana Nyai raos-raos bae, pitulung mah moal teu dongkap ti langit. Bangsa Yahudi tangtos katulungan, sawangsulna Nyai mah baris tiwas, kitu deui wargi-wargi ti rama baris mendak poe panungtungan. Ngan ceuk emutan, boa nu matak Nyai nepi ka jadi Ratu oge nya keur jadi cukang pisalameteun tina bahaya kawas ayeuna!”
15. Ester ngintun deui waleran,
16. ”Enggal tepangan sadaya urang Yahudi anu araya di Susan. Wartoskeun kedah paruasa muasaan abdi. Ulah dalahar nginum salebet tilu dinten siang wengi. Abdi oge sareng dayang-dayang sadaya tangtos puasa. Saparantos eta abdi bade ngadeuheus ka raja, sanaos baris ngalanggar undang-undang. Saupami abdi dugi ka tiwas, abdi iklas kabina-bina.”
17. Bral Mordekai angkat, ngajalankeun sagala pamundut Ester.

Mazmur 89:46-52
46. Mangsa anomna ku Gusti disinggetkeun, dipopokan ku kahinaan.
47. Na Gusti teh bade teras nyumput bae? Bade dugi ka iraha Gusti bendu ngagugudug?
48. Mugi diemut, umur abdi teh kacida pondokna. Mugi diemut, manusa teh ku Gusti dijadikeun mahluk pana.
49. Saha pijalmieunana anu moal keuna ku ajal, anu tiasa ngejat tina alam kubur?
50. Nun PANGERAN, mana tanda kanyaah Gusti anu kapungkur teh? Mana jangji-jangji Gusti ka Daud teh?
51. Ulah lali, abdi Gusti sakieu diasorkeunana, nandangan panghina bangsa-bangsa deungeun.
52. Nun PANGERAN, raja pilihan Gusti teh dihina ku musuh-musuh Gusti! Mios ka mana ge teu weleh dinistakeun.

Amsal 22:7-8
7. Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.
8. Lamun melak kacurangan, bahla pijadieunana, eureun nindes ka batur ge.

Roma 3:1-31
1. Jadi naon leuwihna urang Yahudi ti anu sejen? Atawa ari sunat aya paedahna?
2. Puguh bae aya, loba! Pangpangna kapan urang Yahudi teh ku Allah dititipan pangandika-Na.
3. Tapi upama sabagian maranehanana henteu tigin, naha Allah oge bakal kitu?
4. Moal! Najan kabeh jelema bohong, Allah mah tetep tigin. Ceuk Kitab Suci, ”Samangsa maneh ngomong, kudu saenya-enyana, sangkan meunang samangsa maneh diuji.”
5. Tapi upama kalakuan urang anu goreng teh malah matak leuwih netelakeun kaadilan Allah, kumaha? Naha bisa ceuk urang, atuh ari kitu mah teu adil Allah ngahukum kagorengan urang teh? (Pananya kieu di manusa mah lumrah.)
6. Lain teu adil! Ari teu adil mah iasa kumaha Mantenna nerapkeun kaadilan ka ieu dunya?
7. Tapi upama sim kuring teu bener, tapi matak leuwih nganyatakeun agungna kaadilan Allah, naha eta dosa sim kuring teh tetep bakal disalahkeun?
8. Ku naon teu ngomong kieu, ”Hayu urang goreng kalakuan ngarah bijil anu hade.” Memang aya jelema-jelema anu ngagorengkeun sim kuring, majarkeun sim kuring memang kungsi ngomong kitu. Eta jelema-jelema pantes lamun dihukum.
9. Anu matak, urang jadi urang Yahudi teh naon leuwihna ti anu sejen? Taya leuwihna naon-naon. Ku sim kuring geus disebutkeun yen boh urang Yahudi boh nu lain, kabeh oge sarua papada dikungkung ku dosa.
10. Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Saurang ge taya nu bener,
11. saurang ge taya nu bijaksana, taya pisan nu nyembah ka Allah.
12. Kabeh geus jarauh ti Allah, kabeh geus salasar; taya nu hade lampahna, teu saurang-urang acan!
13. Omonganana pinuh ku tipu daya ngandung bahla, nu luncat tina letahna bohong jeung jahat, biwirna murakeun pibahlaeun lir peurah oray.
14. Omonganana wungkul nyumpahan.
15. Gampang teuteunggeul, gampang maehan.
16. Ka mana bae inditna ngan nimbulkeun karuksakan.
17. Geus teu nyarahoeun kana jalan karahayuan,
18. jeung teu dialajar hormat ka Allah.”
19. Ayeuna geus tetela, yen sakur anu dituliskeun dina Hukum Musa teh pikeun jelema-jelema anu kabawah ku hukum eta. Jadi moal aya jelema anu bisa ekol, saalam dunya pasti dijagragkeun ka pangadilan Allah.
20. Sabab di payuneun Allah mah saurang oge moal aya anu dibenerkeun dumeh geus nedunan Hukum Agama. Sabab eta mah maksudna keur mere terang yen manusa teh geus dosa.
21. Tapi ayeuna mah Allah geus maparin pituduh, kumaha jalanna supaya manusa bisa diangken bener deui ku Mantenna. Ari jalanna teu aya patalina jeung Hukum Agama. Hukum Musa kitu deui nabi-nabi netelakeun kitu.
22. Allah kersa ngangken manusa bener deui teh lamun manusa anut ka Yesus Kristus. Allah kersaeun kitu teh pikeun sakabeh anu percaya ka Kristus, lantaran manusa mah teu aya bedana;
23. kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.
24. Jadi pang manusa bisa diangken bener deui ku Allah teh estu ngan ku karana rahmat Mantenna, ku jalan manusa teh dibebaskeun heula ku Kristus.
25. Yesus ku Allah didamel kurban, supaya ku karana pupus-Na, manusa bisa dinyatakeun bebas tina dosa jeung dihampura, asal percaya ka Anjeunna. Ku jalan kieu Allah teh kersa-Na rek mintonkeun sipat adil-Na. Di jaman-jaman anu geus kaliwat, dosa manusa teh ku Allah disabaran bae henteu dihukum.
26. Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna netelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha anu percaya ka Yesus.
27. Jadi urang rek bisa agul kumaha, da taya agulkeuneunana! Naha? Pedah nurut kana Hukum Agama? Lain pedah kitu, tapi ku lantaran urang percaya.
28. Jadi kieu: Jelema bisa diangken bener deui ku Allah teh ngan ku jalan percaya, lain ku karana nekanan Hukum Musa.
29. Naha Allah teh ngan pikeun urang Yahudi bae? Lain Allah teh Allahna bangsa-bangsa sejen oge? Puguh bae!
30. Sabab Allah teh ngan hiji. Urang Yahudi ku Mantenna diangken bener deui teh ku karana kapercayaanana. Sarua kitu keneh bangsa-bangsa sejen oge.
31. Naha ku lantaran urang percaya teh hartina miceun Hukum Musa? Henteu, henteu! Sabalikna malah ngajungjung Hukum Musa.