A A A A A

2 Samuel 7:1-29
1. Raja Daud calikna geus di karaton. Ku PANGERAN diraksa diaping ti sakabeh musuh.
2. Anjeunna ngalahir ka Nabi Natan, ”Tingali, kaula parantos cicing di karaton tina kai kiputri, ari Peti Perjangjian PANGERAN ngan di jero kemah.”
3. Saur Nabi Natan, ”Atuh mangga pidamel kumaha kersa, da putra teh disarengan ku PANGERAN.”
4. Tapi dina peutingna PANGERAN nimbalan ka Nabi Natan, dawuhana-Na,
5. ”Bejakeun ieu pangandika ka Daud abdi Kami, kieu, ’Lain maneh jelemana anu kudu mangnyieunkeun gedong pikeun Kami teh.
6. Kapan Kami teh, ti barang ngajait umat Kami Israil ti Mesir oge, nepi ka kiwari cicing teh lain di gedong! Salila apruk-aprukan cicing teh di kemah.
7. Jeung sapanjang reureujeungan jeung urang Israil, ka para pamingpinna anu beunang Kami ngangkat, Kami teu menta dipangnyieunkeun gedong tina kai kiputri.’
8. Mana pangbejakeun ku maneh ka abdi Kami Daud, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ’Maneh teh dipulung ku Kami ti tegal, tina asal tukang ngajaga domba diangkat jadi raja nyangking umat Kami Israil.
9. Indit ka ditu indit ka dieu, maneh ku Kami diaping-aping. Unggal maneh indit perang, musuh maneh ku Kami dielehkeun. Maneh ku Kami rek dijieun kamashur cara jelema-jelema anu kasohor di dunya.
10. Sarta umat Kami Israil ku Kami geus disadiakeun tempat, geus mararatuh di dinya jeung moal aya anu neungteuinganan deui. Enggeus sering maranehna ditarajang ku bangsa-bangsa anu barengis, ti saprak arasup ka ieu tanah. Tapi ti semet ayeuna mah moal deui. Kami jangji, maneh rek dijamugakeun, diraksa ti sakabeh musuh, jeung dibere turunan.
11. ***
12. Di mana maneh mulang ti dunya ngahiji jeung karuhun, aya anak maneh saurang anu ku Kami rek dijieun raja, sarta karajaanana rek dikersakeun nanjung.
13. Nya anak maneh anu eta, anu bakal mangnyieunkeun gedong pikeun Kami teh, sarta turunanana moal aya kandegna, terus ngadeg moal pegat-pegat.
14. Ari Kami pijadieun Ramana, ari manehna bakal jadi putra Kami. Lamun manehna kapareng nyieun lampah salah tanwande ku Kami dihukum, sakumaha anak dipeperih ku bapana.
15. Parandene kitu pangdeudeul mah ti Kami moal aya eureunna, moal dipegatkeun cara ka Saul anu ku Kami geus digulingkeun, supaya maneh jadi raja gantina.
16. Turunan maneh moal aya pegatna, karajaan maneh bakal langgeng. Ti turunan maneh salawasna bakal aya anu jadi raja.’ ”
17. Eta pangandika PANGERAN ku Nabi Natan diwartoskeun ka Daud.
18. Ti dinya Raja Daud lebet ka Kemah PANGERAN, brek mando tuluy neneda, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, sayaktosna abdi saeusi rorompok henteu layak nampi sugri pangasih Gusti.
19. Kari-kari ku Gusti bade dipidamel langkung ti kitu, nun PANGERAN Nu Maha Agung; Gusti parantos maparin jangji hal turunan abdi dina mangsa nu baris dongkap. Tur hal ieu teh ku Gusti parantos ditembongkeun ka abdi, hiji manusa, nun PANGERAN Nu Maha Agung!
20. Naon deui atuh anu ku abdi tiasa disanggemkeun ka Gusti? Gusti uninga kana sagala kaayaan abdi.
21. Eta sagala perkawis anu aragung, anu parantos diuningakeun ti payun ka diri abdi, estu parantos kitu pangersa sareng tujuan Gusti.
22. Gusti teh estu agung, nun PANGERAN Nu Maha Agung! Teu aya sasami-Na! Ti kapungkur keneh abdi sadaya terang, mung Gusti anu jumeneng Allah.
23. Di dunya teu aya bangsa anu sapertos bangsa Israil, anu ku Gusti dijait tina harkat badega batur lajeng diangkat jadi umat kagungan. Sugri padamelan Gusti anu sakitu araheng sareng aragungna, parantos kagurnita ka saalam dunya. Ti wangkid dijait ti Mesir sareng dijadikeun umat kagungan Gusti, ana maranehna maju, bangsa-bangsa sanes katut allah-allahna ku Gusti disina nyalingkir.
24. Urang Israil ku Gusti didamel jadi milik kagungan Gusti salalanggengna, sareng nya Gusti, nun PANGERAN, anu jumeneng Allah maranehna.
25. Dupi ayeuna, nun GUSTI Allah, sugri jangji Gusti perkawis diri abdi sareng turunan, kitu deui sugri perkawis anu parantos diandikakeun tea, mugi-mugi diyaktoskeun.
26. Kalayan pajenengan Gusti mugi pada ngagungkeun sareng teu petot-petot disarebat ku jalmi-jalmi, ’PANGERAN Nu Maha Kawasa jumeneng Allah di Israil!’ Sareng mugi Gusti kersa ngalanggengkeun karajaan turunan abdi.
27. Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, abdi kumawantun ngunjukkeun ieu panuhun ka payuneun Gusti, reh eta sugri perkawis ku Gusti parantos diwartoskeun ka abdi, gandek Gusti, sareng ku Gusti parantos ditimbalkeun yen turunan abdi bakal jarumeneng raja.
28. Saleresna pisan Gusti teh Allah, nun PANGERAN Nu Maha Agung! Gusti tangtos moal udar jangji. Pangandika Gusti sipat satuhu. Gusti parantos ngajangjikeun eta sagala perkawis ka diri abdi.
29. Mugi berkahan turunan abdi, sing tetep tumetep aya dina aub sih kurnia Gusti. Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti parantos jangji kitu, abdi percanten rahmat berkah Gusti moal pegat-pegat ka turunan abdi salalanggengna.”

2 Samuel 8:1-18
1. Hiji mangsa Raja Daud merangan deui urang Pelisti, sarta ku anjeunna ditalukkeun, nepi ka eta bangsa teu bisaeun deui sakama-kama ka tanah Israil.
2. Geus kitu anjeunna nalukkeun urang Moab. Jelema-jelemana dibaroyong jeung dipanjara, sina ngararingkuk dina taneuh, sarta saban-saban ti tilu urang, anu dua dipaehan. Satuluyna urang Moab jadi bangsa patalukan anjeunna, diwajibkeun mayar upeti.
3. Sanggeus eta anjeunna ngelehkeun Raja Hadad Eser bin Rehob ti Soba, hiji nagara ti tanah Siria, waktu eta raja keur di satengahing jalan rek nanjeurkeun deui kakawasaanana di wewengkon Walungan Eprat girang.
4. Baladna anu beunang ku Daud sarebu tujuh ratus anu tarumpak kuda, jeung dua puluh rebu serdadu leumpang. Ari kudana ku anjeunna dirampas sacukupna keur narik saratus kareta perang, sesana kabeh dicacadan.
5. Urang Siria ti Damsik ngirimkeun bala bantuan arek nulungan ka Raja Hadad Eser. Tapi eta oge dielehkeun, sarta baladna anu tiwas kasambut ku anjeunna aya dua puluh dua rebu urang.
6. Daud nempatkeun pakemahan-pakemahan militer di wewengkon maranehna, sarta maranehna jadi patalukan anjeunna, dikeunaan upeti. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul bae.
7. Daud ngarampas kepeng-kepeng emas anu diparake ku para gegeden Hadad Eser, dicandak ka Yerusalem.
8. Ti Betah jeung ti Berotai, dua nagara anu dirajaan ku Raja Hadad Eser, anjeunna nyandak parunggu loba pisan.
9. Perkara elehna Hadad Eser sabaladna, kadangu ku Raja Toi ti Hamat.
10. Eta raja tuluy ngutus Yoram putrana ngintun salam ka Daud, ngawilujengkeun ka anjeunna geus iasa ngelehkeun Hadad Eser, sabab Hadad Eser sering pisan merangan ka anjeunna. Sajaba ti kitu Yoram nyanggakeun barang tina emas, perak jeung parunggu.
11. Eta barang-barang ku Daud disucikeun pikeun paranti babakti ka PANGERAN, dihijikeun jeung emas perak kengingna ngajabel ti bangsa-bangsa anu dielehkeun ku anjeunna, nya eta ti:
12. Edom, Moab, Amon, Pelisti, jeung Amalek. Barang-barang anu dirampas ti Hadad Eser oge dihijikeun jeung eta.
13. Sanggeus ngelehkeun urang Edom di Lebak Uyah nepi ka dalapan belas rebu balad Edom anu tiwas, Daud beuki kamashur bae.
14. Di sakuliah tanah Edom anjeunna nempatkeun pakemahan-pakemahan militer. Urang Edom jadi patalukan anjeunna. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul.
15. Daud ngereh sakuliah tanah Israil, sarta anjeunna kacida ngajagina supaya iasa adil palamarta ka rahayat.
16. Ari panglima perangna Yoab putra ibu Seruya. Papatihna Yosapat bin Ahilud.
17. Imamna Sadok bin Ahitub jeung Ahimelek bin Abyatar. Paniterana Seraya.
18. Kapetenganana Benaya bin Yoyada. Putra-putra Daud jaradi imam.

Mazmur 64:1-10
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
2. Nun Allah, dangukeun paneda abdi anu keur kasesahan! Abdi teh sieun musuh. Salametkeun nyawa abdi.
3. Amankeun abdi ti nu garaduh niat jahat, tina amarah para jahanam.
4. Maranehna ngasah letahna seukeut kawas pedang, mesat-mesatkeun omonganana anu garihal lir jamparing.
5. Maranehna karesit nyebarkeun bohong, taya kaera, nyilakakeun jalmi anu balener ku carana anu kecing.
6. Maranehna silih hatean ngararancang kajahatanana. Silih bejaan di mana neundeun pitapakna. Aromongna, ”Buni, moal kaciri.”
7. Maranehna nyarieun picilakaeun batur, sarta kieu aromongna, ”Alus, sampurna ieu rarancang urang teh.” Hate jeung pikiran manusa teh buni, teu bisa diteuleuman.
8. Tapi jamparing Allah tingbelesat ka maranehna. Maranehna ujug-ujug taratu.
9. Ku Allah disina cilaka ku ucap-ucapanana sorangan; sakur anu nyaraksian bati gogodeg.
10. Maranehna bakal galimir, bakal mikiran anu geus dipidamel ku Allah, tuluy nguar-nguar padamelana-Na.

Amsal 16:18-19
18. Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.
19. Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas.

Yohanes 5:24-47
24. Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup.
25. Sing percaya lamun ceuk Kaula bakal aya mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Putra Allah. Eta mangsa ayeuna oge geus mimiti. Anu ngadarenge kana soara-Na tinangtu hirup.
26. Sakumaha Rama sumberna hirup, Putra Manusa oge ku Rama dijadikeun sumberna hirup.
27. Rama ka Putra-Na geus nyerenkeun hak pikeun ngahukum, sabab Putra-Na teh Putra Manusa.
28. Ulah hareran, pasti datang mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna,
29. tuluy kalaluar ti jero kuburna. Anu keur hirupna hade, harudangna bakal terus kana hirup langgeng, anu keur hirupna jahat harudangna pikeun narima hukumanana.”
30. ”Kumaha hukumanana, Kaula henteu kawasa nangtukeun sorangan, kumaha ditimbalkeunana ku Rama bae. Eta sababna hukuman ti Kaula bakal adil, lain ngahukum sakarep-karep, tapi ngajalankeun pangersa nu ngutus.
31. Hal ihwal Kaula nu saenyana, ari diomongkeunana ku Kaula keneh mah teu bisa dipercaya benerna.
32. Tapi anu mere panyaksi tina hal Kaula teh jalma sejen, sarta Kaula terang yen panyaksina bener.
33. Aranjeun geus ngirim utusan ka Yohanes; nya Yohanes anu mertelakeun hal ihwal Kaula teh, sarta pertelaan anjeunna bener.
34. Kaula nyabit hal ieu lain ku sabab butuh ku pertelaan ti manusa, tapi ku sabab hayang supaya aranjeun salamet.
35. Yohanes teh lir lampu anu hurung caang ngempray, saharitaeun mah aranjeun raresep kana caangna.
36. Tapi Kaula sorangan bisa mere pertelaan anu leuwih jembar ti batan anu dipertelakeun ku Yohanes; anu dilampahkeun ayeuna ku Kaula teh papancen ti Rama, jadi bukti yen Kaula teh diutus ku Rama.
37. Sarta Rama oge, anu ngutus Kaula, maparin panyaksi tina hal Kaula. Aranjeun can ngadarenge soanten-Na, can naringal kana pameunteu-Na,
38. timbalana-Na ku aranjeun henteu disimpen dina hate, lantaran aranjeun henteu percaya ka Kaula, utusan Mantenna.
39. Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula!
40. Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang!
41. Kaula lain rek malar pamuji ti manusa,
42. Kaula terang aranjeun jalma kumaha, hate aranjeun taya kanyaah ka Allah.
43. Kaula, anu datang make kakawasaan Rama, ku aranjeun teu ditarima, ari anu datang make kakawasaanana sorangan ditarima.
44. Aranjeun resep dipuji ku pada jalma, henteu ihtiar sangkan meunang pamuji ti Allah Nu Maha Esa. Atuh rek percaya ka Kaula kumaha?
45. Tapi ulah nyangka Kaula bakal ngadakwakeun aranjeun ka Allah Rama. Anu bakal ngadakwakeun aranjeun teh malah Musa, anu ku aranjeun dijieun harepan.
46. Lamun enya ge aranjeun percaya kana pilahir Musa tangtu percaya ka Kaula, sabab anu diserat ku Musa teh pertelaan hal Kaula.
47. Tapi ku sabab aranjeun teu percaya ka anu dipertelakeun ku Musa, rek percaya ka Kaula kumaha?”