A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 20

Hakim 5:1-31
1. Poe eta Debora jeung Barak bin Abinoam ngawihkeun ieu kidung:
2. Puji PANGERAN! Urang Israil geus milih jurit, rahayat bungah, rampak maju andon suka.
3. He raja-raja, darengekeun! He para kapala, raregepkeun! Kami rek ngawih jeung nabeuh bade ka lenggah Allah Israil, PANGERAN.
4. Nun PANGERAN, nalika Gusti jengkar ti pagunungan Seir, majeng nilarkeun wewengkon Edom, bumi genjlong, der hujan turun ti langit, ngagurujug tina mega.
5. Gunung-gunung araringgeung, payuneun Gustining Sinai payuneun PANGERAN Allahna Israil.
6. Keur jaman Samgar bin Anat, keur jaman Yael, ieu tanah tara disorang deui ku kapilah, nu lalumaku jalanna ka pasisian.
7. Kota-kota di Israil eusina suwung, Debora! Parongpong karosong. Ti dinya jol anjeun sumping, lir indung pikeun Israil.
8. Der di dinya aya perang, dumeh Israil nyembah ka allah nu anyar. Ti antara opat puluh rebu urang Israil, na aya nu maju, top kana tameng atawa top kana tumbak?
9. Hate kuring tibelat ka para panglima Israil, kagagas ku rahayat anu maju andon suka. Puji PANGERAN!
10. Pek hal eta caritakeun ku aranjeun, he anu tarumpak kalde bodas, he anu dariuk dina sela, he aranjeun, nu tuman leumpang badarat!
11. Tah dengekeun, jalma-jalma galecok deukeut tampian-tampian, nyaritakeun kaunggulan PANGERAN, nya kaunggulan-kaunggulan rahayat Israil! Ti dinya umat PANGERAN budal ti kota-kotana.
12. Pingpin, Debora, pingpin! Pingpin! Kawihkeun kidung! Pingpin! Maju, Barak bin Ahinoam, maju giringkeun para tawanan anjeun!
13. Jalma-jalma anu saratia daratang ka pamingpin-pamingpinna. Umat Allah dararatang ka Anjeunna, tararandang seja perang.
14. Daratangna ti Epraim, marudun ka lebak, nuturkeun kaom Binyamin, nu geus ngerid rahayatna. Tuh deui para panglima, daratang ti Makir, sarta para perwira, geus murubul ti Sebulun.
15. Para kokojo kaom Isaskar daratangna jeung Debora. Enya, Isaskar, kitu deui Barak, seug ditaluturkeun, marudun ka lebak. Tapi kaom Rubin mah ngarancabang antara milu jeung moal.
16. Anggur ngajarentul tukangeun domba-dombana. Naha arek ngadon ngadengekeun sora pangangon nyalukan domba-dombana? Enya kaom Rubin teh ngarancabang antara milu jeung moal.
17. Kaom Gad ge jongjon bae di peuntas wetan Walungan Yordan. Kaom Dan ukur ngawaskeun ti kapal. Kaom Aser jongjon bae di basisir, tingjarentul sisi laut.
18. Teu cara kaom Sebulun, teu cara kaom Naptali, ieu mah tararega kana pati, tarandang di medan perang.
19. Di Taanak, sisi Walungan Megido, raja-raja rame tarung, raja-raja Kanaan tarurun perang, parandene taya anu ngarampas barang perak.
20. Di langit, bentang-bentang milu perang, tingjorelat di awang-awang merangan Sisera.
21. Musuh beresih, palid ku banjir Walungan Kison, walungan anu biasana leuleuy. Kami baris maju terus, maju kalawan gagah perkosa!
22. Sora lumpatna kuda tingberetek, talapokna nejehan taneuh.
23. ”Sumpahan Meros,” lahiran malaikat PANGERAN, ”sumpahan jelema-jelemana, lantaran taya nu datang ngabantu PANGERAN, henteu jaradi perjurit, teu milu tarung ngabantu Mantenna.”
24. Yael, wanita nu pangbagjana. Eta bojo Heber bangsa Keni, wanita pangeusi kemah nu pangbagjana.
25. Sisera menta cai, ana sok cisusu, susu kekentelna, dina pinggan anu endah.
26. Leungeunna nu sabeulah ceg kana pancuh kemah, sabeulah deui ceg kana palu. Jebrod sirah Sisera dipancuh, palebah palipisanana.
27. Bru Sisera ngarumpuyuk, ngarempeyek dina suku Yael, di dinya ngarumpuyukna, nya di dinya ngajoprakna, paeh henteu obah deui.
28. Indung Sisera ngalelengo, ngalong ti tukangeun sarigsig jandela, bari pokna, ”Naha si ujang karetana acan datang, kudana acan aya rentang-rentang?”
29. Dijawab ku inang nu pangpinterna, manehna oge ngalilipur maneh, mani pok deui, pok deui,
30. ”Panginten nuju babagi, babagi heula barang jarahan, keur babagi mojang ka para perjurit, anu hiji, anu dua. Keur Sisera, anggoan nu arendah, kaen songket keur anggoeun prameswari.”
31. Mugi sadaya musuh Gamparan, paehna sing cara kitu, nun PANGERAN. Mugi sadaya mitra Gamparan, maloncorong lir ibarat surya medal! Geus kitu tanah Israil teh kerta, opat puluh taun lilana.

Hakim 6:1-40
1. Urang Israil daroraka deui ka PANGERAN. Seug ku Mantenna diselehkeun ka urang Midian, meunang tujuh taun.
2. Urang Midian kacida kumawasana ka urang Israil, nepi ka urang Israil nyararumput ka guha-guha atawa tempat-tempat di pasir anu kira-kira baris aman.
3. Saban urang Israil rek pepelakan, urang Midian daratang ngurutug jeung urang Amalek sarta jeung suku-suku bangsa gurun keusik.
4. Maranehna ngahaja nyarieun pakemahan di wewengkon Israil, seug ngagalaksak kana pepelakan urang Israil nepi ka Gasa di wewengkon kidul. Domba, sapi, kalde jeung naon bae tatali hurip urang Israil, ku maranehna teu aya nu dikarikeun.
5. Ana daratang mani nakleuk kawas simeut, jeung ingon-ingonna, malah marawa kemah sagala. Jelema jeung ontana geus lain itungeun ku loba-lobana, wungkul arek ngaruksak ka tanah urang Israil.
6. Urang Israil teu bisa nanaon.
7. Seug urang Israil sasambat ka PANGERAN, menta tulung hayang leupas ti urang Midian.
8. Lajeng PANGERAN ngutus hiji nabi, ngemban timbalan PANGERAN Allahna Israil, kieu, ”Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir.
9. Geus ngaluputkeun maraneh ti urang Mesir, kitu deui ti jelema-jelema anu merangan ka maraneh di ieu tanah. Maranehna ku Kami geus diusir ti ieu tanah waktu ku maraneh diperangan, sarta tanahna ku Kami diserenkeun ka maraneh.
10. Dawuhan Kami, Kami teh PANGERAN Allah maraneh. Maraneh ulah nyembah ka aallahan urang Emor, anu tanahna ku maraneh di cicingan. Tapi maraneh henteu nurut ka Kami.”
11. Geus kitu, sumping malaikat PANGERAN ka kota Opra, calik di handapeun tangkal kiara bogana Yoas ti kaom Abieser. Harita putra Yoas, Gidion, keur susulumputan ngirik gandum di tempat meres anggur, sieuneun kanyahoan ku urang Midian.
12. Malaikat PANGERAN teh nembongan ka anjeunna, sarta ngandika, ”He nu gagah, PANGERAN nyarengan ka maneh!”
13. Mihatur Gidion, ”Juragan, sim abdi unjuk tumaros. Upami yaktos PANGERAN nyarengan, geuning sim abdi dugi ka ngalaman kieu! Mana mujijat-mujijat Mantenna anu sok dicarioskeun ka sepuh-sepuh teh, anu majar pohara ajaibna waktos Mantenna ngaluarkeun aranjeunna ti Mesir! Ayeuna abdi sadaya ku PANGERAN diantep kieu, hirup kumaha urang Midian.”
14. Ari timbalan PANGERAN, ”Jung ka ditu gunakeun tanaga maneh nu rosa teh, leupaskeun Israil ti urang Midian. Kami pribadi anu miwarang.”
15. Gidion ngawangsul, ”Kumaha petana abdi ngaleupaskeun Israil teh? Di kaom Menase, golongan abdi teh panghengkerna, sareng di kulawargi, abdi teh sanes jalmi penting.”
16. Ngawaler PANGERAN, ”Maneh tangtu sanggup, sabab Kami tangtu ngabantu. Bakal babari bae maneh ngabasmi urang Midian teh, moal beda ti ngelehkeun musuh saurang.”
17. Wangsul Gidion, ”Manawi sapuk, abdi nyuhunkeun tawis yen Juragan teh leres PANGERAN.
18. Mugi ulah waka angkat, abdi bade ngahaturanan tuang heula.” Ari walerana-Na, ”Heug Kami tunggu nepi ka maneh ka dieu deui.”
19. Tuluy Gidion ka bumina, meuncit embe ngora, tuluy diolahkeun. Ti dinya nyiuk tipung sapuluh kilo didamel roti teu make ragi. Dagingna diwadahan kana tetenong, kuahna diwadahan kana panci, tuluy dicandak kana handapeun tangkal kiara, dihaturkeun ka malaikat PANGERAN.
20. Malaikat ngalahir, ”Teundeun eta daging jeung roti di dinya dina cadas, tuluy banjur ku kuahna.” Ku Gidion ditumutkeun.
21. Malaikat PANGERAN netelkeun tetekenna kana eta daging jeung roti nepi ka ledis. Gur tina eta cadas bijil seuneu, ngaduruk eta daging jeung roti. Geus kitu les malaikat teh ngaleungit.
22. Ayeuna Gidion yakin yen anu katingal tadi teh enya malaikat PANGERAN. Anjeunna kacida reuwaseunana, pok misaur, ”PANGERAN Nu Maha Agung! Abdi cilaka, parantos adu hareupan sareng malaikat PANGERAN!”
23. Tapi PANGERAN ngadawuh ka anjeunna, ”Sing teger. Ulah sieun-sieun. Maneh moal nepi ka paeh.”
24. Ti dinya Gidion ngadamel altar kanggo PANGERAN, altarna dingaranan ”PANGERAN Sumber Rahayu”. (Eta altar tetep aya di Opra, kapiboga ku urang Abieser.)
25. Peutingna PANGERAN nimbalan ka Gidion, ”Cokot sapi jalu bapa maneh sahiji, jeung sahiji deui anu umur tujuh taun. Bongkar altar bapa maneh paranti muja ka Baal, tihang lambang Dewi Asera anu di gigireunana runtuhkeun.
26. Adegkeun di luhur eta tumpukan hiji altar, rarancangna sing hade. Sapi anu kadua tea sabelegerna duruk kurbankeun ka PANGERAN dina eta altar, gunakeun tihang lambang Dewi Asera anu geus diruntuhkeun jadi suluhna.”
27. Tuluy Gidion nyandak badega sapuluh urang; eta timbalan PANGERAN teh dilaksanakeun. Ngalaksanakeunana ti peuting, lantaran anjeunna sieuneun ku kulawargina jeung ku jelema-jelema urang desa eta.
28. Barang urang dinya harudang isuk-isuk, nyampak altar Baal geus dibongkar, tihang Dewi Asera geus runtuh, jeung dina altar anyar aya sapi beunang ngaduruk.
29. Seug silih tanya pada batur, ”Pagawean saha ieu teh?” Sanggeus disusud, kanyahoan yen jelemana teh Gidion putra Yoas.
30. Tuluy ceuk maranehanana ka Yoas, ”Ka dieukeun anak anjeun, rek dipaehan! Anak anjeun geus ngaruksak altar Baal jeung ngarubuhkeun tihang Dewi Asera!”
31. Jelema nu keur arambek teh ku Yoas diwalon, ”Aranjeun teh rek mihak ka Baal, arek manglawankeun? Sing saha anu rek ngabelaan Baal, isuk ieu keneh tangtu dipaehan! Upama enya Baal teh allah, keun sina ngabela dirina pedah altarna aya nu ngabongkar.”
32. Ti semet harita Gidion jadi katelah Yerubaal, dumeh saur Yoas, ”Upama enya Baal teh allah, keun sina ngabela dirina, pedah altarna aya nu ngabongkar.”
33. Geus kitu urang Midian, urang Amalek jeung suku-suku bangsa gurun keusik kabeh kumpul, tuluy meuntasan Walungan Yordan, seug mangkalan di Lebak Yisrel.
34. Ti dinya Roh PANGERAN tumerap ka Gidion. Gidion niup tarompet, ngumpulkeun urang Abieser.
35. Ti dinya anjeunna ngirim utusan-utusan ka sakuliah daerah kaom Menase, boh nu di wetaneun boh nu di kuloneun Walungan Yordan, ngajak sangkan kaom Menase babarengan jeung anjeunna. Ngirim deui utusan-utusan ka kaom Aser, Sebulun jeung Naptali, sarta maranehna oge daratang ngahiji jeung anjeunna.
36. Piunjuk Gidion ka Allah, ”Gusti parantos milih abdi kangge ngajait Israil.
37. Upami leres kitu, abdi ayeuna bade neundeun bulu domba dina tempat pangirikan tea. Saupami enjing eta bulu lantis ku ibun tur taneuhna tetep tuhur, nembe abdi yakin yen Gusti leres ngersakeun abdi geusan ngaleupaskeun Israil.”
38. Nya kitu kajadianana. Isukna, barang Gidion tanghi kapendak eta bulu domba teh cipruk ku ciibun. Ku Gidion dipeureut, caina ngucur aya kana samangkokeun.
39. Gidion miunjuk ka Allah, ”Mugi Gusti ulah bendu, sim abdi bade unjukan deui. Nyuhunkeun widi nyobi sakali deui ku ieu bulu. Panuhun teh nu baseuhna taneuhna, buluna tetep garing.”
40. Peuting eta Allah midamel kitu. Isukna bulu teh tetep garing, ari taneuhna baseuh ku ciibun.

Mazmur 49:1-9
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah.
2. He jalma-jalma, reungeukeun, he saeusi dunya, regepkeun,
3. nu hina, nu mulya, nu beunghar, nu miskin, kum.
4. Kaula dek medar ciptaning ati, ucap hikmah bijaksana.
5. Kaula rek museurkeun pikiran kana sasmita, sarta nerangkeun hartina bari ngacapi.
6. Kaula teu rempan ku bahaya, moal bingung pedah dilingkung ku musuh,
7. teu salempang ku nu jarahat, anu ngandelkeun kabeungharanana, anu takabur ku kajegudanana.
8. Jalma moal aya nu mampuh nebus nyawana, moal mampuh mayar panebus hirupna ka Allah,
9. lantaran pamayar hirup manusa teh kacida luhurna. Mayar sakumaha gedena ge

Amsal 14:20-21
20. Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.
21. Mun hayang ngarasa bagja, kudu karunya ka anu balangsak. Mikangewa ka batur teh dosa.

Lukas 15:1-10
1. Dina hiji poe loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dipandang teu hade ku masarakat daratang ngadarengekeun Yesus.
2. Urang Parisi jeung guru-guru agama mimiti ngaromongkeun, pokna, ”Eta Manehna, ku naon daek nampa jelema-jelema teu hade, malah daek dahar bareng!”
3. Ku hal eta Yesus nyarioskeun ieu misil ka maranehna,
4. ”Upamakeun, aya anu boga domba saratus leungit hiji, cik rek kumaha nu bogana? Tangtu indit ka sampalan, ninggalkeun dombana anu salapan puluh salapan, neangan sahiji anu leungit nepi ka kapanggih.
5. Sanggeus kapanggih kacida atoheunana, dombana nepi ka dipunggu dina taktakna
6. dibawa balik. Geus kitu nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana, tuluy nyarita, ʼKuring kacida atohna, domba kuring nu leungit geus kapanggih. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ
7. Nya kitu di sawarga oge, sing percaya, lamun aya jelema doraka saurang anu tobat, kacida matak bungahna, leuwih bungah ku eta anu saurang ti batan ku anu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu tobat deui.”
8. ”Atawa upamakeun, aya hiji awewe boga dinar sapuluh leungit hiji, cik rek kumaha? Imahna disapuan, didamaran, dinarna diteangan imeut ka ditu ka dieu nepi ka kapanggih.
9. Geus kitu manehna nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana tuluy nyarita, ʼKuring kacida bungahna, leungit dinar hiji kapanggih deui. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ
10. Sing percaya, nya kitu pisan lamun aya hiji jelema doraka anu tobat, para malaikat Allah kacida barungaheunana.”