A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 16

Yosua 21:1-45
1. Geus kitu para kapala kulawarga-kulawarga kaom Lewi nepungan Imam Elasar, Yosua putra Nun jeung para kapala kaom Israil.
2. Seug arunjukan kieu ka aranjeunna, di Silo, di tanah Kanaan, ”Kapungkur aya timbalan PANGERAN ka Musa, yen sim kuring kedah dipaparin kota-kota pamukiman, kitu deui sampalan-sampalan keur ingon-ingon.”
3. Seug sakumaha timbalan PANGERAN, kaom Lewi teh ku urang Israil dibere kota-kota jeung sampalan-sampalan ti wewengkon milikna masing-masing.
4. Kulawarga-kulawarga kaom Lewi golongan Kahat meunang lotrena pangheulana. Ari kulawarga-kulawarga turunan Imam Harun, meunang tilu belas kota di wewengkon-wewengkon Yuda, Simeon jeung Binyamin.
5. Golongan Kahat anu lianna meunang sapuluh kota ti wewengkon-wewengkon Epraim, Dan jeung Menase anu ti tebeh kulon.
6. Golongan Gerson meunang tilu belas kota ti wewengkon-wewengkon Isaskar, Aser, Naptali jeung ti wewengkon Menase anu di wetaneun Walungan Yordan.
7. Kulawarga-kulawarga golongan Merari meunang dua belas kota ti wewengkon-wewengkon Rubin, Gad jeung Sebulun.
8. Ku jalan lotre, eta kota-kota kitu deui sampalan-sampalanana ku urang Israil diserenkeun ka kaom Lewi, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.
9. Kota-kota ti wewengkon-wewengkon Yuda jeung Simeon, anu ngaran-ngaranna engke baris disebutan, diserenkeunana ka
10. turunan Harun golongan Kahat anu kaasup turunan Lewi. Lotrena kaluar pangheulana.
11. Maranehanana meunang kota Arba (Arba teh karuhun bangsa Enak), anu terusna disebut Hebron, di pagunungan wewengkon Yuda, katut sampalan-sampalan sakurilingna.
12. Tapi ari tegal-tegal jeung desa-desana mah geus kapimilik ku Kaleb bin Yepune.
13. Kajaba ti Hebron (salah sahiji kota suaka), kota-kota anu lotrena ragrag ka turunan Imam Harun teh nya eta: Libna,
14. Yatir, Estemoa,
15. Holon, Debir,
16. Ain, Yuta jeung Bet Semes, katut sampalan-sampalanana; salapan kota ti kaom Yuda jeung Simeon.
17. Ti wewengkon kaom Binyamin meunang opat kota, nya eta: Gibon, Geba,
18. Anatot jeung Almon, katut sampalan-sampalanana.
19. Kota-kota anu diserenkeun ka turunan Imam Harun teh kabehna tilu belas, katut sampalan-sampalanana.
20. Kulawarga-kulawarga Lewi golongan Kahat anu lianna, tina lotrena meunang kota-kota ti wewengkon Epraim.
21. Ti dieu meunang opat kota, nya eta: Sekem (salah sahiji kota suaka) katut sampalan-sampalanana di pagunungan Epraim, Geser,
22. Kibsaim jeung Bet Horon, katut sampalan-sampalanana.
23. Ti wewengkon Dan meunang opat kota, nya eta: Elteke, Gibeton,
24. Ayalon jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.
25. Ti wewengkon Menase kulon meunang dua kota, nya eta: Taanak jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.
26. Kabehna anu katarima ku kulawarga-kulawarga golongan Kahat teh sapuluh kota, katut sampalan-sampalanana.
27. Sabagian deui kulawarga-kulawarga Lewi ti golongan Gerson, meunang dua kota ti wewengkon Menase anu beulah wetan, nya eta: Golan di Basan (salah sahiji kota suaka) jeung Bestera, katut sampalan-sampalanana.
28. Ti wewengkon Isaskar meunang opat kota, nya eta: Kision, Daberat,
29. Yarmut jeung En Ganim, katut sampalan-sampalanana.
30. Ti wewengkon Aser meunang opat kota, nya eta: Misal, Abdon,
31. Helkat jeung Rehob, katut sampalan-sampalanana.
32. Ti wewengkon Naptali meunang tilu kota, nya eta: Kedes di Galilea (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Hamot Dor jeung Kartan, katut sampalan-sampalanana.
33. Eta rupa-rupa kulawarga kaom Gerson teh kabehna narima tilu belas kota, katut sampalan-sampalanana.
34. Urang Lewi anu sesana, nya eta golongan Merari, ti wewengkon Sebulun meunang opat kota, nya eta: Yoknam, Karta,
35. Dimna jeung Nahalal, katut sampalan-sampalanana.
36. Ti wewengkon Rubin meunang opat kota, nya eta: Beser, Yahas,
37. Kedemot jeung Mepaat, katut sampalan-sampalanana.
38. Ti kaom Gad meunang opat kota, nya eta: Ramot di Gilad (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Mahanaim,
39. Hesbon jeung Yaser, katut sampalan-sampalanana.
40. Golongan Merari kabehna meunang dua belas kota.
41. Kota-kota milik urang Israil anu diserenkeun ka urang Lewi, kabehna opat puluh dalapan, katut sampalan-sampalanana.
42. ***
43. Eta tanah sakuliahna ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka urang Israil. Laksana sakumaha jangji Mantenna kalayan sumpah ka karuhun-karuhun maranehanana. Ku maranehanana geus kapimilik, geus diarenggonan.
44. Sakuliah wewengkonna ku PANGERAN dikertakeun, sakumaha jangji Mantenna ka karuhun-karuhun maranehna. Taya pisan musuh anu bisa tagen, kawantu urang Israil teh dikersakeun unggul bae ku PANGERAN.
45. Tiap jangji PANGERAN ka urang Israil, ku Mantenna dibuktoskeun.

Yosua 22:1-34
1. Geus kitu Yosua ngempelkeun kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase wetan.
2. Pok sasauran, ”Maraneh geus ngalaksanakeun sagala rupa anu geus diparentahkeun ku Musa abdi PANGERAN, sarta tigin kana parentah-parentah Bapa.
3. Nepi ka wanci ieu, acan kungsi maraneh nyabodokeun ka sasama urang Israil. Titi sarta ati-ati ngajalankeun pangandika-pangandika PANGERAN Allah maraneh.
4. Ayeuna, sasama maraneh urang Israil geus aman kerta, sakumaha nu dijangjikeun ku PANGERAN Allah maraneh. Seug ayeuna mah geura marulang ka lembur, ka tanah milik pribadi, pusaka ti Musa abdi PANGERAN, di wetaneun Yordan.
5. Kudu jangji sajeroning ati, yen seja ngalakonan parentah jeung hukum anu diparentahkeun ka maraneh ku Musa, nya eta: Seja nyaah ka PANGERAN, pangersa-Na lampahkeun, timbalan-timbalana-Na turutkeun, sing tigin, sing bakti ka Mantenna kalawan saiklas-iklasna.”
6. Ti dinya maranehna ku Yosua dijurung marulang, dipaparin restu, kalawan pesen kieu, ”Maraneh ayeuna geus baleunghar, baralik teh mawa ingon-ingon loba, perak, emas, tambaga, beusi, kitu deui papakean. Eta beubeunangan ngajarah ti musuh teh bagikeun oge ka nu sejen anu sakaom keneh jeung maraneh.” Ti dinya tuluy budal, rek baralik. Eta kaom Menase, anu satengahna ku Musa geus dipaparin tanah di wetaneun Yordan, tapi nu satengahna deui mah meunangna tanah teh ti Yosua, nya eta di kuloneun Yordan, bareng jeung kaom-kaom sejenna.
7. ***
8. ***
9. Kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase wetan geus marulang, ninggalkeun dulur-dulurna di Silo, tanah Kanaan, ngajugjug tanah pamatuhan sorangan di tanah Gilad, tanah beunangna ngarebut sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.
10. Sanggeus kaom-kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan carunduk ka Gelilot, di wewengkon Yordan kulon keneh, tuluy ngadegkeun hiji altar di sisi walungan, rohaka pisan.
11. Seug aya anu ngabejakeun ka urang Israil sejenna, pokna, ”Geuning jelema-jelema kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan teh nyieun altar di sisi Walungan Yordan daerah urang keneh!”
12. Barang meunang beja kitu, kabeh urang Israil kumpul di Silo, niatna arek indit merangan ka kaom-kaom wetan.
13. Seug eta urang Israil teh ngutus Pinehas, putra Imam Elasar, ka tanah Gilad, nemonan kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan.
14. Pinehas dibarengan ku sapuluh pamingpin beunang milih ti saban kaom kulon saurang-saurang, masing-masing jadi kapala warga kaomna.
15. Sanggeus jonghok jeung urang Rubin, urang Gad jeung urang Menase wetan, di Gilad,
16. pok ngomong kalawan asmana umat PANGERAN kabeh, ”Ku naon aranjeun nyieun peta doraka kitu ka Allahna Israil? Aranjeun ngalawan ka PANGERAN, nyieun eta altar sangkan kamashur! Aranjeun geus teu anut ka Mantenna.
17. Na teu inget kana dosa urang basa di Peor, nepi ka disiksa ku PANGERAN, didatangan wabah panyakit, padahal urang teh umat-Na? Balukarna nepi ka ayeuna ku urang karasa keneh. Naha tacan cukup ku sakitu?
18. Jadi ayeuna geus mimiti rek nyalingkir ti Mantenna? Upama aranjeun ayeuna poe ieu ngalawan ka PANGERAN, isukan Mantenna moal teu bendu ka tiap jelema di Israil.
19. Bisi bae ceuk pangrasa aranjeun tanah aranjeun teu pantes dipake ngajalankeun ibadah, atuh pek pararindah ka tanah kagungan PANGERAN, tempat Kemah Mantenna. Menta bae tanah mah ti nu kuring sarerea. Dapon ulah ngalawan ka PANGERAN, atawa nangtang ka kuring sarerea ku nyieun eta altar dipake nandingan altar PANGERAN Allah urang.
20. Sing inget ka Akan bin Serah, anu teu tolih kana cegahan perkara barang haram anu kudu dimusnakeun tea. Geuning nu dihukumna mah sakumna urang Israil. Anu tiwas ku dosa Akan lain manehna saurang bae.”
21. Ngajawab urang kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan ka eta para kapala warga kaom-kaom urang kulon, pokna,
22. ”Anging Allah nyalira Nu Maha Kawasa! Mantenna anu jumeneng PANGERAN! Mantenna langkung uninga, naon ieu maksud kuring teh. Muga-muga aranjeun ge terang! Lamun enya kuring ngalawan ka PANGERAN, jeung teu ta’at ka Mantenna, sing ulah dipanjangkeun umur!
23. Lamun enya kuring baha ka PANGERAN, nyieun altar sorangan keur paranti meuleum kurban, atawa keur nyuguhkeun sasajen, atawa keur ngajalankeun kurban panarima, muga dihukum ku PANGERAN ku manten.
24. Lain, lain pikeun kitu! Nyieun altar soteh keur ngajaga, bisi di ahir turunan kuring ditanya kieu ku turunan aranjeun, ’Naon patalina aranjeun jeung PANGERAN Allahna Israil?
25. Antara kuring jeung aranjeun urang Rubin jeung urang Gad, ku Mantenna dipisahkeun, diwatesan ku Walungan Yordan. Jadi aranjeun mah taya patalina jeung PANGERAN!’ Seug bae meureun anak incu kuring teu meunang ngabakti ka PANGERAN.
26. Kitu sualna nu matak nyieun eta altar teh. Lain keur paranti meuleum kurban, lain keur paranti nyuguhkeun sasajen,
27. tapi keur geusan tanda ka pihak aranjeun jeung ka pihak kuring, jeung ka turunan-turunan urang engke, yen pihak kuring oge sarua ngabakti ka PANGERAN di payuneun Kemah-Na nu suci, sarta sok ngahaturkeun kurban, boh nu dibeuleum boh nu dipeuncit kitu deui kurban panarima. Jadi eta teh keur ngajaga, sangkan anak incu aranjeun ulah nepi ka nyebutkeun anak incu kuring taya patalina jeung PANGERAN.
28. Ceuk pikiran teh, bisi bae hal sarupa kitu nepi ka kajadian, anak incu kuring bisa nembalan kieu, ’Tenjo tuh altar beunang ngadegkeun karuhun kuring, kapan sarua jeung altar PANGERAN. Ngan eta mah lain keur paranti meuleum atawa meuncit kurban, tapi keur geusan tanda ka pihak aranjeun jeung ka pihak kuring.’
29. Paliyas teuing kuring nyieun eta altar teh kalawan niat ngalawan atawa mungkir ti PANGERAN, atawa meuleum atawa meuncit kurban, atawa nyuguhkeun sasajen di dinya. Moal teh teuing kuring nyieun altar tandingan altar PANGERAN Allah urang anu nagen di payuneun Kemah Mantenna.”
30. Imam Pinehas, kitu deui sapuluh pamingpin anu jaradi kapala warga kaom-kaom kulon anu harita ngabarengan, ngarasa sugema ku eta jawaban kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan kitu.
31. Imam Pinehas putra Imam Elasar sasauran, ”Tah ari kitu mah enya urang teh disarengan ku PANGERAN. Aranjeun henteu baha ka PANGERAN. Eta sarua jeung aranjeun teh geus ngajait sabangsa Israil, moal tulus dihukum ku PANGERAN.”
32. Geus kitu Pinehas jeung sapuluh pamingpin teh malungkur ti Gilad, ti kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan, marulang ka Kanaan, ka urang Israil, tuluy laporan.
33. Urang Israil sugema, seug maruji ka Allah. Geus teu nyebut-nyebut deui arek perang ngagempur tanah padumukan kaom Rubin jeung Gad.
34. Ari ceuk kaom Rubin jeung Gad, ”Ieu altar jadi saksi urang kabeh, yen PANGERAN teh Allah.” Ku sabab eta seug altar teh dingaranan ”Saksi”.

Mazmur 46:7-11
7. Allah ngagentra ngagulugur, bumi ajur, bangsa-bangsa tagiwur, karajaan-karajaan ngarenjag.
8. PANGERAN Nu Maha Kawasa nyarengan ka urang, Allahna Yakub panyalindungan urang.
9. Hiap saksian, naon anu geus dipidamel ku PANGERAN. Tenjo, kumaha ahengna dadamelana-Na di bumi.
10. Mantenna ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat, gondewa-gondewa diririkes, tumbak-tumbak dipingges-pinggeskeun, tameng-tameng diduruk.
11. ”Eureun tarung!” timbalana-Na, ”mangka nyaho, ieu Kami, Allah anu punjul ti sakabeh bangsa, anu punjul di sajagat.”

Amsal 14:12-13
12. Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.
13. Seuri teh sok dipake nyumputkeun kasedih. Ari enggeusna mah angger-angger bae susah.

Lukas 13:1-22
1. Harita aya anu arunjukan ka Yesus, nyaritakeun yen aya urang Galilea anu diparaehan ku Pilatus waktu keur ngalurban ka Allah.
2. Waler Yesus, ”Dumeh eta urang Galilea kitu diparaehanana, ku maraneh dikira leuwih beurat dosana ti batan urang Galilea sejenna?
3. Lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh cara kitu.
4. Kumaha ari jelema-jelema anu dalapan welas urang, anu tariwas lantaran katinggang munara rubuh di Siloam? Rek dikira nandakeun dosa maranehna leuwih gede ti batan dosa-dosa urang Yerusalem lianna?
5. Sama sakali lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh kawas kitu.”
6. Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil, ”Aya hiji jelema, boga hiji tangkal kondang di kebon anggurna, tuluy diilikan sugan aya buahna, tapi teu manggih.
7. Tuluy ngomong ka tukang kebonna, ʼTenjo, geus tilu usum ieu tangkal kondang ku kami diilikan buahna, teu manggih hiji-hiji acan. Tuar! Ngan nyeuseupan taneuh bae.ʼ
8. ʼSawios heula Juragan sataun deui mah,ʼ tembal tukang kebonna, ʼbade dikali sakurilingna dipasihan berak.
9. Upami taun payun buahan atuh langkung sae, upami angger teu buahan, mangga tuar.ʼ ”
10. Dina hiji poe Sabat Yesus ngawulang di hiji imah ibadah.
11. Di dinya aya hiji awewe anu gering ngareunggeuy geus dalapan welas taun lantaran diranjingan ku roh jahat; awakna mani bengkung teu bisa lempeng saeutik-eutik acan.
12. Ku Yesus ditingalian sarta saur-Na, ”Geus cageur panyakit teh, Ibu!”
13. Awakna ku Anjeunna tuluy dirampa. Eta awewe ngalempengkeun awakna, harita keneh cageur, lempeng ajeg sabiasa, pok bae muji ka Allah.
14. Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, ”Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!”
15. Ku Gusti diwaler, ”Anjeun munapek! Geuning dina poe Sabat oge jelema-jelema sok ngalaleupaskeun cangcangan sapina atawa kaldena ti jero kandang, tuluy digiring rek diinuman.
16. Ari ieu, awewe turunan Ibrahim, geus dalapan welas taun dibakutet ku Iblis, naha make teu meunang dibebaskeun pedah dina poe Sabat?”
17. Diwaler kitu lawan-lawan Yesus kacida areraeunana. Nu sejen-sejenna mah narenjo damel Yesus anu sakitu ajaibna teh kacida sarukaeunana.
18. ”Karajaan Allah teh bisa diibaratkeun naon?” Yesus mariksa. ”Naon nu bisa dipake ibaratna?
19. Ibarat siki sasawi, ku jelema dipelakkeun di kebonna, tuluy jadi tangkal, manuk-manuk nyarieun sayang dina dahan-dahanna.”
20. ”Kana naon deui Karajaan Allah teh bisa dimisilkeunana?” Yesus mariksa deui.
21. ”Ibarat ragi, ku awewe dipurulukkeun jeung digalokeun kana adonan tipung tilu puluh genep liter, adonanana beukah kabeh.”
22. Yesus angkat mapay kota-kota jeung desa-desa, ngawulang ka jelema-jelema, maksad-Na rek terus ka Yerusalem.