A A A A A

Kejadian 47:1-31
1. Yusup ngadeuheus ka raja nyandak saderekna limaan, seug unjukan kieu, ”Pun bapa sareng dulur-dulur parantos darongkap ti Kanaan. Pipiaraanana oge sareng sagala kagaduhna dibarantun ka dieu, ayeuna parantos araya di Gosen.”
2. Geus kitu Yusup ngunjukkeun saderek-saderekna tea ka raja.
3. Raja mariksa, ”Naon pagawean maraneh?” Wangsulanana, ”Abdi Gusti sadayana tukang angon, tumut ti karuhun.
4. Darongkap ka nagara Gusti, sumeja ngiring cicing di Mesir, wireh tanah Kanaan katarajang paceklik hebat, parantos teu aya jukut-jukut acan kangge ingon-ingon. Nyuhunkeun piwelas Gusti, sumeja ngiring cicing di tanah Gosen.”
5. Raja ngalahir ka Yusup, ”Rama jeung dulur-dulur kang putra geus araya di kang putra.
6. Tanah-tanah di Mesir aya dina kawasa kang putra. Pilih anu pangsuburna keur anjeunna jeung dulur-dulur. Harayangeun matuh di Gosen, teu aya halangan. Jeung upama ti dulur-dulur kang putra aya anu boga kamampuhan, hade sina ngurus ingon-ingon kami.”
7. Yusup ngadeuheuskeun oge Yakub ramana, ka raja. Yakub ngucapkeun wilujeng ka raja.
8. Ku raja dipariksa, ”Sabaraha taun umur Bapa?”
9. Waler Yakub, ”Sumuhun parantos 130 taun, salamina mung ngumbara. Upami dibandingkeun sareng karuhun-karuhun anu sami-sami tukang ngumbara, umur Bapa mah kalintang pondokna, sareng teu kendat dipuuk ku kasusah.”
10. Tutas ngadeuheus, Yakub neda undur ti payuneun raja.
11. Anjeunna ku Yusup geus dipatuhkeun di Mesir, kitu deui saderek-saderekna, dipaparin tanah milik anu pangalusna, pernahna di Rameses, numutkeun timbalan raja.
12. Keur kaperluan tedaeunana, boh ramana, boh saderek-saderekna, katut sakumna pamili ramana nepi ka anu pangorana, dibayuan ku Yusup.
13. Paceklik beuki hebat. Saalam dunya teu boga dahareun. Rahayat Mesir jeung urang Kanaan, awakna enggeus lalungse nandangan kalaparan.
14. Ti dinya Yusup ngumpulkeun duit sisimpenan urang Mesir jeung urang Kanaan, anu disimpen keur mareuli gandum, tuluy dicandak ka karaton raja.
15. Sanggeus urang Mesir jeung urang Kanaan teu baroga deui duit sama sakali, urang Mesir daratang ka Yusup. ”Nyuhunkeun tedaeun,” pokna. ”Abdi-abdi ulah diantep sina paraeh langlayeuseun. Artos oge parantos teu gaduh pisan. Tulungan, Gusti!”
16. ”Bawa ingon-ingon maraneh. Ke ku kami ditukeuran ku kadaharan ari geus teu baroga duit mah,” waler Yusup.
17. Ahirna maranehna murubul marawa ingon-ingon ka Yusup, nu mawa kuda, nu mawa domba atawa embe, nu mawa sapi, nu mawa kalde, ditalukeurkeun kana bahan pangan. Sataun lilana kitu jeung kitu ngabagi-bagi bahan panganna, ditukeur jeung ingon-ingon.
18. Dina taun sanggeusna, rahayat pada waleh ka anjeunna, pokna, ”Gusti, abdi-abdi waleh bae. Artos seep, ingon-ingon seep, sadayana parantos kacepeng ku Gusti. Abdi-abdi parantos teu gaduh serenkeuneun deui, kajabi ti tanah sareng badan sakujur.
19. Abdi-abdi ulah diantep sina maraot, enggal jait! Tanah abdi-abdi ulah dugi ka gaplah jeung gapong. Ieu diri abdi-abdi galeuh, tanah abdi-abdi candak, liron sareng tedaeun. Sawios jadi badega raja sinareng lahan sawios jadi kagunganana, asal dipaparin binih, sangkan ulah maraot ku kalaparan, sareng lahan ulah kantos jadi keri.”
20. Seug sakabeh lahan di Mesir ku Yusup digaleuh baris ka raja, kawantu ku nu barogana dijarual, ku tina banget-bangetna paceklik. Sakabeh tanah sakuliah nagara geus jadi kagungan raja.
21. Ari rahayat, ti tungtung Mesir nepi ka tungtung Mesir deui ku Yusup digarawekeun jaradi kuli.
22. Tanah anu teu digaleuh ngan tanahna para imam. Para imam mah teu kungsi ngajarual tanah, kawantu mareunang sokongan anu baku ti raja.
23. Pilahir Yusup ka rahayat, ”Poe ieu, maraneh jeung lahan-lahan maraneh enggeus dibeuli ku kami, haturan raja. Ieu binih keur maraneh, lahan-lahan teh pelakan.
24. Lamun geus panen, kudu diserenkeun pikeun raja, saperlimana. Sesana pake keur ngabinihan deui, jeung keur dahareun maraneh katut sanak kulawarga.”
25. Rahayat ngajarawab, ”Gusti parantos mintonkeun kasaean, numbu umur abdi-abdi. Abdi-abdi sumeja pasrah diri jadi kuli-kulina raja.”
26. Ti dinya Yusup ngadamel undang-undang tanah pikeun nagara Mesir, nya eta saperlima tina hasil tanah kudu diserenkeun ka raja. Ieu undang-undang tug nepi ka kiwari jalan terus. Ngan tanahna para imam anu henteu jadi milik raja teh.
27. Urang Israil enggeus tumetep di Mesir di wewengkon Gosen. Geus balaleunghar jeung anak baranahan.
28. Ari Yakub mukimna di Mesir tujuh belas taun, nepi ka yuswa 147 taun.
29. Yakub geus ngaraos baris tereh-tereh pupus, tuluy nyaur Yusup putrana, pok ngalahir, ”Ama menta Enung sumpah. Tumpangkeun leungeun Enung kana tetepokan Ama, tuluy ikrar masing enya-enya, yen Enung seja ngestokeun wasiat Ama. Ama ulah dikubur di Mesir.
30. Ama hayang dikubur di makam karuhun. Ama kudu dipindahkeun ti Mesir, kubur di makam para luluhur.” Yusup ngawaler, ”Wasiat Ama tangtos diestokeun pisan.”
31. Saur Yakub, ”Sumpah heula ka Ama, yen Enung seja ngestokeun.” Ti dinya Yusup sumpah. Terus Yakub tumungkul dina pangkulemanana lajeng ngucap sukur.

Kejadian 48:1-22
1. Teu lila ti harita Yusup kenging wartos yen ramana teu damang. Bral anjeunna angkat seja ngalayad Yakub disarengan ku putrana Menase jeung Epraim.
2. Barang Yakub terangeun yen putrana Yusup geus sumping seja ngalayad maksakeun calik dina pangkulemanana.
3. Ti dinya saurna ka Yusup, ”Allah Nu Maha Kawasa bareto nembongan sarta ngaberkahan ka Ama di Lus, di tanah Kanaan.
4. Kieu dawuhana-Na, ’Maneh ku Kami baris dibere anak loba pisan, sarta turunan maneh baris pijadieun rupa-rupa bangsa; tanah ieu ku Kami rek diserenkeun ka turunan maneh geusan jadi milikna salalawasna.’ ”
5. Saur Yakub deui, ”Yusup, dua anak hidep, Epraim jeung Menase dijurukeun di Mesir samemeh Ama aya di dieu, duanana oge rek diaku anak, sakumaha Rubin jeung Simeon.
6. Upama hidep boga deui anak, Ama moal rek mikahayang; ari warisan mah maranehanana oge baris meunang ti Epraim jeung Menase.
7. Maksud Ama kitu teh lantaran inget ka ibu hidep Rahel. Basa ibu hidep maot di tanah Kanaan teu jauh ti Eprata, keur Ama balik ti Mesopotami, Ama teh kacida nalangsana. Ibu teh ku Ama dikurebkeun di sisi jalan nu ka Eprata.” (Eprata teh kiwari mah katelah Betlehem.)
8. Barang ret Yakub ningal ka putra Yusup anu dua tea, seug mariksa, ”Ari ieu barudak teh saha?”
9. Waler Yusup, ”Ieu teh duanana oge pun anak, nu diganjarkeun ka abdi ku Gusti Allah di dieu, di tanah Mesir.” Ari saur Yakub, ”Asrogkeun ka Ama, ku Ama rek diberkahan.”
10. Ari Yakub teh socana geus teu pati awas bakat ku sepuh. Ku Yusup barudak dicaketkeun ka ramana. Tuluy barudak teh dirangkul bari digalentor.
11. Ti dinya saur Yakub ka Yusup, ”Satadina Ama teh geus taya harepan yen baris pipanggiheun deui jeung hidep. Kari-kari ayeuna ku Allah ditepungkeun pisan jeung anak-anak hidep sagala.”
12. Ti dinya barudak teh ku Yusup dicandak tina pangkonan ramana, seug anjeunna sujud di payuneun ramana.
13. Geus kitu Epraim ku Yusup diperenahkeun di kiwaeun Yakub ari Menase di tengeneunana.
14. Tapi Yakub teh bet anggur numpangkeun pananganana nu tengen kana sirah Epraim anu umurna leuwih ngora; ari panangan kiwana ditumpangkeun kana sirah Menase, lanceukna.
15. Tuluy Yusup diberkahan ku anjeunna, saurna, ”Mugia ieu barudak diberkahan ku Allah, anu disembah ku aki jeung bapa kaula Ibrahim jeung Ishak! Mangka maranehna diberkahan ku Allah nu geus nyarengan kaula nepi ka ayeuna!
16. Mangka diberkahan ku malaikat, nu geus ngajait kaula tina sagala bahla! Mugia ngaran kaula, kitu deui jenengan Aki Ibrahim jeung Bapa Ishak masing bisa tuluy-tumuluy ku lantaran ieu barudak! Mugia maranehna sing loba anak, ceuyah turunan!”
17. Barang Yusup ningali yen panangan ramana anu katuhu ditumpangkeun kana sirah Epraim, anjeunna ngarenjag; tuluy panangan ramana dipindahkeun kana sirah Menase,
18. bari saurna ka ramana, ”Sanes kitu, Ama! Anu ieu anu langkung kolot; panangan Ama anu tengen kedah ka anu ieu ditumpangkeunana!”
19. Tapi ceuk ramana, ”Ama oge nyaho, anaking, nyaho. Turunan Menase ge pijadieun bangsa gede. Tapi turunan adina bakal leuwih punjul ti manehanana sarta turunanana bakal pijadieun bangsa-bangsa gede.”
20. Seug eta barudak anu dua teh poe eta diberkahan. Saurna, ”Ngaran maraneh bakal dipake ku urang Israil dina keur ngucapkeun berkah. Piucapeunana: ’Muga maraneh ku Allah dikersakeun ngajadi saperti Epraim jeung Menase.’ ” Jadi berkah anu dipaparinkeun ku Yakub ka Epraim teh leuwih mulya ti batan nu dipaparinkeun ka Menase.
21. Geus kitu saur Yakub ka Yusup, ”Anaking, Ama teh moal lila deui oge mulang ka kalanggengan, tapi hidep baris tetep disarengan ku Allah sarta bakal dipulangkeun ka tanah karuhun hidep.
22. Tanah Sekem anu subur, beunang Ama ngarebut ti urang Emor ku pedang jeung gondewa teh pikeun hidep, lain pikeun dulur-dulur hidep.”

Mazmur 13:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
2. Bade lami keneh Gusti lali ka abdi, nun PANGERAN? Bade salamina? Bade dugi ka iraha Gusti nyumput ti abdi?
3. Dugi ka iraha abdi kedah nandangan sungkawa, siang wengi gering pikir? Sabaraha lami deui abdi dikawasaan ku musuh?
4. Duh PANGERAN Allah abdi, tingali sareng waler ieu abdi. Pulihkeun kakiatan abdi, ulah dugi ka abdi tiwas.
5. Musuh abdi ulah sina ngomong, ”Manehna geus eleh ku urang.” Maranehna ulah disina nyurakan abdi eleh.
6. Margi abdi ngandel kana satia asih Gusti, abdi bingah, rehna Gusti kersa nulungan.

Amsal 4:18-19
18. Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.
19. Ari nu jahat mah sarua jeung leumpang dina poekna peuting, blug labuh, duka titajong kana naon, da matana teu nenjo.

Matius 15:21-39
21. Yesus angkat ti dinya ka hiji daerah deukeut Tirus jeung Sidon.
22. Aya hiji awewe urang Kanaan anu cicing di dinya, ngadeuheus ka Anjeunna sarta sasambat kieu, ”Nun Putra Daud, abdi nyuhunkeun piwelas! Pun anak awewe diraksuk ku roh jahat, awakna dugi ka reksak.”
23. Ku Yesus teu diwaler sakecap-kecap acan. Murid-murid-Na mihatur, ”Sina nyingkah, Pa! Ti tadi nutur-nutur bae, sareng gandeng!”
24. Saur Yesus, ”Kami diutus teh ngan ka urang Israil, hususna ka anu salasar cara domba leungit.”
25. Bruk eta awewe teh nyuuh kana sampean Anjeunna. ”Tulungan, Juragan!” sasambatna.
26. Saur Yesus, ”Salah nyokot kadaharan barudak tuluy dialungkeun ka anjing.”
27. ”Leres kitu, Juragan,” tembalna. ”Nanging geuning anjing oge kenging ngaletakan sesa-sesa anu ragragan tina meja dununganana.”
28. Geus kitu waler Yesus, ”Ibu, iman kapercayaan Ibu sakitu mantepna! Heug, panuhun Ibu sing laksana.” Sapada harita keneh anakna cageur.
29. Ti eta tempat Yesus angkat deui mapay Talaga Galilea, tuluy unggah ka hiji pasir ngadon calik.
30. Jalma-jalma ngabrul daratang ka Anjeunna, mawa nu lumpuh, nu lolong, nu cingked, nu pireu, jeung nu garering ku kasakit sejen, dikumpulkeun deukeut sampean Yesus, seug ku Anjeunna dicalageurkeun.
31. Jelema-jelema mani arolohok nenjo anu pireu jadi bisa ngomong, anu cingked jadi walagri, anu lumpuh jadi bisa leumpang, anu lolong jadi bisa nenjo. Seug bae maruji ka Allah urang Israil.
32. Yesus nyaur murid-murid tuluy nyarios, ”Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe di darieu jeung Kami, ayeuna geus henteu barogaeun jang dahar. Kami teu tega nitah baralik teu disina dalahar heula, bisi kalempohan di jalan.”
33. Piunjuk murid-murid, ”Nanging di gurun keusik sapertos kieu, ti mana bade kenging tedaeun kangge jalmi sakitu seueurna?”
34. ”Sabaraha roti nu maraneh?” Yesus mariksa. ”Tujuh, sareng lauk saeutik,” tembal murid-murid.
35. Jelema-jelema ku Yesus dipiwarang dariuk dina taneuh.
36. Roti jeung lauk ku Anjeunna dicepeng tuluy Anjeunna muji sukur ka Allah. Roti disemplekan tuluy diserenkeun ka murid-murid sina dibagikeun.
37. Jelema-jelema dalahar nepi ka sareubeuheun. Rotina nyesa, ku murid-murid dikumpulkeun meunang tujuh karanjang.
38. Anu disuguh dahar harita lalaki wungkul aya opat rebu urang, jaba awewe jeung barudak.
39. Sanggeus dalahar ku Yesus dipiwarang baralik, ari Anjeunna terus kana parahu ngabujeng daerah Magadan.