A A A A A

2 Tawarikh 9:1-30
1. Ratu nagri Syeba ngadangu warta hal kamashuran Raja Suleman, tuluy anjeunna ngadongdon ka Yerusalem seja ngajajal kapinteran Suleman ku sual-sual. Angkatna nyandak pangiring loba pisan, bari nyandak pirang-pirang onta dimomotan wawangian, permata-permata, jeung emas kacida lobana. Sanggeus tepang jeung Suleman, ratu ngasongkeun sual-sual anu geus aya dina manahna.
2. Panyualna kabeh kawaler, keur Suleman taya pisan sual anu henteu beunang.
3. Barang ratu nagri Syeba uninga kana kapinteran Suleman, tur ningali karaton beunang Suleman ngadegkeun,
4. ningali katuangan anu ditata dina mejana, ningali patempatan para pajabatna, ningali aturan gawe para ponggawa karaton katut saragemna, ningali dangdanan abdi-abdi anu ngalaladenan tuang, jeung ningali kurban-kurban anu dijalankeun di Bait Allah, ratu teh bati kataji jeung helok.
5. Ratu misaur ka raja, ”Raja leres-leres pinter binekas, cocog sareng wartos anu kakuping di nagara sim kuring.
6. Sakawitna wartos teh ku sim kuring teu dipercanten, nya teras dongkap nyaksian sorangan. Geuning wartos anu dugi ka sim kuring teh henteu paro-parona acan tina sajembaring kapinteran Jeng Raja anu saleresna. Jeng Raja estu langkung-langkung pinter ti batan anu kacarioskeun.
7. Bagja temen rahayat anu kumawula ka salira, anu teu petot-petot marek sareng kasinugrahan tiasa ngupingkeun pitutur-pitutur kabijaksanaan Jeng Raja!
8. Sagala puji ka PANGERAN, Allah Jeng Raja! Mantenna parantos namplokkeun kaasih ka salira dugi ka diangkat jadi raja ngasta nagara kalayan pajenengan Mantenna. Tawis Mantenna asih ka Israil umat-Na, sareng mikahoyong sangkan umat-Na sumujud ka Mantenna sapapaosna, salira teh ku Mantenna dijenengkeun raja supados iasa miara hukum sareng kaadilan.”
9. Ratu ngahaturkeun cacandakanana ka Raja Suleman: emas leuwih ti opat rebu kilo, wawangian jeung permata-permata kacida lobana. Wawangian hadiah ti ratu Syeba ka Suleman kacida haradena, teu aya anu ngungkulan. (
10. Abdi-abdi Raja Hiram jeung abdi-abdi Suleman tea, kajaba ti mawa emas ti Opir teh mawa kayu candana jeung permata-permata ongkoh.
11. Kai candana tea ku Suleman dijieunan tetecean-tetecean Bait Allah jeung karatonna, sawareh dijieunan kacapi jeung gambus paranti para pamaen musik. Di tanah Yuda tadina tacan aya nu model kitu.)
12. Hadiah ti ratu Syeba ku Suleman dibales. Jeung naon bae anu dipundut ku eta ratu ku Suleman dipaparinkeun. Ti dinya ratu mulih jeung pangiringna ka Syeba.
13. Unggal taun Raja Suleman meunang emas lobana meh dua puluh tilu rebu kilo,
14. jaba pajeg ti para padagang jeung para sudagar. Raja-raja Arab jeung para gupernur wewengkon-wewengkon Israil oge nyaranggakeun perak jeung emas.
15. Suleman ngadamel kepeng anu galede dua ratus siki, masing-masing dilakop ku emas tujuh kilo, emasna diteupa.
16. Kepeng-kepeng anu leutikan oge ngadamel tilu ratus siki, masing-masing dilakop ku emas tilu kilo diteupa. Kabeh ku anjeunna disimpen di hiji rohangan anu disebutna Karaton Leuweung Libanon.
17. Jeung deui raja ngadamel hiji singgasana gede, sabagian dilapisan ku gading, sabagian dilapisan ku emas tulen,
18. make tetecean genep hambal jeung diberean jojodog sampean anu dibulen ku emas ngahiji kana singgasana. Kenca katuhu singgasana make leungeun, gigireunana masing-masing make sisingaan anu narangtung.
19. Teteceanana oge make sisingaan dua belas, unggal tungtung hambalan hiji sisingaan. Di karajaan sejen tacan aya singgasana anu model kitu.
20. Lumur-lumur kagungan Raja Suleman kabeh tina emas, sagala rupa wawadahan anu aya di Karaton Leuweung Libanon kabeh tina emas tulen. Dina jaman Suleman perak mah dianggap taya hargana.
21. Anjeunna kagungan kapal-kapal purah lalautan, balayarna babarengan jeung kapal-kapal Raja Hiram. Tilu taun sakali kapal-kapalna mulang mawa emas, perak, gading, lutung, jeung monyet.
22. Di saalam dunya taya hiji raja anu ngungkulan kabeungharan jeung kapinteran Raja Suleman.
23. Raja-raja sejen sarumping ka anjeunna seja ngabarandungan kapinteranana anu dikurniakeun ku Allah.
24. Unggal raja sumpingna jeung kikintunan, barang-barang tina emas jeung perak, jubah, pakarang, wawangian, kuda, jeung bigal. Kitu bae unggal-unggal taun.
25. Jeung deui Suleman kagungan opat rebu gedogan pikeun kuda jeung kareta, kagungan pasukan kuda dua welas rebu urang. Ditempatkeunana sawareh di Yerusalem, sawareh deui dipencar di kota-kota sejenna.
26. Ti semet Walungan Eprat nepi ka tanah Pelisti jeung wawatesan tanah Mesir, anjeunna raja anu pangpunjulna.
27. Jaman anjeunna marentah, perak teh di Yerusalem mah dianggap barang biasa, disaruakeun jeung batu. Kayu kiputri oge lobana mangpirang-pirang cara kayu-kayu camara biasa anu di lamping-lamping pasir di Yuda.
28. Ti Mesir jeung ti nagara-nagara sejenna Suleman ngadatang-datangkeun kuda.
29. Carita Raja Suleman salian ti eta ti awal nepi ka ahir, aya dina Kitab Carita Nabi Natan, dina Kitab Piwejang Ahia urang Silo, jeung dina Kitab Wahyu Nabi Ido anu ngamuat oge carita hal pamarentahan Yarobam raja Israil.
30. Suleman ngarajaan sakuliah Israil lilana opat puluh taun, calikna di Yerusalem.

2 Tawarikh 10:1-19
1. Rehabam angkat ka Sekem, sabab keur didaragoan di ditu ku urang Israil kaom-kaom kaler, rek dijenengkeun raja.
2. Barang Yarobam bin Nebat anu keur aya di Mesir nyingkahan Raja Suleman, ngareungeu beja kitu, gancang bae mulang.
3. Ku urang Israil kaom-kaom kaler anjeunna diala, ti dinya bareng nepungan Rehabam, tuluy mihatur kieu ka Rehabam,
4. ”Tanggungan anu ku tuang rama dikeunakeun ka kuring sadaya kacida ngaripuhkeunana. Manawi anjeun kersa maparin kaentengan malar hirup kuring sadaya ulah ripuh teuing, kuring sadaya seja satia jadi bawahan.”
5. Waler Rehabam, ”Kaula menta tempo tilu poe rek nimbang-nimbang heula. Engke bae ka darieu deui.” Jalma-jalma terus budal.
6. Rehabam mundut pituah para sesepuh urut jurunasehat Suleman, ramana. Saurna, ”Kumaha timbangan Bapa-bapa, jawab kumaha eta jelema-jelema teh?”
7. Piunjuk para sesepuh, ”Upami Jeng Putra nembongkeun kahemanan, ngawaler ku nu pigenaheun hatena, tangtos maranehna bakal satia kumawula ka Jeng Putra.”
8. Tapi eta nasehat para sesepuh teh ku anjeunna teu ditolih, anggur nepangan juru-juru nasehat nu diangkat ku anjeunna, barudak anu saumur jeung anjeunna.
9. Saurna, ”Cik pirempug aranjeun kumaha hadena kuring teh? Jawab kumaha eta jelema-jelema anu marenta kaentengan teh?”
10. Jawab maranehna, ”Saurkeun kieu, ’Cinggir kami leuwih gede ti batan cangkeng ama kami.’
11. Saurkeun deui kieu, ’Tanggungan maraneh ti ama kami memang beurat. Ku kami rek dijieun leuwih beurat. Maraneh ku ama kami disabet ku pecut, ku kami mah rek dibabukan ku pecut cucuk beusi!’ ”
12. Sanggeus tilu poe tea, Yarobam jeung jalma loba ngadareuheus deui ka Raja Rehabam sakumaha pamundutna.
13. Tapi raja lain nurut kana pituah para sesepuh. Ngawalerna ge keras,
14. da nurutkeun timbangan anu ngarora. Saurna kieu, ”Ama kami mere tanggungan beurat ka maraneh. Tanggungan ti kami mah bakal beuki beurat. Ama kami nyabet ka maraneh ku pecut, kami mah arek ngababukan ku pecut cucuk beusi!”
15. Jadi raja teh henteu malire kana pamenta eta jelema-jelema. Eta geus kitu dikersakeunana ku GUSTI Allah, sangkan laksana pangandika-Na ka Yarobam bin Nebat ku perantaraan Ahia jurupeleng ti Silo.
16. Barang geus tetela yen pamentana ka raja teu dipalire, seug tinggorowok pokna, ”Rorod Daud saturunanana! Naon jasana ka urang? Eh urang Israil, baralik! Keun Rehabam mah sina kumaha karepna!” Jadi urang Israil teh barontak.
17. Rehabam pada ninggalkeun, jadi raja ge ngan keur rahayat di wewengkon Yuda wungkul.
18. Anggeus kitu Rehabam miwarang Adoniram anu keur ngamandoran jelema-jelema anu gawe paksa, dipiwarang nepungan urang Israil. Tapi tiwas pada ngabenturan ku batu. Sanggeus uninga kitu, clak Rehabam kana kareta, rurusuhan kabur ka Yerusalem.
19. Ti harita rahayat karajaan Israil kaler ngalawan ka raja terah Daud.

Mazmur 80:7-13
7. Gusti ngajeunkeun tanah abdi diparebutkeun ku bangsa-bangsa sakurilingeun, abdi-abdi pada ngahina ku musuh-musuh.
8. Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.
9. Gusti parantos nyandak hiji tangkal anggur ti Mesir, ngusiran bangsa-bangsa, lajeng eta petetan teh dipelak di tanah maranehna.
10. Disina ngagedean, tempatna diberesihan, dugi ka akarna nyaliara ka sakuliah nagara.
11. Gunung-gunung katutup ku daunna tangkal-tangkal kiputri raksasa kahieuman ku dahan-dahanna.
12. Dahan-dahanna ngararambat dugi ka Laut Tengah, pucuk-pucukna dugi ka Walungan Eprat.
13. Ku naon pagerna ku Gusti direbahkeun? Buahna seep dipalingan ku nu laliwat,

Amsal 20:16-18
16. Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kabogana.
17. Barang beunang teu jujur, mimiti mah karasana lir kadaharan anu pohara ngeunahna, tapi lila-lila mah asa neureuy keusik.
18. Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja. Rek tarung ge ulah ujug-ujug der, kudu asak tatahar heula.

Kisah Para Rasul 14:1-28
1. Di Ikonium Paulus jeung Barnabas ngalaman deui kajadian kawas kitu. Aranjeunna sumping ka imah ibadah urang Yahudi, tuluy ngawulang. Piwulangna ngayakinkeun, nepi ka loba urang Yahudi jeung bangsa sejen jadi palercaya ka Yesus.
2. Tapi maranehna diangsonan ku urang Yahudi anu arembungeun percaya, nepi ka maralik mikaijid ka anu geus palercaya.
3. Rasul-rasul teh di dinyana rada lila, beuki ludeung ngawulangkeun hal Gusti, tur ku Gusti dipaparin kawasa ngadamel mujijat-mujijat aheng, anu ngabantu netelakeun yen sih kurnia Gusti anu diwulangkeun ku aranjeunna teh sayaktina.
4. Urang dinya jadi pecah, aya nu biluk ka urang Yahudi, aya nu biluk ka rasul-rasul.
5. Ti dinya urang Yahudi katut para pamingpinna jeung sawatara jelema bangsa sejen mupakat arek maledogan rasul-rasul ku batu.
6. Tapi aranjeunna kaburu ngejat, terus sarumping ka Listra jeung Derbe di Likonia, jeung ka wewengkon-wewengkon sakurilingeunana,
7. ngawulangkeun jalan kasalametan ti Allah.
8. Di Listra aya hiji jelema anu lumpuh ti barang dijurukeun, teu bisaeun leumpang pisan,
9. milu ngadengekeun kasauran Paulus. Ku Paulus diteuteup, katingali yen bisa dicageurkeun lantaran hatena percaya.
10. ”Geura nangtung sing ajeg!” lahiran Paulus tarik ka manehna. Korejat manehna nangtung tuluy leuleumpangan.
11. Narenjo Paulus iasa midamel kitu jalma rea raong ngaromong dina basana, basa Likonia, ”Dewa-dewa lungsur ka urang miraga jalma!”
12. Barnabas ku maranehna disebut Dewa Zeus, Paulus anu dianggap jadi juru sabda disebut Dewa Hermes.
13. Imam Dewa Zeus ti kuil pamujaanana di luar kota datang ka gapura kota, mawa kekembangan jeung sapi jalu sababaraha siki, rek ngajak urang kota ngahaturkeun kurban ka Barnabas jeung Paulus.
14. Ngadangu pamaksudan maranehna kitu, Barnabas jeung Paulus nyoehkeun anggoanana tuluy muru bari ngagero ka maranehna,
15. ”Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun! Kaula rek ngembarkeun Injil Kasalametan, seja ngajak aranjeun tobat tina nyembah kana barang gaplah, kana nyembah ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi, laut, jeung sakabeh eusina.
16. Baheula-baheula manusa ku Mantenna diantep karep.
17. Tapi Mantenna salawasna nyirikeun yen aya, tembong dina sagala padamelana-Na anu harade pikeun aranjeun, nya eta: nurunkeun hujan ti langit, maparin musim hasil bumi, maparin dahareun, jeung nyenangkeun hate aranjeun.”
18. Dibere katerangan kitu ge masih keneh seuseut nahanna supaya ulah tulus ngahaturanan kurban ka aranjeunna.
19. Geus kitu daratang urang Yahudi ti Antioki, ti Pisidia, jeung ti Ikonium, mangaruhan. Urang dinya nepi ka pada bariluk ka maranehna. Paulus dibaledogan ku batu, tuluy digusur ka luar kota, cul ditaringgalkeun, samarukna geus pupus.
20. Anjeunna cengkat deui sanggeus dirariung ku anu palercaya, tuluy lebet deui ka jero kota. Poe isukna anjeunna jeung Barnabas angkat ka Derbe.
21. Di Derbe Paulus jeung Barnabas ngawartakeun Injil Kasalametan, jeung loba jelema anu datang ka palercaya ka Yesus. Ti dinya arangkat ka Listra, ka Ikonium, jeung ka Antioki di Pisidia,
22. nguatkeun hate anu palercaya ka Yesus supaya mantep percayana. ”Rek asup ka Karajaan Allah teh kudu nyorang heula rupa-rupa kasusahan,” kitu saur aranjeunna.
23. Di unggal jamaah aranjeunna ngangkat pamingpin; sanggeus dipuasaan jeung dipangnedakeun, eta pamingpin-pamingpin dititipkeun ka Gusti anu jadi pananggeuhanana.
24. Paulus jeung Barnabas kebat ka Pampilia, jalanna ngalangkung wewengkon Pisidia.
25. Di Perga ngawartakeun heula pangandika Allah, ti dinya kebat ka Atalia.
26. Ti Atalia balayar ka Antioki deui, tempat aranjeunna bareto mimiti dipercaya ngemban rahmat Allah, nya eta kudu ngalakonan damel anu ayeuna geus anggeus.
27. Di Antioki ngumpulkeun anggota jamaah, ngawartoskeun sagala perkara anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna, jeung perkara Allah geus muka jalan pikeun bangsa sejen, nepi ka maranehna oge jaradi jelema-jelema anu palercaya ka Yesus.
28. Rada lila aranjeunna nganjrek di jelema-jelema anu palercaya di Antioki teh.