A A A A A

1 Tawarikh 17:1-27
1. Raja Daud calikna geus di karaton. Dina hiji poe anjeunna ngala Nabi Natan, geus kitu ngalahir, ”Tingali, kaula parantos cicing di karaton tina kai kiputri, ari Peti Perjangjian PANGERAN ngan di jero kemah!”
2. Piunjuk Natan, ”Atuh mangga pidamel kumaha kersa, da Gusti teh disarengan ku Allah.”
3. Tapi dina peutingna Allah nimbalan ka Natan, dawuhana-Na,
4. ”Bejakeun ieu pangandika ka Daud abdi Kami, kieu, ’Gedong keur panglinggihan Kami dijieunna ulah ku maneh.
5. Ongkoh ti barang Kami ngajait urang Israil ti Mesir, nepi ka kiwari oge cicing teh lain di gedong, tapi di kemah jeung pipindahan.
6. Jeung sapanjang reureujeungan jeung urang Israil, ka para pamingpin beunang Kami ngangkat, Kami teu menta dipangnyieunkeun gedong tina kai kiputri.’
7. Jadi pangbejakeun ku maneh ka abdi Kami Daud, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ’Maneh teh ku Kami dipulung ti tegal, tina asal tukang ngajaga domba diangkat jadi raja nyangking umat Kami Israil.
8. Kami geus nulungan ka maneh ka mana bae maneh indit. Unggal maneh maju tarung, musuh maneh ku Kami dielehkeun. Maneh ku Kami rek dijieun kamashur saperti para pamingpin anu panggedena di dunya. Indit ka mana bae maneh ku Kami diaping. Unggal maneh indit ngarurug, musuh maneh ku Kami dielehkeun.
9. Sarta umat Kami Israil, ku Kami geus dipangnyadiakeun tempat, geus disina maratuh di dinya jeung moal aya anu neungteuinganan deui. Enggeus sering maranehna ditarajang ku bangsa-bangsa anu barengis ti saprak arasup ka ieu tanah. Tapi ti semet ayeuna mah moal deui. Kami jangji rek ngelehkeun sakabeh musuh maneh, sarta maneh rek dibere turunan.
10. ***
11. Di mana maneh geus mulang ti dunya ngahiji jeung karuhun-karuhun, aya anak maneh saurang anu ku Kami rek dijieun raja, sarta karajaanana ku Kami rek dikersakeun sina nanjung.
12. Nya anak maneh anu eta anu bakal mangnyieunkeun gedong pikeun Kami, sarta karajaan turunanana moal aya kandegna sapapanjangna.
13. Sarta Kami pijadieun Ramana, ari manehna pijadieun putra Kami. Pangdeudeul ti Kami ka manehna moal eureun-eureun, moal dipegatkeun cara ka Saul anu ku Kami digulingkeun sangkan maneh jadi raja gantina.
14. Manehna baris dijenengkeun ku Kami sina ngurus umat Kami jeung nyekel karajaan Kami salalanggengna. Karajaan turunanana moal aya kandegna.’ ”
15. Eta pangandika wahyu ti Allah ku Natan dicarioskeun ka Daud.
16. Ti dinya Raja Daud lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN, brek mando tuluy neneda, ”Nun GUSTI Allah, sayaktosna abdi sareng saeusi rorompok henteu layak nampi sugri pangasih Gusti.
17. Ayeuna ku Gusti bade dipaparin deui langkung ti nu parantos, sareng dipaparin jangji perkawis pijagaeun pun anak. Abdi ku Gusti dijadikeun saharkat sareng jalma anu aragung, nun GUSTI Allah.
18. Kedah kumaha abdi nya nganuhunkeun! Gusti langkung uninga abdi teh kumaha, nanging dugi ka dipaparin kamulyaan sakieu, padahal abdi teh mung gandek.
19. Eta sagala perkawis anu aragung, anu parantos diuningakeun ti payun ka diri abdi, estu parantos kitu pangersa sareng tujuan Gusti.
20. Nun PANGERAN, Gusti teh teu aya sasamina. Ti kapungkur keneh abdi sadaya terang yen mung Gusti anu jumeneng Allah.
21. Di dunya teu aya bangsa anu sapertos bangsa Israil, anu ku Gusti parantos dijait tina harkat badega lajeng didamel umat kagungan. Sugri padamelan Gusti anu sakitu arahengna sareng aragungna parantos kagurnita ka saalam dunya. Eta umat kagungan teh ku Gusti dijait ti Mesir, sarta saban maranehna maju, bangsa-bangsa sanes ku Gusti disingkirkeun.
22. Urang Israil dipidamel jadi umat Gusti salalanggengna, sareng Gusti, PANGERAN, jadi Allah maranehna.
23. Nun Gusti PANGERAN, sugri jangji Gusti hal diri sareng turunan abdi, kitu deui sugri perkawis anu parantos diandikakeun tea, mugi-mugi diyaktoskeun.
24. Gusti bakal tambih kamashur, moal petot-petot disarebat ku jalmi-jalmi, ’PANGERAN Nu Maha Kawasa jumeneng Allah Israil.’ Mugi Gusti ngalanggengkeun karajaan turunan abdi.
25. Nun Allah panutan, abdi parantos kumawantun ngunjukkeun ieu panuhun ka pangersa Gusti, reh eta sugri perkawis ku Gusti parantos diwartoskeun ka jisim abdi, gandek Gusti, sareng Gusti parantos nimbalan yen turunan abdi bakal jarumeneng raja.
26. Gusti teh Allah, nun PANGERAN, anu parantos maparin ieu jangji anu sakieu ahengna.
27. Mugi berkahan turunan abdi, masing tetep aya dina aub-aub sih kurnia Gusti. Nun PANGERAN, Gusti parantos ngedalkeun berkah ka maranehna, eta berkah Gusti tinangtos bakal ngancik salalanggengna di maranehna.”

1 Tawarikh 18:1-17
1. Hiji mangsa Raja Daud merangan deui urang Pelisti. Urang Pelisti ditalukkeun. Kota Gat jeung desa-desa sakurilingna ku anjeunna dijabel.
2. Urang Moab oge ku anjeunna dielehkeun jadi bawahanana sarta kudu mayar upeti.
3. Sanggeus eta anjeunna ngelehkeun Raja Hadad Eser ti Soba, hiji nagara di tanah Siria deukeut wewengkon Hamat, lantaran Hadad Eser rek ngarebut wewengkon Eprat Girang.
4. Daud ngarebut sarebu kareta, tujuh rebu nu tarumpak kuda jeung dua puluh rebu prajurit badarat. Ari kudana dirampas sacukupna pikeun narik saratus kareta, sesana kabeh dibajegan sukuna.
5. Urang Siria ti Damsik ngirimkeun bala bantuan rek nulungan ka Raja Hadad Eser, tapi eta oge dielehkeun sarta baladna anu tiwas ku anjeunna aya dua puluh dua rebu urang.
6. Daud nempatkeun pos-pos tentara di wewengkon maranehna, sarta maranehna jadi tatalukan anjeunna, dikeunaan upeti. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul bae.
7. Daud ngarampas kepeng-kepeng emas anu diparake ku gegeden-gegeden Hadad Eser, dicandak ka Yerusalem.
8. Ti Tibhat jeung Kun, nya eta dua nagara anu dirajaan ku Hadad Eser, anjeunna nyandak tambaga loba pisan. (Eta tambaga keur jaman Raja Suleman engke dijieun tatalagaan tambaga, pilar-pilar jeung paparabotan tambaga pikeun kaperluan Bait Allah.)
9. Perkara elehna Hadad Eser sabaladna kadangu ku Raja Toi ti nagara Hamat.
10. Eta raja ngutus Yoram putrana ngintun salam ka Daud, ngawilujengkeun ka anjeunna geus iasa ngelehkeun Hadad Eser, sabab Hadad Eser sering pisan merangan ka anjeunna. Sajaba ti kitu Yoram nyanggakeun kikintun, barang-barang tina emas, perak jeung tambaga.
11. Eta barang-barang ku Raja Daud disucikeun paranti babakti ka PANGERAN, dihijikeun jeung emas perak beunang ngajabel ti bangsa-bangsa anu dielehkeun ku anjeunna, nya eta ti Edom, Moab, Amon, Pelisti jeung Amalek.
12. Abisai putra ibu Seruya ngelehkeun urang Edom di Lebak Uyah, maehan dalapan belas rebu serdadu,
13. jeung di sakuliah Edom anjeunna nempatkeun pangjagaan-pangjagaan, sarta urang Edom dijadikeun patalukan Raja Daud. Di mana-mana Daud ku PANGERAN didamel unggul.
14. Daud ngereh sakuliah tanah Israil, sarta anjeunna ngajagi pisan supaya iasa adil palamarta ka rahayat.
15. Nu jadi panglima perangna nya eta Yoab saderek Abisai. Nu jadi papatihna Yosapat bin Ahilud.
16. Imam-imamna Sadok bin Ahitub jeung Ahimelek bin Abyatar. Paniterana Seraya.
17. Kapetenganana Benaya bin Yoyada. Ari putra-putra Daud mareunang kalungguhan anu utama, ngabantu ka anjeunna.

Mazmur 78:17-25
17. Tapi maranehna haben bae dosa ka Allah, di gurun keusik teh ngalawan ka Nu Maha Agung,
18. ngahaja ngadoja ka Allah, marenta dahareun kahayangna.
19. Tinggelendeng ngomongkeun ka Allah, ”Iasaeun Allah ngayakeun dahareun di gurun keusik?
20. Memang Mantenna meupeuh cadas bijil cai, terus ngagolontor jadi susukan, cik iasaeun ngayakeun roti jeung daging keur umat-Na?”
21. Ngadangu kitu PANGERAN bendu, seug umat-Na teh diruksak ku seuneu. Pohara benduna ka maranehna,
22. lantaran teu tarigin ka Mantenna, teu palercayaeun yen Mantenna baris nulung.
23. Ti dinya Mantenna nimbalan ka langit, miwarang mukakeun lawang-lawangna;
24. Mantenna nurunkeun gandum ti sawarga, nya eta manna, keur dahareun maranehna.
25. Jadi maranehna ngadahar kadaharan para malaikat, sapamenta maranehna dipaparinkeun.

Amsal 19:25-26
25. Nu angkuh kudu dihukum, geusan pangajaran ka jalma anu teu nyaho pisan ka nu hade. Ku jalma berbudi mah panggeuing teh dijieun piluangeun.
26. Anu nganyenyeri ka bapa atawa nundung ka indung, estu jelema doraka, teu boga rasa rumasa.

Kisah Para Rasul 8:1-25
1. Saulus kacida panujueunana kana eta rajapati teh. Poe eta keneh gareja di Yerusalem mimiti dikaniaya bengis pisan. Anu palercaya ka Yesus jadi paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria, ngan rasul-rasul anu kumpul keneh teh.
2. Layon Stepanus dikurebkeun ku jalma-jalma anu sarieun ku Allah sarta kacida dicaleungceurikanana.
3. Ari Saulus jadi terus ihtiar pikeun numpes gareja, ngadatangan imah-imah sarta nyeredan jalma-jalma awewe lalaki ti jero imah, tuluy diasup-asupkeun ka jero panjara.
4. Tapi para panganut Yesus anu geus paburencay teh di mana-mana nguarkeun Injil Kasalametan.
5. Ari Pilipus nguarkeunana hal Jurusalamet teh di hiji kota penting di Samaria.
6. Urang dinya saregep pisan kana wawaran Pilipus, komo barang narenjo mujijat-mujijatna mah.
7. Roh-roh jahat kalaluar tingjarerit ti jelema-jelema anu diasupanana, nu lalumpuh, nu dareog, dicalageurkeun,
8. estu matak bungah urang dinya.
9. Di eta kota aya hiji jelema ngaranna Simon, nyebut maneh jelema pinunjul, geus lila pada mikaserab lantaran bisaeun elmu sihir.
10. Jelema-jelema ti saban lapisan kacida mupunjungna, nyarebutna ge, ”Anjeunna teh kakuatan Allah anu kawentarkeun ʼKakawasaan Pinunjulʼ.”
11. Geus lila urang dinya kapangaruhan ku elmu sihirna.
12. Tapi sanggeus ku Pilipus diuaran Injil Kasalametan hal Karajaan Allah jeung hal Yesus Kristus mah tuluy palercayaeun kana wawaran anjeunna, nepi ka dibaraptis awewe lalaki.
13. Simon oge percayaeun, sarta sanggeusna dibaptis teu daekeun jauh ti Pilipus, ngarasa helok ku mujijat-mujijatna.
14. Rasul-rasul di Yerusalem ngadarangu warta yen urang Samaria geus daraekeun narima pangandika Allah, tuluy ngutus Petrus jeung Yohanes.
15. Sasumpingna ka Samaria aranjeunna terus mangnedakeun sakur anu geus palercaya supaya dipaparinan Roh Suci,
16. sabab saurang ge can aya anu nampa Roh Suci, kakara dibaraptis kalawan pajenengan Yesus.
17. Sanggeus ku Petrus jeung Yohanes ditarumpangan panangan, seug bae narampa Roh Suci.
18. Nenjo jelema-jelema anu palercaya narampa Roh Suci ku ditumpangan leungeun, Simon ngahaturanan duit ka Petrus jeung Yohanes,
19. bari piunjukna, ”Abdi oge hoyong gaduh kawasa kitu, supados anu ditumpangan leungeun ku abdi tiasa nampi Roh Suci.”
20. Tapi waler Petrus, ”Laʼnat eta duit teh, kitu deui anjeun, boga sangka kurnia ti Allah bisa dibeuli ku duit!
21. Anjeun teu meunang milu barang gawe jeung kaula, sabab hate anjeun serong ti Allah.
22. Buru-buru tobat, piceun eta pikiran goreng teh. Geura sasambat menta hampura ka Pangeran, lantaran geus boga pikiran anu sakitu nistana.
23. Sabab katilikna ku kaula anjeun teh pinuh ku kasirik, jadi budakna dosa.”
24. Simon ngalengis ka Petrus jeung Yohanes, ”Abdi nyuhunkeun dipangnedakeun ka Pangeran, mugi perkawis anu bieu disaurkeun ku anjeun teh ulah kantos tumiba.”
25. Sanggeus maparin panyaksi hal Yesus Kristus jeung ngawulangkeun pangandika Gusti, Petrus jeung Yohanes marulih deui ka Yerusalem, bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di kampung-kampung Samaria anu kaliwatan.